Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 3

Ku Bantuan Yéhuwa, Sagala nu Dilampahkeun Pasti Alus Hasilna

Ku Bantuan Yéhuwa, Sagala nu Dilampahkeun Pasti Alus Hasilna

”Yéhuwa nyarengan Yusuf . . . , sagala nu dilampahkeun ku manéhna pasti alus hasilna.”​—KAJ. 39:2, 3.

KAWIH 30 Allah, Bapa, jeung Sobat Abdi

NU DIBAHAS a

1-2. (a) Ku naon urang teu héran mun nyanghareupan kasusah? (b) Naon nu bakal dibahas dina artikel ieu?

 UMAT Allah mah geus teu héran deui lamun nyanghareupan loba kasusah. Alkitab gé nyebutkeun, ”Asup ka Pamaréntahan Allah mah kudu ngalaman loba kasangsaraan.” (Kis. 14:22) Urang gé apal, aya masalah nu ngan bisa diréngsékeun mun urang geus hirup di dunya anyar. Engké ”moal aya deui nu maot. Kitu ogé moal aya deui nu sedih, ceurik, atawa ngarasa nyeri”.​—Why. 21:4.

2 Yéhuwa teu ngalindungan urang ti kabéh masalah. Tapi, Anjeunna bisa ngabantu urang pikeun tetep tabah. Pék perhatikeun omongan Rasul Paulus ka urang Kristen di Roma. Mimitina, Paulus nyebutkeun masalah-masalah nu kaalaman ku manéhna jeung dulur saimanna. Tuluy manéhna nulis, ”Urang geus unggul ngéléhkeun éta kabéh ku pitulung Al-Masih nu nyaah ka urang.” (Rm. 8:35-37) Yéhuwa bisa ngabantu Sadérék tetep tabah waktu nyanghareupan masalah. Hayu tingali kumaha Yéhuwa ngabantu Yusuf jeung kumaha Anjeunna bisa ngabantu Sadérék.

WAKTU KAAYAAN UJUG-UJUG BAROBAH

3. Kumaha kahirupan Yusuf barobah di jero sakiceup mata?

3 Yakub téh nyaah pisan ka Yusuf putrana. (Kaj. 37:3, 4) Jadina, lanceuk-lanceukna Yusuf sirik ka Yusuf. Jadi waktu aya kasempetan, maranéhna ngajual Yusuf ka sakelompok padagang urang Midian. Geus kitu Yusuf dibawa ka Mesir, nu jauhna mangratus-ratus kilométer ti tempat asalna. Di ditu, manéhna dijual deui ka kapala pangawalna Firaun, nyaéta Potifar. Ngan di jero sakiceup mata, kahirupan Yusuf barobah ti nu tadina budak nu paling dipikanyaah ku bapana, ujug-ujug jadi palayan rendahan di Mesir.​—Kaj. 39:1.

4. Bisa jadi, urang nyanghareupan masalah naon nu mirip jeung nu kaalaman ku Yusuf?

4 Ceuk Alkitab, unggal jalma téh ”aya apesna masing-masing”. (Pan. 9:11, KITAB SUCI © LAI 1991) Kadang, urang ngalaman masalah ”nu umum kaalaman ku saréréa”. (1 Kor. 10:13) Urang gé bisa waé sangsara lantaran jadi muridna Isa, misalna meureun urang dihina, ditentang, atawa dikaniaya lantaran ngabéla iman. (2 Tim. 3:12) Tapi teu sual tangtangan naon nu disanghareupan ku urang, Yéhuwa bisa nulungan urang. Perhatikeun kumaha Yéhuwa nulungan Yusuf baheula.

Sanajan Yusuf dijual jadi palayanna Potifar di Mesir, Yéhuwa terus mantuan manéhna (Tingali paragrap 5)

5. Naon nu disimpulkeun ku Potifar basa ningali sagala nu dilampahkeun ku Yusuf téh alus hasilna? (Kajadian 39:2-6)

5 Baca Kajadian 39:2-6. Potifar merhatikeun yén Yusuf téh budak ngora nu bisa diandelkeun jeung getol digawé. Manéhna nyaho yén ”Yéhuwa ngabantu [Yusuf] supaya sagala hasil pagawéanana téh alus”. b Ahirna, Potifar nugaskeun Yusuf pikeun jadi palayan pribadina. Salian ti éta, Yusuf gé dibéré tugas pikeun ngurus sakabéh harta bandana Potifar. Ku kituna, Potifar jadi beuki makmur.

