Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Perhatikeun Masalah nu Leuwih Penting

Perhatikeun Masalah nu Leuwih Penting

Supados maranehna ngarasa, yen mung Gusti nu jumeneng PANGERAN, anu murbeng sakuliah jagat.”JAB. 83:19.

KAWIH: 46, 136

1, 2. (a) Masalah naon nu pangpentingna keur sakabéh manusa? (b) Naon mangpaatna lamun urang ngadukung kadaulatan Yéhuwa?

LOBA jalma kiwari mentingkeun duit. Éta wé nu dipikirkeun jeung dihariwangkeun ku maranéhna. Maranéhna méakkeun loba waktu keur ngumpulkeun loba duit. Nu séjénna, leuwih ngutamakeun masalah kulawarga, kaséhatan, jeung cita-cita dina kahirupan.

2 Tapi, aya masalah nu leuwih penting deui ti batan hal-hal éta, nyaéta ditanjeurkeunana kadaulatan Yéhuwa. Ieu hal nu kudu terus urang perhatikeun. Lamun urang teu waspada, urang bisa mopohokeun pentingna hal éta lantaran diririweuh ku kagiatan sapopoé atawa masalah sorangan. Lamun urang ngadukung kadaulatan Yéhuwa, urang bakal leuwih siap nyanghareupan masalah sapopoé, sarta bisa leuwih raket ka Mantenna.

KU NAON MASALAH IEU TÉH PENTING?

3. Naon tuduhan Sétan ngeunaan Yéhuwa?

3 Sétan si Iblis cangcaya kana hak Yéhuwa pikeun maréntah. Sétan hayang urang mikir Yéhuwa téh Pangawasa jahat nu teu hayang urang bagja. Sacara teu langsung, Sétan ngomong yén manusa bakal leuwih bagja lamun maréntah diri sorangan. (Kaj. 3:1-5) Sétan ogé ngomong yén moal aya saurang-urang acan nu bener-bener satia ka Yéhuwa, komo lamun ngalaman kasusah mah, tangtu bakal nolak Mantenna jadi Pangawasa. (Ayub 2:4, 5) Jadi, Yéhuwa méré waktu sangkan sakabéh mahluk sadar lamun hirup tanpa Mantenna téh bakal kacow.

4. Ku naon masalah kadaulatan kudu dijawab?

4 Geus tangtu Yéhuwa terang lamun tuduhan Sétan téh bohong. Jadi, ku naon Yéhuwa méré waktu ka Sétan pikeun ngabuktikeun tuduhanana? Jawabanana ngalibetkeun sakabéh mahluk di sawarga jeung di bumi. (Baca Jabur 83:19.) Adam, Hawa, jeung nu séjén nolak diparéntah ku Yéhuwa. Jadi, bisa waé aya nu mikir lamun Iblis téh bener. Salila masalah kadaulatan can kajawab dina pipikiran manusa jeung malaikat, moal bakal kawujud kahirupan nu tengtrem tur bébas ti papecah. Tapi sanggeus kadaulatan Yéhuwa ditanjeurkeun, kabéh mahluk bakal salawasna tunduk ka pamaréntahan-Na nu bener. Sakuliah jagat bakal tengtrem.Epe. 1:9, 10.

5. Naon bagian urang dina masalah kadaulatan?

5 Kadaulatan Allah bakal ditanjeurkeun. Pamaréntahan Sétan jeung manusa bakal kabukti gagal sarta dimusnakeun. Pamaréntahan Allah ku jalan Karajaan Kristus bakal suksés. Jalma-jalma nu satia bakal ngabuktikeun lamun manusa bisa satia ngadukung pamaréntahan Allah. (Yes. 45:23, 24) Naha urang ogé hayang ngadukung kadaulatan Yéhuwa? Tangtu! Lamun kitu, urang kudu paham sakumaha pentingna masalah ieu.

