Pindah kana eusi

Naha Yésus Nganggap Dirina Sabagé Allah?

Naha Yésus Nganggap Dirina Sabagé Allah?

Jawaban Alkitab

 Yésus teu pernah nganggap dirina sabagé Allah. Malah, Yésus nyebut Mantenna téh ”Allah Kami”.—Yohanes 20:17.

 Yésus ogé ngadoa ka Allah. (Mateus 26:39) Waktu ngajar murid-muridna carana ngadoa, Yésus ngomong, ”Nun Ama di sawarga. Mugi jenengan Ama nu suci dimulyakeun.”—Mateus 6:9.

 Yésus nyebutkeun nami Allah waktu ngutip hiji ayat dina Kitab Suci. Ceuk anjeunna, ”Daréngékeun éh Israil! Yéhuwa Allah urang téh Yéhuwa anu tunggal.”—Markus 12:29, NW; Pamindo 6:4, NW.