Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Ajénan Naon nu ”Geus Dihijikeun ku Allah”

Ajénan Naon nu ”Geus Dihijikeun ku Allah”

”Anu geus dihijikeun ku Allah teu meunang dipisahkeun ku manusa.”​—MAR. 10:9.

KAWIH: 131, 132

1, 2. Naon nu kudu dilakukeun ku urang numutkeun Ibrani 13:4?

URANG kabéh hayang ngajénan Yéhuwa. Mantenna layak diajénan. Mantenna gé jangji bakal ngajénan urang. (1 Sam. 2:30; Sil. 3:9; Wahyu 4:11) Salian ti éta, Mantenna hoyong urang ngajénan batur, misalna pajabat pamaréntah. (Rum 12:10; 13:7) Tapi, aya deui nu hususna kudu diajénan ku urang. Éta téh perkawinan.

2 Rasul Paulus nulis, ”Ajenan perkawinan, laki rabi sing pada-pada satia.” (Ibr. 13:4) Ieu téh lain saukur omongan, tapi pituduh ti Paulus ka urang Kristen pikeun ngajénan atawa nganggap penting perkawinan. Naha Sadérék gé ngajénan perkawinan, utamana perkawinan Sadérék sorangan?

3. Yésus méré naséhat penting naon ngeunaan perkawinan? (Tingali gambar dina awal artikel.)

3 Ku cara ngajénan perkawinan, Sadérék téh keur nuturkeun tuladan ti Yésus nu ngajénan perkawinan. Waktu ditanya ku urang Parisi ngeunaan pepegatan, Yésus nyebutkeun kekecapan Allah ngeunaan perkawinan nu mimiti, ”Ku hal eta, lalaki bakal ninggalkeun indung bapana, tuluy ngahiji jeung pamajikanana sarta duanana jadi satunggal.” Yésus nambahkeun, ”Anu geus dihijikeun ku Allah teu meunang dipisahkeun ku manusa.”​—Baca Markus 10:2-12; Kaj. 2:24.

4. Aturan naon nu ditetepkeun ku Yéhuwa pikeun perkawinan?

4 Yésus satuju yén perkawinan téh ditetepkeun ku Allah jeung kudu langgeng. Waktu Allah ngayakeun perkawinan nu mimiti, Mantenna teu nyarios yén Adam jeung Hawa bisa pepegatan. Justru, Mantenna netepkeun aturan monogami, nyaéta ’dua’ jalma kudu ngahiji dina perkawinan nu langgeng.

PAROBAHAN SEMENTARA DINA ATURAN PERKAWINAN

5. Naon pangaruhna maot kana perkawinan?

5 Aya loba parobahan sanggeus Adam ngadosa. Salah sahijina manusa jadi maot. Hal ieu mangaruhan perkawinan. Rasul Paulus ngomong ka urang Kristen yén perkawinan téh enggeusan waktu salaki atawa pamajikan maot. Ku kituna, batur hirupna meunang kawin deui.​—Rum 7:1-3.

Hukum Musa ngajar urang yén Allah téh ngajénan pisan perkawinan

6. Tina Hukum Musa, urang diajar naon ngeunaan pandangan Allah kana perkawinan?

6 Hukum Allah ka bangsa Israil ngajéntrékeun aturan ngeunaan perkawinan. Contona, lalaki Israil diidinan pikeun boga leuwih ti hiji pamajikan. Kabiasaan ieu téh geus aya ti saacan Allah masihan Hukum Musa. Tapi, Hukum téh ngalindungan kaom awéwé jeung barudak. Misalna, lamun aya saurang lalaki Israil nu kawin jeung badéga tuluy boga pamajikan kadua, manéhna kudu nyumponan pangabutuh pamajikanana nu kahiji sakumaha saacanna. Allah nitah manéhna pikeun terus ngajaga jeung ngurus kabutuhan pamajikanana nu kahiji. (Bud. 21:9, 10) Kiwari, urang teu nuturkeun Hukum Musa. Tapi, urang jadi paham yén Allah téh ngajénan pisan perkawinan. Ieu ngabantu urang pikeun ngalampahkeun nu sarua.

7, 8. (a) Naon nu disebutkeun ku hukum Musa ngeunaan pepegatan di Pamindo 24:1? (b) Kumaha pandangan Yéhuwa ngeunaan pepegatan?

