Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Cantélkeun Haté Sadérék kana Harta Rohani

Cantélkeun Haté Sadérék kana Harta Rohani

”Sabab tibelatna hate teh ka tempat harta.”LUK. 12:34.

KAWIH: 153, 104

1, 2. (a) Tilu harta rohani naon nu dipasihkeun ku Yéhuwa? (b) Naon nu bakal urang bahas dina ieu artikel?

YÉHUWA téh nu pangbeungharna sajagat raya. Sagalana kagungan Mantenna. (1 Bab. 29:11, 12) Tapi, Yéhuwa béréhan pisan. Mantenna masihan loba harta rohani ka urang. Tangtu urang nganuhunkeun ka Mantenna! Naon waé harta rohanina téh? Ieu kaasup (1) Karajaan Allah, (2) palayanan urang, jeung (3) bebeneran Alkitab. Tapi lamun teu ati-ati, urang bisa nyapirakeun harta ieu. Urang kudu terus ngahargaan jeung mikanyaah ieu harta, sakumaha nu disebutkeun ku Yésus, ”tibelatna hate teh ka tempat harta”.Luk. 12:34.

2 Hayu urang bahas carana urang bisa terus mikanyaah jeung ngahargaan Karajaan Allah, palayanan, jeung bebeneran. Pék lenyepan ogé carana Sadérék bisa leuwih mikanyaah harta rohani ieu.

KARAJAAN ALLAH TÉH SIGA MUTIARA NU PANGALUSNA

3. Sangkan bisa meuli hiji mutiara, lalaki dina misil Yésus réla ngalampahkeun naon? (Tingali gambar dina awal artikel.)

3 Baca Mateus 13:45, 46. Yésus nyaritakeun hiji misil ngeunaan saurang lalaki nu osok jual-beuli mutiara. Hiji poé, manéhna manggihan mutiara nu luar biasa alusna; manéhna can pernah ningali mutiara sarupa kitu. Sangkan bisa meuli éta mutiara, manéhna ngajual sagala harta bandana. Pasti manéhna ngahargaan pisan kana éta mutiara.

Lamun urang ngahargaan Karajaan saperti lalaki nu ngahargaan mutiara, urang bakal réla ngorbankeun sagalana

4. Urang réla ngalampahkeun naon keur Karajaan?

4 Naon palajaranana keur urang? Karajaan Allah téh lir mutiara nu pangalusna. Lamun panghargaan urang kana Karajaan sarua jeung panghargaan éta lalaki, urang bakal réla ngorbankeun sagalana sangkan jadi rahayat Karajaan Allah, ayeuna jeung saterusna. (Baca Markus 10:28-30.) Hayu urang tingali dua contona.

5. Sakéus réla ngalampahkeun naon keur Karajaan?

5 Sakéus téh tukang mulung pajeg. Manéhna beunghar lantaran meunang nipu jalma-jalma. (Luk. 19:1-9) Tapi hiji poé, Sakéus ngadéngékeun Yésus ngajelaskeun Karajaan Allah. Manéhna kataji pisan nepi ka hayang nyieun parobahan. Ceuk manéhna, ”Harta banda abdi satengahna bade dihajatkeun ka nu mariskin. Sareng upami harta abdi aya anu kenging nipu, bade dipulangkeun opat kalieun.” Sakéus mulangkeun duit ka jalma-jalma jeung teu sarakah deui.

6. Parobahan naon nu dijieun ku hiji awéwé, sarta naon sababna?

6 Sababaraha taun katukang, aya hiji awéwé lésbian nu ngadéngé warta Karajaan. Manéhna malah jadi pamingpin hiji organisasi nu ngabéla hak-hak kaom homoséksual. Sanggeus diajar Alkitab jeung nyaho pentingna Karajaan Allah, manéhna sadar kudu nyieun parobahan gedé. (1 Kor. 6:9, 10) Lantaran nyaah ka Yéhuwa, manéhna kaluar ti organisasina sarta pepegatan jeung kabogoh lésbina. Manéhna dibaptis taun 2009, jeung sataun ti harita, manéhna jadi panaratas biasa. Manéhna bisa nyieun parobahan gedé téh lantaran kanyaahna ka Yéhuwa leuwih kuat ti batan hasratna nu salah.Mar. 12:29, 30.

