Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 25

Yéhuwa Ngaberkahan Nu Daék Ngahampura

Yéhuwa Ngaberkahan Nu Daék Ngahampura

”Sakumaha Yéhuwa iklas ngahampura aranjeun, aranjeun gé kudu kitu.”​—KOL. 3:13.

KAWIH 130 Sing Réla Ngahampura

NU DIBAHAS *

1. Yéhuwa méré jangji naon keur jalma-jalma nu bener-bener tobat?

 YÉHUWA téh Allah Nu Nyipta, Nu Nyieun hukum, Hakim, sarta Bapa nu nyaahan. (Jab. 100:3; Yes. 33:22, Terjemahan Dunia Baru) Lamun urang nyieun dosa tapi geus bener-bener tobat, Anjeunna téh bisa jeung hayang ngahampura urang. (Jab. 86:5) Liwat Nabi Yésaya, Yéhuwa méré jangji nu alus, ”Maraneh teh geus lestreng ku dosa, tapi ku Kami rek disina bodas beresih.”​—Yes. 1:18.

2. Lamun urang hayang akrab jeung batur, naon nu kudu dilakukeun?

2 Urang kabéh téh teu sampurna, jadi pasti aya waé omongan jeung tindakan urang nu nganyenyeri batur. (Yak. 3:2) Tapi, éta lain hartina urang moal bisa akrab jeung batur. Urang bisa akrab jeung batur lamun urang hampuraan. (Sil. 17:9; 19:11; Mat. 18:21, 22) Lamun aya batur nu teu ngahaja nganyenyeri urang, Yéhuwa hayang urang ngahampura manéhna. (Kol. 3:13) Urang kudu daék ngalakukeunana lantaran Yéhuwa gé hampuraan ka urang.​—Yes. 55:7.

3. Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas naon?

3 Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas kumaha manusa nu teu sampurna bisa nyonto Yéhuwa nu hampuraan. Dosa-dosa jiga kumaha nu kudu dilaporkeun ka para kokolot? Ku naon Yéhuwa hayang urang ngahampura batur? Sarta, urang bisa diajar naon tina pangalaman dulur-dulur saiman nu jadi sangsara ku lantaran kasalahan batur?

WAKTU AYA DULUR SAIMAN NU NGALAKUKEUN DOSA SÉRIUS

4. (a) Lamun aya umat Yéhuwa nu nyieun dosa sérius, naon nu kudu dilakukeun ku manéhna? (b) Lamun aya nu nyieun dosa, para kokolot boga tanggung jawab naon?

4 Dosa-dosa nu sérius téh kudu dilaporkeun ka para kokolot, misalna dosa-dosa nu disebutkeun dina 1 Korintus 6:9, 10. Dosa-dosa jiga kitu téh bener-bener ngalanggar hukum Allah. Jadi mun aya jalma nu nyieun dosa jiga kitu, manéhna kudu ngadoa ka Allah Yéhuwa jeung ménta bantuan ka para kokolot. (Jab. 32:5; Yak. 5:14) Para kokolot téh dibéré tanggung jawab naon? Mémang, ngan Yéhuwa nu boga wewenang pikeun ngahampura dosa. Anjeunna bisa ngalakukeunana lantaran Anjeunna geus nyadiakeun korban tebusan. * Tapi Yéhuwa geus méré tanggung jawab ka para kokolot pikeun nangtukeun, jalma nu ngalakukeun dosa éta kudu dikaluarkeun ti sidang atawa henteu. (1 Kor. 5:12) Ku kituna, para kokolot kudu mikirkeun: Manéhna téh ngahaja kitu ngalakukeun dosana? Naha enya manéhna téh hayang nyumputkeun dosana ti batur? Dosana téh geus dilakukeun mangkali-kali atawa henteu? Jeung nu pangpentingna, aya teu bukti-buktina nu nyirikeun manéhna téh bener-bener tobat? Katingali teu mun Yéhuwa téh ngahampura manéhna?​—Kis. 3:19.

