Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 2

”Kudu Barobah ku Cara Ngarobah Cara Pikir Aranjeun”

”Kudu Barobah ku Cara Ngarobah Cara Pikir Aranjeun”

”Aranjeun kudu barobah ku cara ngarobah cara pikir aranjeun, supaya aranjeun bisa ngabuktikeun sorangan kahayang Allah nu hadé.”​—RM. 12:2.

KAWIH 88 Ajar Abdi Jalan Gusti

NU DIBAHAS a

1-2. Naon nu kudu dilakukeun ku urang sanggeus dibaptis? Jelaskeun.

 SAKUMAHA sering Sadérék bebersih imah? Meureun pas mimiti pindah mah, Sadérék bebersihna meni taliti pisan. Tapi, kumaha lamun imah téh tara dibersihan deui? Nya, pasti aya loba kokotor jeung lebu. Jadi supaya imah bersih terus, Sadérék kudu sering ngabersihanana.

2 Kitu ogé, urang kudu terus ngarobah cara pikir jeung sipat-sipat urang. Saacan dibaptis, urang sabisa-bisa nyieun parobahan pikeun ’ngabersihkeun naon waé nu ngotoran awak jeung pikiran urang’. (2 Kor. 7:1) Tapi sanggeus dibaptis, urang masih perlu nuturkeun naséhat Paulus pikeun ”terus dianyarkeun”. (Éf. 4:23) Ku naon urang kudu terus nyieun parobahan? Sabab pangaruh dunya, nu ibarat kokotor jeung lebu téh, gancang mangaruhan pikiran urang. Jadi supaya bisa terus nyenangkeun Yéhuwa, urang kudu terus mariksa cara pikir, sipat-sipat, jeung kahayang dina diri urang.

KUDU TERUS ”NGAROBAH CARA PIKIR”

3. Naon maksudna ”ngarobah cara pikir” urang? (Roma 12:2)

3 Naon anu kudu dilakukeun pikeun ngarobah cara pikir urang? (Baca Roma 12:2.) Dina basa Yunani, kekecapan ”ngarobah cara pikir” téh bisa ogé ditarjamahkeun jadi ”ngarénovasi cara pikir”. Jadi, urang teu bisa ngan saukur ngahias kahirupan urang ku cara ngalakukeun sababaraha hal hadé. Urang kudu mariksa, sabenerna urang téh jalma nu jiga kumaha? Geus kitu, urang gé kudu nyieun parobahan anu diperlukeun supaya bisa nuturkeun patokan hirup ti Yéhuwa. Éta téh teu bisa ngan sakali hungkul dilakukeun, tapi kudu teterusan.

Tina pilihan abdi ngeunaan pendidikan jeung pagawéan, naha abdi nunjukkeun yén ngalalayanan Yéhuwa téh hal nu pangpentingna dina kahirupan? (Tingali paragrap 4-5) c

4. Kumaha supaya urang teu kapangaruhan ku cara pikir dunya ieu?

4 Lamun urang geus sampurna, sagala hal nu dilakukeun ku urang téh bisa nyenangkeun Yéhuwa. Tapi ayeuna mah, urang masih kudu bajoang pikeun nyenangkeun Yéhuwa. Dina Roma 12:2, Paulus nyebutkeun yén urang téh kudu ngarobah cara pikir supaya nyaho naon nu dipikahayang ku Yéhuwa ti urang. Ulah ngantep pikiran urang dipangaruhan ku cara pikir dunya. Tapi pék pariksa, sakumaha gedé pangaruh cara pikir Allah kana cita-cita jeung putusan urang.

5. Kumaha urang bisa mariksa cara pikir urang ngeunaan poé Yéhuwa anu geus téréh datang? (Tingali gambar.)

5 Pikirkeun conto ieu. Yéhuwa téh hayang urang ”terus mikirkeun kahadiran poé Yéhuwa”. (2 Pét. 3:12) Jadi pék tanya ka diri sorangan, ’Tina cara hirup abdi, naha abdi téh ngarti yén dunya nu jahat ieu geus téréh diancurkeun? Tina pilihan abdi ngeunaan pendidikan jeung pagawéan, naha abdi nunjukkeun yén ngalalayanan Yéhuwa téh hal nu pangpentingna dina kahirupan? Naha abdi yakin Yéhuwa téh bakal nyadiakeun pangabutuh abdi jeung kulawarga, atawa abdi kalah ka hariwang teuing mikirkeun hal-hal matéri?’ Yéhuwa téh bungah lamun urang ngutamakeun Anjeunna dina sagala hal.​—Mat. 6:25-27, 33; Flp. 4:12, 13.

