Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Jungjung Kadaulatan Yéhuwa!

Jungjung Kadaulatan Yéhuwa!

Nun Pangeran, nun Allah! Mung Gusti anu layak diagungkeun, dihormat, nu layak nyangking kawasa. Reh Gusti teh nu nyiptakeun saniskara.WAHYU 4:11.

KAWIH: 112, 133

1, 2. Urang masing-masing kudu yakin kana hal naon? (Tingali gambar dina awal artikel.)

SAKUMAHA nu geus dibahas dina artikel saacanna, Iblis nuduh lamun Yéhuwa teu pantes maréntah manusa. Manéhna ngomong yén pamaréntahan Yéhuwa moal adil sarta manusa bakal leuwih bagja lamun maréntah diri sorangan. Naha Sétan téh bener? Bayangkeun lamun manusa bisa maréntah diri sorangan jeung hirup langgeng. Naha maranéhna bakal leuwih bagja ti batan waktu manéhna diparéntah Allah? Naha Sadérék bakal leuwih bagja lamun hirup langgeng jeung bébas ti Allah?

2 Urang masing-masing kudu mikirkeun jeung manggihan jawabanana. Ku kituna, kakara jelas lamun cara Yéhuwa maréntah téh nu panghadéna jeung Mantenna layak didukung sapinuhna. Urang bisa yakin kana hal ieu lantaran disebutkeun dina Alkitab. Hayu urang tingali naon nu disebutkeun dina Alkitab ngeunaan hak Yéhuwa pikeun maréntah jagat raya.

YÉHUWA GADUH HAK PIKEUN MARÉNTAH

3. Ku naon Yéhuwa gaduh hak pikeun jadi Pangawasa?

3 Yéhuwa hiji-hijina Pangawasa nu daulat di jagat raya lantaran Mantenna téh Allah Nu Nyipta tur mahakawasa. (1 Bab. 29:11; Ras. 4:24) Dina hiji titingalian, 144.000 raja nu maréntah bareng Kristus ngomong, ”Nun Pangeran, nun Allah! Mung Gusti anu layak diagungkeun, dihormat, nu layak nyangking kawasa. Reh Gusti teh nu nyiptakeun saniskara, nya ku karana pangersa Gusti eta sadaya kumelip hirup.” (Wahyu 4:11) Lantaran nyiptakeun saniskara, Yéhuwa gaduh hak pikeun maréntah bumi jeung sawarga.

4. Sanajan boga kabébasan milih, ku naon urang teu boga hak pikeun barontak ka Yéhuwa?

4 Sétan teu nyiptakeun nanaon. Jadi, manéhna teu boga hak pikeun maréntah jagat raya. Boh Sétan boh Adam jeung Hawa teu nyadar diri waktu barontak ka Yéhuwa. (Yer. 10:23) Sanajan boga kabébasan milih, naha maranéhna boga hak pikeun nolak pamaréntahan Yéhuwa? Henteu. Kabébasan milih téh dipasihan pikeun nyieun pilihan jeung putusan, lain pikeun barontak ka Nu Nyipta. Jadi, barontak ka Allah téh sarua jeung nyéléwéngkeun kabébasan milih. Sabagé manusa, urang butuh aturan jeung bingbingan Yéhuwa.

Sagala hukum, prinsip, sarta putusan ti Yéhuwa salawasna bener jeung hadé

5. Ku naon putusan Yéhuwa salawasna adil?

5 Pék pikirkeun alesan séjénna ku naon Yéhuwa gaduh hak pikeun maréntah. Mantenna ngagunakeun wewenang-Na ku cara nu adil sampurna. Mantenna nyarios, ”Kanyaah Kami taya watesna, sarta Kami salawasna midamel nu bener jeung nu saenyana. Nya kalakuan kitu karesep Kami.” (Yer. 9:24) Yéhuwa teu perlu ningali heula aturan manusa pikeun nangtukeun mana nu bener. Justru Mantenna nu nyieun papakon ngeunaan nu bener. Dumasar kana kaadilan-Na nu sampurna, Yéhuwa masihan hukum-hukum ka manusa. Nu nulis jabur ngomong, ”Karajaan Gusti napak dina kaestuan sareng kaadilan.” Jadi, sagala hukum, prinsip, sarta putusan ti Yéhuwa salawasna bener. (Jab. 89:15; 119:128) Sétan nuduh lamun Yéhuwa lain Pangawasa nu adil. Tapi, malahan Sétan nu teu bisa mawa kaadilan di bumi.