7. Kumaha carana sangkan kanyaah urang ka Karajaan Allah henteu laas?

7 Sangkan bisa jadi rahayat Karajaan Allah, loba nu hirupna kudu barobah anyar sama sakali. (Rum 12:2) Tapi, urang kudu terus bajoang. Ulah ngantep kanyaah urang ka Karajaan jadi laas, misalna ku lantaran urang leuwih mentingkeun harta banda atawa hasrat séksual nu salah. (Sil. 4:23, NW; Mat. 5:27-29) Aya deui harta rohani séjénna ti Yéhuwa nu bisa nguatkeun kanyaah urang ka Karajaan Allah.

PALAYANAN URANG NYALAMETKEUN KAHIRUPAN

8. (a) Ku naon Rasul Paulus ngaibaratkeun palayanan urang lir harta dina pot taneuh? (b) Kumaha Paulus némbongkeun kanyaahna ka palayanan?

8 Yésus méré urang tugas pikeun ngawawarkeun jeung ngajarkeun warta hadé Karajaan Allah. (Mat. 28:19, 20) Rasul Paulus ngagambarkeun palayanan lir harta nu disimpen dina pot taneuh. (2 Kor. 4:7; 1 Tim. 1:12) Urang diibaratkeun siga pot taneuh lantaran urang teu sampurna. Tapi, warta nu urang wawarkeun diibaratkeun siga harta lantaran bisa mawa kahirupan langgeng pikeun urang jeung saha waé nu ngadéngékeun urang. Éta sababna Paulus ngomong, ”Kabeh dilakonan pikeun ngamashurkeun Injil Kasalametan bari ngalap berkahna.” (1 Kor. 9:23) Paulus getol pisan ngajarkeun Karajaan Allah ka batur. (Baca Rum 1:14, 15; 2 Timoteus 4:2.) Lantaran nyaah ka warta Injil, manéhna terus ngawawar sanajan dikaniaya. (1 Tes. 2:2) Kumaha urang bisa nyonto Paulus nu nyaah ka palayanan?

Warta Karajaan téh ibarat harta lantaran bisa mawa kahirupan langgeng pikeun urang jeung nu ngadéngékeun urang

9. Ku cara naon waé urang bisa némbongkeun kanyaah urang ka palayanan?

9 Salah sahiji cara Paulus némbongkeun kanyaahna ka palayanan nyaéta ngawawar dina sagala kasempetan. Siga Paulus jeung urang Kristen di abad kahiji, urang ogé nyaritakeun warta hadé ti imah ka imah, di tempat umum, jeung di mana waé urang bisa panggih jeung jalma-jalma. (Ras. 5:42; 20:20) Urang ogé ngupayakeun sagala cara pikeun ngawawar ka saloba-lobana jalma. Lamun bisa, urang bakal ngawula sabagé panaratas ékstra atawa panaratas biasa. Bisa waé urang diajar basa séjén, pindah ka luar kota, malah ka luar nagri.Ras. 16:9, 10.

10. Lantaran Irene getol ngawawarkeun warta hadé, naon hasil nu kaala?

10 Irene, hiji sadérék istri nu léngoh kénéh ti Amerika Serikat, hayang ngawawarkeun warta hadé ka jalma-jalma nu bisa basa Rusia. Jadi dina taun 1993, manéhna ngagabung jeung kelompok basa Rusia di New York City. Harita, ngan aya 20 pawarta. Dua puluh taun sanggeusna, Irene nyarita, ”Basa Rusia kuring masih kurang alus.” Tapi, Yéhuwa ngabantu manéhna jeung pawarta séjén pikeun ngawawar ngagunakeun éta basa. Hasilna, ayeuna aya genep sidang basa Rusia di New York City. Irene ngajarkeun Alkitab ka loba jalma, 15 di antarana geus dibaptis. Aya ogé nu ngawula di Bétel, jadi panaratas, jeung jadi kokolot sidang. Irene ngomong, ”Lamun dipikir-pikir, kuring moal bisa bungah siga ayeuna lamun ngudag cita-cita séjén.” Irene bener-bener ngahargaan palayananana!

