Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PANGALAMAN HIRUP

Abdi Resep Diajar jeung Ngajar Batur ngeunaan Yéhuwa

Abdi Resep Diajar jeung Ngajar Batur ngeunaan Yéhuwa

Abdi digedékeun di Easton, Pennsylvania, AS. Abdi hayang pisan kuliah sabab hayang jadi jalma suksés. Abdi resep diajar matématika jeung sains. Dina taun 1956, aya hiji organisasi masarakat nu méré 25 dolar AS sabab préstasi abdi leuwih alus di antara murid-murid kulit hideung séjénna. Tapi ka dieunakeun, cita-cita abdi barobah. Ku naon?

DIAJAR NGEUNAAN YÉHUWA

Dina awal taun 1940-an, kolot abdi diajar Alkitab jeung Saksi-Saksi Yéhuwa. Ka dieunakeun maranéhna eureun diajar, tapi indung abdi masih kénéh narima majalah Watchtower jeung Awake! Terus dina taun 1950, aya kongrés internasional nu diayakeun di kota New York. Kulawarga abdi datang ka ditu.

Teu lila sanggeus kongrés, Sadérék Lawrence Jeffries datang ka imah abdi. Manéhna hayang ngajarkeun Alkitab ka abdi. Harita, abdi teu satuju mun Saksi Yéhuwa teu pipilueun dina urusan pulitik jeung embung jadi tentara. Abdi ngomong ka manéhna, mun kabéh urang Amerika embung miluan perang, engké musuh bakal datang jeung ngajajah nagri ieu. Sadérék Jeffries sabar jeung ngajawab kieu, ”Pék pikirkeun, mun kabéh urang Amerika ngawula Yéhuwa, terus musuh datang, kira-kira Yéhuwa bakal kumaha?” Koméntarna ieu ngabantu abdi paham yén pamikiran abdi téh salah. Abdi jadi hayang diajar Alkitab.

Pas abdi dibaptis

Salila mangjam-jam, abdi macaan majalah The Watchtower jeung Awake! nu diteundeun ku si Mamah di gudang. Ahirna, abdi sadar ieu téh bebeneran. Jadi, abdi daék diajar Alkitab jeung Sadérék Jeffries. Abdi gé rutin masamoan. Lantaran nyaah kana bebeneran, abdi mutuskeun jadi pawarta. Cita-cita abdi barobah lantaran abdi apal ”poe agung PANGERAN geus deukeut”. (Sep. 1:14) Abdi geus teu hayang deui kuliah. Ayeuna, abdi hayang ngabantu jalma-jalma diajar Alkitab.

Abdi lulus SMA dina tanggal 13 Juni 1956. Tilu poé sanggeusna, abdi dibaptis dina kongrés wilayah. Harita, abdi teu nyangka bakal narima loba berkah lantaran geus ngabaktikeun diri pikeun diajar jeung ngajar batur ngeunaan Yéhuwa.

DIAJAR JEUNG NGAJAR SABAGÉ PANARATAS

Genep bulan sanggeus dibaptis, abdi jadi panaratas biasa. Dina Kingdom Ministry Désémber 1956, aya artikel nu judulna ”Can You Serve Where the Need Is Great?” (”Bisa Teu Sadérék Ngalayanan di Tempat nu Ngabutuhkeun Leuwih Loba Pawarta?”) Artikel ieu téh cocog keur abdi, sabab abdi hayang mantuan jalma-jalma di daérah nu pawartana saeutik.​—Mat. 24:14.

Abdi pindah ka Edgefield, Karolina Selatan. Di sidang éta ngan aya opat pawarta, ditambah abdi jadi lima. Urang masamoanana téh di imahna saurang sadérék, di ruang tamuna. Unggal bulan, abdi dines salila 100 jam. Harita, abdi meni sibuk pisan lantaran kudu ngatur kagiatan pangwawaran jeung méré hutbah di sidang. Tapi najan sibuk ngalakukeun loba tugas di sidang, abdi ngarasa beuki loba diajar ngeunaan Yéhuwa.

Abdi ngajarkeun Alkitab ka saurang ibu-ibu. Manéhna téh boga rumah duka di kota Johnston, sababaraha kilométer ti Edgefield. Manéhna téh meni bageur, méré abdi pagawéan paro waktu jeung nginjeumkeun hiji bangunan leutik pikeun dijadikeun Balé Karajaan.

Sadérék Jolly Jeffries, budakna guru Alkitab abdi, pindah ti Brooklyn, New York jeung jadi batur naratas abdi. Urang duaan cicing di hiji mobil nu dijadikeun imah. Éta téh diinjeumkeun ku saurang sadérék.

Gajih di dieu téh leutik pisan. Keur sapoé digawé, ngan meunang dua atawa tilu dolar. Hiji waktu, abdi meuli dahareun maké duit panyésaan. Pas balikna, aya lalaki nu ngadeukeutan tuluy nanya, ”Rék digawé moal? Engké digajih sajam sadolar yeuh.” Ahirna, abdi digawé di ditu salila tilu poé keur mantuan bebersih proyék pembangunan. Abdi ngarasakeun yén Yéhuwa téh hayang abdi terus cicing di Edgefield. Malah, abdi gé masih bisa kénéh datang ka kongrés internasional taun 1958 di kota New York.

