Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Bebeneran ”Lain Mawa Karuntutan, Tapi Mawa Pedang”

Bebeneran ”Lain Mawa Karuntutan, Tapi Mawa Pedang”

”Ulah disangka Kami datang ka dunya teh mawa karuntutan. Kami lain mawa karuntutan, tapi mawa pedang.”​—MAT. 10:34.

KAWIH: 125, 135

1, 2. (a) Ku naon ayeuna urang masih bisa ngarasa tengtrem? (b) Tapi, ku naon ayeuna urang can bisa ngarasakeun katengtreman nu sampurna? (Tingali gambar dina awal artikel.)

URANG kabéh hayang hirup tengtrem, teu hayang aya kahariwangan. Ku kituna, sukur ka Yéhuwa nu tos masihan ”katengtreman jeung karahayuan”. Katengtreman ieu bisa ngabantu haté jeung pikiran urang teu guligah. (Pil. 4:6, 7) Salian ti éta, lantaran geus ngabaktikeun diri ka Allah, ”urang teh ku Allah dirapihan deui”. Ieu hartina urang boga hubungan nu alus jeung Allah.​—Rum 5:1.

2 Tapi, ayeuna urang can bisa ngarasakeun katengtreman nu sampurna di dunya ieu. Urang hirup di ahir jaman nu ngabalukarkeun loba masalah jeung kahariwangan. Urang dikurilingan ku jalma-jalma nu telenges. (2 Tim. 3:1-4) Urang gé kudu ngalawan Sétan jeung pangajaran palsuna. (2 Kor. 10:4, 5) Tapi, bisa jadi nu pangbeuratna téh lamun urang ditentang ku kulawarga nu teu ngawula ka Yéhuwa. Aya nu ngaléléwé kapercayaan urang atawa nuduh urang ngaruksak hubungan kulawarga. Malahan, urang teu diaku deui jadi kulawarga lamun terus ngawula Yéhuwa. Jadi, kumaha sakuduna pandangan urang? Sarta kumaha carana bisa tetep ngarasa tengtrem sanajan ditentang ku kulawarga?

PANDANGAN NU BENER KANA TENTANGAN KULAWARGA

3, 4. (a) Pangajaran Yésus mawa pangaruh naon? (b) Utamana, dina kaayaan naon jadi murid Yésus téh teu gampang?

3 Yésus paham yén teu kabéh jalma bakal narima pangajaranana. Anjeunna ogé apal yén murid-muridna butuh kawani lantaran bakal ditentang. Ieu bisa ngaganggu katengtreman kulawarga maranéhna. Ceuk Yésus, ”Ulah disangka Kami datang ka dunya teh mawa karuntutan. Kami lain mawa karuntutan, tapi mawa pedang. Ku datangna Kami, anak lalaki bakal ngalawan ka bapana, anak awewe bakal ngalawan ka indungna, minantu awewe bakal ngalawan ka mitohana awewe. Anu bakal jadi musuh pangbangetna teh nya anggota kulawargana keneh.”​—Mat. 10:34-36.

4 Naon hartina omongan Yésus, ”Ulah disangka Kami datang ka dunya teh mawa karuntutan”? Anjeunna hayang méré nyaho yén bakal aya loba tentangan lamun jadi muridna. Mémang tujuan Yésus téh ngajarkeun bebeneran ngeunaan Allah, lain rék ngaruksak hubungan kulawarga. (Yoh. 18:37) Tapi, murid-muridna perlu paham yén jadi murid Yésus téh teu gampang, komo deui lamun aya sobat atawa anggota kulawarga nu teu narima bebeneran.

5. Naon nu dialaman ku murid-murid Yésus?

5 Yésus ngajelaskeun yén murid-muridna kudu réla nandangan tentangan ti kulawarga. (Mat. 10:38) Sangkan kamanah ku Yésus, murid-muridna kudu tabah waktu diléléwé atawa ditolak ku kulawargana. Tapi, berkah pikeun maranéhna bakal leuwih gedé ti batan pangorbananana.​—Baca Markus 10:29, 30.

6. Naon nu kudu diinget ku urang lamun ditentang ku kulawarga?

6 Sanajan ibadah urang ditentang ku kulawarga, urang tetep nyaah ka maranéhna. Tapi, urang kudu inget yén kanyaah urang ka Allah jeung Kristus kudu leuwih kuat ti batan ka nu séjén. (Mat. 10:37) Urang kudu ati-ati lantaran Sétan bisa ngagunakeun kanyaah urang ka kulawarga pikeun teu satia ka Yéhuwa. Hayu urang tingali sababaraha kaayaan jeung cara nandanganana.