6. Naon alesan séjénna nu ngabuktikeun Yéhuwa boga hak pikeun maréntah?

6 Alesan séjénna deui nyaéta Mantenna gaduh pangaweruh jeung hikmat pikeun ngurus jagat raya. Éta katingali waktu Putra-Na dipasihan kamampuh pikeun nyageurkeun panyakit nu teu bisa diubaran ku tabib. (Mat. 4:23, 24; Mar. 5:25-29) Keur urang éta téh mujijat, tapi keur Yéhuwa mah lain. Mantenna paham bener kana awak urang jeung sanggup nyageurkeun lamun aya nu teu bérés. Mantenna ogé bisa ngahirupkeun deui nu maraot jeung ngaleungitkeun musibat alam.

7. Naon nu némbongkeun lamun hikmat Yéhuwa téh nu pangunggulna?

7 Pacogrégan di hiji nagri sarta peperangan di antara nagri-nagri teu bisa diréngsékeun ku dunya nu dikawasaan ku Sétan. Mung Yéhuwa nu gaduh hikmat pikeun nyieun katengtreman di dunya. (Yes. 2:3, 4; 54:13) Urang jadi paham kana kekecapan Paulus, ”Kawijaksanaan jeung kauninga-Na sakitu jerona. Saha anu bisa ngajugjugan putusan-putusan Mantenna? Saha anu bisa ngarti kana cara barang damel-Na?”Rum 11:33.

PAMARÉNTAHAN YÉHUWA TÉH NU PANGHADÉNA

8. Kumaha parasaan Sadérék kana cara Yéhuwa maréntah?

8 Alkitab geus ngajéntrékeun yén Yéhuwa gaduh hak pikeun maréntah. Alkitab ogé ngayakinkeun urang yén Yéhuwa téh Pangawasa nu panghadéna. Salah sahiji alesanana nyaéta Mantenna maréntah ku kaasih. Urang bisa raket ka Mantenna sabab ngarasakeun yén Mantenna téh ”sipat welas, sipat karunya, tara barangasan, sugih kaasih, sipat satuhu”. (Bud. 34:6) Allah ngajénan sarta ngajaga martabat urang. Mantenna bisa ngurus urang leuwih alus ti batan urang ngurus diri sorangan. Si Iblis ngomong yén Yéhuwa moal masihkeun hal-hal nu hadé ka urang, tapi éta téh bohong. Allah justru masihkeun Putra-Na nu dipikanyaah sangkan urang bisa hirup langgeng.Baca Jabur 84:12; Rum 8:32.

Yéhuwa bisa ngurus urang leuwih alus ti batan urang ngurus diri sorangan

9. Naon buktina Allah merhatikeun urang masing-masing?

9 Yéhuwa mikaasih kabéh umat-Na. Tapi, Mantenna ogé merhatikeun urang masing-masing. Perhatikeun conto di jaman baheula. Salila tilu ratus taun, Yéhuwa ngagunakeun hakim-hakim pikeun ngabingbing bangsa Israil jeung ngabébaskeun maranéhna ti musuh. Tapi sapanjang waktu éta, umat-Na diperhatikeun hiji-hiji ku Yéhuwa. Salah sahiji contona nyaéta Rut. Manéhna lain urang Israil, jeung ngorbankeun loba hal pikeun jadi umat Yéhuwa. Yéhuwa ngaberkahan Rut ku cara masihan salaki jeung hiji putra. Malahan mah, putra Rut jadi salah sahiji karuhunna Mésias. Yéhuwa ngatur sangkan ngaran Rut dipaké jadi ngaran buku dina Alkitab nu ngamuat kisah hirupna. Pék bayangkeun parasaan Rut basa manéhna dihirupkeun deui jeung nyaho hal-hal ieu.Rut 4:13; Mat. 1:5, 16, Sunda Formal.

