Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PANGALAMAN HIRUP

Kuring Duaan Narima Rupa-Rupa Berkah ti Allah

Kuring Duaan Narima Rupa-Rupa Berkah ti Allah

TI NGONGORA, pun bapa, Arthur, nyaah pisan ka Allah. Anjeunna hayang jadi pandéta Métodis. Tapi, sanggeus maca buku-buku sarta ngagabung jeung Siswa-Siswa Alkitab, pandanganna barobah. Dina taun 1914, waktu umurna 17 taun, pun bapa dibaptis. Basa Perang Dunya I, anjeunna nolak waktu dititah jadi tantara. Jadi, anjeunna dihukum sapuluh bulan di Panjara Kingston di Ontario, Kanada. Sanggeus dibébaskeun, anjeunna jadi kolportir, mun ayeuna mah panaratas.

Dina taun 1926, pun bapa nikah jeung pun biang, Hazel Wilkinson. Ibuna pun biang diajar bebeneran taun 1908. Kuring boga dulur tilu, kuring anak kadua nu lahir tanggal 24 April 1931. Pun bapa ngajénan pisan kana Alkitab, éta gé diajarkeun ka anak-anakna. Ibadah ka Yéhuwa téh hal nu pangpentingna. Kuring sakulawarga rutin ngawawar ti imah ka imah.Ras. 20:20.

SIGA PUN BAPA, KURING TETEP NÉTRAL JEUNG NARATAS

Dina taun 1939, Perang Dunya II dimimitian. Taun hareupna, kagiatan Saksi-Saksi Yéhuwa di Kanada dilarang. Barudak sakola dititah ngahormat bandéra jeung nyanyi lagu kabangsaan di kelas. Biasana mah, kuring jeung lanceuk, Dorothy, diidinan kaluar kelas basa keur aya acara éta. Tapi hiji poé, guru ngaléléwé kuring sabagé jalma nu kecingan. Balikna, kuring diteunggeulan ku sababaraha batur sakelas. Ieu malahan nguatkeun tékad kuring pikeun leuwih ”tunduk ka Allah ti batan ka manusa”.Ras. 5:29.

Dina bulan Juli 1942, basa umur 11 taun, kuring dibaptis dina bak cai nu aya di kebon. Basa keur liburan sakola, kuring resep milu naratas liburan, nu ayeuna mah disebut naratas ékstra. Dina hiji taun, kuring jeung tilu dulur lianna ngawawar ka tukang ngala kai di kaléreun Ontario.

Dina tanggal 1 Méi 1949, kuring jadi panaratas biasa. Terus, kuring diondang pikeun mantuan pangwangunan di kantor cabang Kanada. Ka dieunakeun, kuring jadi anggota kulawarga Bétel Kanada. Kuring ditugaskeun di percitakan jeung diajar ngajalankeun mesin citak. Kuring inget pernah digawé sapeupeuting pikeun sababaraha minggu, mantuan nyitak risalah ngeunaan panganiayaan umat Yéhuwa di Kanada.

Kahareupna, kuring digawé di Departemén Dines. Kuring ditugaskeun pikeun ngawawancara panaratas-panaratas nu bakal dikirim ka Quebec, daérah nu loba panganiayaan. Salah sahijina, ngaranna Mary Zazula asal ti Edmonton, Alberta. Kolotna téh anggota Garéja Ortodoks. Lantaran Mary jeung lanceukna teu daék eureun diajar Alkitab, maranéhna diusir ti imah. Mary jeung lanceukna dibaptis bulan Juni 1951, sarta genep bulan sanggeusna jadi panaratas. Salila diwawancara, kuring ningali lamun Mary nyaah pisan ka Yéhuwa. Kuring inget, basa éta mikir lamun ieu téh pipamajikaneun. Salapan bulan sanggeusna, kuring duaan nikah tanggal 30 Januari 1954. Saminggu sanggeus nikah, kuring dilatih jadi pangawas wilayah. Salila dua taun, kuring jadi pangawas wilayah di kaléreun Ontario.

Ku ayana kamekaran dina kagiatan pangwawaran, beuki loba dibutuhkeun misionaris. Kuring duaan mikir lamun bisa tagen nyanghareupan hawa tiris di Kanada jeung lobana reungit basa keur halodo, kuring siap ngawula di mana waé. Kuring milu Sakola Gilad kelas ka-27 jeung diwisuda bulan Juli 1956. Bulan Nopémberna kuring geus di Brasil.