DITANJEURKEUNANA KADAULATAN LEUWIH PENTING TI KASALAMETAN

6. Sakumaha pentingna masalah kadaulatan Yéhuwa téh?

6 Ditanjeurkeunana kadaulatan Yéhuwa leuwih penting ti batan kabagjaan urang. Tapi, ieu lain hartina Yéhuwa nyapirakeun kasalametan urang jeung teu paduli ka urang. Ti mana urang nyaho?

Ditanjeurkeunana kadaulatan Yéhuwa leuwih penting ti batan kabagjaan jeung kasalametan urang

7, 8. Naon mangpaat ditanjeurkeunana kadaulatan Yéhuwa?

7 Yéhuwa kacida nyaahna ka manusa. Buktina, Mantenna masihan Putra-Na sangkan urang bisa hirup langgeng. (Yoh. 3:16; 1 Yoh. 4:9) Lamun Yéhuwa teu tigin kana jangji-Na ka urang, éta hartina Sétan jeung baladna téh bener. Sétan nuduh Yéhuwa téh tukang bohong nu nyamunikeun hal-hal hadé ti manusa, jeung maréntahna tara adil. Musuh-musuh ngaléléwé, ”Lain geus jangji rek datang deui? Mana? Da ti semet maot karuhun, naon-naon oge dengdeng bae kaayaanana cara keur jaman dunya mimiti ngadeg!” (2 Pet. 3:3, 4) Tapi, Yéhuwa bakal ngalaksanakeun jangji-Na. Mantenna mastikeun basa kadaulatana-Na ditanjeurkeun, manusa nu satia ogé bakal disalametkeun. (Baca Yesaya 55:10, 11.) Kadaulatan Yéhuwa dumasar kana kaasih. Jadi, urang bisa yakin yén Mantenna nyaah jeung ngahargaan hamba-hamba-Na nu satia.Bud. 34:6.

8 Sanajan masalah kadaulatan Yéhuwa téh penting, lain hartina kasalametan urang teu penting keur Mantenna. Yéhuwa bener-bener merhatikeun urang. Urang kudu terus inget kana hal nu pangpentingna, sarta satia ngadukung pamaréntahan Yéhuwa.

AYUB NGAROBAH CARA PIKIRNA

9. Naon tuduhan Sétan ka Ayub? (Tingali gambar dina awal artikel.)

9 Penting pisan sangkan urang boga pandangan nu bener ngeunaan kadaulatan Yéhuwa. Hal ieu dijelaskeun dina buku Ayub, salah sahiji kitab nu mimiti ditulis. Di dinya urang maca tuduhan Sétan yén Ayub bakal ninggalkeun Yéhuwa lamun ngalaman sangsara. Malahan Sétan ménta sangkan Allah nyieun Ayub sangsara. Yéhuwa teu kersaeun, tapi ngidinan Sétan nguji Ayub, saur Mantenna, ”Heug, sagala pangabogana kawasaan ku maneh.” (Baca Ayub 1:7-12.) Teu lila, Ayub kaleungitan bujang-bujang jeung sagala pangabogana. Sapuluh barudakna ogé maraot dina musibat. Sétan nyieun kajadianna saolah-olah disababkeun ku Yéhuwa. (Ayub 1:13-19) Sétan ogé nyiksa Ayub ku panyakit nu pikageuleuheun. (Ayub 2:7) Ayub gé beuki nalangsa sabab pamajikan jeung tilu sobat palsuna ngagerihan haté Ayub ku omongan maranéhna.Ayub 2:9; 3:11; 16:1, 2.

10. (a) Kumaha Ayub némbongkeun kasatiaan ka Allah? (b) Ku naon cara pikir manéhna kudu dilempengkeun?

