Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 40

’Ngawurukan Jalma-Jalma Sangkan Ngalampahkeun anu Bener’

’Ngawurukan Jalma-Jalma Sangkan Ngalampahkeun anu Bener’

”Anu ka jalma-jalma geus ngawurukan sangkan ngalampahkeun anu bener, bakal mencrang lir bentang-bentang, salalanggengna.”​—DAN. 12:3. *

KAWIH 151 Yéhuwa Bakal Nyauran

NU DIBAHAS *

1. Bakal aya kajadian luar biasa naon dina Pamaréntahan Sarébu Taun?

 PASTI luar biasa pisan kaayaanana waktu nu maraot dihirupkeun deui di bumi salila Pamaréntahan Sarébu Taun Al-Masih! Urang kabéh hayang panggih deui jeung jalma-jalma nu dipikanyaah nu geus maot. Éta ogé nu dirasakeun ku Yéhuwa. (Ayub 14:15) Bayangkeun sakumaha bungahna jalma-jalma di sakuliah dunya! Jiga nu geus dibahas dina artikel saacanna, ”jalma bener”, nyaéta nu ngaranna dicatet dina buku kahirupan, bakal ”dihirupkeun pikeun meunangkeun hirup langgeng”. (Kis. 24:15; Yah. 5:29) Bisa jadi, aya loba di antara kulawarga atawa sobat urang nu bakal dihirupkeun ti heula. * Salian ti maranéhna, ”jalma teu bener” gé bakal ”dihirupkeun pikeun dihakiman”. Éta téh kaasup jalma-jalma anu teu boga kasempetan pikeun kenal jeung ngawula Yéhuwa waktu harirup kénéh.

2-3. (a) Jiga nu dicatet dina Yesaya 11:9, 10, naon nu bakal diajarkeun di sakuliah dunya? (b) Naon waé nu bakal dibahas dina artikel ieu?

2 Kabéh jalma anu dihirupkeun deui téh kudu diajar loba hal. (Yes. 26:9; 61:11) Jadi, engké bakal diayakeun program pendidikan nu panggedéna di sapanjang sajarah umat manusa. (Baca Yesaya 11:9, 10.) Ku naon? Sabab jalma teu bener anu dihirupkeun deui téh perlu diajar ngeunaan Pamaréntahan Allah, Isa Al-Masih, korban tebusan, sakumaha pentingna nami Yéhuwa, jeung ku naon ngan Anjeunna nu boga hak pikeun maréntah. Jalma bener nu dihirupkeun deui gé perlu diajar hal-hal panganyarna ngeunaan tujuan Yéhuwa keur bumi. Sababaraha di antara maranéhna téh geus maot saacan aya Alkitab nu lengkep. Jadi, boh jalma bener boh jalma teu bener, duanana kudu diajar loba hal.

3 Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas sababaraha hal, saperti: Bakal jiga kumaha program pendidikan ieu téh? Nu daék diajar bakal kumaha? Ari nu embung bakal kumaha? Jawaban tina pananya-pananya ieu téh penting keur urang. Ngarah leuwih paham naon nu bakal kajadian waktu jalma-jalma dihirupkeun deui, urang bakal ngabahas sababaraha nubuat dina buku Daniel jeung Wahyu. Ayeuna, hayu urang bahas heula kajadian anu dicatet dina Daniel 12:1, 2.

”ANU GEUS PARAEH BAKAL HARIRUP DEUI”

4-5. Naon nu disebutkeun ku Daniel 12:1 ngeunaan ahir jaman?

4 Baca Daniel 12:1. Buku Daniel méré nyaho urutan kajadian-kajadian penting nu bakal lumangsung dina ahir jaman. Misalna dina Daniel 12:1 disebutkeun yén Mikail, atawa Isa Al-Masih, ”ngaping” umat Allah. Nubuat éta mulai ngawujud basa Isa Al-Masih jadi Raja ti Pamaréntahan Allah dina taun 1914.

5 Salian ti éta, Daniél gé nyebutkeun yén Isa bakal ”nembongan” dina ”jaman suker anu pangpoharana, anu can kungsi kasorang ti barang bangsa-bangsa gumelar”. ”Jaman suker” ieu téh sarua jeung ”kasangsaraan nu kacida hébatna” nu disebutkeun dina Matius 24:21. Isa bakal némbongkeun kawasana pikeun ngalindungan umat Allah dina ahir jaman suker éta, nyaéta dina Armagédon. Dina buku Wahyu, maranéhna téh disebut ”jalma-jalma nu salamet tina kasangsaraan nu kacida hébatna”.​—Why. 7:9, 14.