10. Naon nu némbongkeun yén Yéhuwa lain pangawasa nu sok nindes?

10 Yéhuwa lain pangawasa nu sok nindes. Sabalikna, nu taat ka Mantenna bakal merdéka jeung bagja. (2 Kor. 3:17) Daud ngomong ngeunaan Yéhuwa, ”Mantenna dikubeng ku kamulyaan jeung kaagungan, kakawasaan jeung kasukaan ngeusian tempat linggih-Na.” (1 Bab. 16:7, 27) Étan nu nulis jabur ngomong, ”Estu bagja jalmi anu sumujud ka Gusti bari gumbira, anu hirupna dina cahaya kasaean Gusti. Sadidintenna suka bungah ku karana Gusti, muji sukur ku karana piwelas Gusti.”Jab. 89:16, 17.

11. Kumaha urang bisa leuwih yakin yén pamaréntahan Yéhuwa nu panghadéna?

11 Beuki ngalenyepan kahadéan Yéhuwa, beuki yakin urang lamun pamaréntahan Mantenna nu panghadéna. Urang satuju jeung nu nulis jabur, ”Kangge abdi, mending sadinten aya di Bait Gusti, tinimbang sarebu dinten di sanes tempat.” (Jab. 84:11) Lantaran nyiptakeun urang, Yéhuwa paling apal naon nu bisa ngabagjakeun urang. Hal-hal éta dicumponan ku Mantenna kalawan limpah. Sagala paréntah-Na demi kapentingan urang kénéh. Sanajan kudu nyieun pangorbanan, urang bakal terus bagja lamun taat ka Yéhuwa.Baca Yesaya 48:17.

12. Naon alesan utama urang ngadukung kadaulatan Yéhuwa?

12 Tina Alkitab, urang nyaho yén bakal aya nu barontak ngalawan kadaulatan Yéhuwa sanggeus Sarébu Taun Pamaréntahan Kristus. (Wahyu 20:7, 8) Ku naon bisa kitu? Basa éta, Iblis bakal mangaruhan jalma-jalma sangkan mentingkeun diri sorangan. Ti baheula gé manéhna geus kitu. Manéhna bakal ngayakinkeun jalma-jalma yén maranéhna bisa hirup langgeng sanajan teu taat ka Allah. Éta téh mustahil. Tapi, urang kudu mariksa diri sorangan, ’Naha kuring bakal percaya kana kabohongan éta?’ Urang tangtu bakal mikaijid kabohongan éta lamun urang bener-bener mikanyaah Yéhuwa jeung yakin kana kahadéan tur hak-Na pikeun maréntah jagat raya. Urang ngan hayang hirup di bawah pamaréntahan Yéhuwa nu pinuh ku kaasih.

SATIA NGADUKUNG KADAULATAN ALLAH

13. Kumaha urang némbongkeun lamun urang nyaah ka pamaréntahan Allah?

13 Saperti nu geus dijelaskeun, Yéhuwa gaduh hak pikeun maréntah sarta cara-Na maréntah téh nu panghadéna. Kadaulatan Yéhuwa layak didukung sapinuhna, ku cara satia jeung nyonto ka Mantenna. Lamun urang nyonto lalampahan Yéhuwa dina kahirupan, éta hartina urang nyaah jeung ngadukung pamaréntahan Mantenna.Baca Epesus 5:1, 2.

14. Kumaha kapala kulawarga jeung kokolot sidang bisa nyonto Yéhuwa?

14 Dina Alkitab, urang diajar lamun Yéhuwa welas asih dina ngagunakeun kawasa-Na. Kapala kulawarga jeung kokolot sidang nu ngadukung kadaulatan Yéhuwa bakal nyonto Mantenna sarta moal kasar atawa loba nungtut. Rasul Paulus bajoang pikeun nyonto Allah jeung Putra-Na. (1 Kor. 11:1) Sangkan batur ngalampahkeun nu bener, Paulus ngageuing haté maranéhna, lainna maksa atawa nyieun maranéhna jadi éra. (Rum 12:1; Epe. 4:1; Pilm. 8-10) Dina hal ieu, Paulus nyonto Yéhuwa. Lamun urang welas asih ka batur, urang ngadukung kadaulatan Mantenna.

15. Kumaha carana urang ngadukung pamaréntahan Yéhuwa?

15 Urang ogé ngadukung pamaréntahan Yéhuwa ku cara tunduk jeung ngajénan maranéhna nu dipasihan wewenang. Sanajan urang teu pati paham atawa satuju kana putusan maranéhna, urang tetep ngadukung maranéhna. Jalma-jalma di dunya mah teu kitu, tapi urang bakal ngalakukeun hal éta lantaran ngangken Yéhuwa salaku Pangawasa. (Epe. 5:22, 23; 6:1-3; Ibr. 13:17) Urang bakal bagja lantaran Allah miharep nu panghadéna keur urang.

