Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Kahadéan Haté—Sipat nu Katémbong dina Ucap jeung Lampah

Kahadéan Haté—Sipat nu Katémbong dina Ucap jeung Lampah

LAMUN aya nu hadé haté ka urang, urang tangtu reugreug lantaran ngarasa diperhatikeun. Urang ngahargaan jalma nu siga kitu. Jadi, kumaha carana sangkan urang ogé hadé haté ka batur?

Jalma nu hadé haté bener-bener perhatian ka batur. Ieu katémbong dina ucap jeung lampahna. Manéhna teu ngan saukur sopan, tapi bageur ka batur lantaran nyaah jeung rasrasan. Nu leuwih penting, kahadéan haté téh salah sahiji bagian tina buah padamelan roh. (Gal. 5:22, 23, Terjemahan Dunia Baru [NW]) Yéhuwa hoyong urang gé hadé haté. Jadi, hayu urang tingali kumaha Mantenna jeung Putra-Na némbongkeun sipat ieu sarta kumaha urang bisa nyonto Aranjeunna.

YÉHUWA HADÉ HATÉ KA SASAHA

Yéhuwa hadé haté ka sasaha, malahan ka ”nu teu boga panarima jeung ka nu jahat”. (Luk. 6:35) ”Mantenna mah ka nu jahat, ka nu bageur, ka nu bener, ka nu teu bener, sarua bae maparin hujan maparin panas.” (Mat. 5:45) Sanajan jalma-jalma teu percaya yén Yéhuwa téh Nu Nyipta, maranéhna tetep meunang mangpaat tina sipat Mantenna nu hadé haté sarta bisa ngarasa bagja.

Salah sahiji conto kahadéan haté Yéhuwa nu luar biasa katingali tina tindakana-Na ka Adam jeung Hawa. Teu lila sanggeus nyieun dosa, Adam jeung Hawa ”ngantet-ngantetkeun daun kondang dipake apok”. Tapi, Yéhuwa apal yén di luar Taman Éden mah maranéhna butuh papakéan nu leuwih cocog lantaran tanahna geus dikutuk sarta loba ”jujukutan, hama jeung bangsa cucuk”. Jadi, ku Yéhuwa ”dipangdamelkeun anggoan tina kulit sato”.​—Kaj. 3:7, 17, 18, 21.

Yéhuwa hadé haté ”ka nu jahat, ka nu bageur”, komo deui ka hamba-hamba-Na nu satia. Misalna, dina jaman Nabi Jakaria, saurang malaikat hariwang lantaran urang Israil eureun ngawangun bait Yéhuwa di Yérusalém. Yéhuwa ngaregepkeun éta malaikat jeung ngalilipur manéhna ku cariosana-Na. (Jak. 1:12, 13) Yéhuwa ogé kitu ka Nabi Élias. Sakali waktu, manéhna ngarasa nalangsa jeung teu boga batur nepi ka ménta dicabut nyawana ku Yéhuwa. Yéhuwa teu nyapirakeun parasaan Élias. Mantenna ngutus malaikat pikeun nguatkeun manéhna. Mantenna ngayakinkeun Élias yén manéhna teu sorangan. Lantaran Yéhuwa hadé haté, Élias jadi tabah pikeun neruskeun tugasna. (1 Rja. 19:1-18) Tapi di antara sakabéh hamba Yéhuwa, saha nu panghadéna dina némbongkeun kahadéan haté?

YÉSUS HADÉ HATÉ

Basa Yésus di bumi, jalma-jalma apal anjeunna téh hadé haté. Anjeunna tara kasar jeung tara maksakeun kahayangna, tapi perhatian ka batur. Ceuk anjeunna, ”Hiap datang ka Kami, sakur nu maropo jeung nu kalempohan sarta nu ngarasa beurat ku momotan, ku Kami rek direureuhkeun.” (Mat. 11:28-30) Lantaran kacida bageurna, jalma-jalma daék nuturkeun anjeunna ka mana waé. Yésus karunyaan, matak anjeunna méré dahar, nyageurkeun, jeung ngajar maranéhna ”rupa-rupa hal” ngeunaan Bapana.​—Mar. 6:34; Mat. 14:14; 15:32-38.