6. Naon nu kudu terus dilakukeun ku urang?

6 Urang kudu sering-sering mariksa cara pikir urang jeung nyieun parobahan nu diperlukeun. Paulus ngomong kieu ka urang Korintus, ”Terus pariksa diri, aranjeun masih kénéh hirup sajalan jeung iman teu? Terus pastikeun jalma nu siga kumaha aranjeun téh.” (2 Kor. 13:5) ”Hirup sajalan jeung iman” téh teu cukup ngan datang ka pasamoan atawa getol dines hungkul, tapi cara pikir, kahayang, jeung niat haté urang gé kudu bener. Ku kituna, urang perlu terus ngarobah cara pikir urang ku maca Alkitab, boga cara pikir Yéhuwa, jeung ngalakukeun naon waé nu nyenangkeun Anjeunna.​—1 Kor. 2:14-16.

”KUDU MAKÉ KAPRIBADIAN ANYAR”

7. Dumasar kana Éfésus 4:31, 32, naon deui nu perlu dilakukeun ku urang, jeung ku naon bisa jadi éta téh hésé?

7 Baca Éfésus 4:31, 32. Salian ti ngarobah cara pikir, urang gé perlu ”maké kapribadian anyar”. (Éf. 4:24) Urang kudu bajoang ngalawan sipat-sipat goréng, saperti kakeuheul, kaambek, jeung amarah. Tapi éta téh teu gampang. Sipat-sipat goréng téh ibarat ”adat kakurung ku iga”. Misalna, Alkitab nyebutkeun yén sababaraha jalma téh ”barangasan”. (Sil. 29:22, KITAB SUCI © LAI 1991) Jalma nu goréng adat jiga kitu téh kudu terus bajoang pikeun barobah, sanajan manéhna geus dibaptis. Hayu perhatikeun pangalaman saurang sadérék.

8-9. Sanggeus maca pangalaman Stephen, ku naon urang kudu terus miceun kapribadian heubeul?

8 Stephen téh saurang sadérék nu gancang ambek. Manéhna nyarita kieu, ”Sanggeus dibaptis gé, abdi masih sok émosian. Sakali waktu, basa abdi keur ngawawar ti imah ka imah, aya nu maling radio mobil abdi. Belesat ku abdi diudag! Pas geus téréh katéwak, si maling téh ngalungkeun radiona tuluy kabur. Waktu abdi nyaritakeunana ka nu séjén, saurang kokolot nanya kieu, ’Stephen, mun éta maling katéwak, mémangna ku manéh rék dikumahakeun?’ Sanggeus ditanya kitu, abdi jadi sadar abdi teu meunang émosian.” b

9 Pangalaman Stephen méré urang palajaran penting. Meureun urang ngarasa geus miceun sipat-sipat goréng, tapi éta bisa waé ujug-ujug muncul deui. Lamun éta kaalaman ku Sadérék, ulah leutik haté jeung ulah ngarasa geus gagal sabagé urang Kristen. Rasul Paulus gé ngomong, ”Unggal boga niat ngalampahkeun nu hadé, ngadon nu goréng nu aya dina diri téh.” (Rm. 7:21-23) Kabéh urang Kristen téh can sampurna, jadi pasti boga sipat-sipat goréng anu siga kekebul jeung kokotor nu teterusan ngotoran imah. Jadi urang kudu terus ngabersihanana. Kumaha carana?

10. Kumaha carana ngalawan sipat-sipat goréng? (1 Yahya 5:14, 15)

10 Pék ngadoa ka Yéhuwa jeung caritakeun sipat goréng mana nu hésé dipiceun ku Sadérék. Sing yakin, Anjeunna bakal ngadéngékeun jeung ngabantu Sadérék. (Baca 1 Yahya 5:14, 15.) Mémang Yéhuwa moal sacara mujijat ngaleungitkeun sipat goréng éta, tapi Anjeunna bisa méré Sadérék kakuatan supaya teu nyerah waktu ngalawan sipat goréng éta. (1 Pét. 5:10) Jieun upaya nu sajalan jeung doa Sadérék. Jauhan hal-hal anu bisa nyababkeun kapribadian heubeul Sadérék muncul deui. Sing ati-ati kana film, acara TV, atawa bahan bacaan nu bisa nyieun Sadérék mikir, nya wajar wéh mun boga sipat goréng jiga kitu. Terus mun kahayang nu salah muncul, geura piceun kahayang éta.​—Flp. 4:8; Kol. 3:2.

