Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

’Katengtreman ti Allah Moal Kahontal ku Akal’

’Katengtreman ti Allah Moal Kahontal ku Akal’

”Katengtreman jeung karahayuan ti Allah,nu moal kahontal ku akal baris nengtremkeun hate.”​—PIL. 4:7.

KAWIH: 76, 141

1, 2. Naon nu kaalaman ku Paulus jeung Silas di Pilipi? (Tingali gambar dina awal artikel.)

PÉK bayangkeun kajadianna. Kira-kira tengah peuting, dua misionaris, Paulus jeung Silas, aya di panjara nu pangjerona jeung pangpoékna di kota Pilipi. Maranéhna teu bisa obah lantaran sukuna dipasung terus tonggongna nyeri lantaran diteunggeulan. (Ras. 16:23, 24) Saméméhna dina poé éta kénéh, Paulus jeung Silas ujug-ujug diséréd ku jalma réa ka alun-alun, dibawa ka nu wajib. Tuluy maranéhna didakwa. Bajuna disoéhan jeung maranéhna diteunggeulan ku kai. (Ras. 16:16-22) Éta teu adil lantaran Paulus téh warga nagara Rum jeung sakuduna didakwa ku cara nu bener. *—Tingali catetan handap.

2 Di panjara, bisa jadi Paulus mikirkeun kajadian tadi sarta jalma-jalma di Pilipi. Di éta kota, teu aya hiji-hiji acan imah ibadah, teu siga kota-kota séjénna nu dianjangan ku Paulus. Jadi, urang Yahudi di dinya kudu ibadah di sisi walungan luareun kota. (Ras. 16:13, 14) Meureun ieu téh lantaran teu aya sapuluh lalaki Yahudi di éta kota, padahal ieu téh sarat pikeun ngadegkeun imah ibadah. Urang Pilipi ogé reueus sabagé warga nagara Rum. (Ras. 16:21) Bisa jadi, éta sababna urang Pilipi teu nyangka yén Paulus jeung Silas ogé warga nagara Rum sanajan maranéhna urang Yahudi. Urang teu nyaho kumaha pastina, tapi urang nyaho yén Paulus jeung Silas dijebloskeun ka panjara kalawan teu adil.

3. Bisa jadi, naon nu kapikiran ku Paulus basa keur di panjara, tapi kumaha sikep manéhna?

3 Bisa jadi Paulus ogé inget deui kumaha manéhna bisa aya di Pilipi. Sababaraha bulan katukang, Paulus keur aya di peuntaseun Laut Aégéa di Asia Leutik. Di dinya, mangkali-kali roh suci ngalarang manéhna ngawawar di sababaraha daérah. Katingalina, roh suci rék nungtun manéhna ka daérah séjén. (Ras. 16:6, 7) Ka mana? Basa keur di Troas, dina hiji titingalian, aya nu ngomong ka Paulus, ”Mugi sumping ka Makedoni.” Paulus jadi nyaho kahoyong Yéhuwa! Manéhna gancang indit ka Makédoni. (Baca Rasul 16:8-10.) Tapi, kumaha saterusna? Teu lila sanggeus nepi di Makédoni, manéhna dijebloskeun ka panjara! Ku naon Yéhuwa ngidinan Paulus ngalaman ieu? Sabaraha lila manéhna kudu dipanjara? Sanajan hal-hal ieu bisa jadi kapikiran ku Paulus, manéhna tetep bungah jeung kuat iman. Paulus jeung Silas ”ngadaroa jeung pupujian ka Allah”. (Ras. 16:25) Katengtreman ti Allah ngalipur haté jeung pikiran maranéhna.

4, 5. (a) Saperti Paulus, naon nu bisa kaalaman ku urang? (b) Kumaha kaayaan Paulus barobah?

4 Naha Sadérék pernah ngarasa siga Paulus? Bisa jadi Sadérék pernah nyuhunkeun bantuan Yéhuwa pikeun nyieun putusan sarta Sadérék ngarasa geus nuturkeun tungtunan roh suci. Tapi sanggeus éta, Sadérék malah nyanghareupan loba masalah atawa kudu nyieun parobahan nu gedé pisan dina kahirupan. (Pan. 9:11) Waktu Sadérék mikirkeun deui kaayaanana, Sadérék bisa jadi bingung ku naon Yéhuwa ngidinan Sadérék ngalaman ieu. Naon nu bisa mantuan Sadérék sangkan tetep tabah jeung ngandel ka Yéhuwa? Jawabanana aya dina pangalaman Paulus jeung Silas saterusna.