KAGIATAN MISIONARIS DI BRASIL

Waktu geus nepi di Brasil, kuring duaan diajar basa Portugis. Mimitina, kuring diajar carana ngobrol. Terus, diajar carana nawarkeun majalah. Basa keur ngawawar, kuring panggih jeung ibu-ibu nu némbongkeun minat. Saacanna kuring geus rencana lamun aya nu minat, kuring rék macakeun ayat ngeunaan berkah-berkah Karajaan Allah. Tapi dina prakna, sanggeus macakeun Wahyu 21:3, 4, kuring kapaéhan! Kuring can biasa jeung hawa nu panas. Nepi ka ayeuna gé, éta téh jadi tangtangan keur kuring.

Kuring duaan ditugaskeun ka kota Campos. Ayeuna, di dinya aya 15 sidang! Tapi, waktu mimiti kuring datang mah ngan aya hiji kelompok leutik jeung hiji imah misionaris nu dicicingan ku opat sadérék istri, nyaéta Esther Tracy, Ramona Bauer, Luiza Schwarz, jeung Lorraine Brookes (ayeuna Wallen). Tugas kuring di imah misionaris mantuan nyeuseuh jeung néangan suluh. Dina hiji Senén peuting, sanggeusna ngabahas Menara Pengawal, Mary sasaréan maké bantal dina sofa bari ngobrolkeun pagawéan poé éta. Basa Mary cengkat, ojol-ojol kaluar oray ti handapeun bantal! Matak pisoakeun batur, jadi dipaéhan ku kuring.

Sanggeus sataun diajar basa Portugis, karék kuring jadi pangawas wilayah. Kuring ngawula di daérah nu euweuh listrikan, saré dina samak, jeung iinditan maké kuda atawa délman. Pernah sakali kuring naék karéta ka hiji kota nu mencil di pagunungan sangkan bisa ngawawar di ditu. Kuring mondok di hiji kamar séwaan. Kantor cabang ngirimkeun 800 majalah keur pangwawaran. Kuring kudu bolak-balik ka kantor pos mawaan éta majalah.

Dina taun 1962, sakola keur kokolot jeung palayan sidang diayakeun di loba tempat di sakuliah Brasil. Salila genep bulan, kuring iinditan sorangan pikeun ngajar ti hiji tempat ka tempat séjén. Kuring ngajar di Manaus, Belém, Fortaleza, Recife, jeung Salvador. Basa keur aya di Manaus, kuring ngatur hiji kongrés distrik nu diayakeun di gedong kasenian nu kasohor. Lantaran hujan gedé, ngan aya saeutik cai nu bisa diinum, urang gé teu boga tempat nu merenah keur barang dahar. Kuring ngomong ka saurang pajabat militér tuluy ngajelaskeun masalahna. Kalawan bageur, manéhna méré cai nginum keur sakabéh nu milu kongrés. Manéhna gé ngirim tantara pikeun nyieun dua ténda gedé nu bisa dipaké keur tempat masak jeung dahar.

Basa kuring keur iinditan, Mary ngawawar di daérah bisnis nu jalma-jalmana teu barogaeun minat kana Alkitab. Maranéhna daratang ti Portugal ka Brasil rék néangan duit. Mary jadi ngarasa leutik haté jeung ngomong ka babaturanna, ”Urang mah moal daék indit ka Portugal!” Teu lila ti harita, kuring duaan narima surat tugas ka Portugal. Di ditu, kagiatan urang keur dilarang. Mary kacida reuwasna! Tapi, kuring duaan narima éta tugas jeung pindah ka Portugal.

TUGAS DI PORTUGAL

Kuring duaan nepi di Lisbon, Portugal, dina bulan Agustus 1964. Pulisi rasiah nyusahkeun hirup dulur-dulur di ditu. Jadi keur saheulaanan, bijaksana lamun kuring duaan teu manggihan heula dulur-dulur. Mimitina, kuring cicing di kamar séwaan. Tapi sanggeus meunang visa, kuring pindah ka apartemén. Aman-amanna téh sanggeus lima bulan, kuring kakara bisa ngontak kantor cabang. Kuring duaan bungah pisan bisa masamoan deui!

Ku sabab kagiatan urang dilarang, Balé Karajaan ditutup. Pasamoan diayakeun di imah dulur-dulur urang. Imah maranéhna osok digaladah. Ratusan dulur urang dibawa jeung dipariksa di kantor pulisi. Ku cara nu kasar, pulisi-pulisi nanyakeun ngaran dulur-dulur urang nu boga tanggung jawab. Jadi sangkan aman, dulur-dulur urang teu ngagunakeun ngaran kulawargana.

Nineung 60 taun leuwih ngawula ka Yéhuwa mawa kabagjaan

Tujuan utama urang nyaéta mastikeun lamun dulur-dulur urang meunang publikasi nu bisa ngabantu maranéhna satia. Mary ngetik Menara Pengawal édisi palajaran jeung publikasi séjénna dina kertas husus, terus digandakeun maké mesin sténsil pikeun dibagikeun ka dulur-dulur.

