Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Naon nu Bakal Leungit Waktu Karajaan Allah Datang?

Naon nu Bakal Leungit Waktu Karajaan Allah Datang?

”Dunya ieu jeung sagala eusina anu dicileuk ku manusa teh ayeuna keur maju kana euweuh, tereh leungit; sabalikna anu ngalampahkeun pangersa Allah mah bakal hirup salalanggengna.”1 YOH. 2:17.

KAWIH: 134, 24

1, 2. (a) Naon nu sarua antara dunya nu jahat jeung narapidana nu rék diéksekusi? (Tingali gambar dina awal artikel.) (b) Sanggeus dunya ieu dimusnakeun, naon nu dirasakeun ku sakabéh mahluk di sawarga jeung di bumi?

PÉK bayangkeun. Saurang narapidana nu kejem keuna hukuman paéh. Ayeuna, manéhna keur digiring ku sipir panjara ka tempat éksekusi. Sanajan katingalina hirup kénéh jeung jagjag, sakeudeung deui manéhna bakal paéh.

2 Dunya nu jahat ieu méh sarua jeung éta narapidana nu rék diéksekusi. Ceuk Alkitab, ”Dunya ieu . . . keur maju kana euweuh, tereh leungit.” (1 Yoh. 2:17) Yéhuwa geus nangtukeun lamun dunya ieu bakal musna moal lila deui, jadi éta pasti kajadian. Tapi, aya bédana antara ahir dunya ieu jeung éksekusi narapidana éta. Bisa waé aya sababaraha jalma nu ngarasa lamun hukuman keur narapidana éta téh teu adil, sakuduna mah teu dipaéhan. Tapi, Yéhuwa mah hakim nu sampurna, jeung putusanna pikeun ngamusnakeun dunya ieu téh adil sampurna. (Pam. 32:4) Musnana dunya ieu moal ditunda-tunda. Sanggeus dunya ieu dimusnakeun, sakabéh nu aya di sawarga jeung di bumi bakal satuju lamun hukuman Yéhuwa téh bener. Sakabéh mahluk bakal ngarasa tengtrem!

3. Opat masalah naon nu bakal leungit waktu Karajaan Allah datang?

3 Naon nu kaasup kana ”dunya” nu ”tereh leungit”? Éta téh hal-hal goréng nu disanghareupan ku urang. Kabéhanana moal aya-aya deui. Ieu téh bagian tina ”Injil Kasalametan . . . hal Karajaan Sawarga”. (Mat. 24:14) Dina ieu artikel, urang bakal ngabahas opat masalah nu bakal leungit waktu Karajaan Allah datang: jalma-jalma nu jahat, organisasi nu jahat, lalampahan nu salah, jeung kaayaan nu goréng. Pikeun unggal bagian, urang bakal ngabahas (1) naon pangaruhna ka urang, (2) naon nu bakal dilakukeun ku Yéhuwa, sarta (3) naon nu bakal ngagantikeun masalah-masalah éta.

JALMA-JALMA NU JAHAT

4. Naon nu kaalaman ku urang lantaran aya jalma nu jahat?

4 Naon pangaruhna ka urang? Rasul Paulus nyebutkeun lamun dina ahir jaman bakal aya ”loba kasukeran”. Ceuk manéhna, ”Anu daroraka, anu marunapek, geus jahat teh bakal beuki jahat.” (2 Tim. 3:1-5, 13) Naha éta kaalaman ku Sadérék? Di antara urang, loba nu jadi korban jalma-jalma nu jahat, saperti digarong, dikaniaya, atawa ditindes lantaran béda sélér bangsa. Sababaraha jalma éta teu éra kana lalampahan jahatna. Tapi, aya ogé nu api-api jadi jalma bageur, padahal mah jahat. Sanajan urang tara jadi korban kajahatan, tetep aya pangaruhna ka urang. Urang ngarasa sedih lamun ngadéngé aya nu telenges ka budak leutik, ka kolot, jeung ka jalma nu lemah. Jalma-jalma nu jahat téh pinuh ku hawa napsu jeung teu boga rasrasan. (Yak. 3:15) Sukur ka Yéhuwa lantaran Mantenna masihan harepan ka urang.