6. Naon nu kajadian sanggeus sakumpulan jalma kacida lobana salamet tina kasangsaraan nu kacida hébatna? Jelaskeun. (Tingali ogé ”Pananya ti Nu Maca” ngeunaan jalma-jalma nu dihirupkeun deui di bumi.)

6 Baca Daniel 12:2. Naon nu kajadian sanggeus sakumpulan jalma nu kacida lobana salamet tina jaman suker? Nubuat dina ayat ieu lain keur ngabahas pihudangeunana jalma-jalma sacara rohani dina ahir jaman, jiga pamahaman urang salila ieu. * Tapi, ayat ieu téh keur ngabahas pihudangeunana nu paraéh di dunya anyar. Nyaho ti mana? Dina basa aslina, kecap ”paraéh” (saré di jero taneuh) dina ayat ieu téh ditarjamahkeun jadi ”pindah ka alam kubur” dina Ayub 17:16. Jadi, ayat Daniel 12:2 téh keur ngabahas yén jalma-jalma bakal dihirupkeun deui sanggeus liwat ahir jaman sarta sanggeus perang Armagédon bérés.

7. (a) Naon maksudna sawaréh jalma nu dihirupkeun deui bakal narima ”hirup langgeng”? (b) Ku naon maranéhna meunangkeun ”kahirupan nu leuwih hadé”?

7 Dina Daniel 12:2, disebutkeun sawaréh jalma nu dihirupkeun deui bakal narima ”hirup langgeng”. Naon maksudna? Jalma-jalma nu dihirupkeun deui nu terus diajar jeung taat ka Yéhuwa sarta Isa dina 1.000 taun bakal narima hirup langgeng. (Yah. 17:3) Jalma-jalma nu dihirupkeun ieu téh meunangkeun ”kahirupan nu leuwih hadé” tibatan nu dihirupkeun deui baheula. (Ibr. 11:35) Ku naon? Sabab nu dihirupkeunana baheula mah paéh deui.

8. Di antara jalma-jalma nu dihirupkeun deui, ku naon sawaréhna meunang ”kahinaan salalanggengna”?

8 Teu kabéh jalma nu dihirupkeun deui téh daék narima pangajaran ti Yéhuwa. Nubuat Daniel nyebutkeun, sawaréh bakal meunang ”kahinaan salalanggengna”. Maranéhna téh embung taat ka Yéhuwa. Jadi, ngaran maranéhna moal dicatet dina buku kahirupan. Maranéhna gé moal narima hirup langgeng. Nu bakal ditarima ku maranéhna téh nyaéta ”kahinaan salalanggengna”, atawa kabinasaan. Jadi, Daniel 12:2 téh keur nyaritakeun naon nu bakal kaalaman ku jalma-jalma nu dihirupkeun deui. Éta gumantung kalakuan maranéhna sanggeus dihirupkeun deui. * (Why. 20:12) Jadi, sawaréh bakal narima hirup langgeng, sawaréh deui henteu.

’NGAWURUKAN JALMA-JALMA SANGKAN NGALAMPAHKEUN ANU BENER’

9-10. Naon deui nu bakal kajadian sanggeus kasangsaraan nu kacida hébatna liwat, jeung saha nu bakal ”cahayaan lir cahaya caangna langit”?

9 Baca Daniel 12:3. Naon deui nu bakal kajadian sanggeus ”jaman suker”? Daniel 12:3 nyebutkeun naon nu bakal kajadian sanggeus liwat kasangsaraan nu kacida hébatna.

10 Saha nu bakal ”cahayaan lir cahaya caangna langit”? Jawabanana aya dina Matius 13:43. Isa nyebutkeun, ”Harita, jalma-jalma bener bakal cahayaan kawas panonpoé di Pamaréntahan Bapa maranéhna.” Dina ayat-ayat saacanna, Isa keur nyebutkeun ngeunaan ”jalma-jalma nu jadi bagian tina Pamaréntahan Allah”. Maranéhna téh dulur-dulur Isa nu dilantik ku kawasa suci, nu bakal babarengan jeung Isa dina Pamaréntahan sorga. (Mat. 13:38) Jadi, Daniel 12:3 téh keur nyaritakeun ngeunaan jalma-jalma nu dilantik ku kawasa suci jeung pagawéan maranéhna salila Pamaréntahan Sarébu Taun.