Pas urang nikah

Dina kongrés poé kadua, aya hal nu istiméwa. Abdi panggih jeung Ruby Wadlington, saurang panaratas biasa ti Gallatin, Tennessee. Urang duaan boga cita-cita hayang jadi utusan injil. Jadi dina kongrés éta, urang datang ka acara keur jalma-jalma nu hayang miluan Sekolah Gilead. Ka dieunakeun, urang duaan osok susuratan. Dina hiji poé, abdi diondang pikeun méré hutbah di Gallatin. Jadi waktu ka ditu, abdi sakalian ngalamar Ruby. Tuluy abdi pindah ka sidangna Ruby, jeung ahirna urang duaan nikah dina taun 1959.

DIAJAR JEUNG NGAJAR DI SIDANG

Basa umur 23 taun, abdi diangkat jadi hamba sidang (ayeuna mah disebut koordinator badan kokolot) di Gallatin. Harita, Charles Thompson téh kakara diangkat jadi pangawas wilayah, terus manéhna nganjangan sidang urang. Sabenerna manéhna téh boga loba pangalaman, tapi manéhna tetep nanya ka abdi, naon nu dibutuhkeun ku sadérék-sadérék sarta kumaha biasana pangawas wilayah ngurus masalah éta. Abdi diajar ti manéhna yén urang téh perlu tatanya jeung ngumpulkeun fakta-fakta heula saacan nyieun putusan.

Dina Méi 1964, abdi diondang pikeun miluan Sekolah Pelayanan Kerajaan nu diayakeun di Lansing Selatan, New York. Sanggeus miluan sakola ieu, abdi jadi hayang diajar leuwih loba ngeunaan Yéhuwa jeung ngaraket ka Anjeunna.

DIAJAR SARTA NGAJAR SABAGÉ PANGAWAS WILAYAH JEUNG PANGAWAS DISTRIK

Abdi diondang pikeun jadi pangawas wilayah dina Januari 1965. Wilayah urang téh gedé pisan, ti Knoxville di Tennessee, nepi ka deukeut Richmond di Virginia. Sidang-sidang di Karolina Utara, Kentucky, jeung Virginia Barat téh asup dina wilayah dines abdi. Harita, abdi ngan ngadatangan sidang-sidang kulit hideung, lantaran aya hukum nu ngalarang jalma kulit hideung masamoan bareng jeung nu kulit bodas. Dulur-dulur di ditu téh mariskin, jadi urang kudu babagi. Aya saurang pangawas wilayah anu geus pangalaman méré naséhat nu alus ka abdi. Ceuk manéhna, ”Ulah datang ka sidang sabagé bos. Mun rék mantuan mah, manéh kudu jadi dulur.”

Waktu urang datang ka hiji sidang leutik, Ruby ngajarkeun Alkitab ka saurang awéwé ngora nu boga budak umur sataun. Tapi, di sidang téh euweuh nu bisa neruskeun palajaran Alkitab ka awéwé éta. Jadi, Ruby neruskeunana maké surat. Pas nganjangan sidang éta deui, éta awéwé datang ka kabéh acara pasamoan. Geus kitu, aya dua sadérék istri panaratas istiméwa nu pindah ka ditu jeung neruskeun palajaranana nepi ka awéwé éta dibaptis. Kira-kira 30 taun sanggeusna, nyaéta dina taun 1995, aya saurang sadérék ngora nu ngajak ngobrol Ruby di Bétel Patterson. Ari pék téh, manéhna budak ti awéwé éta! Harita, manéhna jeung salakina keur miluan Sekolah Gilead kelas ka-100.

Pas urang pindah tugas ka Florida, urang téh butuh mobil. Jadi, urang meuli mobil nu hargana murah pisan. Tapi can dipaké saminggu, mobilna téh mogok. Urang gé geus teu boga duit keur ngoméanana. Jadi, ahirna urang nelepon hiji sadérék nu bisa mantuan urang. Sadérék éta nitah mékanikna pikeun ngoméan mobil abdi. Tapi sadérék éta embung dibayar. Ceuk manéhna, ”Geus, teu kudu mayar lah.” Malahan mah, sadérék éta méré duit ka abdi. Abdi ngarasakeun, Yéhuwa bener-bener ngurus umat-Na. Éta gé ngingetkeun urang pikeun barangbéré ka batur.

Unggal ngadatangan sidang, abdi sok mondok di imah dulur saiman, jadi abdi boga loba sobat. Hiji poé, abdi téh nyieun laporan sidang, terus ku abdi ditinggalkeun. Pas balik soréna, laporanana geus bérés, ”dibantuan” ngetik ku budak umur tilu taun di imahna sadérék tempat abdi mondok. Salila mangtaun-taun, abdi sok ngaheureuyan budak éta ngeunaan kajadian ieu.