5. (a) Jalma-jalma nu jahat masih boga kasempetan naon? (b) Naon nu bakal kaalaman ku jalma-jalma nu embung barobah?

5 Naon nu bakal dilakukeun ku Yéhuwa? Ayeuna, Yéhuwa masihan kasempetan ka jalma-jalma nu jahat pikeun barobah. (Yes. 55:7) Sanajan dunya ieu bakal dimusnakeun, jalma-jalmana masih kénéh dibéré kasempetan. Kumaha lamun jalma-jalma éta embung barobah jeung tetep ngadukung dunya ieu nepi ka datangna mangsa cilaka? Yéhuwa geus jangji bakal ngamusnakeun sakabéh nu jarahat. (Baca Jabur 37:10.) Kiwari, loba nu bisa nyamunikeun lalampahan jahatna jeung bébas tina hukuman. (Ayub 21:7, 9) Tapi, Alkitab mépélingan urang, ”Salengkah-lengkah manusa ku Mantenna dititenan. Dosa jalma kajeun di nu poek mongkleng, ku Allah mah katingali nonggerak.” (Ayub 34:21, 22) Jadi, moal aya nu bisa disamunikeun ti Allah. Mantenna bisa ningali sagala nu dilakukeun ku nu jarahat. Sanggeus Armagédon, urang moal bakal manggihan maranéhna deui. Maranéhna musna salalawasna!Jab. 37:12-15.

6. Saha nu bakal tetep hirup basa jalma-jalma nu jahat dimusnakeun? Ku naon éta téh pikabungaheun?

6 Saha nu bakal tetep hirup basa jalma-jalma nu jahat dimusnakeun? Yéhuwa jangji, ”Anu sarareh budi, tangtu bakal kawaris tanah, hirupna senang ngahenang-ngahening.” Dina jabur éta ogé aya jangji, ”Nu balener bakal kawaris tanah pusaka, tur matuhna di dinya moal incah balilahan.” (Jab. 37:11, 29) Saha nu ”sarareh budi” jeung nu ”balener” téh? Nu sararéh budi nyaéta jalma-jalma nu rendah haté sarta daék diajar tur taat ka Yéhuwa. Nu balener nyaéta jalma-jalma nu resep ngalampahkeun nu bener di pandangan Yéhuwa. Kiwari, aya leuwih loba jalma nu jahat ti batan nu bener. Tapi di dunya anyar, nu aya ngan jalma-jalma nu sararéh budi jeung balener. Maranéhna bakal ngarobah bumi jadi pirdaus!

ORGANISASI NU JAHAT

7. Naon nu kaalaman ku urang lantaran aya organisasi nu jahat?

7 Naon pangaruhna ka urang? Kiwari, loba kasangsaraan di dunya dilantarankeun ku organisasi-organisasi nu jahat. Organisasi agama nipu jutaan jalma. Maranéhna teu ngajelaskeun nu sabenerna ngeunaan Allah sarta ngeunaan mangsa kahareup bumi jeung manusa. Ceuk maranéhna, Alkitab teu bisa dipercaya. Pamaréntah nu korup ngadukung perang, telenges ka jalma-jalma nu béda sélér, jeung nandasa jalma-jalma nu miskin tur lemah. Pamaréntah sarupa kitu beuki beunghar jeung kuat lantaran beurat sabeulah jeung narima panyogok. Pausahaan nu sarakah nyababkeun polusi lingkungan, ngaruksak alam, jeung nipu batur supaya maranéhna beuki beunghar. Jelas, loba organisasi nyangsarakeun jalma-jalma di dunya.