7 Naon nu disebutkeun ku Hukum Musa ngeunaan pepegatan? Sanajan Yéhuwa teu ngarepkeun salaki pamajikan pepegatan, Hukum ngidinan lalaki Israil megatkeun pamajikanana lamun pamajikanana ”ngalampahkeun nu teu pantes”. (Baca Pamindo 24:1 tina catetan handap.) * Teu dijéntrékeun naon ”nu teu pantes” téh, tapi ieu pasti kasalahan nu sérius jeung nista, lain ngan kasalahan leutik. (Pam. 23:14) Hanjakalna, di jaman Yésus, loba urang Yahudi nu megatkeun pamajikanana ”ku lantaran naon bae”. (Mat. 19:3) Urang embung boga sikep siga kitu.

8 Dina jaman Nabi Malaki, geus biasa saurang salaki megatkeun pamajikanana nu mimiti, lantaran rék kawin deui jeung awéwé nu leuwih ngora nu teu nyembah Yéhuwa. Tapi, pandangan Allah ngeunaan pepegatan jéntré pisan. Saur Mantenna, ”Kami ijid kana pepegatan.” (Mal. 2:14-16) Pandangan Allah ngeunaan perkawinan teu pernah barobah. Ti mimiti kénéh gé, Mantenna nyarios yén salaki ”ngahiji jeung bojona, sarta hirupna jadi satunggal”. (Kaj. 2:24) Yésus ogé ngadukung pandangan Allah ngeunaan perkawinan, ceuk anjeunna, ”Anu geus dihijikeun ku Allah teu meunang dipisahkeun ku manusa.”​—Mat. 19:6.

HIJI-HIJINA ALESAN PIKEUN PEPEGATAN

9. Naon maksud kekecapan Yésus dina Markus 10:11, 12?

9 Bisa jadi aya nu nanya, ”Naha aya alesan keur pepegatan atawa kawin deui pikeun urang Kristen?” Perhatikeun naon jawaban Yésus, ”Lalaki anu nyerahkeun pamajikanana tuluy kawin deui ka awewe sejen, eta lalaki teh ngaranyed [atawa, jinah] ti pamajikanana. Kitu keneh awewe anu ninggalkeun salakina tuluy kawin ka lalaki sejen, eta awewe teh ngaranyed ti salakina.” (Mar. 10:11, 12; Luk. 16:18) Jelas, Yésus ngajénan perkawinan jeung hayang batur ogé siga kitu. Lamun saurang salaki megatkeun pamajikanana nu satia tuluy kawin deui, manéhna geus jinah. Kitu ogé jeung pamajikan nu megatkeun salakina nu satia. Ieu téh ku sabab pepegatan wungkul teu nyababkeun perkawinan éta enggeusan di payuneun Allah. Mantenna masih nganggap pasangan éta ”satunggal”. Yésus ogé nyebutkeun yén pamajikan nu teu salah nu dipegatkeun bisa kajurung kana jinah. Kumaha? Harita, awéwé nu dipegatkeun téh bisa jadi ngarasa kudu kawin deui ku sabab alesan ékonomi. Tapi, perkawinan kieu téh sarua jeung jinah.

10. Naon hiji-hijina alesan urang Kristen pikeun pepegatan terus kawin deui?

10 Yésus ngajarkeun yén aya hiji alesan pikeun pepegatan, nyaéta, ”Saha waé nu megatkeun pamajikanana, kajaba lantaran lampah cabul, tuluy kawin deui, manéhna jinah.” (Mat. 19:9, NW) Anjeunna ngajarkeun hal nu sarua basa keur Hutbah di Gunung. (Mat. 5:31, 32) Dina dua kajadian éta, Yésus nyebutkeun ”lampah cabul”. Nu kaasup lampah cabul téh dosa-dosa saperti jinah, palacuran, hubungan séks antara dua jalma nu teu kawin, homoséksualitas, sarta hubungan séks jeung sato. Lamun saurang salaki ngalakukeun lampah cabul, pamajikanana bisa mutuskeun rék megatkeun salakina atawa henteu. Lamun pepegatan, Allah teu nganggap maranéhna pasangan salaki pamajikan deui.

11. Ku naon bisa jadi saurang Kristen mutuskeun teu pepegatan sanajan batur hirupna ngalakukeun lampah cabul?

11 Perhatikeun, Yésus teu ngomong yén lamun aya salaki atawa pamajikan nu ngalakukeun lampah cabul, manéhna kudu dipegatkeun. Misalna, saurang pamajikan bisa waé mutuskeun pikeun tetep babarengan sanajan salakina geus ngalakukeun lampah cabul. Ku naon? Meureun manéhna téh masih kénéh nyaah ka salakina jeung réla ngahampura, sarta rék babarengan nguatkeun deui perkawinanana. Salian ti éta, lamun mutuskeun pepegatan jeung teu kawin deui, manéhna bisa kasusahan. Misalna, kumaha lamun kabutuhan ékonomi jeung séksualna teu kacumponan? Naha manéhna bakal ngarasa sepi euweuh batur? Mun pepegatan, naon pangaruhna ka barudak? Naha engkéna jadi hésé pikeun ngagedékeun barudak dina bebeneran? (1 Kor. 7:14) Jelas, lamun mutuskeun pepegatan, pasti manéhna bakal ngalaman kasusah.