5. Ku naon putusan nu dijieun ku para kokolot téh aya mangpaatna?

5 Waktu panggih jeung jalma nu nyieun dosa, para kokolot hayang nyieun putusan nu sarua jiga putusan nu geus dijieun di sorga. (Mat. 18:18) Naon mangpaat tina pangaturan ieu keur sidang? Ieu bakal ngalindungan domba-domba Allah ti jalma nu teu tobat éta. (1 Kor. 5:6, 7, 11-13; Tit. 3:10, 11) Hal ieu gé bakal ngabantu jalma nu nyieun dosa pikeun tobat sarta dihampura ku Yéhuwa. (Luk. 5:32) Para kokolot bakal ngadoa bareng jeung manéhna supaya bisa mulihkeun deui hubunganana jeung Yéhuwa.​—Yak. 5:15.

6. Lamun aya saurang jalma nu dipecat, manéhna masih bisa dihampura teu? Jelaskeun.

6 Kumaha lamun jalma nu nyieun dosa téh teu daék tobat? Mun kitu, manéhna bakal dikaluarkeun ti sidang. Lamun manéhna gé ngalanggar hukum pamaréntah, para kokolot moal ngalindungan manéhna. Yéhuwa ngidinan pamaréntah pikeun ngahukum saha waé nu ngalanggar hukum, teu sual manéhna tobat atawa henteu. (Rm. 13:4) Tapi mun ka dieunakeun manéhna sadar, tobat, jeung barobah, Yéhuwa pasti daék ngahampura manéhna. (Luk. 15:17-24) Manéhna tetep bisa dihampura sanajan geus nyieun dosa nu sérius.​—2 Bab. 33:9, 12, 13; 1 Tim. 1:15.

7. Waktu aya nu nyieun kasalahan ka urang, naon nu bisa diputuskeun ku urang?

7 Urang bungah lantaran nu nangtukeun dosa saurang jalma bisa dihampura atawa henteu téh Yéhuwa. Tapi, aya nu perlu diputuskeun ku urang. Naon éta téh? Waktu urang dinyenyeri ku batur, meureun manéhna ménta hampura ka urang. Tapi, bisa ogé manéhna teu ménta hampura. Nah, ku kituna urang kudu mutuskeun, daék teu urang ngahampura jeung teu ambek deui ka manéhna. Mémang ieu téh butuh waktu jeung upaya, komo deui mun urang téh nyeri haté pisan ka manéhna. Majalah Menara Pengawal 15 Séptémber 1994 nyebutkeun, ”Lamun urang ngahampura saurang jalma nu nyieun salah, lain hartina urang satuju kana kasalahanana. Tapi, ieu téh hartina urang percaya jeung masrahkeun masalahna ka Yéhuwa. Anjeunna téh Hakim nu paling adil di jagat raya ieu. Jadi, Anjeunna pasti méré kaadilan ka urang dina waktuna.” Tapi, ku naon Yéhuwa hayang urang ngahampura batur jeung masrahkeun masalahna ka Anjeunna?

KU NAON YÉHUWA NGAJURUNG URANG PIKEUN NGAHAMPURA BATUR

8. Naon hubunganana ngahampura batur jeung ngahargaan welas asih Yéhuwa?

8 Lamun urang ngahampura batur, urang téh ngahargaan welas asih Yéhuwa. Dina hiji ibarat, Isa téh nyaruakeun Yéhuwa jiga dunungan nu nganggap lunas hutang palayanna nu teu bisa kabayar. Tapi, palayan éta téh teu némbongkeun welas asih ka palayan séjénna. Padahal, hutangna téh teu saloba hutang manéhna. (Mat. 18:23-35) Naon nu diajarkeun ku Isa? Lamun urang bener-bener ngahargaan welas asih ti Yéhuwa, urang bakal kajurung pikeun ngahampura batur. (Jab. 103:9) Sababaraha taun ka tukang, The Watchtower nyebutkeun, ”Teu sual sakumaha sering urang ngahampura batur, éta teu bisa dibandingkeun jeung pangampura ti Yéhuwa nu dasarna korban tebusan Al-Masih.”