11. Naon waé nu perlu dilakukeun ku urang pikeun terus maké kapribadian nu anyar?

11 Sanajan urang geus miceun kapribadian nu heubeul, urang téh kudu mekarkeun kapribadian nu anyar. Kumaha carana? Urang perlu diajar jeung nyonto sipat-sipat Yéhuwa. (Ef. 5:1, 2) Misalna, waktu urang keur maca hiji kisah Alkitab anu nunjukkeun yén Yéhuwa téh jembar hampura, urang bisa mikirkeun, ’Ari abdi réla ngahampura batur teu?’ Terus waktu urang maca yén Yéhuwa téh welas asih ka jalma-jalma anu keur ngalaman kasusah, urang gé bisa mikirkeun, ’Mun aya dulur saiman nu kakurangan, abdi bisa nunjukkeun kanyaah jeung mantuan maranéhna teu?’ Urang perlu terus ngarobah cara pikir urang ku cara maké kapribadian nu anyar. Tapi mémang éta téh butuh waktu, jadi urang kudu sabar.

12. Kumaha pangalaman Stephen nunjukkeun yén Alkitab téh bisa boga kawasa pikeun ngarobah sipat saurang jalma?

12 Stephen nu tadi dicaritakeun lalaunan bisa maké kapribadian nu anyar. Manéhna nyarita, ”Sanggeus dibaptis, sok aya sababaraha kaayaan anu mancing amarah abdi. Mun keur émosi, mending abdi indit ngajauh atawa néangan cara supaya kaayaanana teu beuki panas. Loba jalma muji upaya abdi pikeun tetep tenang, kaasup pamajikan abdi. Abdi sorangan teu nyangka bisa kitu! Abdi bisa ngarobah sipat-sipat abdi téh lain ku karana kakuatan sorangan, tapi ku bantuan Alkitab.”

TERUS LAWAN KAHAYANG NU SALAH

13. Naon anu bisa ngabantu urang supaya bisa boga kahayang anu bener? (Galatia 5:16)

13 Baca Galatia 5:16. Supaya urang bisa ngalakukeun nu bener, Yéhuwa téh méré urang kawasa suci-Na. Lamun urang diajar Firman Allah, éta hartina urang téh hayang dibingbing ku kawasa suci. Urang gé bisa meunangkeun kawasa suci dina pasamoan. Di ditu, urang bisa silih kuatkeun jeung dulur-dulur saiman. Sarua siga urang, maranéhna gé masih bajoang pikeun ngalakukeun nu bener. (Ibr. 10:24, 25; 13:7) Terus, urang gé bisa ngadoa ka Allah Yéhuwa. Anjeunna bakal méré urang kawasa suci-Na supaya urang boga kakuatan pikeun ngalawan kalemahan urang. Najan kitu, sanggeus ngalakukeun hal-hal éta, bisa jadi kahayang nu salah téh teu leungit-leungit. Tapi sahenteuna, éta bisa ngabantu urang ngarah teu nuturkeun kahayang nu salah. Jiga nu disebutkeun dina Galatia 5:16, jalma nu nuturkeun bingbingan kawasa suci mah moal ”nuturkeun kahayang awak nu dosa”.

14. Ku naon urang kudu terus mikasuka nu bener?

14 Urang kudu terus ngalakukeun kagiatan rohani sarta kudu terus mikasuka nu bener. Ku naon? Salah sahiji musuh urang nu teu pernah saré téh nyaéta kahayang pikeun ngalakukeun nu salah. Sanajan geus dibaptis, bisa waé urang téh masih resep kana hal-hal nu sakuduna dipikangéwa ku urang, misalna judi, mabok-mabokan, atawa hal-hal cabul. (Ef. 5:3, 4) Saurang budak ngora Kristen nyarita, ”Salah sahiji hal anu paling hésé dilawan téh nyaéta karesep abdi ka sasama jinis. Baheula abdi mikir, éta mah ngan parasaan saliwat hungkul. Tapi, geuningan nepi ka ayeuna, abdi masih osok ngarasakeun hal éta.” Naon anu bisa dilakukeun ku Sadérék lamun kahayang nu salah téh kuat pisan?   