12, 13. (a) Hoséa ngalaman naon dina perkawinanana? (b) Naon sababna Hoséa mawa balik Gomér, jeung naon palajaranana keur urang?

12 Pangalaman ti Nabi Hoséa ngajarkeun loba hal ngeunaan pandangan Allah kana perkawinan. Allah nitah Hoséa kawin jeung awéwé nu ngaranna Gomér nu bakal nyéléwér jeung boga anak tina hasil nyéléwérna. Gomér jeung Hoséa boga budak. (Hos. 1:2, 3) Ka dieunakeun Gomér boga barudak séjénna tapi ti lalaki séjén. Sanajan Gomér ngalakukeun jinah leuwih ti sakali, Hoséa teu megatkeun Gomér. Ahirna, Gomér ninggalkeun Hoséa tuluy jadi badéga. Sanajan kitu, Hoséa mawa balik manéhna. (Hos. 3:1, 2) Yéhuwa ngagunakeun Hoséa pikeun némbongkeun yén Mantenna terus ngahampura bangsa Israil nu teu satia ka Mantenna jeung nyembah allah séjén. Tina perkawinan Hoséa, naon palajaranana keur urang?

13 Lamun aya urang Kristen nu ngalakukeun lampah cabul, batur hirupna nu teu salah kudu nyieun putusan. Yésus nyebutkeun yén batur hirup nu teu salah boga alesan nu sah pikeun pepegatan jeung bébas kawin deui. Tapi, teu salah ogé lamun manéhna milih pikeun ngahampura. Hoséa mawa balik Gomér. Sanggeus balik deui ka Hoséa, Gomér diomongan sangkan ulah jinah deui. Keur sababaraha waktu, Hoséa teu ngalakukeun hubungan séks jeung Gomér. (Hos. 3:3, NW) Ka dieunakeun, Hoséa tangtu ngalakukeun hubungan séks deui jeung pamajikanana. Hal ieu ngagambarkeun yén Allah réla narima deui bangsa Israil tuluy neruskeun hubungana-Na jeung maranéhna. (Hos. 1:11; 3:3-5) Naon palajaranana keur urang kiwari? Lamun salaki atawa pamajikan nu teu salah ngalakukeun deui hubungan séks jeung batur hirupna nu salah, éta hartina manéhna geus ngahampura batur hirupna. (1 Kor. 7:3, 5) Jadi, manéhna teu boga alesan deui pikeun pepegatan. Sanggeusna, maranéhna kudu ngupayakeun sarta silih bantu pikeun ngajénan perkawinan saperti Allah.

AJÉNAN PERKAWINAN SANAJAN AYA MASALAH GEDÉ

14. Numutkeun 1 Korinta 7:10, 11, naon nu bisa waé kajadian dina perkawinan?

14 Kabéh urang Kristen kudu ngajénan perkawinan saperti Yéhuwa jeung Yésus. Tapi, sakapeung aya nu teu siga kitu lantaran urang teu sampurna. (Rum 7:18-23) Jadi, urang teu héran lamun sababaraha urang Kristen di abad kahiji boga masalah gedé dina perkawinanana. Paulus nulis yén ”pamajikan teu meunang ninggalkeun salaki”. Tapi, sakapeung éta nu kajadian.​—Baca 1 Korinta 7:10, 11.

Kumaha salaki pamajikan bisa nyalametkeun perkawinanana? (Tingali paragrap 15)

15, 16. (a) Naon nu kudu dilampahkeun ku salaki pamajikan lamun aya masalah perkawinan, jeung naon alesanana? (b) Kumaha naséhat ieu dilarapkeun ku urang Kristen nu batur hirupna teu ngawula Yéhuwa?

15 Paulus teu ngajelaskeun masalah naon waé nu bisa ngalantarankeun salaki pamajikan pipisahan. Tapi nu pasti, masalahna téh lain lantaran salakina ngalakukeun lampah cabul. Lamun kitu mah pamajikanana bisa megatkeun salakina tuluy kawin deui. Paulus nulis yén salaki pamajikan nu pipisahan ”kudu tetep lelengohan, atawa alusna mah balik deui ka salaki”. Jadi di payuneun Allah, maranéhna tetep salaki pamajikan. Paulus nyebutkeun, teu sual masalah atawa kasusah nu disanghareupan, lamun masalahna lain lampah cabul, maranéhna kudu ngupayakeun pikeun akur deui, nyaéta ngaréngsékeun masalahna jeung tetep ngahiji. Maranéhna bisa ménta bantuan kokolot. Kokolot moal ngabéla sasaha tapi bakal méré naséhat nu dumasar kana Alkitab.

