Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Piceun Kapribadian nu Heubeul jeung Ulah Dipaké Deui!

Piceun Kapribadian nu Heubeul jeung Ulah Dipaké Deui!

”Pribadi aranjeun anu heubeul teh, . . . geus dipiceun.”​—KOL. 3:10, Sunda Formal [SF].

KAWIH: 83, 129

1, 2. Naon nu diperhatikeun jalma-jalma ngeunaan Saksi Yéhuwa?

LOBA nu merhatikeun yén Saksi-Saksi Yéhuwa téh béda ti organisasi séjén. Contona, dina bukuna, Anton Gill muji sipat-sipat Saksi basa jaman Nazi Jerman. Manéhna nulis, ”Nazi Jerman ngéwa pisan ka Saksi-Saksi Yéhuwa. . . . Dina taun 1939, geus aya 6.000 Saksi nu diasupkeun ka [kamp konséntrasi].” Manéhna ogé nyebutkeun yén sanajan para Saksi dikaniaya, maranéhna dikenal jujur, tenang, satia ka Allah, jeung tetep ngahiji.

2 Sababaraha taun katukang, warga Afrika Selatan gé merhatikeun aya nu béda ti Saksi Yéhuwa. Dina hiji mangsa, Saksi nu béda warna kulit di nagri éta pernah teu diidinan masamoan bareng. Tapi, dina poé Minggu tanggal 18 Désémber 2011, aya leuwih ti 78.000 Saksi ti rupa-rupa sélér ngarumpul dina acara istiméwa di stadion nu panggedéna di Johannesburg. Maranéhna daratang ti Afrika Selatan jeung nagri-nagri tatangga. Salah saurang manajer stadion ngomong, ”Kakara ayeuna abdi ningali jalma réa nu sakitu tartibna di stadion ieu. Pakéanana rarapih, stadion ieu gé dibersihan deuih. Tapi pangutamana, aranjeun téh ti rupa-rupa sélér.”

3. Ku naon organisasi urang téh béda?

3 Jadi, nu lain Saksi gé bisa ningali duduluran urang téh béda ti nu séjén. Ku naon urang béda ti organisasi séjén? Lantaran urang sabisa-bisa ngarobah sipat nu teu kamanah ku Yéhuwa ku bantuan Alkitab jeung roh suci Allah. Urang ’miceun kapribadian nu heubeul’ jeung ”diganti ku kapribadian anu anyar”.​—Kol. 3:9, 10, SF.

Teu mustahil urang bisa nyieun parobahan gedé

4. Naon waé nu bakal dibahas dina artikel ieu? Naon sababna?

4 Sanggeus kapribadian nu heubeul dipiceun, ulah dipaké deui. Dina artikel ieu, bakal dibahas kumaha carana miceun kapribadian nu heubeul jeung ku naon ieu téh penting. Urang gé bakal ningali yén teu mustahil saurang jalma bisa nyieun parobahan gedé teu sual sakumaha bejad manéhna baheula. Terus, urang bakal ngabahas upaya dulur-dulur urang nu geus lila jadi Saksi sangkan kapribadian nu heubeul teu balik deui. Ku naon ieu perlu dibahas? Hanjakalna, sababaraha nu pernah ngalalayanan Yéhuwa aya nu teu ati-ati. Pikiran jeung lalampahan maranéhna balik deui siga baheula saacan wanoh ka Yéhuwa. Urang masing-masing kudu inget kana pangéling ieu, ”Ulah rasa maneh geus nangtung ajeg. Anu boga rasa kitu kudu ati-ati bisi tigubrag.”​—1 Kor. 10:12.

PICEUN NAPSU SÉKSUAL NU RUCAH

5. (a) Béré ibarat nu némbongkeun kapribadian nu heubeul téh kudu geura dipiceun. (Tingali gambar dina awal artikel.) (b) Di Kolosa 3:5-9, kabiasaan naon waé nu mangrupakeun kapribadian nu heubeul?

