Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 26

Kumaha Kanyaahna Yéhuwa Bisa Ngéléhkeun Kasieun Urang?

Kumaha Kanyaahna Yéhuwa Bisa Ngéléhkeun Kasieun Urang?

”PANGERAN nyarengan kami, kami taya [kasieun].”​—JAB. 118:6.

KAWIH 105 ”Allah téh Sipat Asih”

NU DIBAHAS *

1. Naon nu bisa nyababkeun urang jadi sieun?

 PERHATIKEUN sababaraha kaayaan nu disanghareupan ku para Saksi. Nestor jeung pamajikanana, María, hayang ngawula di daérah nu leuwih ngabutuhkeun loba pawarta. * Ku kituna, maranéhna kudu nyaderhanakeun kahirupanana. Tapi maranéhna téh sieun, bisi teu bagja mun kudu hirup saderhana. Geus kitu, aya Sadérék Biniam, nu cicing di nagri nu ngalarang kagiatan urang. Waktu jadi Saksi Yéhuwa, manéhna sadar yén manéhna téh bisa waé dikaniaya. Manéhna jadi sieun. Tapi manéhna leuwih sieun kumaha tanggapan kulawargana waktu engké nyaho ngeunaan kapercayaan anyar manéhna. Valérie nu didiagnosis boga kangker ganas, kudu bajoang néangan dokter bedah nu daék ngahargaan kapercayaanana ngeunaan getih. Jadi wajar mun manéhna ngarasa sieun maot.

2. Ku naon kasieun urang téh kudu dilawan?

2 Sadérék gé ngarasa sieun siga kitu? Loba nu ngarasa siga kitu, tapi lamun urang teu ngalawan parasaan éta, bisa jadi urang kalah ka nyieun putusan nu salah, nu tungtungna bakal ngaruksak hubungan urang jeung Yéhuwa. Éta nu dipikahayang ku Sétan. Manéhna gé ngamangpaatkeun kasieun urang supaya urang teu ngajalankeun paréntah Yéhuwa, kaasup paréntah pikeun nguarkeun warta hadé. (Why. 12:17) Sétan téh jahat, kejem, jeung kuat, tapi urang bisa ngalindungan diri ti manéhna. Kumaha carana?

3. Naon nu bisa ngabantu urang pikeun ngéléhkeun kasieun urang?

3 Lamun urang yakin yén Yéhuwa téh nyaah sarta nyarengan urang, urang bisa ngéléhkeun usaha Sétan pikeun nyingsieunan urang. (Jab. 118:6) Misalna, nu nulis Jabur 118 pernah nyanghareupan kaayaan nu hésé pisan. Manéhna boga loba musuh, kaasup para pamingpin (ayat 9, 10). Manéhna gé boga loba kahariwangan (ayat 13). Salian ti éta, manéhna gé pernah didisiplin ku Yéhuwa (ayat 18). Tapi, nu nulis Jabur éta tetep nyanyi, ”Kami taya [kasieun].” Ku naon manéhna masih bisa kénéh ngarasa tengtrem? Sanajan didisiplin ku Yéhuwa, manéhna nyaho yén Yéhuwa téh nyaah pisan ka manéhna. Nu nulis Jabur éta gé yakin, Yéhuwa bakal siap ngabantu manéhna nyanghareupan kaayaan naon waé.​—Jab. 118:29.

4. Lamun urang yakin yén Yéhuwa nyaah ka urang, urang bisa ngéléhkeun kasieun nu siga kumaha?

4 Urang kudu yakin yén Yéhuwa nyaah ka urang. Mun urang yakin, éta bisa ngabantu urang pikeun ngéléhkeun tilu kasieun ieu, (1) sieun teu bisa nyumponan pangabutuh kulawarga urang, (2) sieun ka manusa, sarta (3) sieun kana maot. Sadérék-sadérék nu disebutkeun dina paragrap mimiti téh bisa ngéléhkeun kasieunna lantaran maranéhna yakin yén Yéhuwa téh nyaah ka maranéhna.