6. Kira-kira, kumaha parasaan Yusuf kana kaayaanana?

6 Pikirkeun kira-kira kumaha parasaan Yusuf. Sabenerna, naon nu paling dipikahayang ku manéhna? Naha enya manéhna téh hayang diperhatikeun jeung diupahan ku Potifar? Katingalina lain éta nu dipikahayang ku Yusuf. Meureun Yusuf hayang pisan dibébaskeun ambéh bisa panggih deui jeung bapana. Sanajan dipercaya pisan ku Potifar, angger wéh Yusuf téh ngan saurang palayan nu dununganana teu ngawula Yéhuwa. Harita, Yéhuwa teu ngagunakeun Potifar pikeun ngabébaskeun Yusuf. Malah, ka hareupna kahirupan Yusuf jadi beuki sangsara.

WAKTU MASALAH BEUKI BEURAT

7. Caritakeun kumaha kahirupan Yusuf jadi beuki susah. (Kajadian 39:14, 15)

7 Kajadian pasal 39 nyaritakeun yén pamajikanana Potifar téh kapincut ku Yusuf. Manéhna teterusan ngagoda, tapi ku Yusuf teu pernah diladénan. Bakating ku ambek, pamajikan Potifar mitnah yén Yusuf rék merkosa manéhna. (Baca Kajadian 39:14, 15.) Barang ngadéngé hal ieu, Potifar langsung ngajebloskeun Yusuf ka panjara. Yusuf dipanjara salila sababaraha taun. (Kaj. 39:19, 20) Siga kumaha kaayaan di panjara téh? Kecap Ibrani nu dipaké ku Yusuf pikeun ”panjara” téh bisa ngamaksudkeun ”sumur”, atawa ”lombang”. (Kaj. 40:15, cth.) Jadi, katingalina panjarana téh poék pisan nepi ka Yusuf ngarasa geus euweuh harepan. Terus Alkitab gé nyebutkeun, pikeun sababaraha waktu, suku jeung beuheungna Yusuf téh diranté. (Jab. 105:17, 18) Kahirupan Yusuf jadi beuki susah. Nu tadina palayan anu dipercaya, ayeuna jadi saurang tahanan anu direndahkeun.

8. Sanajan kaayaan beuki susah, urang bisa yakin kana hal naon?

8 Pernah teu Sadérék ménta tulung ka Yéhuwa, tapi asana kaayaan téh kalah ka beuki susah? Éta bisa waé kajadian. Yéhuwa teu ngalindungan urang tina sagala cocoba di dunya Sétan ieu. (1 Yah. 5:19) Tapi, Sadérék bisa yakin kana hal ieu: Yéhuwa téh bener-bener nyaah jeung nyaho pisan naon nu keur disanghareupan ku Sadérék. (Mat. 10:29-31; 1 Pét. 5:6, 7) Salian ti éta, Anjeunna gé geus jangji, ”Manéh moal ditinggalkeun ku Kuring, jeung moal diantep ku Kuring.” (Ibr. 13:5) Yéhuwa bisa mantuan Sadérék tetep tabah sanajan masalah nu disanghareupan ku Sadérék téh beurat pisan. Hayu tingali kumaha Yéhuwa mantuan Yusuf baheula.

Yéhuwa terus nyarengan Yusuf waktu manéhna dipanjara jeung waktu ditugaskeun pikeun ngatur para tahanan (Tingali paragrap 9)

9. Naon buktina Yéhuwa nyarengan Yusuf waktu manéhna dipanjara? (Kajadian 39:21-23)

9 Baca Kajadian 39:21-23. Kaayaan Yusuf di panjara téh susah pisan, tapi Yéhuwa ngabantu supaya sagala hasil pagawéanana téh alus. Kumaha carana? Manéhna dipercaya ku kapala panjara, sakumaha baheula manéhna dipercaya ku Potifar. Yusuf dipercayakeun tugas sina ngatur para tahanan séjén. Malahan, Alkitab nyebutkeun yén ”kapala panjara geus teu kudu mariksa deui naon nu dipercayakeun ka Yusuf”. Lantaran sibuk ngagawékeun loba tugas, pikiran Yusuf jadi leuwih positif. Bayangkeun, tadina Yusuf téh dipitnah rék merkosa pamajikan ti pajabat istana, ayeuna manéhna dipercayakeun tugas-tugas nu penting! Kajadian 39:23 nyebutkeun kieu, ”Yéhuwa nyarengan Yusuf sarta Yéhuwa ngabantu Yusuf supaya sagala hasil pagawéanana téh alus.”