5 Lamun baju Sadérék kotor jeung bau, naon nu bakal dilakukeun ku Sadérék? Tangtu Sadérék bakal geura ngalaanan éta baju. Kitu ogé, lamun urang sadar geus ngalakukeun hal-hal nu dipikaijid ku Yéhuwa, urang kudu geura robah. Ngeunaan kabiasaan nu salah, Paulus ngomong, ”Piceun kabiasaan kitu teh.” Hayu urang bahas dua di antarana: kalakuan nu rucah jeung kaaéban.​—Baca Kolosa 3:5-9.

6, 7. (a) Kekecapan Paulus mana nu némbongkeun yén urang kudu satékah polah miceun kapribadian nu heubeul? (b) Kawas kumaha kahirupan Sakura baheula? Naon nu ngabantu manéhna barobah?

6 Kalakuan nu rucah. Dina Alkitab, ”lacur” atawa rucah téh ngamaksudkeun hubungan séksual jeung jalma nu lain batur hirup nu sah. Paulus ngomong yén urang Kristen kudu ”maehkeun kahayang-kahayang jasmani” nu aya patalina jeung rucah. Éta hartina urang kudu satékah polah miceun kabéh kahayang nu salah. Bisa jadi éta téh hésé. Tapi, urang bisa hasil!

7 Aya conto ti saurang sadérék istri di Jepang nu ngaranna Sakura. * (Tingali catetan handap.) Beuki gedé, Sakura sering sedih jeung ngarasa teu boga batur. Pikeun ngaleungitkeun parasaan éta, manéhna ngalakukeun hubungan séks ti saprak umur 15 taun. Sakura ngalakukeunana jeung loba jalma sarta geus tilu kali aborsi. Ceuk manéhna, ”Mimitina, abdi ngarasa tengtrem lantaran ngarasa dibutuhkeun jeung dipikanyaah. Tapi, beuki sering abdi ngalakukeun hubungan séks, abdi beuki guligah.” Sakura terus ngalakukeunana nepi ka umur 23 taun. Tuluy, manéhna diajar Alkitab jeung Saksi Yéhuwa. Manéhna resep kana pangajaranana. Yéhuwa ngabantu manéhna eureun ti kahirupanna nu rucah. Lalaunan, manéhna bisa mupus parasaan salah jeung érana. Ayeuna, Sakura ngawula sabagé panaratas biasa jeung teu ngarasa sorangan deui. Manéhna nyarita, ”Abdi bagja pisan sabab diliputan ku kanyaah Yéhuwa sapanjang waktu.”

CARANA NGEUREUNKEUN KAAÉBAN

8. Kabiasaan naon waé nu dianggap aéb ku Yéhuwa?

8 Kaaéban. Dina Alkitab, ”kaaeban” téh lain ngan saukur kalakuan nu rucah. Éta ogé bisa ngamaksudkeun ngaroko atawa bobodoran jorang. (2 Kor. 7:1; Epe. 5:3, 4) Ieu ogé bisa ngamaksudkeun hal-hal goréng nu dilakukeun basa keur sorangan, saperti maca buku nu ngarangsang napsu séksual atawa nongton pornografi, nu tungtungna téh bisa ngalampahkeun masturbasi nu najis. (Kol. 3:5) *—Tingali catetan handap.

9. Kumaha jadina lamun saurang jalma ”ngumbar birahi”?

9 Jalma-jalma nu sering nongton pornografi bisa ”ngumbar birahi” jeung jadi kacanduan séks. Para panaliti nyebutkeun yén kacanduan pornografi téh méh sarua jeung kacanduan alkohol atawa narkoba. Jadi, teu anéh lamun kabiasaan nongton pornografi goréng balukarna. Ieu bisa ngalantarankeun parasaan éra nu kacida, teu sumanget digawé, kulawarga teu bagja, pepegatan, malahan bunuh diri. Saurang lalaki nu geus sataun leupas ti kacanduan pornografi ngomong yén ahirna manéhna bisa ngajénan diri sorangan deui.