Ka-144.000 bakal digawé bareng jeung Isa Al-Masih pikeun ngatur program pendidikan nu bakal diayakeun di bumi salila 1.000 taun (Tingali paragrap 11)

11-12. Naon nu engké bakal dilakukeun ku 144.000 salila 1.000 taun?

11 Kumaha nu dilantik ku kawasa suci bakal ’ngawurukan jalma-jalma sangkan ngalampahkeun anu bener’? Maranéhna bakal digawé bareng jeung Isa Al-Masih pikeun ngatur program pendidikan nu bakal diayakeun di bumi salila 1.000 taun. Ka-144.000 jalma nu dilantik ku kawasa suci ieu teu ngan maréntah sabagé raja, tapi ogé bakal ngalayanan sabagé imam. (Why. 1:6; 5:10; 20:6) Maranéhna bakal ngabantu ”nyageurkeun bangsa-bangsa” jeung lalaunan ngabantu manusa jadi sampurna deui. (Why. 22:1, 2; Yeh. 47:12, KITAB SUCI © LAI 1991) Maranéhna pasti bungah pisan ngalakukeun ieu!

12 Saha waé jalma-jalma anu diwurukan sangkan ngalampahkeun anu bener? Maranéhna téh nyaéta jalma-jalma nu dihirupkeun deui di dunya anyar, nu salamet tina Armagédon, jeung nu kakara lahir di dunya anyar. Dina ahir 1.000 taun, kabéh manusa nu aya di bumi téh bakal sampurna. Jadi, iraha ngaran maranéhna dicatet dina buku kahirupan maké pulpén jeung teu bisa dipupus?

UJIAN PANGAHIRNA

13-14. Naon nu kudu dibuktikeun ku jalma-jalma nu sampurna di bumi supaya bisa hirup langgeng?

13 Urang kudu inget, jalma nu sampurna téh teu otomatis bisa hirup langgeng. Misalna, Adam jeung Hawa. Maranéhna téh sampurna, tapi ngarah bisa hirup langgeng, maranéhna kudu taat ka Allah Yéhuwa. Hanjakalna, maranéhna teu taat.​—Rm. 5:12.

14 Bakal kumaha kaayaan jalma-jalma nu hirup di bumi dina ahir 1.000 taun? Kabéh jalma bakal sampurna. Tapi, naha jalma-jalma éta bakal terus ngadukung Pamaréntahan Yéhuwa salilana? Atawa, naha maranéhna bakal jiga Adam jeung Hawa nu sampurna tapi teu satia? Urang kudu nyaho jawaban tina pananya-pananya ieu. Kumaha carana?

15-16. (a) Iraha kabéh umat manusa boga kasempetan pikeun nunjukkeun kasatiaan ka Yéhuwa? (b) Sanggeus ujian nu pangahirna ieu, naon nu bakal kaalaman ku jalma-jalma?

15 Sétan bakal dikerem salila 1.000 taun. Jadi, dina 1.000 taun éta manéhna moal bisa nyasabkeun sasaha. Tapi sanggeus 1.000 taun, manéhna bakal dileupaskeun. Geus kitu, manéhna bakal nyasabkeun jalma-jalma nu sampurna. Nah dina ujian nu pangahirna ieu, kabéh manusa nu sampurna di bumi boga kasempetan pikeun nunjukkeun maranéhna daék ngahormat nami Yéhuwa jeung ngadukung pamaréntahana-Na atawa henteu. (Why. 20:7-10) Éta nangtukeun ngaran maranéhna bakal dicatet salilana dina buku kahirupan atawa henteu.

16 Alkitab méré nyaho, bakal aya jalma-jalma anu teu taat ka Yéhuwa, jiga Adam jeung Hawa. Tapi jumlahna henteu disebutkeun. Naon nu bakal kaalaman ku maranéhna? Wahyu 20:15 nyebutkeun, ”Saha waé nu ngaranna teu ditulis dina buku kahirupan dibalangkeun ka situ seuneu éta.” Maranéhna bakal dibinasakeun salilana. Tapi kalolobaan mah bakal satia ka Yéhuwa. Ngaran maranéhna gé bakal dicatet salilana dina buku kahirupan.

DINA ”AHIR JAMAN”

17. Daniél dibéré nyaho naon ngeunaan jaman urang? (Daniel 12:4, 8-10)

17 Urang pasti bungah pisan mikirkeun mangsa ka hareup. Tapi, Daniél gé dibéré nyaho ku malaikat sababaraha katerangan penting ngeunaan jaman urang ayeuna, nyaéta ”ahir jaman”. (Baca Daniel 12:4, 8-10; 2 Tim. 3:1-5) Malaikat méré nyaho, ”Pangaweruh nu bener bakal minuhan bumi.” (Terjemahan Dunia Baru) Nya, engké umat Allah bakal leuwih ngarti kana nubuat-nubuat nu aya dina buku Daniel. Malaikat gé méré nyaho yén dina ahir jaman téh ”nu jarahat moal ngalartieun sarta bakal terus jarahat”.   