Dina taun 1971, abdi narima surat tugas pikeun jadi pangawas distrik di New York. Abdi reuwas pisan, lantaran basa éta abdi kakara umur 34 taun. Abdi sadérék kulit hideung mimiti nu jadi pangawas distrik. Sadérék-sadérék di ditu nyambut abdi.

Sabagé pangawas distrik, abdi resep pisan ngajar jalma-jalma unggal minggu dina kongrés wilayah. Aya loba pangawas wilayah nu leuwih pangalaman tibatan abdi. Misalna, aya nu méré hutbah baptisan keur abdi. Aya ogé Sadérék Theodore Jaracz, nu ka dieunakeun jadi anggota Badan Pingpinan. Salian ti maranéhna, aya loba sadérék nu geus lila ngawula di Bétel Brooklyn. Abdi ningali yén maranéhna bener-bener ngandelkeun Alkitab jeung terus ngadukung organisasi. Lantaran maranéhna rendah haté, abdi ngarasa dipikanyaah. Tugas abdi sabagé pangawas distrik gé jadi leuwih gampang.

BALIK DEUI KA TUGAS KURILING

Dina taun 1974, badan pingpinan nugaskeun kelompok pangawas wilayah séjén pikeun tugas distrik. Ari abdi mah jadi pangawas wilayah deui, ayeuna di Karolina Selatan. Harita, sadérék-sadérék kulit hideung bisa masamoan deui jeung sadérék-sadérék kulit bodas. Urang kabéh téh meni bungah pisan!

Terus dina ahir taun 1976, abdi ditugaskeun ka daérah Georgia, nyaéta di antara Atlanta jeung Kolumbus. Abdi inget pisan, di ditu abdi pernah méré hutbah panglilipur keur hiji kulawarga kulit hideung. Lima budakna maot lantaran imahna diduruk. Terus, indungna gé kudu dibawa ka rumah sakit lantaran raheut parah. Tapi sadérék-sadérék, boh nu kulit hideung boh nu kulit bodas, terus ngalongok ka rumah sakit pikeun nguatkeun salaki pamajikan éta. Abdi ningali, kanyaah ti dulur-dulur téh bener-bener luar biasa. Kanyaah jiga kitu bisa ngabantu umat Allah tetep teger sanajan boga masalah nu beurat pisan.

DIAJAR JEUNG NGAJAR DI BÉTEL

Dina taun 1977, urang duaan diondang pikeun mantuan hiji proyék di Bétel Brooklyn keur sababaraha bulan. Waktu proyékna geus téréh bérés, dua anggota Badan Pingpinan nanya ka abdi jeung Ruby. Maranéhna hayang urang terus ngawula di Bétel. Ahirna, urang narima ondangan ti maranéhna.

Abdi digawé di Departemen Dinas salila 24 taun. Osok aya pawarta nu nanyakeun hal-hal nu hésé dijawab. Jadi, urang kudu ati-ati méré jawaban. Salila mangtaun-taun, Badan Pingpinan nyadiakeun pituduh nu sajalan jeung prinsip-prinsip Alkitab. Pituduh ieu bisa ngajawab pananya-pananya éta sarta ngalatih para pangawas wilayah, kokolot, jeung panaratas. Pituduh-pituduh ieu gé geus ngabantu loba sadérék jadi urang Kristen nu leuwih asak rohani. Hasilna, organisasi Yéhuwa jadi leuwih kuat.

Ti taun 1995 nepi ka 2018, abdi ngadatangan loba kantor cabang sabagé wakil ti kantor pusat, baheula disebut pangawas zona. Abdi panggih jeung panitia cabang, sadérék-sadérék di Bétel, sarta para utusan injil. Abdi nguatkeun maranéhna sarta ngabantu sabisa-bisa. Abdi jeung Ruby gé dikuatkeun ku pangalaman maranéhna. Misalna dina taun 2000, urang datang ka Rwanda. Urang duaan kageuing pisan ngadéngé kumaha sadérék-sadérék jeung kulawarga Bétel di ditu nyanghareupan génosida dina taun 1994. Loba ti kulawarga maranéhna nu dipaéhan. Tapi, maranéhna tetep boga iman jeung harepan. Maranéhna gé tetep suka bungah.

Ulang taun perkawinan ka-50

Umur urang duaan téh ayeuna geus leuwih ti 80 taun. Salila 20 taun ieu, abdi geus ngawula sabagé Panitia Cabang di kantor cabang Amerika Serikat. Mémang abdi teu pernah kuliah, tapi abdi geus meunang pendidikan nu leuwih hadé ti Yéhuwa sarta organisasi-Na. Ku kituna abdi bisa ngajarkeun Alkitab ka batur, jeung maranéhna bisa narima mangpaat nu langgeng. (2 Kor. 3:5; 2 Tim. 2:2) Abdi ningali kumaha Alkitab geus ngabantu loba jalma pikeun boga kahirupan nu leuwih hadé jeung leuwih raket ka Nu Nyipta. (Yak. 4:8) Abdi jeung Ruby sabisa-bisa ngajurung batur pikeun diajar jeung ngajar ngeunaan Yéhuwa. Éta téh kahormatan nu luar biasa nu bisa ditarima ku umat Yéhuwa.