Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 37

Urang Bisa Percaya ka Dulur-Dulur Saiman

Urang Bisa Percaya ka Dulur-Dulur Saiman

”Kanyaah téh. . . percaya kana sagala hal, terus boga harepan.”​—1 KOR. 13:4, 7.

KAWIH 124 Terus Satia

NU DIBAHAS *

1. Ku naon geus teu anéh mun loba jalma ngarasa teu bisa percaya ka batur?

 JALMA-JALMA di dunya Sétan teu nyaho saha nu bisa dipercaya ku maranéhna. Maranéhna sering pisan dikuciwakeun ku pangusaha, pajabat pulitik, jeung para pamingpin agama. Loba ogé nu teu bisa percaya ka babaturan, tatangga, jeung kulawargana sorangan. Éta geus teu anéh, sabab Alkitab méré nyaho, ”Dina ahir jaman, . . . jalma-jalma . . . teu satia, . . . resep mitnah, . . . resep ngahianat.” Loba jalma nyonto sipat Sétan, pangawasa dunya ieu, nu teu bisa dipercaya.​—2 Tim. 3:1-4; 2 Kor. 4:4.

2. (a) Saha jeung naon nu bener-bener bisa dipercaya ku urang? (b) Bisa jadi, sababaraha jalma mikir kumaha ngeunaan dulur-dulur saiman?

2 Sabagé urang Kristen, urang bisa percaya sapinuhna ka Yéhuwa. (Yer. 17:7, 8) Urang yakin, Yéhuwa nyaah ka urang. Sobat-sobat-Na téh ”tara ditolak”, atawa ditinggalkeun, ku Anjeunna. (Jab. 9:11, KITAB SUCI © LAI 1991) Urang gé bisa percaya ka Isa Al-Masih sabab manéhna geus réla masrahkeun nyawana keur urang. (1 Pét. 3:18) Terus, urang gé bisa percaya kana naséhat-naséhat Alkitab, sabab loba pangalaman ngabuktikeun yén naséhat-naséhat tina Alkitab téh bisa diandelkeun. (2 Tim. 3:16, 17) Jadi, urang bisa bener-bener percaya ka Yéhuwa, Isa, jeung Alkitab. Nah, kumaha jeung dulur-dulur saiman di sidang? Maranéhna bisa dipercaya teu? Lamun bisa, naon alesanana?

URANG BUTUH DULUR-DULUR SAIMAN

Di sakuliah dunya, urang boga dulur-dulur saiman nu bisa dipercaya jeung nyaah ka Yéhuwa (Tingali paragrap 3)

3. Urang dibéré kahormatan naon? (Markus 10:29, 30)

3 Yéhuwa geus narik urang pikeun ngagabung ka kulawarga rohani-Na di sakuliah dunya. Éta téh kahormatan sarta méré loba mangpaat keur urang. (Baca Markus 10:29, 30.) Di sakuliah dunya, urang boga dulur-dulur saiman nu nyaah ka Yéhuwa sarta sabisa-bisa nuturkeun patokan hirup ti Anjeunna. Basa, budaya, jeung cara papakéan urang meureun béda-béda, tapi urang bisa ngarasa raket jeung maranéhna sanajan kakara panggih. Urang gé resep babarengan jeung maranéhna pikeun ibadah sarta ngamulyakeun Bapa di sorga.​—Jab. 133:1.

4. Ku naon urang butuh dulur-dulur saiman?

4 Ayeuna téh urang kudu beuki ngahiji jeung dulur-dulur saiman. Maranéhna bisa nulungan urang. (Rm. 15:1; Gal. 6:2) Maranéhna gé bisa nguatkeun urang supaya tetep sumanget dina palayanan sarta tetep akrab jeung Yéhuwa. (1 Tés. 5:11; Ibr. 10:23-25) Dulur-dulur saiman bisa ngabantu urang kuat pikeun ngalawan musuh urang, nyaéta Sétan si Iblis jeung dunyana nu jahat. Sétan jeung balad-baladna téh sakeudeung deui bakal nyerang umat Allah. Urang pasti nganuhunkeun pisan aya dulur-dulur saiman anu siap ngadukung urang.