10. Kumaha Ribeiro bisa ngaleungitkeun kacanduan pornografina?

10 Loba jalma kudu bener-bener bajoang pikeun leupas ti pornografi. Tapi, maranéhna bisa meunang. Pék perhatikeun conto Ribeiro ti Brasil. Basa rumaja kénéh, manéhna ninggalkeun imah pikeun digawé di pabrik daur ulang kertas. Di ditu, manéhna ningali majalah-majalah porno. Ceuk Ribeiro, ”Lila kalilaan, abdi kacanduan. Saking parahna, abdi hayang awéwé nu hirup bareng jeung abdi buru-buru indit sangkan abdi bisa nongton vidéo porno.” Hiji poé di pagawéan, Ribeiro ningali buku Rahasia Kebahagiaan Keluarga dina tumpukan buku nu rék di daur ulang. Ku manéhna dicokot terus dibaca. Singgetna, manéhna diajar Alkitab jeung Saksi Yéhuwa. Tapi, tetep wé butuh waktu lila pikeun ngaleungitkeun kacanduan pornografina. Naon nu ngabantu manéhna? Ribeiro nyarita, ”Ku cara ngadoa, diajar Alkitab, jeung ngalenyepanana, abdi beuki ngahargaan sipat-sipat Allah. Ahirna, kanyaah abdi ka Allah leuwih gedé ti batan karesep kana pornografi.” Ku bantuan Alkitab jeung roh suci, Ribeiro bisa ngarobah kahirupanana, dibaptis, jeung ayeuna ngawula salaku kokolot sidang.

Urang kudu nyaah ka Yéhuwa jeung ngamusuh kagoréngan

11. Naon nu bisa ngabantu hiji jalma leupas ti pornografi?

11 Pék perhatikeun, sangkan bisa leupas ti pornografi, teu cukup ngan diajar Alkitab. Ribeiro kudu ngalenyepan naon nu dibaca sangkan bisa nanceb dina haténa. Manéhna ogé kudu ngadoa nyuhunkeun pitulung ti Yéhuwa. Ku kituna, kanyaah Ribeiro ka Allah jadi leuwih kuat jeung bisa ngéléhkeun karesepna kana pornografi. Sangkan bisa leupas ti pornografi, urang ogé kudu nyaah pisan ka Yéhuwa jeung ngamusuh kagoréngan.​—Baca Jabur 97:10.

SINGKAHAN AMARAH, OMONGAN KASAR, JEUNG KABOHONGAN

12. Naon nu ngabantu Stephen pikeun nyingkahan amarah jeung omongan kasar?

12 Sababaraha jalma gedé ambek jeung osok ngomong kasar tur ngahina batur. Biasana, kulawargana jadi korban. Hiji lalaki ti Australia nu ngaranna Stephen, osok nyumpahan batur jeung gancang ambek ku hal-hal sapélé. Manéhna nyarita, ”Geus tilu kali abdi jeung pamajikan papisah, sarta keur siap-siap rék pepegatan.” Tuluy, maranéhna diajar Alkitab jeung Saksi. Stephen upaya pikeun ngalarapkeunana. Manéhna nyarita yén saméméh wanoh ka Yéhuwa, manéhna bakal ngabudalkeun amarah iraha waé manéhna jéngkél, siga bom nu siap ngabeledug. Tapi, sanggeus manéhna nuturkeun naséhat Alkitab, kaayaan jadi leuwih alus. Ceuk manéhna, ”Kahirupan kulawarga abdi jauh leuwih bagja. Ku pitulung Yéhuwa, abdi ayeuna diliputan ku katengtreman.” Ayeuna, Stephen ngawula salaku palayan sidang, pamajikanana ogé geus sababaraha taun naratas biasa. Para kokolot di sidang Stephen ngomong, ”Stephen téh kalem, getol digawé, jeung rendah haté.” Maranéhna teu pernah sakali-kali acan ningali Stephen ambek. Stephen ngaku yén manéhna bisa barobah téh lain ku upayana sorangan, ”Abdi moal nampa berkah éndah ieu lamun teu narima pitulung Yéhuwa pikeun ngarobah kapribadian abdi 180 darajat.”

13. Ku naon ambek téh bahaya? Naon nu dicaram ku Alkitab?

13 Alkitab nyaram urang sangkan ulah ambek, ngomong kasar, jeung sentak sengor. (Epe. 4:31) Hal-hal ieu bisa ngalantarankeun katelengesan. Kiwari, jalma-jalma di dunya nganggap amarah jeung katelengesan téh jamak. Tapi, kalakuan sarupa kitu teu ngamulyakeun Nu Nyipta. Loba dulur urang kudu ngarobah lalampahanana jeung maké kapribadian nu anyar.​—Baca Jabur 37:8-11.