10 Naha tuduhan Sétan téh bener? Henteu. Sanajan Ayub meunang loba musibat, manéhna tara nempuhkeun ka Allah. (Ayub 2:10) Tapi keur saheulaanan, Ayub mopohokeun hal nu leuwih penting jeung ngan mikirkeun dirina sorangan. Manéhna teu rumasa boga salah. Ayub ogé ngarasa kudu nyaho alesanana manéhna sangsara. (Ayub 7:20; 13:24) Sigana mah jamak lamun Ayub ngarasa siga kitu. Tapi, Yéhuwa terang Ayub boga cara pikir nu salah. Ku kituna, Mantenna ngalempengkeun cara pikirna. Kumaha carana?

11, 12. Yéhuwa mantuan Ayub sangkan paham kana hal naon? Kumaha réaksi Ayub?

11 Cariosan Yéhuwa ka Ayub aya dina pasal 38 nepi ka 41 buku Ayub. Yéhuwa teu ngajelaskeun naon sababna Ayub sangsara. Sabalikna, Yéhuwa mantuan Ayub sangkan bisa ngukur sakumaha leutik dirina dibandingkeun jeung Allah. Mantenna ngajarkeun yén aya masalah nu leuwih penting ti batan masalahna Ayub. (Baca Ayub 38:18-21.) Cariosan Yéhuwa ngalempengkeun cara pikir Ayub.

12 Naha Yéhuwa nyarios kitu téh némbongkeun Mantenna teu boga rasrasan kana kasangsaraan Ayub? Tangtu henteu, Ayub gé teu mikir kitu. Ayub paham jeung ngahargaan naséhat Yéhuwa. Ayub ngomong, ”Ana emut kana ucapan sorangan, estu kalintang isinna, seja nyanggakeun pertobat.” (Ayub 42:1-6) Saacanna, Ayub ogé meunang naséhat ti Élihu nu ngora kénéh. (Ayub 32:5-10) Sanggeus Ayub ngabandungan naséhat Yéhuwa jeung ngarobah cara pikirna, Yéhuwa masihan terang ka nu séjén yén kasatiaan Ayub kamanah ku Mantenna.Ayub 42:7, 8.

13. Kumaha naséhat Yéhuwa masih kénéh mawa mangpaat keur Ayub sanajan kasangsaraanana geus réngsé?

13 Naséhat ti Yéhuwa masih kénéh mawa mangpaat keur Ayub sanajan kasangsaraanana geus réngsé. ”Ka tungtungnakeun hirup Ayub ku PANGERAN dihujanan ku berkah leuwih ti asal tadina.” Ahirna, manéhna ’boga deui putra, tujuh pameget tilu istri’. (Ayub 42:12-14) Sanajan Ayub nyaah ka barudakna nu ieu, manéhna ogé tangtu sono ka barudakna nu geus maraot. Bisa jadi manéhna gé moal poho kana sagala musibat nu kaalaman ku manéhna jeung kulawargana. Sanajan Ayub geus leuwih paham alesan manéhna sangsara, bisa jadi Ayub tetep mikirkeun ku naon Allah ngantep manéhna ngalaman kasangsaraan nu kacida. Lamun éta kapikiran ku Ayub, manéhna bisa inget deui kana cariosan Yéhuwa. Éta nu nguatkeun manéhna jeung ngalempengkeun cara pikirna.Jab. 94:19.

Naha urang terus inget kana kadaulatan Yéhuwa ti batan masalah sorangan? (Tingali paragrap 14)

14. Naon palajaran tina pangalaman Ayub?

14 Ngalenyepan pangalaman Ayub bisa ngalempengkeun cara pikir jeung ngalilipur urang. Buku Ayub téh bagian tina firman Yéhuwa keur ”ngajar urang, kudu sabar tawekal supaya urang ulah nepi ka pegat harepan”. (Rum 15:4) Urang diajar sangkan ulah mikirkeun teuing kasusah urang nepi ka mopohokeun masalah kadaulatan Yéhuwa. Saperti Ayub, urang ngadukung kadaulatan Yéhuwa ku cara tetep satia sanajan nyanghareupan kasusah.