SIEUN TEU BISA NYUMPONAN PANGABUTUH KULAWARGA

Saurang sadérék jeung budak lalakina ngala lauk pikeun nyumponan pangabutuh kulawargana (Tingali paragrap 5)

5. Bisa jadi, saurang kapala kulawarga téh hariwang kana hal naon? (Tingali gambar dina sampul hareup.)

5 Saurang kapala kulawarga boga tanggung jawab pikeun ngurus pangabutuh kulawargana. (1 Tim. 5:8) Lamun Sadérék téh saurang kapala kulawarga, meureun salila pandémi, Sadérék sieun kaleungitan pagawéan. Bisa jadi, Sadérék hariwang teu bisa nyadiakeun dahareun atawa tempat tinggal keur kulawarga Sadérék. Meureun Sadérék gé hariwang, lamun nepi kaleungitan pagawéan, engké bisa néangan deui pagawéan atawa henteu. Atawa siga Nestor jeung María nu tadi disebutkeun, bisa jadi Sadérék ngarasa hésé lamun kudu hirup leuwih saderhana. Sétan ngamangpaatkeun kasieun siga kitu, jeung éta geus nyababkeun jalma-jalma eureun ngawula Yéhuwa.

6. Sétan hayang urang percaya kana hal naon?

6 Sétan hayang urang percaya yén Yéhuwa téh teu nyaah ka urang sarta Anjeunna moal mantuan urang pikeun nyumponan pangabutuh kulawarga urang. Mun mikir kitu, bisa jadi urang bakal ngalakukeun sagala cara pikeun mertahankeun pagawéan urang, sanajan éta hartina urang kudu ngalanggar prinsip Alkitab.

7. Isa ngayakinkeun urang kana hal naon?

7 Isa téh nu paling kenal ka Bapana, manéhna ngayakinkeun urang yén Bapa urang ”nyaho naon nu dibutuhkeun ku [urang]”. (Mat. 6:8) Isa gé apal yén Yéhuwa siap nyumponan pangabutuh urang. Sabagé urang Kristen, urang téh kaasup anggota kulawargana Yéhuwa. Jadi urang bisa yakin yén Yéhuwa sabagé Kapala kulawarga urang pasti bakal ngajalankeun prinsip dina 1 Timotius 5:8.

Yéhuwa apal kana pangabutuh urang. Anjeunna bisa ngagerakkeun dulur saiman pikeun mantuan urang (Tingali paragrap 8) *

8. (a) Lamun urang sieun teu bisa nyumponan pangabutuh kulawarga urang, naon nu bisa ngabantu urang? (Matius 6:31-33) (b) Sarua siga dina gambar, kumaha urang bisa nyonto salaki pamajikan nu daék ngabagi dahareun ka dulur saimanna?

8 Lamun urang yakin yén Yéhuwa téh nyaah ka urang jeung kulawarga urang, urang gé pasti percaya yén urang bakal boga naon nu dibutuhkeun ku urang. (Baca Matius 6:31-33.) Yéhuwa téh Allah anu murah haté nu hayang nyumponan pangabutuh urang. Basa nyiptakeun bumi, Anjeunna teu ngan saukur méré hal-hal nu dibutuhkeun ku urang. Tapi Anjeunna gé nyadiakeun hal-hal nu pikabungaheun keur urang. (Kaj. 2:9) Meureun sakapeung urang téh pas-pasan pisan, ngan boga nu dipikabutuh ku urang. Tapi sing inget, urang boga éta téh lantaran Yéhuwa nu nyadiakeunana. (Mat. 6:11) Sing yakin, naon nu dikorbankeun ku urang téh pasti dibales leuwih loba ku Yéhuwa, boh ayeuna boh engké di mangsa ka hareup. Ieu ogé nu dirasakeun ku Nestor jeung María.​—Yes. 65:21, 22.

9. Urang bisa diajar naon tina pangalaman Nestor jeung María?

9 Nestor jeung María boga imah sarta pagawéan nu alus di Kolombia. Maranéhna nyarita, ”Urang kapikir pikeun nyaderhanakeun kahirupan supaya bisa ngalakukeun leuwih loba keur Yéhuwa. Tapi, urang sieun teu bagja lamun hirup saderhana.” Naon nu ngabantu maranéhna ngéléhkeun kasieun éta? Maranéhna mikirkeun kumaha Yéhuwa geus némbongkeun kanyaah-Na ka maranéhna. Ahirna, maranéhna jadi yakin yén Yéhuwa téh pasti bakal ngurus maranéhna. Maranéhna kaluar ti pagawéan nu gajihna lumayan, ngajual imahna, sarta pindah ka daérah nu leuwih ngabutuhkeun loba pawarta. Kumaha parasaan maranéhna kana putusan ieu? Nestor nyarita, ”Urang bener-bener ngarasakeun Matius 6:33, urang teu pernah kakurangan nanaon. Malah, ayeuna urang leuwih bagja.”