16 Tapi, kumaha lamun aya urang Kristen nu batur hirupna teu ngawula Yéhuwa? Waktu aya masalah perkawinan, naha maranéhna meunang pipisahan? Sakumaha nu geus dibahas, Alkitab nyebutkeun yén hiji-hijina alesan pikeun pepegatan téh nyaéta lampah cabul. Tapi, Alkitab teu ngajelaskeun alesanana salaki pamajikan meunang pipisahan. Paulus nulis, ”Lamun pamajikanana Kristen, lalakina lain tapi daek hirup babarengan, ulah menta pepegatan.” (1 Kor. 7:12, 13) Ieu kudu dilarapkeun ogé kiwari.

17, 18. Ku naon aya urang Kristen nu tetep ngahiji jeung batur hirupna sanajan kaayaanana susah pisan?

17 Tapi dina sababaraha kaayaan, salaki nu teu saiman bisa waé kaciri teu ”daek hirup babarengan” jeung pamajikanana. Misalna, manéhna osok nganiaya, nepi ka ngabahayakeun kaséhatan atawa kahirupan pamajikanana. Bisa jadi manéhna teu daék nganapkahan kulawargana, atawa nyababkeun pamajikanana teu bisa ibadah ka Allah. Dina kaayaan siga kieu, teu sual salakina ngomong naon, saurang pamajikan Kristen bisa mutuskeun yén salakina teu ”daek hirup babarengan” deui sarta kudu pipisahan. Tapi, urang Kristen séjén nu ngalaman kaayaan nu sarupa bisa waé mutuskeun pikeun tetep ngahiji jeung batur hirupna. Maranéhna tabah jeung satékah polah ngoméan perkawinanana. Ku naon putusanana siga kitu?

18 Lamun aya nu pipisahan lantaran kaayaan-kaayaan tadi, maranéhna tetep dianggap salaki pamajikan. Saperti nu geus disebutkeun, maranéhna gé bakal nyanghareupan kasusah. Rasul Paulus nyebutkeun alesan séjén ku naon salaki pamajikan kudu tetep ngahiji. Manéhna nulis, ”Sanajan salakina lain umat nu percaya, tapi ku sabab ngahiji jeung pamajikanana anu Kristen, ku Allah ditampi. Kitu keneh pamajikan anu lain umat percaya, ku sabab hirup ngahiji jeung salakina anu Kristen, ku Allah ditampi. Sabab lamun henteu kitu barudakna tangtu kawas barudak tuna agama, padahal barudakna teh kagungan Allah.” (1 Kor. 7:14) Loba urang Kristen mutuskeun pikeun tetep ngahiji jeung batur hirupna nu teu ngawula Yéhuwa sanajan kaayaanana susah pisan. Maranéhna kacida bungahna waktu batur hirupna jadi Saksi Yéhuwa. Pangorbanan maranéhna kabayar.​—Baca 1 Korinta 7:16; 1 Pet. 3:1, 2.

19. Naon sababna aya loba perkawinan nu suksés di sidang Kristen?

19 Yésus méré naséhat ngeunaan pepegatan. Rasul Paulus méré naséhat ngeunaan pipisahan. Maranéhna hayang hamba Allah ngajénan perkawinan. Kiwari di sakuliah dunya, aya loba perkawinan nu suksés di sidang Kristen. Sadérék bisa jadi ningali loba pasangan salaki pamajikan anu bagja di sidang Sadérék. Salakina satia jeung nyaah ka pamajikanana. Pamajikanana ogé nyaah jeung ngajénan salakina. Kabukti maranéhna téh bisa ngajénan perkawinan. Urang bungah ningali salaki pamajikan nu ngabuktikeun benerna kekecapan Allah ieu, ”Ku sabab kitu lalaki teh bakal ninggalkeun indung bapana, terus ngahiji jeung pamajikanana, sarta duanana bakal jadi hiji.”​—Epe. 5:31, 33.

^ par. 7 Pamindo 24:1 (Terjemahan Dunia Baru [NW]): ”Lamun saurang lalaki kawin jeung saurang awéwé tapi teu resepeun deui lantaran awéwé éta ngalampahkeun nu teu pantes, lalaki éta kudu nulis surat pepegatan, suratna dibikeun ka pamajikanana, tuluy manéhna dititah indit ti imah.”