Naha Sadérék ngahargaan palayanan jeung ngalakukeunana unggal minggu?(Tingali paragrap 11, 12)

11. Naon hasilna lamun urang teu eureun ngawawar sanajan dikaniaya?

11 Lamun urang ngahargaan palayanan, urang bakal siga Rasul Paulus nu terus ngawawar sanajan dikaniaya. (Ras. 14:19-22) Contona, di antara taun 1930 jeung 1944, sadérék-sadérék di Amerika Serikat dikaniaya. Tapi, maranéhna teu eureun ngawawar. Basa pamaréntah nyieun upaya pikeun ngeureunkeun maranéhna, sadérék-sadérék mawa kasus éta ka pangadilan. Urang unggul dina loba kasus. Dina taun 1943, Sadérék Knorr nyebutkeun hiji conto kasus nu unggul di Mahkamah Agung AS. Manéhna ngomong yén moal aya kasus ieu lamun sadérék-sadérék eureun ngawawar. Manéhna ogé nyebutkeun yén sadérék-sadérék di sakuliah dunya nu terus ngawawar ngabuktikeun yén panganiayaan téh teu aya hasilna. Sadérék-sadérék di nagri séjén ogé unggul dina kasus-kasus hukum nu sarupa. Lantaran nyaah ka palayanan, urang moal eureun ngawawar sanajan dikaniaya.

12. Naon tékad urang?

12 Lamun urang ngahargaan palayanan, urang moal ngan saukur ngumpulkeun jam dines keur dilaporkeun. Urang bakal sabisa-bisa ”mertelakeun Injil”. (Ras. 20:24; 2 Tim. 4:5) Tapi naon nu bakal diajarkeun ku urang? Pék perhatikeun harta séjénna ti Allah.

BEBENERAN ALKITAB

13, 14. Naon ’sisimpenan’ nu Yésus sebutkeun dina Mateus 13:52, sarta kumaha cara nambahanana?

13 Harta katilu ti Yéhuwa nyaéta kabéh bebeneran nu geus diajarkeun ka urang. Yéhuwa téh Sumbering bebeneran. (2 Sam. 7:28; Pam. 32:4) Sabagé Bapa nu béréhan, Mantenna hoyong masihkeun bebeneran ieu ka urang. Nepi ka ayeuna, urang geus diajar loba bebeneran ku cara maca Firman-Na, publikasi, jeung ku cara hadir di kongrés tur pasamoan unggal minggu. Lila-lila, bebeneran ’simpenan’ urang beuki loba, ”boh nu anyar boh nu heubeul”. (Baca Mateus 13:52) Yéhuwa bakal ngabantu urang pikeun nambahan ’sisimpenan’ lamun urang néangan bebeneran saperti néangan harta pependeman. (Baca Siloka 2:4-7.) Kumaha carana?

14 Urang kudu rutin diajar jeung nalungtik Alkitab sarta publikasi. Ku cara kitu, urang bakal manggihan bebeneran ”anyar” nu urang kakara nyaho. (Yos. 1:8, 9; Jab. 1:2, 3) Dina édisi mimiti Watch Tower, nu medal dina bulan Juli 1879, bebeneran téh disaruakeun siga kembang nu katutup ku jujukutan. Saurang jalma kudu ngotéktak néanganana. Basa geus kapanggih, manéhna moal puas ngan nyokot hiji kembang. Manéhna bakal terus néangan leuwih loba kembang deui. Kitu ogé, urang ulah puas ku hiji bebeneran. Urang kudu terus sumanget néangan leuwih loba bebeneran.

15. Ku naon aya bebeneran nu bisa disebut ”heubeul”? Sadérék hususna ngahargaan nu mana?

15 Basa urang mimiti diajar Alkitab, urang diajar bebeneran nu pikahélokeun. Éta bisa disebut bebeneran nu ”heubeul” lantaran éta téh nu diajarkeun ka urang mimitina. Naon contona? Awalna, urang diajar ngeunaan Yéhuwa Nu Nyiptakeun urang, jeung tujuan Mantenna pikeun manusa. Urang ogé diajar lamun Allah ngutus Putra-Na ka bumi pikeun ngorbankeun nyawana jadi tebusan, nu ngaleungitkeun dosa jeung maot. Urang diajar yén Karajaan Allah bakal mungkas sagala kasangsaraan sarta urang bisa hirup bagja salalanggengna di bumi anu tengtrem.Yoh. 3:16; Wahyu 4:11; 21:3, 4.