5. Ku naon aya sababaraha jalma anu hésé percaya ka dulur saiman?

5 Tapi, bisa ogé aya nu hésé percaya ka dulur saiman. Meureun aya dulur saiman anu pernah nyebarkeun rasiahna atawa pernah jalir jangji. Bisa ogé, aya dulur saiman anu kekecapan jeung laku lampahna nganyenyeri manéhna. Mun éta kaalaman, urang bisa jadi hésé percaya ka dulur-dulur saiman. Jadi, kumaha supaya urang bisa percaya ka dulur saiman?

KANYAAH NGABANTU URANG PERCAYA

6. Kumaha kanyaah bisa ngabantu urang percaya? (1 Korintus 13:4-8)

6 Supaya bisa percaya ka batur, urang téh kudu boga kanyaah. Hiji Korintus pasal 13 ngajelaskeun kumaha kanyaah bisa ngabantu urang percaya ka batur. (Baca 1 Korintus 13:4-8.) Misalna dina ayat 4 disebutkeun, ”Jalma nu boga kanyaah téh sabar jeung bageur.” Yéhuwa téh sabar ka urang sanajan urang sering ngalakukeun dosa. Jadi, urang gé kudu sabar ka dulur-dulur saiman anu omongan atawa kalakuanana nyieun urang keuheul atawa nyeri haté. Dina ayat 5-na disebutkeun, jalma nu boga kanyaah téh ”teu gancang ambek [jeung] teu ngunek-ngunek kasalahan batur”. Jadi, urang embung nginget-nginget deui kasalahan batur jeung embung goréng sangka ka manéhna. Pandita 7:9 gé nyebutkeun, urang téh ”kudu bisa ngadalian amarah”, ulah gancang kasinggung. (KITAB SUCI © LAI 1991) Sakuduna urang ngalarapkeun naséhat dina Éfésus 4:26, ”Ulah ambek keneh waktu panonpoé surup.”

7. Kumaha prinsip-prinsip dina Matius 7:1-5 bisa ngabantu urang percaya ka dulur saiman?

7 Supaya bisa percaya ka dulur-dulur saiman, urang gé kudu boga cara pandangna Yéhuwa. Allah téh nyaah ka maranéhna jeung teu pernah nginget-nginget kasalahan sarta dosa maranéhna. Urang gé kudu kitu. (Jab. 130:3) Ulah teterusan mikirkeun kasalahan maranéhna. Perhatikeun sipat-sipat alus sarta hal-hal hadé anu bisa dilakukeun ku maranéhna. (Baca Matius 7:1-5.) Ceuk Alkitab, jalma nu boga kanyaah téh ”percaya kana sagala hal”. (1 Kor. 13:7) Jadi, urang kudu percaya, maranéhna téh teu boga niat pikeun nganyenyeri urang. Tapi, lain hartina Yéhuwa hayang urang asal percaya. Anjeunna hayang urang percaya ka batur mun manéhna geus kabukti bisa dipercaya. *

8. Kumaha supaya Sadérék bisa percaya ka dulur-dulur saiman?

8 Urang teu bisa ujug-ujug percaya ka batur. Éta butuh waktu. Supaya bisa percaya ka dulur-dulur saiman, Sadérék kudu leuwih kenal ka maranéhna. Misalna dina pasamoan, Sadérék bisa ngajak maranéhna ngobrol. Atawa, meureun Sadérék bisa ngajak dines bareng. Terus Sadérék gé kudu sabar. Béré maranéhna kasempetan pikeun ngabuktikeun yén maranéhna bisa dipercaya. Mun kakara kenal mah, meureun Sadérék moal nyaritakeun hal-hal pribadi. Tapi mun geus akrab, Sadérék bakal leuwih laluasa nyarita. (Luk. 16:10) Nah, kumaha lamun aya dulur saiman anu ngahianat ka Sadérék? Ulah langsung ngamusuhan manéhna. Keun wé sina waktu nu ngaleungitkeun parasaan nyeri haté urang. Jeung, ulah mikir kabéh dulur saiman téh teu bisa dipercaya. Ayeuna, urang bakal ngabahas hamba-hamba Allah dina jaman baheula anu tetep percaya ka batur sanajan geus dikuciwakeun.

