Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Budak Ngora, Hidep Bisa Sugema Hirupna

Budak Ngora, Hidep Bisa Sugema Hirupna

”Gusti baris nuduhan jalan anu brasna kana hirup.”​—JAB. 16:11.

KAWIH: 133, 89

1, 2. Pangalaman Tony ngabuktikeun yén kahirupan saurang jalma bisa barobah. Caritakeun.

TI LEULEUTIK, Tony teu boga bapa. Basa SMA, manéhna téh horéam sakola. Hayangna mah manéhna kaluar sakola saacan lulus. Unggal ahir minggu, manéhna indit ka bioskop atawa ulin jeung babaturanana. Manéhna teu bangor atawa sok maké narkoba, tapi teu boga tujuan hirup. Malahan manéhna teu yakin Allah téh aya. Hiji poé, Tony panggih jeung dua urang Saksi Yéhuwa tuluy nyaritakeun yén manéhna cangcaya Allah téh aya. Dua Saksi éta méré dua brosur, nyaéta Benarkah Kehidupan Diciptakan? jeung Asal Mula Kehidupan—Lima Pertanyaan yang Patut Direnungkan.

2 Waktu Tony didatangan deui ku para Saksi, cara pikir manéhna bener-bener robah. Manéhna bulak-balik maca nepi ka brosurna lecek. Tony ngomong ka maranéhna, ”Allah téh bener-bener aya.” Tuluy manéhna diajar Alkitab jeung lalaunan cara pandangna kana kahirupan barobah. Saacan diajar mah sakolana teu balég, tapi ayeuna Tony jadi salah sahiji murid nu pangpinterna! Kapala sakola gé teu nyangka. Manéhna ngomong ka Tony, ”Sikep maneh, peunteun manéh, geus loba kamajuan. Naha ieu lantaran manéh diajar jeung Saksi Yéhuwa?” Tony ngaenyakeun tuluy méré kasaksian ka kapala sakola. Manéhna geus lulus SMA jeung ayeuna jadi panaratas biasa tur palayan sidang. Tony bungah pisan lantaran ayeuna boga Bapa nu nyaahan, nyaéta Yéhuwa!​—Jab. 68:6.

SING TAAT KA YÉHUWA, HIDEP BAKAL SUKSÉS

3. Yéhuwa masihan naséhat naon ka budak ngora?

3 Pangalaman Tony ngingetkeun urang yén Yéhuwa téh nyaah pisan ka barudak ngora. Mantenna hoyong hidep hirupna suksés jeung sugema. Jadi Mantenna méré naséhat, ”Meungpeung keur ngora, kudu eling ka Anu nyipta maraneh.” (Pan. 12:1) Ieu mémang teu gampang, tapi lain hal nu mustahil. Ku bantuan Yéhuwa, hidep bisa suksés hirupna boh keur ngora boh keur déwasa. Sangkan leuwih paham, urang bakal ngabahas naon nu ngabantu bangsa Israil nalukkeun Tanah Perjangjian jeung naon nu ngabantu Daud ngéléhkeun Goliat.

4, 5. Urang meunang palajaran alus naon tina pangalaman bangsa Israil nalukkeun urang Kanaan jeung pangalaman Daud ngéléhkeun Goliat? (Tingali gambar dina awal artikel.)

4 Waktu rék asup ka Tanah Perjangjian, bangsa Israil dibéré pituduh naon ku Yéhuwa? Naha maranéhna dititah pikeun jadi prajurit nu leuwih jago atawa dititah latihan perang? Henteu! (Pam. 28:1, 2) Maranéhna dijurung pikeun taat jeung percaya ka Mantenna. (Yos. 1:7-9) Keur manusa, naséhat ieu katingalina teu asup akal, tapi ieu téh naséhat nu panghadéna keur bangsa Israil. Yéhuwa teterusan mantuan umat-Na pikeun nalukkeun urang Kanaan. (Yos. 24:11-13) Butuh iman pikeun taat ka Allah, tapi iman nu siga kitu hasilna pasti alus. Ieu geus kabukti boh di jaman baheula boh di jaman kiwari.