5 Basa Paulus jeung Silas ngawih, kajadian hal-hal nu teu kabayang ku maranéhna. Mimitina aya lini gedé. Panto-panto panjara mararuka, terus ranté-ranté borogod para sakitan ngadadak lésot. Ningali éta, kapala panjara rék bunuh diri, tapi dihalangan ku Paulus, tuluy kapala panjara tur kulawargana dibaptis. Isuk-isukna, utusan-utusan pamaréntah ngaluarkeun Paulus jeung Silas tina panjara jeung nitah maranéhna ninggalkeun éta kota. Basa pajabat pamaréntah nyahoeun yén Paulus jeung Silas warga nagara Rum, maranéhna rumasa geus nyieun kasalahan, sarta nganteur Paulus jeung Silas kaluar. Tapi, saacan ninggalkeun éta kota, Paulus jeung Silas pileuleuyan heula jeung Lidia, sadérék istri nu kakara baptis, sarta negerkeun dulur-dulur di Pilipi. (Ras. 16:26-40) Sakitu gancangna kaayaan barobah!

”NU MOAL KAHONTAL KU AKAL”

6. Naon waé nu bakal dibahas?

6 Naon palajaran tina kajadian ieu? Yéhuwa bisa ngalakukeun hal-hal nu teu kabayang ku urang, jadi ulah salempang lamun nyanghareupan cocoba. Urang nyaho palajaran ieu nanceb dina haté Paulus tina eusi suratna keur dulur-dulur di Pilipi ngeunaan kasalempangan hirup sarta katengtreman ti Allah. Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas kekecapan Paulus di Pilipi 4:6, 7. (Baca.) Urang ogé bakal ngabahas conto-conto Alkitab nu nunjukkeun yén Yéhuwa bisa ngalakukeun hal-hal nu teu kabayang ku urang. Nu pamungkas, urang bakal ngabahas kumaha ’katengtreman ti Allah’ bisa ngabantu urang tetep tabah bari ngandel sagemblengna ka Yéhuwa.

Yéhuwa bisa ngalakukeun hal-hal nu teu kabayang ku urang, jadi ulah salempang lamun aya cocoba

7. Naon nu diajarkeun ku Paulus dina suratna ka dulur-dulur di Pilipi, jeung naon palajaranana keur urang?

7 Basa dulur-dulur di Pilipi maca surat Paulus, naon nu kapikir ku maranéhna? Lolobana bisa jadi inget kana naon nu geus kaalaman ku Paulus jeung Silas sarta bantuan Yéhuwa nu teu disangka-sangka. Naon nu diajarkeun ku Paulus? Ulah salempang. Pék ngadoa, aranjeun bakal narima ”katengtreman . . . ti Allah, nu moal kahontal ku akal”. Naon hartina? Sababaraha Alkitab narjamahkeun jadi ”ngaleuwihan impian urang” atawa ”leuwih unggul ti rencana manusa”. Jadi ceuk Paulus, ’katengtreman ti Allah’ leuwih hébat ti batan nu kabayang ku urang. Sanajan sakapeung urang teu nyaho jalan kaluar tina masalah urang, Yéhuwa mah terang. Mantenna bisa ngalakukeun hal-hal nu teu kabayang ku urang.​—Baca 2 Petrus 2:9.

8, 9. (a) Sanajan Paulus ngalaman kateuadilan di Pilipi, hal-hal alus naon nu dihasilkeun? (b) Ku naon dulur-dulur di Pilipi percaya kana eusi surat Paulus?

8 Surat Paulus tangtu negerkeun dulur-dulur di Pilipi waktu maranéhna nginget-nginget deui dukungan Yéhuwa dina sapuluh taun ieu. Yéhuwa ngidinan Paulus jeung Silas ngalaman kateuadilan, tapi hasilna Injil Kasalametan ’dibela jeung dikuatkeun’. (Pil. 1:7) Pamaréntah di Pilipi teu wanieun deui nganiaya sidang Kristen nu kakara diadegkeun. Bisa jadi, lantaran Paulus ngaku sabagé warga nagara Rum, Lukas bisa tetep aya di Pilipi sanggeus Paulus jeung Silas indit. Ku kituna, Lukas bisa nguatkeun urang Kristen nu anyar di Pilipi.

