Pindah kana eusi

PANANYA BUDAK NGORA

Kumaha Carana Ngajelaskeun Pandangan Abdi ngeunaan Séks?

Kumaha Carana Ngajelaskeun Pandangan Abdi ngeunaan Séks?

”Hah? Manéh parawan kénéh?”

Mun ditanya kitu, anjeun éra teu méré nyaho yén anjeun masih parawan? Artikel ieu bisa ngabantu anjeun pikeun ngajelaskeun pandangan anjeun.

 Parawan atawa perjaka téh maksudna kumaha?

 Sababaraha jalma mikir dirina téh masih ”parawan” atawa ”perjaka” lantaran maranéhna can pernah ngalakukeun hubungan séks.

 Tapi, sabenerna kecap ”séks” téh bisa ogé ngamaksudkeun séks oral, séks anal, atawa ngarangsang alat kelamin batur.

 Palajaran penting: Saurang jalma teu bisa disebut parawan kénéh lamun geus pernah ngalakukeun hubungan séks, kaasup séks oral, séks anal, atawa ngarangsang alat kelamin batur.

Kumaha pandangan Alkitab ngeunaan séks?

  Alkitab nyebutkeun, hubungan séks téh ngan bisa dilakukeun ku pasangan salaki pamajikan hungkul. (Siloka 5:18) Ku kituna, saurang jalma nu hayang nyenangkeun haté Allah sakuduna teu ngalakukeun hubungan séks saacan nikah.​—1 Tésalonika 4:3-5.

 Loba nu ngomong, naséhat tina Alkitab téh geus tinggaleun jaman jeung teu kapaké dina jaman urang. Tapi sing inget, ayeuna téh loba nu pepegatan, hamil di luar nikah, jeung katépaan ku panyakit kelamin. Jadi, patokan moral ti dunya ieu téh teu bisa dituturkeun!​—1 Yahya 2:15-17.

 Lamun anjeun mikirkeunana, anjeun bakal sadar yén patokan moral tina Alkitab téh asup akal. Saupama anjeun dibéré duit 10 juta rupiah, duitna bakal dikumahakeun? Bakal diawurkeun di jalan sina dicokot ku saha waé nu liwat kitu? Moal, pan?

 Nah, awak anjeun gé luhur nilaina, jadi kudu dijaga. Sierra nu umurna 14 taun ngomong kieu, ”Amit-amit teuing ngalakukeun hubungan séks jeung jalma nu ngaranna waé moal abdi inget sababaraha taun ka hareup.” Tammy nu umurna 17 taun gé satuju. Ceuk manéhna, ”Séks téh hadiah nu istiméwa pisan, lebar mun dipaké sambarangan.”

 Palajaran penting: Alkitab méré pituduh keur jalma-jalma nu can nikah supaya henteu ngalakukeun hubungan séks jeung ngajaga laku lampah tetep bersih.​—1 Korintus 6:18; 7:8, 9.

Kumaha pandangan anjeun?

  •    Ceuk anjeun, naséhat Alkitab ngeunaan séks téh asup akal atawa kaleuleuwihi?

  •   Ceuk anjeun, teu nanaon kitu ngalakukeun hubungan séks lamun duanana silih cinta sanajan can nikah?

 Loba budak ngora nu bener-bener mikirkeun hal ieu, terus nyimpulkeun yén nu pangalusna téh henteu ngalakukeun hubungan séks jeung ngajaga laku lampahna tetep bersih. Maranéhna teu pernah kaduhung kana putusanana jeung henteu ngarasa rugi. Pék perhatikeun koméntar maranéhna.

  •  ”Abdi mah justru ngarasa untung lantaran masih parawan kénéh. Pan lamun ngalakukeun hubungan séks saacan nikah téh kaséhatan fisik, émosi, jeung méntal urang bisa ruksak.”​—Emily.

  •  ”Untung abdi mah teu pernah ngalakukeun séks jeung sasaha. Abdi moal mungkin keuna panyakit nu bisa népa liwat séks.”​—Elaine.