Yésus téh rasrasan. Anjeunna gé bageur jeung ngaragangan haté batur. Malahan basa keur hayang reureuh ogé anjeunna daék nulungan batur nu nyampeurkeun. (Luk. 9:10, 11) Perhatikeun naon nu kaalaman ku saurang awéwé nu boga panyakit ngagetih. Manéhna hayang cageur, jadi manéhna nyabak jubah Yésus. Sabenerna numutkeun Hukum Musa, manéhna teu meunang ngalampahkeun éta lantaran keur najis. (Ima. 15:25-28) Kumaha réaksi Yésus? Anjeunna teu nyarékan. Anjeunna ningali yén awéwé éta téh ngadégdég sieuneun, jadi anjeunna ngarasa karunya lantaran manéhna kasiksa salila 12 taun. Ceuk anjeunna, ”Anaking, ku sabab Nyai percaya, Nyai jadi cageur. Heug sing salamet. Panyakit anu nyusahkeun ka Nyai geus cageur.” (Mar. 5:25-34) Yésus téh hadé haté pisan!

JALMA NU HADÉ HATÉ DAÉK NULUNGAN BATUR

Tina conto-conto tadi, urang diajar yén jalma nu hadé haté daék nulungan batur. Ieu ditandeskeun ku Yésus basa nyaritakeun misil ngeunaan urang Samaria nu bageur. Aya lalaki Yahudi nu dibégal, digebugan, jeung diculkeun di sisi jalan. Urang Samaria éta ngaliwat tuluy karunyaeun, padahal urang Samaria jeung urang Yahudi téh silih pikangéwa. Lantaran hadé haté, manéhna daék nulungan lalaki nu sakarat éta. Raheut-raheutna dibersihan tuluy manéhna dibawa ka losmén. Urang Samaria éta daék mayar nu ngajaga losmén pikeun ngurus lalaki éta, malahan lamun kurang ku manéhna bakal dibayar.​—Luk. 10:29-37.

Kahadéan haté bakal ngajurung urang pikeun rasrasan jeung ngagedékeun haté batur boh ku lalampahan boh ku kekecapan. Ceuk Alkitab, ”Ku kasusah mah jalma teh leungit kabagjaanana, tapi ku pangbeberah mah kasusahna paler.” (Sil. 12:25) Lamun dijurung ku sipat hadé haté jeung kahadéan, kekecapan urang bisa ngagedékeun haté batur. * (Tingali catetan handap.) Manéhna bakal ngarasa dipikanyaah ku urang, jadi maranéhna bakal leuwih tabah nandangan kasusah hirupna.​—Sil. 16:24.

CARANA JADI JALMA NU HADÉ HATÉ

Urang bisa hadé haté lantaran diciptakeun nyeplés jeung Allah. (Kaj. 1:27) Misalna, Yulius, perwira Rum nu ditugaskeun mawa Rasul Paulus ka Rum ”someah pisan ka Paulus, ngidinan nepangan sobat-sobatna supaya marekelan”. (Ras. 27:3) Waktu kapal nu ditumpakan ku Paulus tilelep, urang Malta ”balageur” pisan nepi ka mangnyieunkeun durukan keur siduru. (Ras. 28:1, 2) Maranéhna nyieun kahadéan. Tapi, pikeun nyenangkeun Yéhuwa, urang kudu hadé haté unggal waktu, lain kakapeungan.

Sangkan kamanah ku Allah, kahadéan haté téh kudu jadi tabéat jeung bagian tina hirup urang. Éta sababna Mantenna ngajurung urang pikeun maké sipat éta siga maké baju. (Kol. 3:12, NW) Tapi, ieu teu salawasna gampang. Naon sababna? Bisa jadi urangna éraan, teu percaya diri, atawa rada égois. Urang gé ngarasa hésé bageur ka jalma nu teu bageur ka urang. Tapi, lamun urang ngadoa ménta roh suci jeung satékah polah nyonto Yéhuwa, Mantenna bakal ngabantu urang jadi jalma nu hadé haté.​—1 Kor. 2:12.