SIEUN KA MANUSA

10. Ku naon manusa sieun ka manusa deui?

10 Ti saprak Adam jeung Hawa ngabarontak ka Yéhuwa, manusa téh jadi sok nindes sasamana. (Pan. 8:9) Misalna, jalma-jalma nyalahgunakeun kawasana, ngalakukeun kajahatan, nindes atawa ngancam babaturan di sakolana, malahan mah aya nu kejem pisan ka kulawargana. Jadi teu héran mun manusa sieun ka manusa deui. Kumaha Sétan ngamangpaatkeun ieu pikeun nyingsieunan urang?

11-12. Kumaha Sétan ngamangpaatkeun kasieun urang ka manusa pikeun nyerang urang?

11 Sétan ngamangpaatkeun kasieun ieu supaya urang eureun ngawawar jeung henteu ngajalankeun paréntah Yéhuwa. Sétan mangaruhan pamaréntah supaya nganiaya urang jeung ngalarang kagiatan urang. (Luk. 21:12; Why. 2:10) Di dunya ieu, jalma-jalma nyebarkeun berita palsu jeung kabohongan ngeunaan Saksi-Saksi Yéhuwa. Hanjakalna, jalma-jalma nu percaya kana kabohongan ieu jadi ngaléléwé jeung nyerang urang. (Mat. 10:36) Urang teu kudu héran kana cara nu digunakeun ku Sétan ieu. Ku naon? Sabenerna ti saprak abad kahiji Sétan geus ngagunakeun cara ieu.​—Kis. 5:27, 28, 40.

Najan ditentang ku kulawarga, urang bisa yakin yén Yéhuwa téh nyaah ka urang (Tingali paragrap 12-14) *

12 Kasieun ka pamaréntah téh lain hiji-hijina cara nu digunakeun ku Sétan. Sababaraha jalma mah leuwih sieun ditinggalkeun ku kulawargana tibatan dikaniaya. Maranéhna téh nyaah pisan ka kulawargana, jadi maranéhna hayang kulawargana ogé kenal jeung nyaah ka Yéhuwa. Jadi lamun ngadéngé kulawargana ngagogoréng Allah jeung umat-Na, maranéhna téh nyeri haté pisan. Tapi aya ogé kulawarga nu mimitina nentang, ahirna jadi Saksi Yéhuwa. Tapi kumaha lamun kulawarga mutuskeun hubungan jeung urang lantaran urang jadi Saksi? Kumaha tanggapan urang?

13. Lamun urang yakin kana kanyaah Yéhuwa, kumaha éta bisa ngabantu urang najan ditentang ku kulawarga? (Jabur 27:10)

13 Kekecapan dina Jabur 27:10 bisa ngalilipur urang. (Baca.) Lamun urang nginget-nginget deui sakumaha nyaahna Yéhuwa ka urang, urang bisa ngarasa tengtrem sanajan ditentang. Salian ti éta, sing yakin Yéhuwa pasti bakal ngaberkahan urang lamun urang tetep tabah. Yéhuwa bakal ngurus kabutuhan jasmani, rohani, sarta émosi urang. Cara Anjeunna téh pasti nu panghadéna. Éta nu dirasakeun ku Biniam nu dicaritakeun saacanna.