BATUR HIRUP NU TEU SAIMAN

7. Kumaha sakuduna sikep Sadérék lamun batur hirup teu ngawula ka Yéhuwa?

7 Alkitab geus mépélingan yén ”kawin teh loba karepot” atawa masalah. (1 Kor. 7:28) Lamun batur hirup Sadérék teu ngawula ka Yéhuwa, strés jeung kahariwangan bisa nambahan. Tapi, penting sangkan Sadérék boga cara pandang Yéhuwa. Mantenna ngomong yén urang teu bisa pepegatan atawa pipisahan jeung batur hirup lantaran manéhna teu ngawula ka Yéhuwa. (1 Kor. 7:12-16) Sanajan salaki Sadérék teu ngawula Yéhuwa jeung teu ngarojong ibadah sajati, Sadérék kudu tetep ngajénan manéhna salaku kapala kulawarga. Kitu ogé, sanajan pamajikan teu ngawula Yéhuwa, Sadérék tetep kudu mikanyaah jeung lembut ka manéhna.​—Epe. 5:22, 23, 28, 29.

8. Pananya naon waé nu bisa dipikirkeun lamun batur hirup ngawatesan ibadah Sadérék?

8 Kumaha lamun batur hirup ngawatesan ibadah Sadérék? Salaki ti hiji sadérék istri ngidinan pamajikanana dines ngan sababaraha poé saminggu. Lamun Sadérék ngalaman éta, pék pikirkeun: ’Naha batur hirup abdi bener-bener ngalarang abdi ngawula Yéhuwa? Lamun henteu, naha abdi bisa nurutkeun kahayang manéhna?’ Lamun Sadérék asup akal, Sadérék bisa ngurangan masalah dina perkawinan.​—Yak. 3:17.

9. Kumaha carana ngadidik barudak ngajénan kolot nu teu saiman?

9 Lamun batur hirup teu ngawula ka Yéhuwa, bisa jadi teu gampang ngadidik budak Sadérék. Contona, Sadérék kudu ngajar barudak pikeun nurut ka paréntah Alkitab, ”Kudu hormat ka bapa jeung ka indung.” (Epe. 6:1-3) Tapi, kumaha lamun batur hirup Sadérék teu ngalampahkeun papakon Alkitab? Sadérék bisa méré tuladan ka barudak ku cara ngajénan batur hirup. Pikirkeun sipat-sipat hadé manéhna, sarta caritakeun ka batur hirup yén Sadérék ngahargaan pisan hal-hal alus nu geus dilampahkeun ku manéhna. Ulah ngagogoréng batur hirup hareupeun barudak. Sabalikna, jelaskeun yén unggal jalma kudu milih rék ngawula Yéhuwa atawa henteu. Lamun Sadérék ngadidik barudak pikeun mihormat kolot nu teu saiman, laku lampah barudak bisa ngageuing batur hirup pikeun diajar ngeunaan Yéhuwa.

Unggal aya kasempetan, ajarkeun Alkitab ka budak Sadérék (Tingali paragrap 10)

10. Kumaha kolot Kristen bisa ngajar barudakna pikeun mikanyaah Yéhuwa?

10 Aya batur hirup nu hayang barudakna milu ngarayakeun hari raya nu asalna ti bangsa kapir atawa diajar pangajaran agama palsu. Aya salaki nu ngalarang pamajikanana ngajarkeun Alkitab ka barudakna. Sanajan kitu, pamajikan bakal sabisa-bisa ngajarkeun bebeneran ka barudakna. (Ras. 16:1; 2 Tim. 3:14, 15) Contona, salaki nu teu saiman bisa jadi teu hayang pamajikanna diskusi Alkitab jeung barudakna atawa mawa barudakna ka pasamoan. Bari tetep ngajénan putusan salakina, pamajikan bisa tetep nyaritakeun bebeneran ka barudakna unggal aya kasempetan. Ku kituna, barudak bisa diajar wanoh ka Yéhuwa jeung papakon-Na ngeunaan nu bener jeung nu salah. (Ras. 4:19, 20) Tapi ahirna, barudak nu kudu nyieun putusan rék ngawula Yéhuwa atawa henteu. * (Tingali catetan handap.)—Pam. 30:19, 20.