10. Jelaskeun ku naon katingalina Yusuf teu ngarasa sagala hasil pagawéanana téh alus.

10 Pikirkeun deui kumaha parasaan Yusuf. Ceuk Sadérék, sanggeus dipitnah jeung dipanjarakeun, naha Yusuf ngarasa sagala hasil pagawéanana téh alus? Jigana mah henteu. Sabenerna, naon nu paling dipikahayang ku Yusuf? Naha enya manéhna hayang dipikaresep ku kapala panjara? Katingalina mah henteu. Meureun Yusuf mah hayangna téh dibébaskeun. Yusuf nepi ka ménta ka tahanan séjén pikeun nyaritakeun nu alus-alus ngeunaan manéhna ka Firaun supaya bisa dibébaskeun. (Kaj. 40:14) Hanjakalna, tahanan éta teu nyaritakeun nanaon ka Firaun. Jadi, Yusuf masih dipanjarakeun salila dua taun deui. (Kaj. 40:23; 41:1, 14) Sanajan kitu, Yéhuwa terus ngabantu Yusuf supaya sagala hasil pagawéanana téh alus. Kumaha carana?

11. Yusuf dibéré kasanggupan istiméwa naon ku Yéhuwa, jeung kumaha éta bisa ngawujudkeun tujuan Yéhuwa?

11 Basa Yusuf di panjara, Yéhuwa méré dua impian ka Firaun, raja Mesir. Firaun panasaran pisan, hayangeun nyaho naon harti impian-impian éta. Pas Firaun nyaho Yusuf bisa ngajelaskeun harti impian, Yusuf dititah ngadep. Ku bantuan Yéhuwa, Yusuf bisa ngajelaskeun naon harti impian-impian Firaun jeung méré saran nu alus ka Firaun. Sanggeus ningali kumaha Yéhuwa nyarengan Yusuf, Firaun ngangkat Yusuf jadi pajabat pikeun ngurus dahareun di sakuliah Mesir. (Kaj. 41:38, 41-44) Teu lila, aya kalaparan nu parah pisan di Mesir jeung Kanaan, nagri tempat kulawargana Yusuf cicing. Tapi, ayeuna mah Yusuf geus jadi pajabat jeung bisa nyalametkeun kulawargana. Ku kituna, manéhna ngajaga garis turunan Mésias.

12. Ku cara naon waé Yéhuwa ngabantu Yusuf supaya sagala hasil pagawéanana téh alus?

12 Pék pikirkeun kajadian-kajadian nu teu biasa dina kahirupan Yusuf. Saha nu ngagerakkeun Potifar pikeun merhatikeun Yusuf nu ngan saurang palayan biasa? Saha nu ngagerakkeun kapala panjara pikeun mikaresep saurang tahanan rendahan siga Yusuf? Saha nu méré impian ka Firaun jeung méré kasanggupan ka Yusuf pikeun ngajelaskeun harti impian-impian éta? Saha nu ngagerakkeun Firaun pikeun ngalantik Yusuf jadi pajabat anu ngurus dahareun di sakuliah Mesir? (Kaj. 45:5) Jelas pisan, Yéhuwa anu ngabantu Yusuf supaya sagala hasil pagawéanana téh alus. Sanajan lanceuk-lanceukna Yusuf hayang maéhan manéhna, Yéhuwa ngarobah kaayaan Yusuf nu sangsara supaya tujuana-Na bisa laksana.

CARANA YÉHUWA MANTUAN URANG

13. Bener teu Yéhuwa milu campur kana sagala hal nu kaalaman ku urang? Jelaskeun.

13 Naon nu bisa disimpulkeun ku urang tina kahirupan Yusuf? Yéhuwa henteu ngatur sagala hal nu kaalaman ku urang. Yéhuwa gé teu ngarobah unggal hal goréng nu kaalaman ku urang supaya jadi berkah. (Pan. 8:9; 9:11) Najan kitu, urang apal yén Yéhuwa ningali waktu urang nyanghareupan kasusah jeung ngadéngékeun waktu urang ménta tulung. (Jab. 34:16; 55:23; Yes. 59:1) Tapi nu pangpentingna, Yéhuwa bisa ngabantu urang supaya tabah nyanghareupanana. Kumaha carana?

14. Kumaha Yéhuwa mantuan urang waktu urang nyanghareupan kasusah?

14 Salah sahiji cara Yéhuwa mantuan urang téh nyaéta méré kakuatan jeung katengtreman pas urang bener-bener ngabutuhkeunana. (2 Kor. 1:3, 4) Éta nu dirasakeun ku Eziz, saurang sadérék ti Turkmenistan anu dibéré hukuman panjara dua taun lantaran ngabéla imanna. Manéhna nyarita, ”Pas poé abdi diadilan, isuk-isukna aya sadérék nu nunjukkeun Yesaya 30:15. Di ditu disebutkeun, ’Tan wande maraneh kuat jeung reugreug.’ Sanggeus maca ayatna, abdi jadi tenang jeung bisa masrahkeun sagala kasusah ka Yéhuwa. Abdi gé osok mikirkeun ayat éta basa di panjara.” Pék pikirkeun iraha Yéhuwa méré kakuatan jeung katengtreman pas Sadérék bener-bener ngabutuhkeunana.