16. Kumaha putusan urang bisa némbongkeun dukungan ka kadaulatan Allah?

16 Dukungan urang ka kadaulatan Allah ogé katingali tina putusan-putusan urang. Yéhuwa teu masihan paréntah nu rinci pikeun unggal situasi, tapi masihan terang cara pikir-Na sangkan urang nyaho kudu kumaha. Contona, Yéhuwa teu masihan daptar pakéan nu meunang dipaké jeung nu henteu. Tapi, Mantenna ngajelaskeun lamun pakéan urang kudu basajan jeung pantes salaku hamba Allah. (1 Tim. 2:9, 10) Mantenna ogé hoyong urang mikirkeun pangaruh putusan urang ka batur. (1 Kor. 10:31-33) Lamun urang nyieun putusan dumasar kana cara pikir Yéhuwa, éta hartina urang nyaah jeung ngadukung pamaréntahan Mantenna.

Ngadukung kadaulatan Allah dina nyieun putusan jeung dina kahirupan kulawarga (Tingali paragrap 16-18)

17, 18. Kumaha pasangan salaki pamajikan bisa némbongkeun dukungan ka kadaulatan Yéhuwa?

17 Perhatikeun hiji cara pasangan Kristen bisa ngadukung kadaulatan Yéhuwa. Perkawinan bisa jadi béda jeung nu dibayangkeun. Malahan bisa waé muncul masalah gedé. Lamun kitu, maranéhna bisa diajar ti cara Yéhuwa nyanghareupan bangsa Israil kuno. Yéhuwa ngaibaratkeun diri-Na sabagé salaki keur umat-Na. (Yes. 54:5; 62:4) ”Perkawinan” éta loba masalah lantaran bangsa éta sering nguciwakeun Yéhuwa. Tapi, Yéhuwa teu buru-buru megatkeun hubungan-Na jeung Israil. Mangkali-kali Mantenna ngahampura maranéhna jeung nedunan jangji-Na.Baca Jabur 106:43-45.

18 Pasangan Kristen nu nyaah ka Yéhuwa ngupayakeun pikeun nyonto Mantenna. Sanajan aya masalah, maranéhna moal néangan jalan kaluar nu teu luyu jeung Alkitab. Maranéhna apal yén keur Yéhuwa, ikrar perkawinan téh sérius sarta hoyong salaki jeung pamajikan tetep ”ngahiji”. Kitab Suci nyebutkeun hiji-hijina alesan nu sah pikeun pepegatan jeung nikah deui, nyaéta lamun batur hirupna jinah. (Mat. 19:5, 6, 9) Lamun pasangan Kristen satékah polah nyukséskeun perkawinan, maranéhna ngadukung kadaulatan Yéhuwa.

19. Urang kudu kumaha lamun nyieun kasalahan?

19 Ku sabab teu sampurna, urang kabéh bisa nguciwakeun Yéhuwa. Mantenna apal kana hal ieu, éta sababna Mantenna masihan tebusan Kristus. Ku kituna, lamun nyieun kasalahan, urang kudu nyuhunkeun pangampura ti Yéhuwa. (1 Yoh. 2:1, 2) Ti batan teterusan rumasa salah, urang kudu diajar tina kasalahan. Lamun urang tetep raket ka Yéhuwa, Mantenna bakal ngahampura sarta ngabantu urang pulih deui jeung terus ngawula Mantenna.Jab. 103:3.

20. Naon sababna urang kudu ngadukung kadaulatan Yéhuwa ayeuna?

20 Di dunya anyar, kabéh bakal diparéntah ku Yéhuwa jeung diajar ngeunaan jalan-jalan-Na nu bener. (Yes. 11:9) Tapi ayeuna ogé, urang bisa diajar loba hal ngeunaan cara pikir jeung kahoyong Mantenna. Sakeudeung deui, moal aya nu cangcaya kana hak Allah pikeun maréntah. Jadi, hayu urang sabisa-bisa ngadukung kadaulatan Yéhuwa ku cara taat, satia ngawula, jeung satékah polah nyonto Mantenna.