18. Naon nu bakal kaalaman ku jalma-jalma jahat?

18 Kiwari, jalma-jalma jahat téh katingalina aman-aman waé jeung teu meunang hukuman. (Mal. 3:14, 15) Tapi sakeudeung deui, Isa bakal ngahakiman jalma-jalma nu dianggap embé, terus misahkeun maranéhna ti jalma-jalma nu dianggap domba. (Mat. 25:31-33) Jalma-jalma jahat ieu moal salamet tina kasangsaraan nu kacida hébatna. Maranéhna gé moal dihirupkeun deui di dunya anyar. Ngaran maranéhna moal aya dina ”catetan jalma-jalma” nu disebutkeun dina Malaki 3:16.

19. Naon nu kudu dilakukeun ku urang ayeuna, jeung ku naon? (Malaki 3:16-18)

19 Ayeuna, urang kudu ngabuktikeun yén urang téh lain jalma jahat. (Baca Malaki 3:16-18.) Yéhuwa keur ngumpulkeun jalma-jalma pikeun ”dijadikeun milik” Anjeunna. Urang pasti hayang dijadikeun milik Yéhuwa.

Pasti urang bungah pisan panggih jeung Daniél, jalma nu dipikanyaah, jeung nu séjénna pas maranéhna ”hirup deui” di dunya anyar! (Tingali paragrap 20)

20. Naon jangji Yéhuwa ka Daniél, jeung ku naon Sadérék ngadago-dago jangji éta dilaksanakeun?

20 Urang hirup dina jaman nu luar biasa. Tapi, aya hal luar biasa séjén nu bakal kajadian. Sakeudeung deui, jalma jahat bakal dimusnakeun. Geus kitu, urang bakal ningali jangji Yéhuwa ka Daniél dilaksanakeun, ”[Manéh] baris hirup deui geusan narima ganjaran di ahir jaman.” (Dan. 12:13) Pasti Sadérék hayang panggih jeung Daniél sarta jalma-jalma nu Sadérék pikanyaah waktu maranéhna ”hirup deui”! Ku kituna, sing terus satia supaya ngaran Sadérék bisa tetep aya dina buku kahirupan Yéhuwa.

KAWIH 80 ’Pék Rasakeun Kasaéan Yéhuwa’

^ Kutipan ayat tina kitab Daniel dina artikel ieu dicandak tina KITAB SUCI © LAI 1991.

^ Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas pamahaman anyar ngeunaan program pendidikan nu disebutkeun dina Daniel 12:2, 3. Iraha program ieu bakal diayakeun, jeung saha waé nu bakal miluan program ieu? Salian ti éta, urang gé bakal ngabahas kumaha program pendidikan ieu bakal ngabantu jalma-jalma pikeun siap nyanghareupan ujian dina ahir Pamaréntahan Sarébu Taun Al-Masih.

^ Katingalina, nu bakal dihirupkeun ti heula téh nyaéta jalma-jalma satia nu maot dina ahir jaman. Sanggeusna, kakara nu maot saacan jaman maranéhna jeung terus mundur nepi ka génerasi-génerasi saacanna. Jadi, engké nu dihirupkeun ti heula téh bisa nyambut jalma-jalma nu maot saacan maranéhna. Urang mémang can nyaho pasti engké bakal kumaha. Tapi, Alkitab nyebutkeun jalma-jalma nu dihirupkeun ka sorga téh dihirupkeunana ”nurutkeun giliranana”. Jadi, jalma-jalma nu dihirupkeun deui di bumi gé katingalina bakal jiga kitu.​—1 Kor. 14:33; 15:23.

^ Katerangan ieu téh ngagantikeun pamahaman urang nu aya dina buku Perhatikanlah Nubuat Daniel pasal 17 jeung Menara Pengawal seri 38 kaca 17-21.

^ Istilah ”jalma bener” jeung ”jalma teu bener” nu aya dina Kisah 24:15, sarta kekecapan ”nu ngalampahkeun hal-hal hadé” jeung ”nu ngalampahkeun hal-hal jahat” nu aya dina Yahya 5:29 téh ngamaksudkeun kalakuan jalma-jalma nu dihirupkeun deui saacan maranéhna maot.