8. Naon nu disebutkeun dina Alkitab ngeunaan organisasi nu katingalina kuat?

8 Naon nu bakal dilakukeun ku Yéhuwa? Mangsa cilaka dimimitian waktu kawasa pulitik nyerang organisasi agama palsu. Dina Alkitab, organisasi ieu diibaratkeun sabagé palacur nu ngaranna Babul Raya. (Wahyu 17:1, 2, 16; 18:1-4) Agama-agama palsu bakal diancurkeun sama sakali. Tapi, kumaha jeung organisasi jahat séjénna? Alkitab ngaibaratkeun maranéhna siga gunung atawa pulo lantaran katingalina kuat jeung kukuh. (Baca Wahyu 6:14.) Tapi, Alkitab ogé nyebutkeun lamun pamaréntah jeung organisasi séjén nu teu ngadukung Karajaan Allah bakal dibinasakeun. Ieu bakal jadi puncakna mangsa cilaka. (Yer. 25:31-33) Sanggeus éta, organisasi nu jahat moal aya-aya deui!

9. Ku naon urang bisa yakin lamun bumi anyar téh bakal tartib?

9 Naon nu bakal ngagantikeun organisasi nu jahat? Sanggeus Armagédon, naha masih aya organisasi di bumi? Ceuk Alkitab, ”Ari urang mah aya anu diarep-arep, nya eta langit anyar jeung bumi anyar anu diereh ku kaadilan, sakumaha anu geus dijangjikeun ku Allah.” (2 Pet. 3:13) Langit jeung bumi nu heubeul téh pamaréntah nu korup sarta jalma-jalma nu dikawasaan ku maranéhna. Sanggeus maranéhna euweuh, naon nu ngagantikeunana? ”Langit anyar jeung bumi anyar.” Langit anyar téh pamaréntahan anyar, nyaéta Karajaan nu diparéntah ku Yésus Kristus bareng jeung 144.000. Bumi anyar ngamaksudkeun jalma-jalma nu jadi rahayat Karajaan Allah. Yésus jeung 144.000 bakal nyonto Yéhuwa nu resep kana kabérésan. (1 Kor. 14:33) Ku kituna, ”bumi anyar” bakal tartib. Bumi ieu bakal diurus ku jalma-jalma nu hadé. (Jab. 45:17) Maranéhna bakal dibingbing ku Kristus jeung 144.000. Pék bayangkeun kaayaanana basa sakabéh organisasi nu jarahat digantikeun ku hiji-hijina organisasi nu hadé!

LALAMPAHAN NU SALAH

10. Lalampahan salah naon nu umum di daérah Sadérék, jeung kumaha pangaruhna ka kulawarga Sadérék?

10 Naon pangaruhna ka urang? Urang hirup di antara jalma-jalma nu rucah, teu jujur, jeung telenges. Hiburan dunya ieu ngagulkeun lalampahan nu salah bari ngarendahkeun papakon Yéhuwa ngeunaan nu bener jeung salah. (Yes. 5:20) Indung bapa kudu bener-bener ngajaga barudakna sangkan teu kapangaruhan. Kanyataanana, kabéh urang Kristen nu sajati kudu satékah polah ngajaga hubunganana jeung Yéhuwa sanajan hirup di dunya nu teu ngajénan papakon Allah.

11. Tina hukuman Yéhuwa ka kota Sadumu jeung Gomora, urang bisa yakin kana hal naon?

11 Naon nu bakal dilakukeun ku Yéhuwa? Pék pikirkeun nu dilakukeun Yéhuwa ka kota Sadumu jeung Gomora. (Baca 2 Petrus 2:6-8.) Elut téh jalma bener. Manéhna jeung kulawargana kasiksa ningali kalakuan jahat jalma-jalma di dinya. Pikeun ngeureunkeunana, Yéhuwa ngabasmi jalma-jalma di daérah éta. Kajadian ieu ”dijadikeun conto” pikeun jalma-jalma jahat ayeuna. Yéhuwa ogé bakal ngeureunkeun sagala lalampahan jahat di dunya ieu cara baheula.