9. Yéhuwa téh bakal welas asih ka saha? (Matius 6:14, 15)

9 Nu daék ngahampura, bakal dihampura. Yéhuwa bakal welas asih ka jalma nu némbongkeun welas asih ka batur. (Mat. 5:7; Yak. 2:13) Isa ngajelaskeun hal ieu waktu manéhna ngajarkeun murid-muridna cara ngadoa. (Baca Matius 6:14, 15.) Saacanna, Yéhuwa geus ngajelaskeunana ogé ka hamba-Na, Ayub. Lalaki nu satia ieu keur nyeri haté pisan ku lantaran ngadéngé kekecapan nu kasar ti tilu jalma nu ngaranna Élipas, Bildad, jeung Sopar. Tapi, Yéhuwa nitah Ayub pikeun ngadoakeun maranéhna. Sanggeus Ayub ngalakukeunana, Yéhuwa ngaberkahan manéhna.​—Ayub 42:8-10.

10. Ku naon mun urang teterusan ambek, éta téh bakal ngarugikeun diri sorangan? (Éfésus 4:31, 32)

10 Lamun urang teterusan ambek, urang téh ngarugikeun diri sorangan. Kaambek téh jiga beban nu beurat. Matakna, Yéhuwa hayang urang nyingkirkeunana supaya urang bisa ngarasa tengtrem. (Baca Éfésus 4:31, 32.) Anjeunna gé ngajurung urang supaya teu ”ambek atawa panas hate”. (Jab. 37:8) Lamun urang nuturkeun naséhat ieu, urang bakal ngarasakeun mangpaatna. (Sil. 14:30) Tapi lamun urang teterusan ambek, urang bisa ngabahayakeun kaséhatan awak jeung mental urang. Geus kitu mun urang teterusan ambek, urang sorangan nu bakal rugi, lain batur. Ieu téh sarua jiga urang nginum racun. Nya nu ngarasa nyeri mah urang sorangan, lain batur. Tapi mun urang ngahampura batur, urang téh siga méré hadiah ka diri sorangan. (Sil. 11:17, Terjemahan Dunia Baru) Haté jeung pikiran urang bakal tengtrem. Urang gé bisa terus ngawula Yéhuwa.

11. Kumaha ceuk Alkitab ngeunaan ngabales? (Roma 12:19-21)

11 Ngabales téh hak-Na Yéhuwa. Yéhuwa teu méré urang hak pikeun ngabales batur nu nganyenyeri urang. (Baca Roma 12:19-21.) Cara urang ngahakiman mah moal sarua jeung cara Allah, lantaran urang téh loba kakurangan jeung teu sampurna. (Ibr. 4:13) Sakapeung mah cara urang ngahakiman téh kapangaruhan ku parasaan urang. Yéhuwa méré ilham ka Yakobus pikeun nulis, ”Kaambek téh teu ngahasilkeun naon nu bener dina pandangan Allah.” (Yak. 1:20) Jadi, urang bisa yakin yén Yéhuwa bakal ngalakukeun nu bener sarta méré kaadilan ka urang.

Piceun kaambek jeung kakeuheul urang. Pasrahkeun sagalana ka Yéhuwa. Anjeunna bakal ngaleungitkeun kabéh kasangsaraan nu disababkeun ku dosa (Tingali paragrap 12)

12. Kumaha carana urang némbongkeun yén urang percaya kana cara Yéhuwa ngahakiman?

12 Lamun urang ngahampura batur, éta némbongkeun urang téh percaya kana cara Yéhuwa ngahakiman. Lamun masrahkeun masalahna ka Yéhuwa, éta hartina urang percaya yén Yéhuwa bakal ngaleungitkeun kabéh kasusah nu disababkeun ku dosa. Di dunya anyar, Anjeunna jangji yén kasedih urang ”moal kainget-inget” deui. (Yes. 65:17) Tapi lamun urang nyeri haté pisan ka saurang jalma, bisa teu urang miceun kakeuheul jeung kaambek urang? Pék perhatikeun sababaraha pangalaman ieu.