5 Goliat téh prajurit nu gagah perkasa, jangkungna ampir tilu méter. Manéhna gé mawa senjata nu bahaya. (1 Sam. 17:4-7) Sabalikna, Daud ngan mawa bandring jeung imanna ka Allah. Jalma nu teu boga iman mah nganggap Daud téh bodo lantaran wawanianan ngalawan Goliat! Tapi sabenerna, Goliat nu bodo.​—1 Sam. 17:48-51.

6. Naon nu bakal dibahas dina artikel ieu?

6 Artikel saacanna geus ngabahas opat hal nu ngalantarankeun hirup urang leuwih bagja jeung suksés. Urang geus diajar yén urang kudu nyumponan kabutuhan rohani, nyobat jeung jalma nu mikanyaah Allah, netepkeun tujuan nu ngabagjakeun, sarta ngahargaan kabébasan ti Allah. Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas cara-cara ngalampahkeunana supaya urang meunang mangpaat. Ku kituna, hayu urang bahas sababaraha prinsip dina Jabur 16.

CUMPONAN KABUTUHAN ROHANI HIDEP

7. (a) Jalma nu pikiranana rohani téh jalma nu kawas kumaha? (b) Naon hartina Yéhuwa jadi ’kagaduhna’ Daud, jeung naon pangaruhna ka manéhna?

7 Jalma nu pikiranana rohani boga iman ka Allah jeung ngupayakeun boga cara pandang nu sarua jeung Allah. Manéhna réla dibingbing ku Yéhuwa jeung boga tékad pikeun taat ka Mantenna. (1 Kor. 2:12, 13) Daud téh salah sahiji contona. Manéhna ngawih, ”Kagaduh abdi mah mung salira Gusti.” (Jab. 16:5) Yéhuwa jadi ’kagaduhna’ Daud téh hartina Yéhuwa jadi sobatna. Daud gé nyalindung ka Yéhuwa. (Jab. 16:1) Hasilna, manéhna ngarasa ”bungah”. Teu aya deui nu bisa ngabagjakeun Daud iwal ti sosobatanana jeung Yéhuwa!​—Baca Jabur 16:9, 11.

8. Naon waé nu bisa ngalantarankeun hidep bener-bener sugema hirupna?

8 Jalma nu ngutamakeun duit jeung kasenangan moal bener-bener bagja siga Daud. (1 Tim. 6:9, 10) Ceuk saurang sadérék di Kanada, ”Urang bisa bener-bener bagja téh, lain lantaran kasenangan hirup, tapi lantaran naon nu geus dibikeun ka Allah Yéhuwa, Sumber kurnia nu hadé.” (Yak. 1:17) Lamun hidep nguatkeun iman jeung ngawula Yéhuwa, hidep bakal bener-bener bagja jeung sugema hirupna. Kumaha carana? Hidep kudu nyadiakeun waktu pikeun duaan jeung Yéhuwa ku cara maca Firman-Na, merhatikeun ciptaan nu éndah, jeung ngalenyepan sipat-sipat Mantenna, kaasup kanyaah-Na ka hidep.​—Rum 1:20; 5:8.

9. Kumaha hidep bisa dibentuk ku cara pikir Allah?

9 Sakapeung, Allah némbongkeun kanyaah-Na ku cara ngingetan urang waktu nyieun salah, siga bapa nu nyaah ka budakna. Daud ngahargaan hal ieu, ”Kaula muji sukur ka PANGERAN, reh ku Mantenna dituyun, ari ti peuting sanubari teh ngingetan.” (Jab. 16:7) Daud ngalenyepan cara pikir Allah tuluy éta dijadikeun cara pikirna. Manéhna réla dibentuk ku cara pikir Allah nu ngarobah manéhna jadi jalma nu leuwih hadé. Lamun éta dilampahkeun ku hidep, kanyaah hidep ka Allah jeung kahayang pikeun nyenangkeun Mantenna bakal tumuwuh. Hidep gé bakal jadi urang Kristen nu asak rohani. Sadérék istri nu ngaranna Christin nyebutkeun yén waktu manéhna risét jeung ngalenyepan naon nu keur dibaca, manéhna ngarasa eusina téh husus ditulis keur manéhna!