14. Naha bisa jalma nu telenges jadi lembut?

14 Hiji sadérék nu ngaranna Hans ngawula salaku kokolot sidang di Austria. Koordinator badan kokolot di sidang Hans ngomong, ”Manéhna téh salah sahiji jalma nu panglembutna.” Tapi, baheulana mah teu kitu. Basa keur rumaja, manéhna resep nginum-nginum jeung telenges. Sakali waktu, basa keur mabok, manéhna kacida ambekna nepi ka maéhan kabogohna. Hans dijebloskeun ka panjara salila 20 taun, tapi panjara teu ngarobah kapribadianana. Terus, indungna ménta supaya hiji kokolot nganjangan manéhna di panjara. Hans tuluy diajar Alkitab. Ceuk manéhna, ”Abdi kudu bajoang pikeun miceun kapribadian nu heubeul. Ayat Alkitab nu nguatkeun téh nyaéta Yesaya 55:7, ’Anu jarahat geura robah kalakuan,’ jeung 1 Korinta 6:11 nu ngomong ngeunaan jalma-jalma nu geus ninggalkeun jalan hirupna nu salah, ’Bareto sabagian aranjeun aya anu hirupna kitu.’ Mangtaun-taun Yéhuwa sabar nulungan abdi ku roh suci-Na sangkan maké kapribadian anyar.” Hans dibaptis basa dipanjara kénéh, sarta dibébaskeun sanggeus 17 satengah taun ditahan. Ceuk manéhna, ”Abdi nganuhunkeun kana limpahna welas asih jeung pangampura Yéhuwa.”

15. Naon deui nu kaasup kapribadian nu heubeul? Kumaha ceuk Alkitab?

15 Bohong téh bagian séjénna tina kapribadian nu heubeul. Contona, loba jalma ngabohong supaya teu mayar pajeg atawa teu kudu tanggung jawab kana kasalahanana. Tapi, Yéhuwa téh ”satuhu sarta saestu”. (Pam. 32:4) Ku kituna, Mantenna maréntahkeun sangkan sakabéh hamba-Na ”jujur” jeung ”ulah silih bohongan”. (Epe. 4:25; Kol. 3:9) Jadi, urang kudu jujur sanajan éta téh hésé jeung ngérakeun.​—Sil. 6:16-19.

CARA MARANÉHNA BISA MEUNANG

16. Naon nu bisa ngabantu urang miceun kapribadian nu heubeul?

16 Moal mungkin urang bisa miceun kapribadian nu heubeul maké kakuatan sorangan. Sakura, Ribeiro, Stephen, jeung Hans kudu bajoang satékah polah pikeun ngarobah kahirupanana nu baheula. Nu ngabantu maranéhna téh nyaéta kawasa Firman Allah jeung roh suci-Na. (Luk. 11:13; Ibr. 4:12) Sangkan bisa narima kawasa éta, urang kudu maca Alkitab unggal poé, ngalenyepanana, sarta rutin ngadoa ménta hikmat jeung kakuatan pikeun ngalarapkeunana. (Yos. 1:8; Jab. 119:97; 1 Tes. 5:17) Urang ogé kudu nyiapkeun bahan jeung hadir di pasamoan. (Ibr. 10:24, 25) Urang hayang ngamangpaatkeun loba sasadiaan ti organisasi Yéhuwa, saperti majalah, JW Broadcasting, JW Library, jeung jw.org.​—Luk. 12:42.

Kumaha carana urang bisa miceun kapribadian nu heubeul? (Tingali paragrap 16)

17. Naon nu bakal dibahas dina artikel saterusna?

17 Urang geus ngabahas sababaraha kabiasaan salah nu kudu dipiceun jeung teu dilampahkeun deui sangkan kamanah ku Yéhuwa. Tapi, aya deui nu perlu urang lakukeun. Urang perlu maké kapribadian nu anyar jeung mertahankeunana. Urang bakal ngabahas carana dina artikel saterusna.

^ par. 7 Sababaraha ngaran dina ieu artikel geus diganti.

^ par. 8 Tingali pasal 25 buku Pertanyaan Kaum MudaJawaban yang Praktis, Jilid 1.