Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Naha Yakub téh jadi karuhunna Mésias lantaran meuli hak cikalna Ésau?

Pananya ti Nu Maca

Pananya ti Nu Maca

Di jaman Alkitab, naha nu jadi karuhunna Mésias téh kudu anak lalaki nu cikal?

Baheula, urang boga anggapan siga kitu lantaran maca Ibrani 12:16. Dina ayat éta disebutkeun yén Ésau ”teu make agama [”teu ngahargaan hal-hal nu suci”, Terjemahan Dunia Baru (NWT)]” jeung ”hak cikalna ditukeurkeun kana dahareun sakalieun”. Jadi, urang nganggap yén waktu Yakub meunang ”hak cikalna” Ésau, éta téh kaasup kahormatan pikeun jadi karuhunna Mésias.​—Mat. 1:2, 12-16; Luk. 3:23, 34.

Tapi, sanggeus nalungtik deui kisah-kisah Alkitab séjénna, jelas yén karuhun Mésias téh teu kudu anak cikal. Hayu urang bahas sababaraha kisah éta.

Anak cikal Yakub jeung Léa téh Rubin, sarta anak cikal Yakub jeung Rahél téh Yusup. Waktu Rubin ngalakukeun jinah, manéhna kaleungitan hak cikalna nu dibikeun ka Yusup. (Kaj. 29:31-35; 30:22-25; 35:22-26; 49:22-26; 1 Bab. 5:1, 2) Tapi, Mésias lain turunan Rubin atawa Yusup. Anjeunna turunan Yuda, anak kaopat ti Yakub jeung Léa.​—Kaj. 49:10.

Lukas 3:32 ngamuat lima karuhun Mésias séjénna nu kabéhanana katingalina anak cikal. Contona, Boas nu jadi bapana Obéd, jeung Obéd nu jadi bapana Isai.​—Rut 4:17-22; 1 Bab. 2:10-12.

Daud téh lain anak cikalna Isai. Manéhna anak nu kadalapan. Tapi, manéhna jadi karuhunna Mésias. (1 Sam. 16:10, 11; 17:12; Mat. 1:2-11) Kitu ogé Suléman, karuhun Mésias nu saterusna, lain anak cikalna Daud.​—2 Sam. 3:2-5.

Tapi, ieu lain hartina anak cikal téh teu penting. Anak cikal boga kahormatan nu teu dipiboga ku anak séjén. Biasana, manéhna jadi kapala kulawarga nu saterusna, jeung narima warisan dua kalieun.​—Kaj. 43:33; Pam. 21:17; Yos. 17:1.

Hak cikal bisa dibikeun ka anak nu séjén. Waktu Ismail diusir ku Ibrahim, hak cikalna dibikeun ka Ishak. (Kaj. 21:14-21; 22:2) Sarta, saperti nu tadi disebutkeun, hak cikalna Rubin dialihkeun ka Yusup.

Jadi, naon nu rék ditandeskeun ku Paulus di Ibrani 12:16? Dina ayat éta disebutkeun, ”Ulah aya nu kawas Esau, rucah jeung teu make agama, nepi ka hak cikalna ditukeurkeun kana dahareun sakalieun.”

Dina ayat éta, Paulus henteu ngabahas sual karuhunna Mésias, tapi keur méré pépéling. Manéhna nitah urang Kristen yén ”leumpang salawasna kudu di jalan lempeng” sangkan ”ulah nepi ka aya anu kaluar deui tina sih kurnia Allah”. Maranéhna bisa kaluar lamun ngalampahkeun nu rucah. (Ibr. 12:12-16) Lamun kitu, maranéhna bakal siga Ésau nu ”teu ngahargaan hal-hal nu suci” (NWT) tapi hayang muaskeun hasratna sorangan.

Dumasar kana kabiasaan di jaman éta, Ésau bisa jadi pernah sababaraha kali nyanggakeun kurban ka Yéhuwa, nu mangrupakeun kahormatan. (Kaj. 8:20, 21; 12:7, 8; Ayub 1:4, 5) Tapi, Ésau mentingkeun hasratna sorangan nepi ka nukeurkeun hak cikalna ku samangkok kacang beureum. Bisa jadi Ésau ogé embung ngalaman kasangsaraan nu bakal kajadian ka turunan Ibrahim, saperti nu dinubuatkeun ku Yéhuwa. (Kaj. 15:13) Manéhna gé kabukti teu ngahargaan hal-hal suci waktu kawin jeung dua awéwé kapir, nu matak kolotna jadi susah haté. (Kaj. 26:34, 35) Tapi, Yakub mah béda pisan, manéhna néangan pamajikan nu sarua nyembah Yéhuwa.​—Kaj. 28:6, 7; 29:10-12, 18.

Tina kisah-kisah Alkitab ieu, urang diajar naon ngeunaan karuhunna Mésias? Aya nu anak cikal, aya nu henteu. Urang Yahudi nyaho jeung ngakukeun hal éta. Naon buktina? Maranéhna ngakukeun yén Kristus téh turunan Daud, anak bungsuna Isai.​—Mat. 22:42..