Lamun kahayang nu salah muncul, ulah leutik haté. Batur gé pernah ngarasakeun hal éta jeung geus bisa ngéléhkeunana (Tingali paragrap 15-16)

15. Lantaran kahayang nu salah téh ’umum ku saréréa’, ku naon éta bisa nguatkeun urang? (Tingali gambar.)

15 Waktu ngalawan kahayang nu salah nu kuat pisan, sing inget Sadérék téh henteu sorangan. Ceuk Alkitab, ”Gogoda nu kaalaman ku aranjeun téh gogoda nu umum kaalaman ku saréréa.” (1 Kor. 10:13a) Tarjamahan séjén nyebutkeun, ”Gogoda nu kaalaman ku aranjeun téh teu aya nu di luar kasanggupan manusa.” Kekecapan éta téh ditujukeun keur urang Kristen di Korintus. Baheula maranéhna téh sok jinah, ngalakukeun homoséks, jeung mabok. (1 Kor. 6:9-11) Tapi sanggeus maranéhna dibaptis, naha kabéh kahayang nu salah téh langsung leungit? Henteu. Mémang maranéhna téh diistrénan, tapi maranéhna can sampurna. Jadi, maranéhna masih kudu ngalawan kahayang nu salah. Hal ieu sakuduna nguatkeun urang, sabab éta nunjukkeun yén dulur-dulur saiman nu séjén gé pernah boga kahayang nu salah jiga urang jeung bisa ngéléhkeunana. Jadi, Sadérék kudu boga ”iman nu kuat. [Sadérék] gé apal, dulur saiman urang di sakuliah dunya keur ngalaman kasangsaraan nu sarupa kitu”.​—1 Pét. 5:9.

16. Urang teu meunang mikir siga kumaha, jeung ku naon?

16 Ulah mikir yén euweuh nu bisa ngarti kana kaayaan Sadérék. Engké Sadérék bisa ngarasa geus teu aya harepan sarta teu boga kakuatan pikeun ngalawan kahayang nu salah. Sabalikna, Alkitab nyebutkeun, ”Allah mah satia jeung moal ngantep aranjeun meunang gogoda nu teu sanggup ditanggung ku aranjeun. Waktu aranjeun meunang gogoda, Allah bakal méré jalan kaluar supaya aranjeun tabah nyanghareupanana.” (1 Kor. 10:13b) Hartina, sanajan kahayang nu salah téh kuat pisan, urang bisa tetep satia ka Yéhuwa. Ku bantuan Yéhuwa, urang bisa ngajauhan hal-hal nu salah.

17. Sanajan teu bisa bébas tina kahayang nu salah, naon nu bisa dilakukeun ku urang?

17 Sing terus inget kana hal ieu: Lantaran teu sampurna, meureun urang teu bisa bener-bener bébas tina kahayang nu salah. Tapi, waktu kahayang nu salah muncul, geura tolak hal éta, siga nu dilakukeun ku Yusuf waktu manéhna kabur ti pamajikanana Potifar. (Kaj. 39:12) Jadi, kahayang nu salah téh ulah dituturkeun!

SING TERUS BAJOANG

18-19. Pikeun ngarobah cara pikir urang, pananya naon waé nu bisa dipikirkeun ku urang?

18 Ngarobah cara pikir sarta laku lampah urang supaya sajalan jeung kahayang Yéhuwa téh butuh upaya nu teterusan. Ku kituna, urang kudu sering-sering mariksa diri. Pék pikirkeun, ’Naha enya laku lampah abdi nunjukkeun yén abdi téh sadar abdi hirup dina ahir jaman? Naha enya abdi geus bener-bener upaya pikeun maké kapribadian anyar? Naha enya abdi daék dibingbing ku kawasa suci Yéhuwa supaya bisa ngalawan kahayang nu salah?’

19 Waktu mariksa diri sorangan, ulah ngarepkeun kasampurnaan. Sing bungah kana upaya nu geus dijieun ku Sadérék. Ulah leutik haté mun aya kénéh nu kudu dirobah dina diri Sadérék. Tuturkeun naséhat dina Filipi 3:16, ”Nu penting, urang kudu terus maju, sakumaha nu salila ieu dilakukeun.” Tuturkeun naséhat ieu jeung sing yakin yén Yéhuwa bakal ngaberkahan upaya Sadérék dina ngarobah cara pikir Sadérék.

KAWIH 36 Jaga Haté Urang

a Rasul Paulus ngingetan dulur-dulur saimanna ngarah henteu kabawakeun ku cara pikir dunya ieu. Naséhat éta kudu dilarapkeun ogé ku urang ayeuna. Urang kudu mastikeun yén urang teu kapangaruhan ku cara pikir dunya ieu. Jadi, lamun urang sadar cara pikir urang geus teu sajalan jeung kahayang Allah, éta kudu geura dirobah. Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas cara-carana.

b Tingali artikel ”Hidup Saya Jadi Makin Kacau” dina Menara Pengawal 1 Juli 2015.

c KATERANGAN GAMBAR: Saurang sadérék keur mikirkeun rék nempuh pendidikan luhur atawa rék jadi panaratas.