14. Sadérék jadi bisa diajar naon tina pangalaman Biniam?

14 Biniam nyaho Saksi-Saksi Yéhuwa téh bisa waé dikaniaya ku pamaréntah, tapi manéhna tetep jadi Saksi. Perhatikeun kumaha kayakinanana kana kanyaah Yéhuwa bisa ngabantu Biniam ngéléhkeun kasieunna ka manusa. Ceuk manéhna, ”Teu disangka-sangka abdi bakal dikaniaya sakitu parahna, tapi abdi leuwih sieun ditinggalkeun ku kulawarga tibatan dikaniaya ku pamaréntah. Abdi sieun putusan abdi pikeun jadi Saksi téh bakal nguciwakeun si Bapa. Abdi gé sieun kumaha mun kulawarga abdi teu ngahargaan abdi deui.” Najan kitu, Biniam yakin yén Yéhuwa bakal ngurus jalma-jalma nu dipikanyaah ku Anjeunna. Biniam ngajelaskeun, ”Abdi mikirkeun kumaha Yéhuwa geus ngabantu jalma-jalma pikeun nyanghareupan masalah ékonomi, prasangka, sarta panganiayaan. Lamun abdi terus ngandel ka Yéhuwa, Anjeunna gé bakal ngaberkahan abdi. Mémang sempet sababaraha kali abdi ditéwak sarta disiksa, tapi abdi ngarasakeun sorangan kumaha Yéhuwa ngabantu urang lamun urang terus satia ka Anjeunna.” Keur Biniam, Yéhuwa téh jadi siga Bapana, ari dulur-dulur saiman jadi siga kulawargana.

SIEUN KANA MAOT

15. Ku naon wajar lamun urang sieun kana maot?

15 Alkitab nyaruakeun maot téh siga musuh. (1 Kor. 15:25, 26) Lamun urang, kulawarga, atawa babaturan urang gering parah, bisa jadi urang téh hariwang pisan lantaran sieun maot. Ku naon urang sieun? Ku sabab Yéhuwa méré urang kahayang pikeun hirup salalanggengna. (Pan. 3:11, Terjemahan Dunia Baru [NW]) Sabenerna, rasa sieun kana maot téh bisa ngalindungan urang ogé. Misalna, urang jadi kajurung pikeun olahraga, ngajaga dahareun, néangan dokter pikeun pangobatan, sarta ngajauhan hal-hal nu pibahayaeun.

16. Kumaha Sétan ngamangpaatkeun kasieun urang kana maot?

16 Sétan nyaho urang téh ngahargaan kahirupan. Tapi ceuk manéhna mah manusa bakal ngorbankeun sagalana, kaasup sosobatanana jeung Yéhuwa, demi bisa tetep hirup. (Ayub 2:4, 5) Sétan téh salah pisan! Tapi manéhna mémang ”sanggup maéhan”, jadi Sétan ngamangpaatkeun kasieun urang kana maot supaya urang ninggalkeun Yéhuwa. (Ibr. 2:14, 15) Kadang, Sétan ngagunakeun jalma-jalma pikeun ngancam umat Yéhuwa. Maranéhna ngancam rék maéhan para Saksi lamun teu daék nyangkal imanna. Kadang, Sétan gé ngamangpaatkeun kaséhatan urang. Dokter atawa kulawarga anu teu saiman meureun maksa urang pikeun narima transfusi darah nu jelas-jelas ngalanggar paréntah Allah. Atawa, meureun aya jalma nu ngolo urang pikeun narima pangobatan anu teu sajalan jeung prinsip-prinsip Alkitab.

17. Siga nu disebutkeun dina Roma 8:37-39, ku naon urang teu kudu sieun maot?

17 Mémang urang téh teu hayang maot. Tapi saupama urang maot, Yéhuwa masih nyaah ka urang. (Baca Roma 8:37-39.) Waktu sobat-sobat Yéhuwa maot, Anjeunna terus inget ka maranéhna, sarua siga basa maranéhna hirup kénéh. (Luk. 20:37, 38) Anjeunna hayang pisan ngahirupkeun deui maranéhna. (Ayub 14:15) Yéhuwa téh geus meuli urang ku harga nu mahal supaya urang ”bisa meunangkeun hirup langgeng”. (Yah. 3:16) Urang gé apal Yéhuwa téh nyaah pisan ka urang. Jadi tibatan ninggalkeun Yéhuwa waktu urang gering atawa nyawa urang kaancam, urang kudu terus ménta katengtreman, kabijaksanaan, sarta kakuatan ti Anjeunna. Éta nu dilakukeun ku Valérie jeung salakina.​—Jab. 41:4.

