Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Pananya ti Nu Maca

Pananya ti Nu Maca

Ku naon Rasul Paulus nyebut dirina jiga ”orok nu lahir can waktuna”? (1 Korintus 15:8)

Dina 1 Korintus 15:8, Paulus ngomong, ”Nu pangpandeurina dipanggihan téh kuring. Éta sababna, kuring téh siga orok nu lahir can waktuna.” Di dieu, Paulus téh keur nyaritakeun pangalamanana waktu meunang titingalian ngeunaan Isa nu geus aya di sorga. Baheula, urang boga pamahaman yén harita kénéh Paulus téh dibéré kurnia pikeun dilahirkeun, atawa dihirupkeun deui, sabagé mahluk roh di sorga, padahal jalma-jalma nu dihirupkeun deui di sorga téh dihirupkeunana mangabad-abad sanggeusna. Tapi sanggeus mariksa deui ayat ieu, jigana pamahaman urang kudu dirobah.

Mémang, nu dimaksud ku Paulus téh waktu manéhna jadi urang Kristen. Tapi, naon maksudna Paulus ”lahir can waktuna”? Bisa jadi Paulus ngamaksudkeun sababaraha hal ieu.

Titingalian ieu teu kaduga-duga jeung pikareuwaseun pisan. Kolot bakal reuwas mun orokna lahir can waktuna. Basa Saulus (nu disebut ogé Paulus) indit ka Damaskus pikeun nganiaya urang Kristen di ditu, manéhna teu nyangka bakal dibéré titingalian nu luar biasa ngeunaan Isa nu geus dihirupkeun deui. Dulur-dulur saiman di Damaskus teu nyangka Paulus jadi urang Kristen. Paulus sorangan gé reuwas waktu meunang titingalian ieu. Manéhna jadi teu bisa nempo keur sababaraha poé.​—Kis. 9:1-9, 17-19.

Paulus jadi urang Kristen dina ”waktu nu salah”. Dina Alkitab The Jerusalem Bible, ayat éta ditarjamahkeun kieu, ”Saolah-olah abdi téh lahir dina waktu nu teu kasangka-sangka.” Pas Paulus jadi urang Kristen, Isa téh geus balik ka sorga. Dina ayat-ayat saacanna, Paulus nyebutkeun hamba-hamba Allah nu ningali Isa nu geus dihirupkeun deui tapi saacan manéhna diangkat ka sorga. (1 Kor. 15:4-8) Ari Paulus mah ningalina sanggeus Isa aya di sorga. Lantaran waktuna béda jeung hamba-hamba Allah séjénna, saolah-olah Paulus téh meunang titingalian ieu dina ”waktu nu salah”.

Paulus téh rendah haté. Ceuk sababaraha ahli, kekecapan nu digunakeun ku Paulus dina ayat ieu téh nunjukkeun yén manéhna ngarendahkeun diri. Mun bener éta maksud Paulus, manéhna ngarasa teu layak meunang titingalian nu luar biasa éta jeung diangkat jadi rasul. Dina ayat-ayat saterusna, Paulus ngomong, ”Kuring téh nu panghandapna di antara para rasul, malah teu layak disebut rasul, da baheula kuring nganiaya sidang jamaah Allah. Kuring bisa siga ayeuna ku karana welas asih Allah nu taya bandingna.”​—1 Kor. 15:9, 10.

Jadi, kekecapan Paulus ieu téh bisa waé ngamaksudkeun: Euweuh nu nyangka Isa bakal némbongkeun dirina ka Paulus, atawa Paulus meunang titingalian ieu dina waktu nu teu kaduga-duga, atawa bisa ogé ngamaksudkeun yén Paulus sadar manéhna teu layak narima titingalian ieu. Tapi teu sual naon nu dimaksud ku Paulus, nu pasti mah éta téh kajadian nu penting keur Paulus. Manéhna jadi yakin yén Isa geus dihirupkeun deui tina maot. Jadi, manéhna sering nyaritakeun pangalamanana pikeun ngayakinkeun jalma-jalma yén Isa geus dihirupkeun deui.​—Kis. 22:6-11; 26:13-18.