Pindah kana eusi

Kumaha Supaya Abdi Teu Jadi Korban Pelécéhan Séksual?

Kumaha Supaya Abdi Teu Jadi Korban Pelécéhan Séksual?

Jawaban Alkitab

 Perhatikeun sababaraha naséhat alus tina Alkitab:

  1.   Ulah deukeut teuing jeung batur gawé. Urang kudu bageur jeung ngahargaan batur gawé, tapi ulah deukeut teuing nepi ka manéhna nganggap urang téh hayang digoda.—Mateus 10:16; Kolosa 4:6.

  2.   Sing sopan dina papakéan. Ulah maké baju nu bisa nyababkeun urang digoda. Ceuk Alkitab, urang kudu maké baju nu ”sameujeuhna ulah kaleuleuwihi”.—1 Timoteus 2:9.

  3.   Sing pinter milih babaturan. Lamun urang osok ulin jeung babaturan nu teu protés waktu digoda, tapi kalah ka resep, ulah héran lamun batur nganggap urang ogé resep digoda.—Siloka 13:20.

  4.   Ulah pipilueun dina obrolan jorang. Geura indit lamun batur geus ngobrolkeun hal nu ”cawokah, kotor, atawa teu pantes”.—Epesus 5:4.

  5.   Singkahan kaayaan nu pibahayaeun. Contona, ulah daék diajak ngalembur di tempat gawé lamun alesanana teu jelas.—Siloka 22:3.

  6.   Wani pikeun terus terang. Lamun aya nu ngalécéhkeun urang, urang kudu wani pikeun terus terang yén urang embung dikitukeun. (1 Korinta 14:9) Misalna, urang bisa ngomong, ”Tong toél-toél. Urang teu suka.” Jelaskeun yén urang boga ahlak nu bener jeung nyepeng pageuh kapercayaan urang.—1 Tesalonika 4:3-5.

  7.   Téangan bantuan. Lamun batur teu eureun-eureun ngalécéhkeun, urang bisa carita ka sobat, kulawarga, batur gawé, atawa jalma nu pernah ngabantu korban pelécéhan. (Siloka 27:9) Urang ogé bisa carita ka Allah liwat doa, loba korban pelécéhan séksual geus ngarasakeun mangpaatna. Bisa jadi urang can pernah ngadoa, tapi sing yakin yén Allah Yéhuwa bakal ”maparin kategeran hate”.—2 Korinta 1:3.

 Lantaran lobana pelécéhan séksual, jutaan jalma ngarasa teu aman di tempat gawé. Tapi, Alkitab bisa méré bantuan.