BARAYA NU NENTANG IBADAH SAJATI

11. Naon nu bisa ngalantarankeun masalah jeung anggota kulawarga nu teu ngawula Yéhuwa?

11 Basa mimiti diajar jeung Saksi Yéhuwa, bisa jadi urang teu bébéja ka kulawarga. Tapi ku sabab iman urang beuki kuat, urang sadar perlu ngabéjaan maranéhna yén urang hayang ngawula Yéhuwa. (Mar. 8:38) Kasatiaan Sadérék ka Allah bisa waé ngalantarankeun masalah dina kulawarga Sadérék. Hayu urang bahas sababaraha cara sangkan Sadérék bisa tetep tengtrem jeung satia ka Yéhuwa.

Urang bakal leuwih gampang méré kasaksian ka kulawarga lamun ngarti parasaanana

12. Bisa jadi naon sababna baraya nentang urang, sarta kumaha urang bisa némbongkeun rasrasan ka maranéhna?

12 Sing rasrasan ka baraya Sadérék. Urang bungah pisan bisa paham kana bebeneran Alkitab. Tapi, baraya urang bisa jadi ngarasa yakin yén urang téh geus ditipu atawa ngagabung jeung agama nu sasab. Bisa jadi maranéhna ngarasa urang teu nyaah deui lantaran henteu milu ngarayakeun hari raya. Maranéhna ogé bisa jadi sieun urang dihukum ku Allah sanggeus urang maot. Urang perlu rasrasan ku cara ngaregepkeun omongan maranéhna sangkan bisa paham sikep maranéhna ka urang. (Sil. 20:5) Rasul Paulus ogé ngupayakeun paham ka jalma-jalma ti sagala bangsa sangkan bisa ngajarkeun warta hadé. Lamun urang ngarti parasaan anggota kulawarga, urang bisa nyaho cara nu cocog pikeun ngajarkeun bebeneran ka maranéhna.​—1 Kor. 9:19-23.

13. Kumaha sakuduna cara ngomong urang ka baraya?

13 Ngomong ku cara nu lembut. Ceuk Alkitab, ”Kecapna sing merenah.” (Kol. 4:6) Bisa jadi ieu teu gampang. Urang bisa nyuhunkeun roh suci Yéhuwa pikeun ngabantu urang sangkan lembut jeung soméah ka baraya. Ulah patémbal-témbal ngeunaan kabéh kapercayaan maranéhna nu salah. Lamun urang dinyenyeri ku omongan jeung lalampahan maranéhna, urang bisa nyonto para rasul. Ceuk Paulus, ”Ka nu nyumpahan, rasul-rasul ngabales ku ngaberkahan; dikaniaya, rasul-rasul mah bati pasrah; dipoyokan, rasul-rasul mah kudu angger amis budi.”​—1 Kor. 4:12, 13.

14. Naon mangpaatna laku lampah nu hadé?

14 Pertahankeun laku lampah nu hadé. Ku naon ieu penting? Sanajan ngomong ku cara nu lembut bisa ngabantu urang tetep rukun jeung baraya, laku lampah urang nu hadé bisa gedé pangaruhna. (Baca 1 Petrus 3:1, 2, 16.) Témbongkeun ka baraya yén Saksi-Saksi Yéhuwa boga kahirupan kulawarga nu bagja, bisa ngurus barudak, hirup luyu jeung papakon Alkitab, sarta sugema hirupna. Sanajan baraya urang henteu narima bebeneran, urang bisa tetep bungah lantaran laku lampah urang kamanah ku Yéhuwa.

15. Kumaha urang bisa nyiapkeun diri sangkan henteu patémbal-témbal jeung baraya?

15 Siapkeun diri. Pikirkeun kaayaan naon waé nu bisa ngalantarankeun urang ribut jeung baraya. Terus, putuskeun naon nu bakal dilampahkeun. (Sil. 12:16, 23) Éta nu dilampahkeun ku hiji sadérék istri di Australia. Mitohana ngamusuh bebeneran jeung sok ambek. Jadi saacan nelepon mitohana, sadérék ieu jeung salakina ngadoa ka Yéhuwa sangkan teu némbalan ku cara nu kasar. Maranéhna mikirkeun bahan obrolan nu pikaresepeun. Maranéhna ogé netepkeun rék sabaraha lila ngobrolna sangkan ahirna teu patémbal-témbal ngeunaan agama.