15-16. Urang diajar naon tina pangalamanana Tori?

15 Kadang, urang téh kakara sadar Yéhuwa geus mantuan urang tabah pas masalahna bérés. Perhatikeun pangalaman saurang sadérék istri nu ngaranna Tori. Mason, budak lalakina, bajoang ngalawan panyakit kangker salila genep taun nepi ka manéhna maot. Bayangkeun sakumaha ancurna parasaan Tori. Ceuk manéhna, ”Keur saurang indung, teu aya nu leuwih peurih tibatan kaleungitan budakna. Abdi yakin kabéh kolot pasti satuju, ningali budak sorangan gering téh leuwih peurih tibatan urang sorangan nu gering.”

16 Sanajan sedih pisan, ahirna Tori sadar kumaha Yéhuwa geus mantuan manéhna pikeun tetep tabah. ”Waktu nginget-nginget deui pas Mason sakarat, abdi sadar sabenerna Yéhuwa téh terus mantuan abdi. Misalna, waktu Mason geringna parah pisan nepi ka teu bisa dilongok, dulur-dulur saiman terus datang ka rumah sakit. Maranéhna ngabélaan nyetir dua jam ka rumah sakit supaya bisa nguatkeun jeung ngadukung abdi. Terus, maranéhna gé ngurus kabutuhan urang sapopoé. Jadi pas kaayaan keur susah pisan, kabutuhan urang tetep kacumponan.” Yéhuwa méré naon waé nu dibutuhkeun ku Tori jeung Mason supaya maranéhna bisa tetep tabah.​—Tingali kotak ” Yéhuwa Méré nu Bener-Bener Dibutuhkeun ku Urang”.

PIKIRKEUN BERKAH-BERKAH TI YÉHUWA

17-18. Kumaha supaya urang bisa ngucap sukur kana bantuan Yéhuwa waktu urang nyanghareupan kasusah? (Jabur 40:6)

17 Baca Jabur 40:6. Jalma nu osok naék gunung biasana hayang naék nepi ka puncak. Tapi saacan nepi ka puncak, maranéhna bisa eureun heula di loba tempat pikeun ningali sakumaha éndahna pamandangan. Urang gé kudu kitu. Urang kudu sering-sering mikirkeun kumaha Yéhuwa mantuan urang waktu nyanghareupan kasusah. Unggal poé, saacan saré, pék pikirkeun, ’Poé ieu Yéhuwa méré berkah naon ka abdi? Sanajan abdi masih nyanghareupan kasusah, kumaha Yéhuwa mantuan abdi pikeun tetep tabah?’ Pikirkeun sahenteuna hiji hal anu geus dilakukeun ku Yéhuwa pikeun mantuan Sadérék.

18 Nya, pasti Sadérék sering ngadoa supaya masalah Sadérék geura bérés. Éta téh alus. (Flp. 4:6) Tapi, urang gé kudu mikirkeun berkah naon waé nu geus ditarima nepi ka ayeuna. Pan Yéhuwa geus jangji bakal terus nguatkeun jeung mantuan urang pikeun tetep tabah, jadi tong poho pikeun ngucap sukur kana bantuana-Na. Engké Sadérék bakal ningali yén Yéhuwa téh mantuan Sadérék waktu nyanghareupan kasusah, sarua siga Anjeunna mantuan Yusuf baheula.​—Kaj. 41:51, 52.

KAWIH 32 Geura Mihak ka Yéhuwa!

a Lamun urang keur nyanghareupan cocoba, urang moal mikir sagala nu dilakukeun ku urang téh ”alus hasilna”. Meureun urang mikir yén sagala lampah urang alus téh nya lamun cocoba éta geus liwat. Tapi, kisah hirup Yusuf ngajarkeun hiji hal penting. Ku bantuan Yéhuwa, sagala lampah urang bisa alus hasilna sanajan urang keur nyanghareupan cocoba. Éta bakal diterangkeun dina artikel ieu.

b Rupa-rupa hal nu kaalaman ku Yusuf waktu jadi palayan téh ngan dicaritakeun dina sababaraha ayat, tapi bisa waé éta téh kajadianana lumangsung salila mangtaun-taun.