12. Saderék ngarep-ngarep rék ngalakukeun naon di dunya anyar?

12 Naon nu bakal ngagantikeun lalampahan nu salah? Di dunya anyar bakal aya loba kagiatan nu nyenangkeun. Contona, urang bakal ngarobah bumi jadi pirdaus sarta ngawangun imah keur sorangan jeung keur sobat urang. Urang ogé bakal ngabagéakeun jutaan jalma nu dihirupkeun deui, sarta ngajar maranéhna ngeunaan Yéhuwa jeung sagala kahadéan Mantenna. (Yes. 65:21, 22; Ras. 24:15) Engké, urang bakal sibuk ku kagiatan nu ngabagjakeun urang jeung ngamulyakeun Yéhuwa!

KAAYAAN NU GORÉNG

13. Lantaran Sétan, Adam, jeung Hawa barontak, naon balukarna?

13 Naon pangaruhna ka urang? Dunya nu pinuh ku jalma nu jahat, organisasi nu jahat, jeung lalampahan nu salah ngalantarankeun kaayaan nu goréng. Euweuh nu bisa nyingkahan balukar tina perang, kamiskinan, goréng sangka ka nu béda sélér, panyakit, jeung maot. Kaayaan siga kieu téh bisa aya lantaran Sétan, Adam, jeung Hawa barontak ka Allah. Urang kabéh kudu nanggung balukarna.

14. Kaayaan nu goréng bakal dikumahakeun ku Yéhuwa?

14 Naon nu bakal dilakukeun ku Yéhuwa? Perhatikeun sabaraha contona. Yéhuwa jangji bakal ngeureunkeun perang. (Baca Jabur 46:9, 10.) Mantenna bakal ngaleungitkeun panyakit. (Yes. 33:24) Mantenna bakal numpes ajal maot. (Yes. 25:8) Kamiskinan ogé moal aya deui. (Jab. 72:12-16) Yéhuwa bakal ngaleungitkeun sagala kaayaan goréng nu nyangsarakeun urang. Malahan, pangaruh goréng ti Sétan jeung roh-roh jahat bakal dileungitkeun!Epe. 2:2.

Pék bayangkeun dunya nu euweuh perang, panyakit, atawa maot! (Tingali paragrap 15)

15. Naon nu bakal leungit salalawasna sanggeus Armagédon?

15 Pék bayangkeun kumaha jadina dunya ieu lamun teu aya deui perang, panyakit, atawa maot! Tantara, senjata, atawa monumén perang moal aya deui. Urang ogé teu butuh rumah sakit, dokter, suster, kamar mayit, atawa kuburan. Moal aya deui kajahatan, jadi urang moal butuh pulisi, alarm, atawa konci jeung gembok! Sagala kaayaan goréng nu ngahariwangkeun urang bakal leungit salalawasna.

16, 17. (a) Naon nu bakal dirasakeun ku jalma-jalma nu salamet ti Armagédon? Pék gambarkeun. (b) Kumaha carana sangkan urang bisa salamet basa dunya nu heubeul dimusnakeun?

16 Bakal siga kumaha kahirupan urang lamun sagala hal goréng geus leungit? Teu gampang ngabayangkeunana. Sakitu lilana urang dikurilingan ku kaayaan nu goréng nepi ka teu karasa deui sakumaha nyusahkeunana kaayaan éta. Ieu téh siga jalma nu cicing di deukeut stasiun karéta, lila-lila manéhna teu kagandéngan deui. Atawa, jalma nu cicing di deukeut tempat pamiceunan runtah, lila-lila manéhna teu kabauan deui. Tapi, basa Yéhuwa ngaleungitkeun kabéh hal nu goréng, haté karasa ngemplong!

17 Naon nu bakal ngagantikeun rasa kasusah urang? Ceuk Jabur 37:11, ’Hirup senang ngahenang-ngahening.’ Bungah pisan haté urang lantaran nyaho ieu téh kahoyong Yéhuwa! Dina mangsa kasusah, upayakeun sagala cara pikeun tetep raket jeung Yéhuwa tur organisasi-Na. Harepan Sadérék téh penting pisan, jadi pék lenyepan, bayangkeun sangkan jadi nyata, jeung bagikeun ka batur. (1 Tim. 4:15, 16; 1 Pet. 3:15) Ku kituna, Sadérék bisa yakin lamun ahir éta datang, Sadérék bakal tetep hirup jeung bagja salalawasna!