Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PANGALAMAN HIRUP

Yéhuwa nu Nuduhkeun Jalan keur Abdi

Yéhuwa nu Nuduhkeun Jalan keur Abdi

BASA rumaja, abdi milih jalan hirup sorangan. Abdi néangan pagawéan nu alus jeung pikaresepeun. Tapi, Yéhuwa nuduhkeun jalan hirup nu séjén keur abdi. ”Ieu Kami papatah, keur pilampaheun [pijalaneun] maneh.” (Jab. 32:8) Sanggeus nuturkeun jalan hirup nu dituduhkeun ku Yéhuwa, abdi jadi boga karier rohani nu alus jeung ngarasakeun loba berkah, kaasup 52 taun ngalayanan di Afrika.

TI BLACK COUNTRY KA NAGRI DI AFRIKA

Abdi lahir taun 1935 di Darlaston, Black Country. Ieu téh hiji daérah di Inggris. Disebut Black Country lantaran baheula di ditu aya loba pabrik nu ngaluarkeun haseup hideung. Waktu abdi umur opat taunan, kolot abdi mulai diajar Alkitab jeung Saksi-Saksi Yéhuwa. Pas rumaja, abdi yakin nu diajarkeun ku Saksi téh nu bener. Jadi dina taun 1952, abdi dibaptis dina umur 16 taun.

Harita, abdi téh mulai digawé magang di hiji pabrik gedé nu nyieunan alat-alat keur kendaraan. Abdi dilatih jadi sékertaris pausahaan. Meni resep téh!

Sakali waktu, abdi kudu nyieun putusan nu penting. Abdi téh digawéna di kota Bromsgrove, jauhna 32 kilométer ti imah abdi nu aya di kota Willenhall. Jadi, lamun tengah minggu téh abdi masamoan di kota Bromsgrove. Terus di ahir minggu, pas balik ka imah, abdi masamoan di sidang Willenhall. Nah, harita pangawas kuriling ménta abdi pikeun mandu Palajaran Buku Sidang di sidang Willenhall. Abdi bingung kudu kumaha.

Abdi hayang ngadukung organisasi Yéhuwa, jadi abdi nuturkeun saran ti pangawas kuriling tadi, sanajan éta hartina abdi kudu eureun digawé. Teu pernah sakali-kali acan abdi kaduhung nyieun putusan ieu. Loba berkah nu dirasakeun ku abdi sanggeus nuturkeun jalan nu dituduhkeun ku Yéhuwa.

Basa masamoan di sidang Bromsgrove, abdi panggih jeung Anne. Manéhna téh geulis jeung sumanget ngalayanan Yéhuwa. Urang duaan nikah dina taun 1957. Sanggeus nikah, urang nyobaan rupa-rupa tugas dina palayanan. Urang pernah jadi panaratas biasa, panaratas istiméwa, pernah dibéré tugas kuriling, sarta ngalayanan di Bétel. Hirup abdi jadi bener-bener bagja lantaran aya Anne.

Urang senang pisan sabab dina taun 1966 urang diondang pikeun miluan kelas Giléad ka-42. Sanggeus lulus, urang ditugaskeun ka Malawi, Afrika. Ceuk loba jalma, urang Malawi téh bageur jeung soméah. Tapi, lebarna urang teu bisa lila cicing di ditu.

NGALAYANAN DI MALAWI WAKTU AYA MASALAH GEDÉ

Mobil Jeep Kaiser nu dipaké basa di Malawi

Urang nepi di Malawi tanggal 1 Pébruari 1967. Di ditu, urang diajar heula basa Malawi salila sabulan. Sanggeus bérés, kakara urang ngajalankeun tugas sabagé utusan injil. Mun iinditan téh urang numpak mobil Jeep Kaiser. Ari di pikiran jalma-jalma mah mobil jiga kieu téh bisa dipaké ka mana-mana, malah bisa ngaliwatan walungan. Nyatana mah teu kitu. Mobil Jeep Kaiser ngan bisa ngaliwatan cai nu déét. Salian ti éta, imah urang téh dijieun tina jarami. Jadi mun usum hujan, urang kudu masang terpal di hateup bagian jero supaya teu bocor. Harita urang sempet strés, tapi nya resep ogé.