10. Numutkeun Yesaya 26:3, naon mangpaatna boga pikiran rohani?

10 Lamun boga pikiran rohani, hidep bakal boga pandangan nu sarua jeung Allah ngeunaan mangsa kahareup dunya ieu. Pangaweruh jeung pamahaman ieu téh luar biasa. Ku naon Yéhuwa kersa masihan éta? Mantenna hoyong hidep apal naon nu pangpentingna dina kahirupan, bisa nyieun putusan nu hadé, jeung wani nyanghareupan mangsa kahareup! (Baca Yesaya 26:3.) Joshua, sadérék ti Amerika Serikat, nyebutkeun yén lamun urang tetep raket ka Yéhuwa, urang bisa ngabédakeun naon nu penting jeung naon nu teu pati penting.

BOGA SOBAT SAJATI

11. Daud milih sobat nu kumaha?

11 Baca Jabur 16:3. Daud apal carana boga sobat sajati. Manéhna ’resep reureujeungan’ jeung jalma-jalma nu nyaah ka Yéhuwa. Maranéhna disebut ”umat anu satia ka Allah” lantaran nuturkeun papakon Yéhuwa nu suci. Nu nulis jabur séjénna boga parasaan nu sarua ngeunaan milih babaturan, ”Abdi teh batur jalmi-jalmi anu ngabdi ka Gusti, anu narurut kana hukum Gusti.” (Jab. 119:63) Saperti nu geus dibahas di artikel saacanna, hidep ogé bisa manggihan loba sobat sajati di antara jalma-jalma nu nyaah jeung taat ka Yéhuwa. Tangtu, nu jadi sobat téh teu kudu nu umurna sarua jeung hidep.

12. Ku naon Daud jeung Yonatan bisa nyobat?

12 Daud teu ngan saukur nyobat jeung nu sapantaran. Naha hidep apal saha salah sahiji sobat Daud? Nu kapikir ku hidep meureun Yonatan. Sosobatan antara Daud jeung Yonatan téh salah sahiji sosobatan nu pangdalitna nu dicaritakeun dina Alkitab. Tapi, naha hidep apal yén Yonatan téh kira-kira 30 taun leuwih kolot ti Daud? Jadi, ku naon maranéhna bisa nyobat? Sosobatan maranéhna dumasar kana iman ka Allah. Maranéhna ogé silih hormat jeung ngahargaan sipat alusna masing-masing, saperti kawani maranéhna waktu merangan musuh Allah.​—1 Sam. 13:3; 14:13; 17:48-50; 18:1.

13. Kumaha hidep bisa boga leuwih loba sobat? Béré contona.

13 Saperti Daud jeung Yonatan, urang gé ’resep reureujeungan’ jeung sobat-sobat nu nyaah sarta boga iman ka Yéhuwa. Kiera, nu geus mangtaun-taun ngawula Allah, ngomong, ”Abdi nyobat jeung sadérék-sadérék ti sakuliah dunya, nu kasang tukang jeung budayana béda-béda.” Lamun éta dilampahkeun ogé ku hidep, hidep bakal ngarasakeun sorangan yén Alkitab jeung roh suci bisa nyatunggalkeun umat Allah di sakuliah dunya jadi hiji kulawarga.

NETEPKEUN CITA-CITA NU MATAK BAGJA

14. (a) Kumaha hidep bisa netepkeun cita-cita nu matak bagja? (b) Naon nu dicaritakeun ku sababaraha budak ngora ngeunaan cita-cita maranéhna?