18. Urang bisa diajar naon tina pangalaman Valérie?

18 Waktu umur 35 taun, Valérie dibéré nyaho yén manéhna keuna kangker nu ganas jeung langka. Pék perhatikeun kumaha kanyaahna Yéhuwa ngabantu manéhna ngéléhkeun kasieunna kana maot. Ceuk manéhna, ”Waktu nyaho abdi keuna kangker, abdi jeung salaki abdi téh meni reuwas pisan. Abdi kudu dioperasi, jadi abdi tatanya ka sababaraha dokter bedah. Hanjakalna, maranéhna embung operasi lamun teu maké getih. Nya abdi sieun, tapi abdi tetep nolak transfusi darah lantaran éta ngalanggar paréntah Allah. Abdi geus ningali kumaha Yéhuwa némbongkeun kanyaahna ka abdi sapanjang hirup abdi. Ayeuna giliran abdi nu némbongkeun kanyaah abdi ka Yéhuwa. Unggal meunang berita goréng ti dokter, abdi jadi leuwih kageuing pikeun nyenangkeun Yéhuwa sarta moal ngantep Sétan meunang. Ahirna, abdi bisa dioperasi teu ngagunakeun getih. Najan masih kénéh aya masalah kaséhatan, Yéhuwa terus nyadiakeun naon nu dibutuhkeun ku abdi. Misalna, waktu saacan meunang diagnosis, dina pasamoan ahir minggu, urang ngabahas artikel ’Menghadapi Kesukaran Dengan Tabah’. * Artikel ieu téh nguatkeun pisan. Urang teterusan maca artikel ieu. Artikel siga kieu jeung kagiatan rohani bisa ngabantu abdi jeung salaki abdi tetep tenang jeung nyieun putusan nu hadé.”

NGÉLÉHKEUN KASIEUN URANG

19. Naon nu sakeudeung deui bakal kajadian?

19 Ku bantuan Yéhuwa, kabéh urang Kristen di sakuliah dunya sanggup nyanghareupan kaayaan-kaayaan nu hésé sarta ngéléhkeun si Iblis. (1 Pét. 5:8, 9) Sadérék ogé bisa. Sakeudeung deui, Yéhuwa bakal nugaskeun Isa sarta jalma-jalma nu maréntah bareng jeung manéhna ”pikeun ngancurkeun pagawéan-pagawéan Iblis”. (1 Yah. 3:8) Geus kitu, umat Allah di bumi ”moal sieun ku nanaon, moal aya deui nu nyieun gimir”. (Yes. 54:14, NW; Mika 4:4) Tapi saacan waktu éta datang, urang kudu sabisa-bisa ngéléhkeun kasieun urang.

20. Kumaha urang bisa ngéléhkeun kasieun urang?

20 Urang kudu terus yakin yén Yéhuwa téh nyaah sarta bakal ngalindungan umat-Na. Ku kituna, urang kudu terus ngalenyepan sarta nyaritakeun kumaha Yéhuwa geus ngalindungan hamba-hamba-Na baheula. Pék inget-inget deui kumaha Yéhuwa geus mantuan urang masing-masing pikeun nyanghareupan kaayaan-kaayaan nu hésé. Ku bantuan Yéhuwa, urang bisa ngéléhkeun kasieun urang!​—Jab. 34:5.

KAWIH 129 Urang Kudu Terus Tabah

^ Ngarasa sieun téh wajar, malah kasieun gé bisa ngalindungan urang ti bahaya. Tapi lamun urang gampang teuing sieun, éta bisa bahaya. Ku naon? Éta bakal dimangpaatkeun ku Sétan pikeun nyingsieunan urang. Jadi, urang kudu ngusahakeun pikeun ngéléhkeun parasaan éta. Kumaha carana? Dina artikel ieu, urang bakal ningali yén urang bisa ngéléhkeun kasieun lamun urang yakin yén Yéhuwa nyarengan sarta nyaah ka urang.

^ Sababaraha ngaran geus diganti.

^ KATERANGAN GAMBAR: Salaki pamajikan mawakeun dahareun keur sadérék istri jeung kulawargana.

^ KATERANGAN GAMBAR: Najan ditentang ku kolotna, budak ngora ieu yakin yén Allah terus nyarengan manéhna.