  •  ”Sababaraha awéwé nu sapantaran atawa leuwih kolot ti abdi ngarasa kaduhung pernah ngalakukeun hubungan séks. Maranéhna ngomong sakuduna maranéhna teu buru-buru. Abdi embung jadi siga maranéhna.”​—Vera.

  •  ”Loba nu terus ngarasa kaduhung lantaran pernah ngalakukeun hubungan séks saacan waktuna atawa gunta-ganti pasangan. Karunya abdi mah ka nu kitu téh.”​—Deanne.

 Palajaran penting: Supaya bisa ngalawan gogoda pikeun ngalakukeun hubungan séks, pandangan anjeun kudu mantep heula.​—Yakobus 1:14, 15.

Kumaha anjeun bisa ngajelaskeun pandangan anjeun?

  Kumaha mun aya nu nanyakeun pandangan anjeun ngeunaan séks? Tingali heula niat manéhna.

 ”Mun manéhna ngan ngaheureuyan, ku abdi mah moal diwaro. Abdi bakal ngomong, ’Éta lain urusan manéh,’ tuluy léos wéh indit.”​—Corinne.

 ”Sakapeung, di sakola aya nu hayang moyokan. Mun kitu tujuanana mah, moal diladénan ku abdi.”​—David.

 Anjeun nyaho teu? Sakapeung Isa gé cicing waé mun ditatanya ku tukang moyok.​—Matius 26:62, 63.

 Tapi, kumaha lamun jalma nu nanya téh bener-bener hayang nyaho pandangan anjeun? Lamun kira-kira manéhna bakal ngahargaan Alkitab, meureun anjeun bisa mukakeun ayat siga 1 Korintus 6:18, nu nyebutkeun lamun saurang jalma ngalakukeun hubungan séks saacan nikah, éta hartina manéhna téh nyieun dosa, atawa ngaruksak, awakna sorangan.

 Teu sual anjeun rék mukakeun Alkitab atawa henteu, nu penting mah ngajawabna kudu yakin. Sing inget, anjeun kudu reueus kana putusan anjeun pikeun ngajaga laku lampah tetep bersih.​—1 Pétrus 3:16.

 ”Lamun urang mantep ngajawabna, éta nunjukkeun urang yakin kana pandangan urang. Urang nyaho éta téh nu bener, matakna dijalankeun, lain tuturut munding hungkul.”​—Jill.

 Palajaran penting: Lamun anjeun yakin kana pandangan anjeun ngeunaan séks, anjeun gé bakal bisa ngajelaskeunana ka batur. Tanggapan maranéhna bisa jadi teu kasangka-sangka. Melinda nu umurna 21 taun nyarita, ”Batur gawé muji abdi ku lantaran abdi masih parawan. Maranéhna teu nganggap ieu téh anéh, malah ceuk maranéhna éta téh alus sabab abdi bisa nahan diri.”

 Saran. Lamun anjeun hayang leuwih yakin kana prinsip-prinsip Alkitab ngeunaan séks, mangga download lambar kagiatan ”Cara Menjelaskan Pendirianmu tentang Seks” jeung tingali buku Pertanyaan Kaum Muda​—Jawaban yang Praktis.

 ”Abdi resep pisan kana buku ’Pertanyaan Kaum Muda’. Misalna dina Jilid 1 kaca 187, aya gambar nu ngajelaskeun yén hubungan séks saacan nikah téh ibarat méré kongkorong nu mahal ka batur sacara gratis. Urang asa teu aya hargana. Terus, dina kaca 177 gé katerangan gambarna nyebutkeun yén hubungan séks saacan nikah téh ibaratna siga maké lukisan nu éndah pikeun dijadikeun késéd. Tapi abdi paling resep kana gambar dina kaca 54 Jilid 2. Di ditu aya katerangan, ’Ngalakukeun hubungan séks saacan nikah téh siga muka hadiah nu can dibikeun ka anjeun’. Éta sarua siga maok barang batur, nyaéta hakna salaki atawa pamajikan urang engké.”​—Victoria.