BERKAHNA NGAHAMPURA

13-14. Urang bisa diajar naon tina pangalaman Tony jeung José?

13 Loba dulur saiman urang daék ngahampura sanajan maranéhna nyeri haté pisan ku lantaran tindakan batur. Maranéhna narima berkah naon waé lantaran daék ngahampura?

14 Hayu perhatikeun pangalaman Tony * nu cicing di Filipina. Saacan Tony jadi Saksi, lanceukna Tony dipaéhan ku saurang jalma nu ngaranna José. Tony téh kasar jeung gampang ambek. Manéhna hayang ngabales José. Tapi basa éta José geus ditéwak sarta dipanjara. Waktu José geus dibébaskeun ti panjara, Tony hayang pisan néangan José sarta maéhan manéhna. Tony nepi ka meuli péstol. Tapi harita, Tony mulai diajar Alkitab jeung Saksi-Saksi Yéhuwa. Manéhna nyarita, ”Waktu diajar, abdi sadar, abdi téh kudu ngarobah sipat sarta kalakuan abdi, éta kaasup miceun kaambek abdi.” Ahirna, Tony dibaptis jeung dilantik sabagé kokolot sidang. Pék bayangkeun sakumaha reuwasna Tony waktu nyaho yén José gé geus dibaptis. Waktu maranéhna panggih, maranéhna silih tangkeup. Tony méré nyaho José yén manéhna geus ngahampura José. Tony nyarita, ku lantaran daék ngahampura José, manéhna ngarasakeun kabungah nu teu bisa dijelaskeun ku kekecapan. Nya, Yéhuwa ngaberkahan karélaan Tony pikeun ngahampura.

Pangalaman Peter jeung Sue némbongkeun yén urang téh bisa miceun kaambek jeung kakeuheul (Tingali paragrap 15-16)

15-16. Sadérék diajar naon tina pangalaman Peter jeung Sue?

15 Dina taun 1985, Peter jeung Sue eukeur masamoan di Balé Karajaan. Éh, ujug-ujug aya bom ngabeledug. Saacan masamoan, aya saurang lalaki nu lain Saksi geus masang bom di Balé Karajaan. Sanggeus kajadian éta, Sue jadi teu pati bisa ningali jeung ngadéngé. Sue gé jadi teu bisa ngambeu nanaon. * Peter jeung Sue sering mikir, ’Ku naon sih aya jalma nu téga kieu?’ Sababaraha taun sanggeusna, jalma nu masang bom éta ditéwak jeung dipanjara saumur hirup. Bisa henteu Peter jeung Sue ngahampura jalma éta? Ceuk maranéhna, ”Yéhuwa ngajarkeun, mun urang teterusan nyimpen amarah jeung kakeuheul, engké kaséhatan fisik, émosi, jeung méntal urang bisa ruksak. Jadi teu lila sanggeus kajadian éta, urang langsung ménta bantuan ka Yéhuwa supaya bisa ngahampura jalma éta sarta bisa ngarasa tengtrem deui.”

16 Tapi, kadang Peter jeung Sue masih ngarasa keuheul. Ceuk maranéhna, ”Kadang urang ambek deui, sabab kajadian éta geus ngarobah kahirupan urang. Tapi, urang embung teterusan mikirkeunana. Jadi, urang bisa ngarasa tengtrem. Malah, urang bakal nyambut lalaki éta lamun engké manéhna jadi dulur saiman urang. Pangalaman ieu ngajarkeun urang, mun urang ngalarapkeun prinsip-prinsip Alkitab, urang moal teterusan nyimpen kakeuheul. Urang gé ngarasa tengtrem sabab yakin sakeudeung deui Yéhuwa bakal méré awak nu sampurna.”