9 Basa dulur-dulur di Pilipi maca surat Paulus, maranéhna nyaho yén éta téh teu ngan saukur pamikiran Paulus. Paulus geus ngalaman sorangan kasusah nu kacida. Malah manéhna nulis surat éta basa keur dipanjara di Rum. Tapi, tetep kaciri yén Paulus ngarasakeun ’katengtreman ti Allah’.​—Pil. 1:12-14; 4:7, 11, 22.

”TONG SALEMPANG NAON-NAON”

10, 11. Urang perlu ngalakukeun naon basa salempang lantaran hiji masalah, jeung naon nu bisa diharepkeun ku urang?

10 Naon nu bisa ngabantu urang ngarasakeun ’katengtreman ti Allah’ jeung teu ”salempang naon-naon”? Tina surat Paulus ka urang Pilipi, urang nyaho yén ubarna salempang téh nyaéta ngadoa. Jadi basa urang salempang, urang kudu ngunjukkeunana liwat doa. (Baca 1 Petrus 5:6, 7.) Waktu ngadoa ka Yéhuwa, urang kudu yakin yén Mantenna merhatikeun urang. Haturkeun nuhun unggal Sadérék narima berkah. Terus inget yén Yéhuwa bisa masihan ”leuwih ti anu aya dina angen-angen” urang.​—Epe. 3:20.

11 Saperti Paulus jeung Silas, urang bisa waé tajub kana bantuan Yéhuwa. Meureun éta téh lain hal nu istiméwa, tapi pasti nu dibutuhkeun ku urang. (1 Kor. 10:13) Éta lain hartina urang kari diuk, cicing, jeung ngadagoan Yéhuwa méréskeun masalahna, tapi kudu nyieun tindakan nu luyu jeung doa urang. (Rum 12:11) Éta bukti yén urang bener-bener hayang diberkahan ku Yéhuwa. Inget, Yéhuwa bisa masihan leuwih ti paménta atawa harepan urang. Sakapeung, Yéhuwa bisa ngalakukeun hal-hal nu teu kabayang ku urang. Hayu urang bahas sababaraha conto nu bisa nguatkeun kayakinan urang kana kamampuh Yéhuwa pikeun ngalakukeunana.

CONTO TINDAKAN YÉHUWA NU TEU KABAYANG KU URANG

12. (a) Naon nu dilakukeun ku Hiskia basa diancam ku Sanhérib? (b) Urang diajar naon ngeunaan carana Yéhuwa ngaréngsékeun masalah?

12 Dina Alkitab, aya loba tindakan Yéhuwa nu luar biasa. Contona, basa Hiskia jadi raja, Sanhérib, raja Asur, narajang Yuda jeung nalukkeun kabéh kotana kajaba Yérusalém. (2 Rja. 18:1-3, 13) Terus, Sanhérib datang narajang Yérusalém. Naon nu dilakukeun ku Hiskia? Pangmimitina, manéhna ngadoa nyuhunkeun pitulung Yéhuwa sarta ménta naséhat Nabi Yésaya. (2 Rja. 19:5, 15-20) Tuluy, manéhna némbongkeun sikep asup akal ku cara mayar upeti ka Sanhérib. (2 Rja. 18:14, 15) Ahirna Hiskia sasadiaan pikeun nyanghareupan pangepungan musuh. (2 Bab. 32:2-4) Kumaha hasilna? Yéhuwa ngutus hiji malaikat pikeun maéhan 185.000 prajurit Sanhérib dina sapeuting. Teu kabayang ku Hiskia bakal kitu hasilna!​—2 Rja. 19:35.

Urang diajar naon tina pangalaman Yusup?​—Kaj. 41:42 (Tingali paragrap 13)

13. (a) Urang bisa diajar naon tina pangalaman Yusup? (b) Hal luar biasa naon nu dialaman ku Sarah?

13 Pék perhatikeun, naon nu dialaman ku Yusup nu ngora kénéh. Basa keur di panjara di Mesir, Yusup teu nyangka bakal jadi pangawasa pangluhurna sanggeus raja Mesir atawa bakal dipaké ku Yéhuwa pikeun nyalametkeun kulawargana ti bahla kalaparan. (Kaj. 40:15; 41:39-43; 50:20) Tindakan Yéhuwa tangtu teu kabayangkeun ku Yusup. Pikirkeun ogé kisah Sarah, buyutna Yusup. Naha kabayang ku Sarah nu geus kolot yén manéhna bakal ngalahirkeun anak, lainna ngukut anak badégana? Bisa ngalahirkeun Ishak téh pasti teu kabayang ku manéhna.​—Kaj. 21:1-3, 6, 7.