Dina bulan April, abdi sadar sigana abdi bakal meunang masalah ti pamaréntah. Dina radio, abdi ngadéngé omongan présidén Malawi, nyaéta Dr. Hastings Banda. Ceuk manéhna, Saksi-Saksi Yéhuwa téh tara mayar pajeg jeung osok ngalawan pamaréntah. Nya, jelas éta téh teu bener. Sabenerna, nu jadi masalahna nyaéta kanétralan urang. Saksi-Saksi Yéhuwa mah embung meuli kartu anggota partéy pulitik.

Dina bulan Séptémber, dina koran téh abdi maca présidén nuduh sadérék-sadérék urang nyieun masalah di mana-mana. Terus, manéhna ngumumkeun yén pamaréntah bakal ngalarang kagiatan Saksi-Saksi Yéhuwa. Bener wéh, dina Oktober 1967, Saksi-Saksi Yéhuwa dilarang di Malawi. Teu lila, pulisi jeung patugas imigrasi datang ka kantor cabang pikeun nutup kantor cabang jeung ngusir para utusan injil.

Waktu ditéwak jeung didéportasi ti Malawi dina taun 1967 bareng jeung sapasang utusan injil, nyaéta Jack jeung Linda Johansson

Tillu poé abdi jeung Anne dipanjara. Sanggeusna, urang didéportasi ka Mauritius, nagri nu dikawasaan ku Britania. Tapi, di Mauritius urang teu meunang cicing sabagé utusan injil. Jadi, urang ditugaskeun ka Rhodesia (ayeuna Zimbabwe). Pas nepi di ditu, urang panggih jeung saurang patugas imigrasi nu galak jeung teu ngidinan urang asup ka nagri éta. Ceuk manéhna, ”Di Malawi, maranéh teu ditarima. Di Mauritius gé sarua. Maranéh gé sabenerna teu meunang ka dieu.” Ngadéngé kitu, Anne langsung ceurik. Meni euweuh nu daék narima urang. Asa hayang pisan balik ka Inggris! Ahirna, patugas éta ngidinan urang cicing sapeuting di kantor cabang. Tapi aya sarat, isukanana urang kudu ngalapor ka kantor imigrasi pusat. Meni capé pisan. Tapi, urang terus ngandelkeun Yéhuwa. Isukanana, teu disangka, urang meunang cicing di Zimbabwe sabagé wisatawan. Poé éta, abdi yakin pisan Yéhuwa nu nuduhkeun jalan keur abdi jeung Anne.

TUGAS ANYAR—NGALAYANAN MALAWI TI ZIMBABWE

Bareng jeung Anne di Bétel Zimbabwe taun 1968

Di kantor cabang Zimbabwe, abdi ditugaskeun di Departemén Dinas pikeun ngurus kagiatan pangwawaran di Malawi jeung Mozambik. Salah sahiji tugas abdi nyaéta narjamahkeun laporan ti para pangawas wilayah di Malawi. Hiji peuting waktu keur narjamahkeun laporan, abdi maca kumaha sadérék-sadérék di Malawi dikaniaya. * Maranéhna dikaniaya meni parah pisan. Nepi ka ceurik abdi macana. Tapi, abdi ogé bener-bener kageuing ku kasatiaan, iman, jeung katabahan maranéhanana.​—2 Kor. 6:4, 5.

Urang sabisa-bisa nyadiakeun dahareun rohani keur dulur saiman nu masih aya di Malawi jeung nu geus kabur ka Mozambik lantaran dikaniaya. Di Malawi, basa nu paling loba digunakeun téh nyaéta basa Chichewa. Tim nu narjamahkeun bahan-bahan bacaan ka basa Chichewa pindah ka peternakan gedé milik saurang sadérék. Sadérék éta nepi ka ngabangunkeun imah jeung kantor keur tim éta. Pagawéan panarjamahan jadi bisa diteruskeun.

Urang ngatur supaya unggal taunna para pangawas wilayah di Malawi bisa datang ka Zimbabwe pikeun miluan kongrés distrik maké basa Chichewa. Di ditu, maranéhna bakal dibéré rangka-rangka hutbah kongrés. Jadi, engké pas balik ka Malawi, maranéhna bisa ngabagikeun hal-hal alus tina kongrés ka sadérék-sadérék. Terus, urang gé pernah ngayakeun Sekolah Pelayanan Kerajaan di Zimbabwe pikeun nguatkeun para pangawas wilayah ieu.