DIAJAR TI HAMBA-HAMBA ALLAH ANU TETEP PERCAYA KA BATUR

Sanajan mimitina Éli salah sangka, Hana tetep percaya kana pangaturan ti Yéhuwa (Tingali paragrap 9)

9. (a) Kumaha Hana tetep percaya kana pangaturan ti Yéhuwa sanajan jalma nu dilantik ku Anjeunna nyieun kasalahan? (b) Sadérék diajar naon tina pangalaman Hana ngeunaan percaya kana pangaturan Yéhuwa? (Tingali gambar.)

9 Pernah teu Sadérék kuciwa ka sadérék nu boga wewenang di sidang? Mun pernah, pangalaman Hana meureun bisa ngabantu Sadérék. Harita, nu mingpin ibadah urang Israél ka Yéhuwa téh nyaéta Imam Agung Éli. Tapi, kulawargana henteu méré tuladan nu alus. Dua putrana téh imam, ngan sering ngalakukeun hal-hal cabul, tapi Éli teu nyarékan maranéhna. Yéhuwa teu langsung nyabut tanggung jawab Éli. Sanajan Éli masih jadi imam agung di tabernakel, Hana tetep percaya kana pangaturan ti Yéhuwa jeung ibadah di ditu. Terus sakali waktu, Hana ngadoa ka Yéhuwa ku lantaran strés pisan. Barang ningali manéhna, Éli nyangka Hana téh keur mabok. Éli teu mariksa heula fakta-faktana, tapi langsung ngiritik Hana. (1 Sam. 1:12-16) Najan kitu, Hana teu ngéwa ka Éli. Malah manéhna jangji, mun engké boga anak lalaki, anakna bakal disina ngawula di tabernakel sarta diurus ku Éli. (1 Sam. 1:11) Ahirna, Allah ngaberkahan Hana sarta méré anak lalaki, nyaéta Samuél. (1 Sam. 4:17) Kumaha jeung dua putrana Éli? Yéhuwa ngurus masalah éta dina waktuna.​—1 Sam. 1:17-20.

10. Sanajan pernah dihianatan, Daud masih percaya teu ka batur? Jelaskeun.

10 Pernah teu Sadérék dihianatan ku sobat sorangan? Lamun pernah, pikirkeun pangalaman Raja Daud. Daud boga sobat nu ngaranna Ahitopél. Tapi, waktu Absalom anakna Daud barontak jeung hayang ngarebut tahta Daud, Ahitopél kalah ka pipilueun. Kabayang sakumaha nyeri haténa Daud, geus dihianatan ku budak jeung sobatna sorangan. Najan kitu, Daud tetep percaya ka batur. Manéhna percaya ka Husai, sobatna nu séjén. Husai mah teu pipilueun barontak. Daud boga alesan nu kuat ku naon percaya ka manéhna. Husai téh geus kabukti jadi sobat nu hadé, malah pernah narohkeun nyawana demi nulungan Daud.​—2 Sam. 17:1-16.

11. Kumaha salah saurang palayanna Nabal nunjukkeun yén manéhna percaya ka Abigail?

11 Perhatikeun ogé salah saurang palayanna Nabal. Nabal téh urang Israél nu beunghar. Palayan-palayanna osok dilindungan ku Daud jeung balad-baladna. Sakali waktu, Daud ménta dahareun ka Nabal keur balad-baladna. Nu dipéntana téh teu anéh-anéh, naon waé nu dibikeun pasti ditarima. Tapi Nabal embungeun méré. Bakating ku ambek, Daud rék maéhan kabéh lalaki di rumah tanggana Nabal. Tapi, saurang palayan lalaki ngalapor ka Abigail, padahal bisa waé manéhna kabur nyalametkeun diri. Palayan ieu percaya, Abigail bisa nyalametkeun nyawana. Manéhna bisa percaya jiga kitu téh lantaran Abigail dikenal bijaksana. Kapercayaanana téh henteu percumah. Abigail wanieun ngolo Daud pikeun ngabatalkeun rencanana. (1 Sam. 25:2-35) Abigail percaya, Daud moal gagabah.