Kasatiaan ka Yéhuwa kudu leuwih kuat ti batan kanyaah Sadérék ka kulawarga

16. Naon nu kudu diinget lamun Sadérék rumasa salah teu bisa nyenangkeun baraya?

16 Mémang, urang teu bisa sama sakali nyingkahan piributeun jeung baraya. Sanggeus pagétréng, bisa waé Sadérék rumasa salah lantaran nyaah jeung hayang nyenangkeun maranéhna. Tapi inget, kasatiaan ka Yéhuwa kudu leuwih kuat ti batan kanyaah Sadérék ka kulawarga. Putusan Sadérék bisa ngabantu maranéhna ngarti yén ngawula ka Yéhuwa téh hal nu penting pisan keur Sadérék. Sadérék teu bisa maksa jalma narima bebeneran. Tapi, Sadérék bisa ngabantu maranéhna ningali yén ngalampahkeun pituduh Yéhuwa téh mawa mangpaat keur Sadérék. Saenyana, Yéhuwa ogé masihan kasempetan ka maranéhna pikeun ngawula Mantenna.​—Yes. 48:17, 18.

ANGGOTA KULAWARGA NU NINGGALKEUN YÉHUWA

17, 18. Lamun aya anggota kulawarga nu ninggalkeun Yéhuwa, naon nu bisa ngabantu Sadérék?

17 Lamun aya anggota kulawarga nu dipecat atawa megatkeun hubunganana jeung sidang, éta bisa hésé pisan disanghareupanana. Sakitu nyerina, siga urang ditusuk ku pedang. Kumaha urang bisa tabah?

18 Jaga kagiatan rohani Sadérék. Pikeun nyanghareupan kanyeri ieu, Sadérék kudu nguatkeun iman. Sing rutin maca Alkitab, siapkeun jeung indit ka pasamoan, getol ngawawar, jeung ngadoa nyuhunkeun kakuatan ti Yéhuwa. (Yud. 20, 21) Kumaha lamun kanyeri ieu teu leungit-leungit? Ulah nyerah! Teruskeun éta kagiatan lantaran éta nu bakal ngabantu Sadérék ngadalikeun pikiran jeung parasaan. Ieu kaalaman ku nu nulis Jabur 73. Manéhna pernah ngarasa hésé ngadalikeun pikiran jeung parasaanana. Tapi, pangawulaan ka Yéhuwa ngalempengkeun cara pikir manéhna. (Jab. 73:16, 17) Tangtu Sadérék ogé bisa.

19. Kumaha Sadérék bisa ngajénan carana Yéhuwa ngadisiplin umat-Na?

19 Ajénan disiplin ti Yéhuwa. Allah terang yén disiplin-Na bakal mawa mangpaat keur sadaya, kaasup nu dipecat. Sanajan nyeri pisan lamun jalma nu dipikanyaah didisiplin, ieu bisa mantuan manéhna pikeun balik deui ka Yéhuwa engkéna. (Baca Ibrani 12:11.) Tapi sateuacanna, urang kudu ngajénan paréntah Yéhuwa pikeun ”ulah campur” jeung nu dipecat. (1 Kor. 5:11-13) Sanajan teu gampang, urang kudu nyingkahan sagala rupa obrolan jeung manéhna di telepon, SMS, surat, e-mail, atawa jejaring sosial.

Urang bisa terus miharep jalma nu dipikanyaah balik deui ka Yéhuwa

20. Naon nu kudu terus dipiharep ku urang?

20 Ulah pegat harepan! Kanyaah téh ”tawekal dina . . . pangharepanana”, jadi urang bisa terus miharep jalma nu dipikanyaah balik deui ka Yéhuwa. (1 Kor. 13:7) Lamun aya bukti yén sikepna jadi leuwih hadé, Sadérék bisa ngadoakeun manéhna sangkan meunang kakuatan tina Alkitab jeung narima ondangan Yéhuwa, ”Geura balik ka Kami.”​—Yes. 44:22.

21. Sadérék kudu kumaha lamun aya anggota kulawarga nu nentang Sadérék jadi murid Yésus?

21 Yésus ngomong yén urang kudu leuwih mikanyaah anjeunna ti batan manusa. Yésus ogé yakin yén murid-muridna boga kawani pikeun tetep satia sanajan aya anggota kulawargana nu nentang. Jadi, lamun aya anggota kulawarga nu nentang Sadérék jadi murid Yésus, sing ngandel ka Yéhuwa. Suhunkeun bantuan Yéhuwa pikeun tetep tabah. (Yes. 41:10, 13) Pék rasakeun kabungah lantaran Sadérék kamanah ku Yéhuwa jeung Yésus. Kasatiaan Sadérék ogé bakal diberkahan.

^ par. 10 Pikeun katerangan leuwih loba ngeunaan carana ngadidik budak lamun ngan hiji kolot nu ngawula Yéhuwa, tingali ”Pertanyaan Pembaca” di Menara Pengawal 15 Agustus 2002.