Nepikeun hutbah dina basa Chichewa pas kongrés basa Chichewa/Shona di Zimbabwe

Dina bulan Pébruari 1975, abdi nganjangan dulur-dulur saiman nu kabur ti Malawi ka Mozambik. Maranéhna téh tetep nuturkeun pituduh nu panganyarna ti organisasi, misalna ngabentuk badan kokolot. Para kokolot nu anyar ieu geus ngatur loba kagiatan rohani, saperti méré hutbah, ngabahas ayat harian jeung Warta Hadé, sarta ngayakeun kongrés-kongrés. Ku maranéhna, tempat pangungsian téh dijadikeun jiga tempat kongrés. Jadi, aya departemén kabersihan, aya nu ngatur kadaharan, sarta nu ngajaga kaamanan. Kabéh hal ieu téh bisa dilakukeun ku lantaran berkah ti Yéhuwa. Sanggeus nganjangan maranéhna, abdi ngarasa dikuatkeun pisan.

Dina ahir 1970-an, kagiatan pangwawaran di Malawi téh diurus ku kantor cabang Zambia. Tapi jiga loba sadérék séjénna, abdi masih osok mikirkeun sadérék-sadérék di Malawi sarta ngadoakeun maranéhna. Abdi dibéré tugas jadi Panitia Cabang Zimbabwe. Sababaraha kali abdi rapat jeung wakil ti kantor pusat, sababaraha sadérék ti Malawi, Afrika Selatan, jeung Zambia. Unggal rapat, urang pasti nanya, ”Naon deui nu bisa urang lakukeun keur sadérék-sadérék di Malawi?”

Sanggeus sababaraha waktu, panganiayaan di Malawi téh ngurangan. Jadi, dulur-dulur saiman nu kabur ti Malawi mulai baralik deui. Nu tetep di Malawi gé geus teu pati dikaniaya teuing. Nagri-nagri di sakurilingeunana geus teu ngalarang Saksi Yéhuwa deui. Jadi, dulur-dulur saiman urang diidinan pikeun ngawawar jeung masamoan. Di Mozambik gé, dina taun 1991, Saksi Yéhuwa geus teu dilarang deui. Tapi urang mikir, ”Iraha Saksi-Saksi Yéhuwa di Malawi bisa bébas?”

BALIK DEUI KA MALAWI

Kaayaan pulitik di Malawi téh barobah. Jadi dina taun 1993, pamaréntah geus teu ngalarang kagiatan Saksi-Saksi Yéhuwa. Teu lila, abdi panggih jeung saurang utusan injil. Manéhna nanya kieu ka abdi, ”Manéh bakal balik deui teu ka Malawi?” Harita abdi geus umur 59 taun. Jadi, abdi ngajawab, ”Henteu atuh! Abdi mah geus kolot teuing.” Ari pék téh, dina poé éta kénéh, abdi narima surat ti Badan Pingpinan. Abdi diondang pikeun balik deui ka Malawi.

Urang téh resep pisan kana tugas urang di Zimbabwe. Jadi, ieu téh putusan nu sulit. Urang geus betah di Zimbabwe sarta boga loba sobat. Tapi, Badan Pingpinan téh meni bageur. Maranéhna teu maksa urang pindah ka Malawi. Mun hayang mah, urang bisa tetep cicing di Zimbabwe. Tapi, abdi mikirkeun tuladan Ibrahim jeung Sarah. Sanajan geus kolot, maranéhna réla ninggalkeun imah demi nuturkeun pituduh ti Yéhuwa—Kaj. 12:1-5.

Urang milih pikeun nuturkeun pituduh ti organisasi Yéhuwa. Jadi dina tanggal 1 Pébruari 1995, urang balik deui ka Malawi. Poé éta téh percis 28 taun ti saprak urang mimiti datang ka Malawi. Geus kitu, Panitia Cabang dibentuk. Anggotana téh abdi jeung dua sadérék séjén. Urang langsung ngatur kagiatan Saksi-Saksi Yéhuwa di Malawi.

YÉHUWA NU NUMUWUHKEUNANA

Ku bantuan Yéhuwa, pawarta di Malawi téh gancang pisan nambahanana. Nu asalna 30.000 pawarta dina taun 1993, jadi 42.000 pawarta leuwih dina taun 1998. * Badan Pingpinan gé satuju mun urang ngabangun kantor cabang nu anyar pikeun ngurus kabutuhan di lapangan. Jadi, urang meuli 12 héktar tanah di Lilongwe. Terus, abdi dipilih pikeun jadi panitia pembangunan.