17. Sadérék bisa diajar naon tina pangalaman Myra?

17 Perhatikeun ogé pangalaman ti Sadérék Myra. Waktu manéhna diajar bebeneran, manéhna geus kawin jeung boga dua budak nu leutik kénéh. Tapi, salakina mah embung diajar bebeneran. Terus, ka dieunakeun salakina jinah sarta ninggalkeun kulawargana. Ceuk Myra, ”Waktu salaki abdi ninggalkeun abdi jeung dua budak abdi, abdi asa teu percaya, reuwas, ambek, sedih pisan, kaduhung, jeung nyalahkeun diri sorangan. Kalolobaan jalma nu dihianatan ku pasangan hirupna gé pasti ngarasa jiga kitu.” Ahirna, Myra pepegatan. Tapi, manéhna masih ngarasa nyeri haté lantaran dihianatan ku mantan salakina. Myra ngomong, ”Salila mangbulan-bulan abdi terus ngarasa hariwang jeung ambek. Abdi nyaho parasaan ieu téh ngaruksak sosobatan abdi jeung Yéhuwa sarta hubungan abdi jeung batur.” Tapi ayeuna mah Myra geus bisa miceun kakeuheulna jeung geus teu boga pikiran goréng ka mantan salakina. Manéhna gé miharep, hiji poé mantan salakina bisa jadi umat Yéhuwa. Myra geus teu mikirkeun hal-hal nu geus liwat. Manéhna ngadidik dua budakna supaya bisa jadi umat Yéhuwa. Ayeuna, Myra bungah lantaran bisa ngawula Yéhuwa bareng jeung barudakna sarta kulawargana.

YÉHUWA TÉH HAKIM NU SAMPURNA

18. Ku lantaran Yéhuwa téh Hakim nu Agung, urang bisa yakin kana hal naon?

18 Urang pasti ngarasa gedé haté ku lantaran nyaho yén ngahakiman saurang jalma téh lain tanggung jawab urang. Sabagé Hakim nu Agung, Yéhuwa nu bakal ngajalankeun tanggung jawab ieu. (Rm. 14:10-12) Urang bisa yakin yén cara Yéhuwa ngahakiman pasti sajalan jeung patokana-Na ngeunaan nu bener jeung nu salah. (Kaj. 18:25; 1 Rja. 8:32) Yéhuwa pasti adil dina ngahakiman jalma-jalma!

19. Ku lantaran Yéhuwa adil, urang narima berkah naon?

19 Urang pasti ngarep-ngarep pisan waktu engké Yéhuwa nyingkirkeun kabéh hal-hal goréng nu disababkeun ku kateusampurnaan sarta dosa manusa. Engké, kabéh kanyeri jeung kasangsaraan urang bakal dileungitkeun salilana sarta moal diinget-inget deui. (Jab. 72:12-14; Why. 21:3, 4) Saacan waktuna datang, urang pasti nganuhunkeun pisan ka Yéhuwa sabab Anjeunna geus méré urang kakuatan pikeun ngahampura jalma-jalma.

KAWIH 18 Nganuhunkeun kana Tebusan

^ Yéhuwa téh daék ngahampura jalma-jalma nu tobat. Sabagé urang Kristen, urang gé hayang nyonto Anjeunna waktu aya nu nganyenyeri urang. Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas kasalahan-kasalahan jiga kumaha nu bisa dihampura ku urang sarta dosa-dosa jiga kumaha nu kudu dilaporkeun ka para kokolot. Dina artikel ieu gé, urang bakal ngabahas ku naon Yéhuwa hayang urang ngahampura sarta berkah naon waé nu bakal ditarima mun urang ngalakukeunana.

^ Tingali ”Pertanyaan Pembaca” dina Menara Pengawal 15 April 1996.

^ Sababaraha ngaran geus diganti.

^ Tingali Sedarlah! 8 Januari 1992, kaca 22-26. Mangga tongton vidéo JW Broadcasting® nu judulna Peter dan Sue Schulz: Trauma Dapat Diatasi.