Pindah kana eusi

PANANYA BUDAK NGORA

Ku Naon Urang Kudu Ngajauhan Pornografi?

Ku Naon Urang Kudu Ngajauhan Pornografi?

 Anjeun bisa teu ngalawan gogoda éta?

 Lamun anjeun osok maén Internét, ulah héran mun sakali waktu aya iklan atawa gambar porno nu ujug-ujug muncul. Hayley nu umurna 17 taun ngomong kieu, ”Urang teu kudu néang-néang gambar porno. Éta aya di mana-mana.

 Jalma nu geus boga tékad pikeun ngajauhan pornografi gé masih bisa kagoda. Greg nu umurna 18 taun ngomong kieu, ”Tadina abdi mikir moal kagoda ku pornografi, tapi geuningan abdi kagoda ogé. Kabéh jalma bisa kagoda ku pornografi.”

 Dina jaman ayeuna, urang bisa gampang pisan ningali pornografi. Komo deui, ayeuna mah aya sexting (ngirim pesen cabul atawa gambar jeung vidéo porno ka batur). Loba rumaja bisa nyieun jeung nyebarkeun gambar atawa vidéo pornona sorangan.

 Palajaran penting: Anjeun téh nyanghareupan gogoda nu leuwih gedé ti batan kolot sarta aki nini anjeun waktu maranéhna saumur anjeun. Nah, ayeuna anjeun bakal bisa ngalawan gogoda pikeun nongton pornografi teu?​—Jabur 97:10.

 Jawabanana nyaéta bisa, lamun anjeun daék. Tapi, anjeun kudu satuju heula yén pornografi téh goréng. Hayu tingali sababaraha mitos jeung fakta ngeunaan pornografi.

 Mitos jeung fakta

 Mitos: Pornografi téh teu bahaya.

 Fakta: Mun anjeun ngudud, paru-paru anjeun bisa ruksak. Nah mun anjeun ningalian gambar atawa vidéo porno, pikiran jeung ahlak anjeun bisa ruksak. Jalma nu sering nongton film porno bisa nganggap rendah hubungan séks nu sakuduna ngan dilakukeun ku pasangan nu geus nikah. (Kajadian 2:​24) Malah, lila-lila manéhna jadi teu bisa ngabédakeun mana nu bener jeung nu salah. Misalna, sababaraha ahli nyebutkeun, lalaki nu sering nongton film porno bisa jadi teu ngarasa karunya waktu ningali awéwé disiksa.

  Alkitab nyebutkeun, aya jalma-jalma nu ”geus teu boga deui patokan moral”. (Éfésus 4:19) Maranéhna jadi teu ngarasa salah waktu ngalakukeun hal-hal nu goréng.

 Mitos: Urang bisa diajar ngeunaan séks tina film porno.

 Fakta: Lamun urang nongton film porno, urang diajar pikeun jadi jalma sarakah. Urang jadi nganggap jalma-jalma téh ngan saukur alat pikeun muaskeun kahayang urang. Hiji panalitian nyebutkeun yén jalma-jalma nu geus biasa nongton film porno biasana mah teu ngarasa puas waktu ngalakukeun hubungan séks jeung pasangan hirupna.

  Ceuk Alkitab, urang Kristen téh teu meunang ”ngalakukeun lampah cabul, kanajisan, ngumbar birahi, hayang nyilakakeun batur, sarta sarakah”. Nah, ari pornografi téh ngajurung urang pikeun ngalakukeun hal-hal éta.​—Kolose 3:5.

 Mitos: Jalma-jalma nu nolak pornografi téh pura-pura suci.

 Fakta: Jalma nu nolak pornografi téh boga pandangan nu bener ngeunaan séks. Maranéhna nganggap séks téh kurnia ti Allah jeung bisa nguatkeun hubungan salaki pamajikan. Jalma-jalma nu boga pandangan jiga kitu biasana ngarasa leuwih puas waktu ngalakukeun hubungan séks jeung pasangan hirupna.

  Alkitab téh terus terang waktu ngabahas ngeunaan séks. Misalna, Alkitab méré naséhat kieu ka para salaki, ”Anu matak sing ngarasa bagja ku pamajikan. Teangan kasukaan jeung mojang anu ku hidep dikawin . . . jeung sing bagja ku cintana.”​—Siloka 5:​18, 19.

 Kumaha carana ngajauhan pornografi?

 Kumaha mun anjeun ngarasa teu bisa ngalawan gogoda pikeun nongton pornografi? Pék baca lambar kagiatan ”Cara Menolak Pornografi”. Éta bisa ngabantu anjeun.

 Sing yakin, anjeun téh bisa ngalawan gogoda pikeun nongton pornografi. Terus mun anjeun geus kacanduan, sing yakin anjeun gé bisa ngeureunkeun kabiasaan éta. Mun anjeun bisa nolak gogoda pikeun nongton pornografi, anjeun bakal ngarasakeun loba mangpaat.

 Perhatikeun pangalaman Calvin. Basa umur 13 taun, manéhna téh kacanduan pornografi. Calvin ngomong, ”Abdi nyaho ieu téh salah. Tapi, abdi teu bisa nahan diri. Mun geus nongton vidéo porno téh abdi sok ngarasa salah. Sakali waktu, abdi kanyahoan ku si Bapa. Jujur wéh, abdi ngarasa plong pisan! Ahirna abdi bisa meunang bantuan nu abdi butuhkeun.”

 Ayeuna, Calvin geus bisa ngajauhan pornografi. Manéhna ngomong, ”Ningalian pornografi téh kasalahan nu gedé pisan. Nepi ka ayeuna, abdi masih osok kabayang-bayang. Terus, abdi gé osok hayang ningali gambar jeung vidéo porno séjénna. Tapi mun keur kitu, abdi sok ngabayangkeun, abdi bisa leuwih bagja jeung boga kahirupan nu leuwih hadé mun nurut ka Yéhuwa.”