12. Naon buktina Isa percaya ka para rasulna sanajan maranéhna sering ngalakukeun kasalahan?

12 Isa tetep percaya ka para muridna sanajan maranéhna sering ngalakukeun kasalahan. (Yah. 15:15, 16) Sakali waktu, Yakobus jeung Yahya ménta kadudukan nu istiméwa dina Pamaréntahan Allah. Sanajan kitu, Isa teu mikir maranéhna téh ngalayanan Yéhuwa pédah hayang kadudukan nu istiméwa. Isa gé teu nyabut tanggung jawab maranéhna sabagé rasul. (Mar. 10:35-40) Terus ka dieunakeun, pas Isa ditéwak, kabéh murid téh ninggalkeun manéhna. (Mat. 26:56) Tapi Isa tetep percaya ka maranéhna. Najan nyaho kateusampurnaan maranéhna, Isa tetep ’nyaah nepi ka ahir’. (Yah. 13:1) Sanggeus dihirupkeun deui gé, Isa méré tanggung jawab nu gedé ka 11 rasulna nu satia ieu. Maranéhna dititah ngatur kagiatan ngajadikeun murid jeung ngurus domba-dombana. (Mat. 28:19, 20; Yah. 21:15-17) Isa boga alesan nu kuat pikeun percaya ka para rasulna nu teu sampurna ieu. Kabéhanana tetep satia ngajalankeun tugasna di bumi nepi ka maot. Jadi, Hana, Daud, palayanna Nabal, Abigail, jeung Isa téh nunjukkeun yén urang bisa percaya ka manusa nu teu sampurna.

PERCAYA DEUI NAJAN PERNAH DIKUCIWAKEUN

13. Naon anu bisa nyababkeun urang hésé percaya ka dulur saiman?

13 Pernah teu Sadérék nyaritakeun masalah pribadi ka dulur saiman, ari pék téh manéhna nyaritakeun deui ka batur? Pasti Sadérék keuheul pisan. Saurang sadérék istri nyaritakeun masalah pribadina ka saurang kokolot. Isukanana, pamajikan ti kokolot éta nelepon pikeun nguatkeun manéhna. Jelas pisan, kokolot éta geus nyaritakeun masalahna ka pamajikanana. Wajar wéh mun sadérék istri ieu jadi hésé percaya deui ka kokolot éta. Tapi, untungna manéhna ménta bantuan ka kokolot séjén. Manéhna jadi bisa percaya deui ka para kokolot.

14. Ku naon saurang sadérék bisa percaya deui ka dulur saimanna?

14 Aya saurang sadérék anu geus lila keuheul ka dua kokolot. Manéhna ngarasa dua kokolot éta teu bisa dipercaya. Tapi, manéhna mikirkeun kekecapan saurang sadérék nu dihormat ku manéhna. Kieu cenah, ”Musuh urang téh Sétan, lain dulur saiman.” Manéhna mikirkeun hal éta jeung mikirkeun naon nu kudu dilakukeun. Sanggeus ngadoa ménta bantuan Yéhuwa, ahirna manéhna bisa rukun jeung percaya deui ka dua kokolot éta.

15. Ku naon butuh waktu pikeun percaya deui ka dulur saiman? Béré contona.

15 Pernah teu Sadérék kaleungitan tugas di sidang? Mun pernah, Sadérék pasti sedih. Perhatikeun pangalaman Sadérék Grete jeung indungna. Maranéhna duaan téh Saksi anu satia dina jaman Nazi Jerman taun 1930-an, pas kagiatan Saksi dilarang. Grete dibéré tugas pikeun ngetik majalah The Watchtower keur dulur-dulur saimanna. Tapi, waktu sadérék-sadérék nyahoeun bapana Grete nentang bebeneran, Grete teu meunang ngetik majalah The Watchtower deui. Sadérék-sadérék sieuneun, bisi bapana méré informasi ngeunaan sidang ka jalma-jalma anu nentang bebeneran. Tapi teu ngan éta hungkul. Salila Perang Dunya II, Grete jeung indungna teu dibéré majalah-majalah acan. Mun panggih di jalan gé, sadérék-sadérék téh embung ngobrol jeung maranéhna. Grete nyeri haté pisan. Manéhna nyarita, butuh waktu lila pikeun ngahampura jeung percaya deui ka sadérék-sadérék éta. Tapi, ahirna Grete mikir Yéhuwa pasti geus ngahampura maranéhna, jadi manéhna gé kudu kitu. *