15. Naon hasilna lamun urang terus satia?

15 Pangalaman Ayub bisa ngalilipur urang. Kasangsaraan téh lain hartina Yéhuwa bendu ka urang. Justru éta kasempetan pikeun ngadukung kadaulatan Yéhuwa. (Sil. 27:11) Lamun urang tetep tabah tur satia, urang kamanah ku Yéhuwa jeung harepan urang jadi beuki kuat. (Baca Rum 5:3-5.) Pangalaman Ayub némbongkeun yén ”Pangeran mah sipat murah jeung sipat welas”. (Yak. 5:11) Urang bakal diberkahan lamun ngadukung kadaulatan Yéhuwa. Ku kituna, urang bisa ”sabar tawekal nandangan sagala cocoba, dibarengan ku kabungah”.Kol. 1:11.

ULAH KASIMPANGKEUN

16. Ku naon urang kudu terus ngélingan diri kana pentingna ngadukung kadaulatan Yéhuwa?

16 Mémang teu gampang pikeun museurkeun pikiran kana masalah kadaulatan basa keur nyanghareupan masalah dina kahirupan. Masalah leutik ogé bisa karasa gedé lamun terus dipikirkeun. Jadi, urang kudu terus ngélingan diri kana pentingna ngadukung kadaulatan Yéhuwa teu sual kasulitan nu dialaman ku urang.

Terus sibuk dina palayanan ka Yéhuwa ngabantu urang tetep inget kana hal nu leuwih penting

17. Naon mangpaatna terus sibuk dina palayanan ka Yéhuwa?

17 Terus sibuk dina palayanan ka Yéhuwa ngabantu urang tetep inget kana hal nu leuwih penting. Contona, sadérék nu ngaranna Renee keuna panyakit stroke jeung kangker, sarta ngarasakeun nyeri nu teu eureun-eureun. Basa keur di rumah sakit, manéhna ngawawar ka nu besuk, pasién séjén, jeung ka pagawé rumah sakit. Waktu Renee diopname salila dua minggu satengah, manéhna bisa ngawawar 80 jam. Renee sadar umurna moal lila deui, tapi manéhna tara mopohokeun hal nu leuwih penting. Ngadukung kadaulatan Yéhuwa mawa katengtreman ka manéhna.

18. Tina pangalaman Jennifer, urang diajar naon ngeunaan ngadukung kadaulatan Yéhuwa?

18 Urang gé bisa ngadukung kadaulatan Yéhuwa waktu nyanghareupan masalah sapopoé nu leuwih leutik. Saurang sadérék nu ngaranna Jennifer kudu ngadagoan tilu poé di bandara sangkan bisa balik ka imahna. Sanggeus sababaraha kali jadwal pesawatna dibatalkeun, Jennifer jadi ngarasa lungsé jeung cuang-cieung. Manéhna bisa waé nyeungceurikan kaayaanana. Tapi, Jennifer ngadoa sangkan Yéhuwa mantuan manéhna pikeun ngawawar ka batur nu jéngkél ogé ngadagoan pesawat. Hasilna, manéhna bisa ngawawar ka loba jalma jeung ngabagikeun loba bacaan. Jennifer nyarita, ”Sanajan ngalaman hal nu ngajéngkélkeun, kuring diberkahan ku Yéhuwa jeung dikuatkeun pikeun ngamulyakeun nami-Na.”

19. Naon cirina umat nu sajati?

19 Ngan umat Yéhuwa nu bener-bener paham kana pentingna kadaulatan Yéhuwa. Ieu téh jadi ciri umat nu sajati. Jadi, urang masing-masing kudu ngupayakeun pikeun ngadukung kadaulatan Yéhuwa.

20. Kumaha parasaan Yéhuwa basa ningali dukungan urang?

20 Bari urang satia jeung tabah nyanghareupan kasusah, urang bisa yakin Yéhuwa ningali jeung ngahargaan sagala dukungan urang pikeun kadaulatan-Na. (Jab. 18:26) Artikel saterusna bakal ngabahas ku naon kadaulatan Yéhuwa layak didukung sapinuh haté sarta kumaha carana.