14 Baca Jabur 16:8. Ngawula Allah téh hal nu pangpentingna keur Daud. Lamun hidep nyonto Daud waktu netepkeun cita-cita sarta terus mikirkeun naon nu dipiharep Yéhuwa ti hidep, kahirupan hidep bakal sugema. Saurang sadérék nu ngaranna Steven ngomong, ”Abdi sugema lantaran cita-cita abdi geus kahontal. Abdi gé ngarasa geus nyieun kamajuan.” Saurang sadérék ngora ti Jerman nu ayeuna ngawula di nagri séjén ngomong, ”Abdi embung ah mun engké geus kolot inget kahirupan abdi téh ngan dipaké keur kapentingan sorangan.” Naha parasaan hidep gé sarua? Lamun kitu, gunakeun kamampuh jeung pangabisa hidep pikeun ngamulyakeun Allah jeung nulungan batur. (Gal. 6:10) Tetepkeun cita-cita pikeun ngawula Yéhuwa, tuluy suhunkeun bantuan Mantenna supaya éta bisa kahontal. Sing yakin yén doa hidep bakal diijabah!​—1 Yoh. 3:22; 5:14, 15.

15. Naon waé cita-cita nu bisa ditetepkeun ku hidep? (Tingali kotak ” Cita-Cita nu Bisa Dipikirkeun”.)

15 Naon waé cita-cita nu bisa ditetepkeun ku hidep? Naha rék méré koméntar maké kekecapan sorangan di pasamoan? Naha hidep hayang naratas atawa ngawula di Bétel? Hidep ogé bisa diajar basa anyar sangkan bisa ngawawar ka leuwih loba jalma. Barak, saurang sadérék ngora nu ngawula sapinuh waktu, ngomong, ”Unggal hudang isuk, abdi mani bagja lantaran inget geus ngagunakeun sagala kakuatan keur Yéhuwa. Euweuh nu bisa ngabagjakeun siga kieu.”

HARGAAN KABÉBASAN TI ALLAH

16. Kumaha parasaan Daud ngeunaan hukum jeung prinsip Yéhuwa? Naon sababna?

16 Baca Jabur 16:2, 4. (Ayat 2 dibaca tina catetan handap.) * Dina artikel saacanna geus dibahas yén urang ngan bisa bener-bener bébas lamun nuturkeun hukum jeung prinsip Allah. Urang diajar pikeun mikaresep kahadéan jeung mikaijid kagoréngan. (Amos 5:15) Daud ngomong yén Yéhuwa téh ”Sumber kasaéan” manéhna. Kasaéan téh moral anu luhur atawa lalampahan nu hadé. Yéhuwa téh saé lampah-Na, jeung sagala nu saé asalna ti Mantenna. Daud satékah polah nyonto Allah jeung mikaresep nu dipikaresep ku Yéhuwa. Daud ogé diajar pikeun mikaijid nu dipikaijid ku Allah. Salah sahijina téh brahala, nyaéta saha waé atawa naon waé nu disembah salian ti Yéhuwa. Brahala ngarendahkeun manusa. Salian ti éta, kahormatan nu sakuduna mah dipasihkeun ka Yéhuwa kalah ka dibikeun ka nu séjén.​—Yes. 2:8, 9; Wahyu 4:11.

17, 18. (a) Naon nu disebutkeun ku Daud ngeunaan hasil goréng tina ibadah palsu? (b) Naon nu nyababkeun jalma-jalma ayeuna ”susah sorangan”?