”Musuh urang téh Sétan, lain dulur saiman”

16. Ku naon urang kudu upaya sabisa-bisana pikeun percaya ka dulur-dulur saiman?

16 Lamun Sadérék pernah ngalaman hal sarupa kitu, Sadérék perlu bajoang pikeun percaya deui ka dulur-dulur saiman. Meureun éta butuh waktu, tapi upaya Sadérék moal percumah. Ibaratna kieu: Lamun Sadérék pernah nyeri beuteung lantaran ngadahar hiji dahareun, meureun Sadérék bakal leuwih ati-ati dina milih dahareun. Tapi, moal mungkin pan Sadérék jadi teu dahar sama sakali? Kitu ogé, lantaran urang kabéh teu sampurna, meureun aya dulur saiman nu nguciwakeun urang. Tapi, sakuduna urang teu mikir yén kabéh dulur saiman téh henteu bisa dipercaya. Lamun urang upaya pikeun percaya deui ka dulur-dulur saiman, urang téh bakal leuwih bagja. Urang gé bisa mantuan sadérék-sadérék séjén pikeun ngarasa yén sidang Kristen téh bisa dipercaya.

17. Ku naon urang kudu percaya ka dulur saiman, jeung naon anu bakal dibahas dina artikel saterusna?

17 Di dunya Sétan, loba jalma silih curiga. Tapi, urang mah bisa percaya ka dulur-dulur saiman sabab urang nyaah ka maranéhna, jeung maranéhna gé nyaah ka urang. Mun urang percaya ka maranéhna, urang bakal bagja sarta bisa ngahiji. Éta gé bisa ngalindungan urang mun engké urang nyanghareupan kaayaan anu susah. Tapi, kumaha mun urang pernah dikuciwakeun jeung teu bisa percaya deui ka dulur saiman? Pék tingali masalahna tina cara pandang Yéhuwa, tuturkeun prinsip-prinsip Alkitab, kudu beuki nyaah ka dulur saiman, sarta diajar tina conto-conto anu aya dina Alkitab. Ku kituna, urang bisa nyingkirkeun parasaan nyeri haté sarta jadi percaya deui ka dulur saiman. Engkéna urang bakal narima berkah anu gedé, nyaéta boga sobat ”nu satia leuwih ti dulur sorangan”. (Sil. 18:24, KITAB SUCI © LAI 1991) Tapi, saukur percaya ka dulur saiman téh teu cukup. Urang gé kudu ngabuktikeun yén urang bisa dipercaya ku maranéhna. Dina artikel saterusna, urang bakal ngabahas kumaha cara ngabuktikeunana.

KAWIH 99 Jutaan Dulur Saiman

^ Urang téh kudu percaya ka dulur-dulur saiman. Éta teu gampang, sabab kadang maranéhna nguciwakeun urang. Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas sababaraha prinsip Alkitab jeung pangalaman ti hamba-hamba Allah dina jaman baheula. Hal-hal éta bisa ngabantu urang pikeun percaya ka dulur-dulur saiman. Jeung saupama pernah dikuciwakeun, urang bisa percaya deui ka maranéhna.

^ Alkitab ngingetan, bisa waé aya jalma-jalma anu teu bisa dipercaya di sidang. (Yud. 4) Kadang, aya anu hayang nyasabkeun anggota sidang ku ngajarkeun ”hal-hal nu nyimpang”. (Kis. 20:30) Urang moal percaya atawa ngadéngékeun jalma-jalma jiga kitu.

^ Pikeun ningali pangalaman Grete, mangga baca 1974 Yearbook of Jehovah’s Witnesses, kaca 129-131.