Dina hal naon waé urang bisa leuwih némbongkeun kahadéan haté? Pék lenyepan, ’Naha urang daék ngaregepkeun carita batur jeung rasrasan ka maranéhna? Naha urang nyaho mun aya batur nu butuh bantuan? Iraha abdi bageur ka jalma nu lain kulawarga atawa sobat?’ Sanggeusna, tetepkeun tujuan, misalna tujuan pikeun leuwih wanoh ka jalma-jalma di sakurilingeun Sadérék, utamana nu di sidang. Ku kituna, Sadérék bakal nyaho kasusah jeung pangabutuh maranéhna. Tuluy, jieun kahadéan ka maranéhna sakumaha Sadérék gé hayang meunang kahadéan ti batur. (Mat. 7:12) Suhunkeun pitulung Yéhuwa. Mantenna bakal ngaberkahan upaya Sadérék pikeun jadi jalma nu hadé haté.​—Luk. 11:13.

PANGARUHNA LAMUN URANG HADÉ HATÉ

Waktu Paulus nyebutkeun hal-hal naon waé nu ngalantarankeun manéhna jadi hamba Allah nu hadé, salah sahijina téh sipat hadé haté. (2 Kor. 6:3-6, NW) Jalma-jalma resep ka Paulus lantaran manéhna hadé haté. Ieu katémbong dina ucap jeung lampahna. Maranéhna jadi ngarasa diperhatikeun. (Ras. 28:30, 31, NW) Kitu ogé lamun urang hadé haté ka kabéh jalma, bisa jadi batur hayang diajar leuwih loba ngeunaan bebeneran. Malahan jalma-jalma nu nentang urang bisa jadi kageuing haténa jeung ngarobah sikepna. (Rum 12:20) Tuluy, bisa waé manéhna jadi hayang diajar Alkitab.

Di Pirdaus, kabéh bakal hadé haté. Nu dihirupkeun deui bakal ngarasakeun kahadéan ti batur, malahan aya nu kakara mimiti ngarasakeun hal éta. Maranéhna ogé bakal kajurung pikeun hadé haté ka batur. Sabenerna, jalma nu teu hadé haté jeung teu resep tutulung teu meunang hirup di Karajaan Allah. Ngan jalma nu nyaahan jeung hadé haté nu bakal hirup langgeng di Pirdaus. (Jab. 37:9-11) Kaayaan dunya bakal ayem tengtrem! Tapi saacan éta ngawujud, ayeuna gé urang bisa ngarasakeun mangpaatna jadi jalma hadé haté. Naon éta téh?

MANGPAATNA JADI JALMA NU HADÉ HATÉ

Alkitab nyebutkeun, ”Lamun urang bageur tangtu loba anu mikaheman.” (Sil. 11:17) Urang resep deukeut jeung jalma nu bageur. Biasana, urang gé bageur ka manéhna. Ceuk Yésus, ”Batur ngabalesna ka urang teh make ukuran urang, anu ku urang dikeunakeun ka batur, dina sagala hal.” (Luk. 6:38, Sunda Formal) Jadi, jalma nu hadé haté mah gampang meunangkeun jeung mertahankeun sosobatan.

Rasul Paulus ngomong ka sidang di Épésus yén maranéhna ”kudu sareh, alus budi [atawa, hadé haté], jeung kudu silih hampura”. (Epe. 4:32) Lamun sakabéh anggota sidang hadé haté jeung nyaahan, sidang bakal kuat jeung ngahiji. Urang embung ngiritik dulur saiman, ngagosipkeun maranéhna, atawa ngomong kasar jeung nganyenyeri maranéhna sanajan ukur heureuy. Sabalikna, omongan urang kudu nguatkeun jeung ngagedékeun haté. (Sil. 12:18) Hasilna, sidang bakal bungah ngawula Yéhuwa.

Urang geus diajar yén kahadéan haté kudu ditémbongkeun dina ucap jeung lampah urang. Lamun urang hadé haté, urang nyonto Allah Yéhuwa anu nyaahan jeung béréhan. (Epe. 5:1) Ku kituna, sidang bakal dikuatkeun, batur gé bakal kajurung pikeun ngawula Mantenna. Jadi, hayu urang satékah polah némbongkeun kahadéan haté sangkan batur ningali yén umat Yéhuwa téh hadé haté!

^ par. 13 Urang bakal ngabahas kahadéan dina artikel saterusna tina séri buah padamelan roh.