NGABÉLA WARTA HADÉ DI PANGADILAN

Dina bulan Juni 1966, aya sidang pangadilan nu diayakeun di Lisbon. Kabéh anggota Sidang Feijó nu jumlahna 49 urang, dituduh ngayakeun riungan nu ngalanggar hukum di imah-imah. Saacanna, sangkan bisa ngabéla iman, kuring jeung dulur-dulur latihan heula. Api-apina kuring jadi jaksa nu ngabuktikeun kasalahan maranéhna. Tapi saperti nu geus disangka, urang éléh di pangadilan. Kabéh dulur urang dipanjara, lilana téh 45 poé nepi ka lima bulan satengah. Ieu jadi kasaksian nu alus. Buktina, basa ngabéla urang, pangacara urang nyutat omongan Gamaliél tina Alkitab. (Ras. 5:33-39) Média massa ogé ngalaporkeun kajadian ieu. Urang bungah pisan ku sabab pangacara éta daék diajar Alkitab jeung hadir di pasamoan.

Dina bulan Désémber 1966, kuring ditugaskeun jadi pangawas cabang nu ngurus urusan hukum. Kuring satékah polah ngupayakeun sangkan Saksi-Saksi Yéhuwa di Portugal bisa bébas sacara hukum. (Pil. 1:7) Ahirna, tanggal 18 Désémber 1974 kagiatan urang diaku ku pamaréntah. Sadérék Nathan Knorr jeung Frederick Franz datang ti kantor pusat pikeun ngarayakeun kabébasan ieu. Kongrés istiméwa diayakeun di Oporto jeung Lisbon, sarta nu hadirna aya 46.870.

Yéhuwa ogé ngaberkahan kagiatan pangwawaran di pulo-pulo nu pendudukna maké basa Portugis, misalna Azores, Cape Verde, Madeira, sarta São Tomé jeung Príncipe. Lantaran jumlah Saksi di pulo-pulo ieu beuki loba, urang butuh kantor cabang nu leuwih gedé. Sanggeus diwangun, kantor cabang diresmikeun tanggal 23 April 1988. Sadérék Milton Henschel hutbah dina acara éta. Aya 45.522 urang nu hadir, kaasup 20 sadérék nu pernah ngawula sabagé misionaris di Portugal.

KURING DIAJAR TI SADÉRÉK-SADÉRÉK NU SATIA

Salila kuring jeung Mary ngawula, kuring duaan loba diajar ti sadérék-sadérék nu satia. Sakali waktu, kuring nyarengan Sadérék Theodore Jaracz, salaku pangawas zona, nganjang ka kantor cabang nu keur aya loba masalah. Panitia Cabang di ditu geus upaya satékah polah pikeun ngaréngsékeunana. Maranéhna saredih lantaran katingalina teu hasil. Tapi, Sadérék Jaracz ngalilipur maranéhna, ”Keun wé ayeuna mah roh suci nu ngaréngsékeun masalahna.” Kuring gé moal poho kana omongan Sadérék Franz basa kuring jeung Mary nganjang ka Brooklyn. Basa aya nu ménta saran, manéhna ngomong, ”Saran abdi mah: Boh senang boh susah, ulah ninggalkeun organisasi Yéhuwa. Ieu hiji-hijina organisasi nu ngajalankeun paréntah Yésus ka murid-muridna pikeun ngawawarkeun warta hadé Karajaan Allah!”

Kuring jeung Mary jadi suka bungah lantaran ngalarapkeun hal-hal ieu, ogé lamun inget baheula osok nganjangan kantor cabang di sakuliah dunya salaku pangawas zona. Kuring resep bisa panggih jeung dulur-dulur sarta ngayakinkeun maranéhna lamun Yéhuwa ngahargaan upaya maranéhna. Kuring nganjurkeun maranéhna pikeun terus ngawula Yéhuwa.

Ayeuna kuring duaan geus umur 80-an. Mary katerap sababaraha panyakit. (2 Kor. 12:9) Aya ogé kasusahan séjénna. Tapi, hal-hal ieu nguatkeun iman jeung tékad kuring pikeun terus satia ka Yéhuwa. Lamun nineung deui taun-taun katukang, kuring nyaho lamun Yéhuwa tos masihan rupa-rupa berkah ka kuring duaan. *—Tingali catetan handap.

^ par. 29 Basa artikel ieu keur disiapkeun, Sadérék Douglas Guest nu satia maot dina tanggal 25 Oktober 2015.