Dina Méi 2001, Sadérék Guy Pierce, anggota Badan Pingpinan, datang ka Malawi pikeun méré hutbah jeung ngaresmikeun kantor cabang. Aya dua rébu Saksi leuwih nu diondang. Kalolobaan ti maranéhna geus dibaptis 40 taun leuwih. Sadérék-sadérék nu satia ieu geus dikaniaya salila mangtaun-taun. Maranéhna mémang miskin, tapi sacara rohani mah beunghar. Sosobatanana jeung Yéhuwa téh kuat pisan. Waktu ningali Bétel nu anyar, maranéhna meni bungah pisan. Bari ngurilingan Bétel, maranéhna ngawihkeun lagu Karajaan. Éta téh pangalaman nu paling keuna kana haté abdi. Éta gé jadi bukti Yéhuwa bakal méré loba berkah ka jalma-jalma nu tetep satia sanajan aya tangtangan.

Sanggeus kantor cabang bérés dibangun, abdi ditugaskeun pikeun ngaresmikeun Balé-Balé Karajaan. Ku ayana program pembangunan Balé-Balé Karajaan di nagri nu kakurangan, sidang-sidang di Malawi jadi ngarasakeun mangpaatna. Saacanna mah, sababaraha sidang téh masamoanana di saung nu dijieun tina tatangkalan. Hateupna tina jujukutan. Maranéhna diuk dina korsi-korsi panjang nu dijieun tina taneuh. Sanggeus Balé Karajaan disatujuan pikeun dibangun, sadérék-sadérék téh meni sumanget ngaduruk batu bata nu rék dijadikeun bahan bangunan keur tempat masamoan maranéhna nu anyar. Tapi waktu Balé geus jadi, maranéhna tetep maké korsi-korsi nu panjang, lain korsi biasa. Ceuk maranéhna, ari dina korsi panjang mah diukna bisa lobaan.

Abdi gé bungah pisan lantaran Yéhuwa ngabantu sadérék-sadérék di ditu pikeun maju rohani, utamana barudak ngora. Sadérék-sadérék pameget ngarélakeun diri pikeun ngalayanan. Maranéhna meunang loba pangabisa waktu narima palatihan ti organisasi Yéhuwa sarta waktu ngajalankeun tugas-tugas. Hasilna, maranéhna bisa meunang leuwih loba tanggung jawab di Bétel jeung di sidang. Sidang gé dikuatkeun lantaran aya para pangawas wilayah anyar nu dilantik. Maranéhna téh urang Malawi asli. Loba ti antara maranéhna geus kawin. Maranéhna milih pikeun ngawula Yéhuwa jeung teu boga budak, sanajan kabudayaan jeung kulawargana mah ngajurung-jurung maranéhna pikeun boga budak.

PUAS KU PUTUSAN-PUTUSAN ABDI

Bareng jeung Anne di Bétel Britania

Sanggeus 52 taun ngalayanan di Afrika, abdi boga masalah kaséhatan. Jadi, Panitia Cabang ngusulkeun supaya abdi balik ka Britania. Hal éta disatujuan ku Badan Pingpinan. Sabenerna, urang kuciwa kudu ninggalkeun tugas ieu. Tapi, kulawarga Bétel Britania téh bener-bener merhatikeun jeung ngurus urang nu geus kolot.

Abdi yakin, nuturkeun jalan ti Yéhuwa téh putusan nu panghadéna. Mun abdi nuturkeun pamikiran abdi baheula, teuing bakal kumaha kahirupan abdi ayeuna. Yéhuwa nyaho naon nu kudu dilakukeun ku abdi supaya aya dina ”jalan nu lempeng”. (Sil. 3:5, 6) Waktu ngora kénéh, abdi hayang digawé di pausahaan nu gedé. Tapi, abdi leuwih bagja lantaran ngawula di organisasi Yéhuwa. Keur abdi mah, ngawula Yéhuwa téh hal nu paling nyugemakeun!

^ Sajarah Saksi-Saksi Yéhuwa di Malawi aya dina Buku Kegiatan—1999 kaca 149-223.

^ Ayeuna, di Malawi aya 100.000 pawarta leuwih.