16. Naon nu kudu urang lampahkeun lamun aya pamahaman Alkitab nu disaluyukeun?

16 Sakapeung, pamahaman urang ngeunaan nubuat atawa ayat Alkitab kudu disaluyukeun. Lamun kitu, urang kudu nyadiakeun waktu pikeun diajar jeung ngalenyepan hal éta. (Ras. 17:11; 1 Tim. 4:15) Urang kudu ngarti bédana pamahaman nu anyar jeung nu heubeul. Tapi éta téh teu cukup, urang gé kudu nalungtik rincian tina pamahaman nu anyar. Ku kituna, bebeneran nu anyar ieu tangtu bakal nambahan sisimpenan urang. Naon mangpaatna?

17, 18. Kumaha roh suci bisa mantuan urang?

17 Yésus ngajarkeun lamun roh suci Allah bisa ngingetkeun urang kana hal-hal nu geus dipikanyaho ku urang. (Yoh. 14:25, 26) Kumaha hal ieu bisa ngabantu urang basa keur ngawawar? Pék perhatikeun pangalaman hiji sadérék nu ngaranna Peter. Dina taun 1970, basa keur umur 19 taun, manéhna mimiti ngawula di Bétel Inggris. Sakali waktu, manéhna ngawawar ti imah ka imah, terus panggih jeung lalaki janggotan nu umurna 50-an. Peter nanya naha lalaki éta hayang paham kana Alkitab. Lalaki éta téh saurang pendéta Yahudi; manéhna hamham naha budak ngora ieu bisa ngajarkeun Alkitab ka manéhna. Pendéta éta nguji Peter, ”Jadi Sép, buku Daniel ditulis dina basa naon?” Peter ngajawab, ”Sabagian ditulis dina basa Aram.” Peter nineung, ”Pendéta éta teu nyangka kuring bisa ngajawab, komo deui kuring! Naha nya kuring bisa nyaho jawabanana? Kuring balik ka imah terus mukaan deui majalah Menara Pengawal jeung Sedarlah! sababaraha bulan katukang. Kuring manggihan artikel nu ngajelaskeun yén buku Daniel ditulis dina basa Aram.” (Dan. 2:4) Roh suci bisa ngingetkeun urang kana informasi nu pernah urang baca jeung nu geus ditambahkeun ka sisimpenan urang.Luk. 12:11, 12; 21:13-15.

18 Lamun urang nyaah jeung ngahargaan bebeneran ti Yéhuwa, urang bakal terus nambahkeun leuwih loba bebeneran kana sisimpenan urang. Ku kituna, urang bisa leuwih siap ngajar batur.

JAGA HARTA SADÉRÉK

19. Ku naon urang kudu ngajaga harta rohani?

19 Dina artikel ieu, urang geus ngabahas pentingna ngahargaan harta rohani. Tapi, urang kudu waspada ulah nepi ka Sétan jeung dunyana ngaleungitkeun kanyaah urang ka éta harta. Lamun teu waspada, urang bisa kasimpangkeun ku hal-hal saperti tawaran pagawéan nu bayaranna gedé, impian hirup méwah, atawa kahayang pikeun ngagulkeun harta banda. Rasul Yohanes ngélingan urang yén dunya ieu jeung sagala eusina téréh leungit. (1 Yoh. 2:15-17) Éta sababna urang kudu terus nganuhunkeun jeung ngajaga harta rohani urang.

20. Naon tékad Sadérék pikeun ngajaga harta rohani?

20 Tong asa-asa miceun naon waé nu bisa ngaleungitkeun kanyaah urang ka Karajaan Allah. Sing sumanget dina ngawawar, ulah kaleungitan kanyaah ka palayanan. Terus talungtik bebeneran Alkitab. Ku kituna, Sadérék bakal nambahan ”harta anu aya di sawarga. Eta harta moal aya sudana, moal bisa aya nu maling, jeung moal dihakan ku rinyuh”.Luk. 12:33, 34.