17 Di jaman Alkitab, lampah cabul biasana jadi bagian tina ibadah palsu. (Hos. 4:13, 14) Loba jalma resep kana ibadah palsu lantaran bisa ngalampahkeun nu cabul. Tapi, naha ibadah siga kitu ngabagjakeun maranéhna? Sama sakali henteu! Daud nyebutkeun yén jalma-jalma nu nyembah allah palsu ”tangtu susah sorangan”. Malahan, maranéhna dititah ngorbankeun budakna! (Yes. 57:5) Yéhuwa ijid kana kakejeman éta. (Yer. 7:31) Lamun hidep hirup di jaman éta, hidep tangtu ngarasa untung boga kolot nu nyembah Yéhuwa!

18 Kiwari, loba agama palsu ngidinan lampah cabul, kaasup homoséksualitas. Jalma-jalma nu gaya hirupna cabul bisa jadi ngarasa bébas, tapi sabenerna jadi ”susah sorangan”. (1 Kor. 6:18, 19) Naha hidep merhatikeun hal éta? Jadi, sing nurut ka Bapa nu di sawarga. Buktikeun ku sorangan yén taat ka Allah téh alus. Pikirkeun enya-enya hasil goréng tina lampah cabul. Bakal katempo ku hidep yén kasenangan sementara siga kitu téh teu sabanding jeung balukarna. (Gal. 6:8) Joshua nu tadi geus disebutkeun ngomong, ”Urang bébas milih naon nu dipikahayang ku urang, tapi lamun kabébasan éta disalahgunakeun urang moal bagja.”

19, 20. Berkah naon waé nu bakal ditarima ku budak ngora nu boga iman jeung taat ka Yéhuwa?

19 Ceuk Yésus, ”Lamun maraneh nurut kana piwuruk Kami, bener maraneh teh murid-murid Kami, sarta bakal nyaraho ka Anu saestu, sarta ku Anu saestu maraneh bakal dibebaskeun.” (Yoh. 8:31, 32) Nuhun ka Yéhuwa lantaran urang geus bébas tina agama palsu jeung tahayul, urang gé moal dibobodo deui. Dina mangsa kahareup, urang bisa meunangkeun ”kamerdikaan kamulyaanana putra-putra Allah”. (Rum 8:21, Sunda Formal) Ti ayeuna ogé hidep bisa meunang kabébasan lamun nuturkeun pangajaran Kristus. Ku kituna, hidep bakal ’nyaho ka anu saestu’, lain tina diajar wungkul tapi ogé tina ngalarapkeunana!

20 Budak ngora, hargaan kabébasan ti Allah. Gunakeun kalawan bijaksana. Ku kituna, hidep bisa nyieun putusan nu hadé ayeuna sangkan engké hidep boga kahirupan nu panghadéna. Saurang budak ngora nyebutkeun, ”Lamun ti ngongora urang bijaksana ngagunakeun kabébasan, engkéna urang bakal leuwih siap waktu kudu nyieun putusan nu leuwih gedé, siga rék milih pagawéan naon, naha rék kawin atawa rék léléngohan heula.”

 21. Kumaha hidep bisa ngahontal ”hirup sajati”?

21 Nu disebut kagenahan di dunya ieu téh ngan sementara. Euweuh jalma nu apal isuk bakal kumaha. (Yak. 4:13, 14) Nu panghadéna mah lamun hidep nyieun pilihan nu bakal ngabantu hidep ngahontal ”hirup sajati”, nyaéta hirup langgeng di dunya anyar nu éndah. (1 Tim. 6:19) Yéhuwa teu maksa sasaha pikeun ngawula Mantenna. Éta mah kumaha putusan urang masing-masing. Ku kituna, jadikeun Yéhuwa ”kagaduh” hidep ku cara ngaraket ka Mantenna unggal poé. Hargaan ”hal-hal anu harade” ti Mantenna. (Jab. 103:5) Sing yakin yén Yéhuwa bisa masihan kabungah jeung kabagjaan nu limpah keur salalanggengna!​—Jab. 16:11.

^ par. 16 Jabur 16:2 (Terjemahan Dunia Baru): ”Abdi ngomong ka Yéhuwa, ’Gusti téh Yéhuwa, Sumber kasaéan abdi.’”