14. Urang yakin Yéhuwa bakal masihan naon ka urang?

14 Urang teu ngarepkeun Yéhuwa bakal ngaleungitkeun kabéh masalah ku cara mujijat saméméh dunya anyar. Urang gé moal maksa Yéhuwa pikeun ngalakukeunana. Tapi, urang nyaho yén Yéhuwa geus mantuan hamba-hamba-Na baheula ku cara nu luar biasa. Mantenna henteu barobah. (Baca Yesaya 43:10-13.) Urang jadi yakin yén Yéhuwa bakal masihan kakuatan nu dibutuhkeun pikeun ngalaksanakeun pangersa-Na. (2 Kor. 4:7-9) Urang bisa diajar naon tina conto Hiskia, Yusup, jeung Sarah? Yéhuwa sanggup nulungan urang malahan dina kaayaan nu pohara susahna lamun urang satia ka Mantenna.

Yéhuwa sanggup nulungan dina kaayaan nu pohara susahna lamun urang satia

15. Kumaha urang bisa ngarasakeun ’katengtreman ti Allah’ basa aya masalah, sarta ku naon bisa kitu?

15 Kumaha urang bisa ngarasakeun ’katengtreman ti Allah’ basa aya masalah? Urang kudu terus nguatkeun sosobatan jeung Yéhuwa. Urang bisa nyobat jeung Yéhuwa lantaran korban tebusan Kristus Yésus. Tebusan téh salah sahiji padamelan Yéhuwa nu luar biasa. Ku ayana tebusan, Mantenna bisa ngahampura dosa urang. Ku kituna, urang bisa boga haté sanubari nu bersih sarta nyobat jeung Mantenna.​—Yoh. 14:6; Yak. 4:8; 1 Pet. 3:21.

HATÉ JEUNG PIKIRAN URANG BAKAL DIJAGA

16. Naon mangpaatna ’katengtreman ti Allah’? Ibaratkeun.

16 Naon mangpaatna ”katengtreman jeung karahayuan ti Allah, nu moal kahontal ku akal”? Ceuk Alkitab, éta bakal nengtremkeun haté tur pikiran urang. (Pil. 4:7) Dina basa aslina, kecap ”nengtremkeun” sering ditarjamahkeun jadi ”ngajaga”. Kecap ieu sering digunakeun dina bidang militér nu ngamaksudkeun sakelompok prajurit nu nyalindungan hiji kota. Urang Pilipi dijaga ku kelompok prajurit siga kitu. Maranéhna bisa saré tibra lantaran kotana dijaga. Kitu ogé, lamun urang ngarasakeun ’katengtreman ti Allah’, urang moal bakal salempang, haté tur pikiran urang jadi tenang. Urang nyaho yén Yéhuwa merhatikeun sarta miharep urang hirup bagja tur sugema. (1 Pet. 5:10) Ku kituna, urang moal bakal kawalahan ku parasaan leutik haté atawa salempang.

17. Naon nu bisa mantuan urang pikeun ngandel ka Yéhuwa dina mangsa cilaka?

17 Moal lila deui, mangsa cilaka bakal datang. (Mat. 24:21, 22) Urang teu nyaho naon nu bakal dialaman ku urang masing-masing. Tapi, urang teu perlu salempang teuing. Sanajan teu nyaho naon waé nu bakal dilakukeun ku Yéhuwa, urang apal kapribadian Allah urang. Urang nyaho naon waé nu geus dilakukeun ku Mantenna pikeun hamba-hamba-Na baheula. Teu sual kaayaanana, Yéhuwa pasti bakal ngawujudkeun tujuan-Na, bisa jadi ku cara nu teu kabayang ku urang! Jadi, unggal Yéhuwa ngabantu urang ayeuna, éta téh cara séjénna urang ngarasakeun ”katengtreman jeung karahayuan ti Allah, nu moal kahontal ku akal”.

^ par. 1 Katingalina Silas ogé warga nagara Rum.​—Ras. 16:37.