Pindah kana eusi

Naha Sains jeung Alkitab téh Saluyu?

Naha Sains jeung Alkitab téh Saluyu?

Jawaban Alkitab

 Tangtu. Sanajan lain buku palajaran sains, Alkitab téh akurat lamun keur nyebutkeun ngeunaan sains. Perhatikeun sababaraha conto nu ngabuktikeun yén sains jeung Alkitab téh saluyu. Alkitab ngamuat katerangan sains nu béda pisan jeung kapercayaan jalma-jalma harita basa katerangan éta ditulis dina Alkitab.

  •   Jagat raya téh aya mimitina. (Kajadian 1:1) Loba mitos di jaman baheula ngajelaskeun yén jagat raya téh teu diciptakeun, tapi asalna tina kaayaan nu tadina acak-acakan jadi rapih sorangan. Urang Babul percaya yén déwa-déwa nu asalna ti dua samudra ngalahirkeun jagat raya ieu. Dongéng séjénna nyebutkeun yén jagat raya téh asalna ti endog raksasa.

  •   Unggal poé, jagat raya diatur ku hukum alam, lain ku kahayangna para déwa. (Ayub 38:33; Yermia 33:25) Mitos di sakuliah dunya ngajarkeun yén manusa téh teu walakaya nyanghareupan laku lampah para déwa nu sangeunahna jeung sakapeung sok kejem.

  •   Bumi ngagantung di awang-awang nu suwung. (Ayub 26:7) Loba jalma di jaman baheula percaya yén bumi téh siga piring nu dipunggu ku raksasa atawa sato, saperti munding atawa kuya.

  •   Cai nu aya dina walungan jeung cinyusu asalna tina cai di laut jeung sumber séjénna nu nyaab tuluy balik deui ka bumi jadi hujan, salju, atawa hujan és. (Ayub 36:27, 28; Pandita 1:7; Yesaya 55:10; Amos 9:6) Urang Yunani kuno ngajarkeun yén cai walungan téh asalna tina cai di samudra nu aya di jero taneuh. Pamikiran ieu téh masih kénéh dipercaya nepi ka abad ka-18.

  •   Gunung-gunung nu aya ayeuna tadina aya di jero laut. (Jabur 104:6, 8) Tapi, sababaraha mitos nyebutkeun yén gunung téh langsung diciptakeun siga kitu ku para déwa.

  •   Kabersihan ngajaga kaséhatan. Hukum nu dibikeun ka urang Israil téh kaasup aturan pikeun nyeuseuh pakéan tas nyabak bangké, misahkeun jalma nu boga panyakit nu bisa népa, jeung ngaruang kotoran jalma. (Imamat 11:24-28; 13:1-5; Pamindo 23:13) Sabalikna, waktu hukum ieu dibikeun, urang Mesir mah justru nyieun ubar tina campuran kotoran jalma pikeun dibalurkeun kana awak nu raheut.

Naha aya katerangan nu salah sacara ilmiah dina Alkitab?

 Sanggeus Alkitab ditalungtik, jawabanana téh henteu. Ieu sababaraha kasalahpahaman ngeunaan akurat henteuna katerangan ilmiah dina Alkitab:

 Mitos: Alkitab nyebutkeun yén jagat raya téh diciptakeun salila 6x24 jam.

 Fakta: Numutkeun Alkitab, Allah nyiptakeun jagat raya téh baheula pisan jeung teu bisa ditangtukeun iraha waktuna. (Kajadian 1:1) Salian ti éta, poé-poé Allah nyiptakeun sagala nu dijelaskeun dina Kajadian pasal 1 téh période waktu nu teu bisa dipastikeun lilana. Malahan, période Allah nyiptakeun langit jeung bumi gé disebut ”poé”.—Kajadian 2:4, Terjemahan Dunia Baru.

 Mitos: Alkitab nyebutkeun yén pepelakan téh diciptakeun saacan aya panonpoé keur ngadukung fotosintésis.—Kajadian 1:11, 16.

 Fakta: Alkitab ngajelaskeun yén panonpoé téh hiji béntang di ”langit” nu diciptakeun saacan pepelakan. (Kajadian 1:1, Terjemahan Baru) Sorot panonpoé nepi ka bumi dina ”poe”, atawa période, kahiji. Dina ”poe” katilu, atmosfér téh geus beuki bersih, jadi aya cukup cahaya keur fotosintésis. (Kajadian 1:3-5, 12, 13) Lila-lila, panonpoé katingali leuwih jelas ti bumi.—Kajadian 1:16.

 Mitos: Alkitab nyebutkeun yén panonpoé ngurilingan bumi.

 Fakta: Pandita 1:5 nyebutkeun, ”Bray panonpoe medal, reup panonpoe surup, keureuyeuh malik ka urutna bijil, karayap maju deui.” Tapi, katerangan ieu keur ngajelaskeun obahna panonpoé sakumaha nu katingali ti bumi. Ayeuna ogé, jalma-jalma osok ngagunakeun kecap ”panonpoe medal” jeung ”panonpoe surup” sanajan geus nyaho yén bumi nu ngurilingan panonpoé.

 Mitos: Alkitab nyebutkeun yén bumi téh rata.

 Fakta: Alkitab ngagunakeun frasa ”nepi ka tungtung bumi” pikeun ngajelaskeun ”bagian nu pangjauhna di bumi”, lain ngamaksudkeun bumi téh rata jeung aya tungtungna. (Rasul 1:8) Sarupa kitu, istilah ”opat pojok jagat” téh ibarat nu hartina sakabéh bagian di bumi. Kiwari, jalma-jalma ogé ngagunakeun opat mata angin pikeun ngibaratkeun hal nu sarua.—Yesaya 11:12; Lukas 13:29.

 Mitos: Alkitab nyebutkeun yén kuriling buleudan téh tilu kalieun garis tengahna, kuduna mah dikali pi (π), atawa kira-kira 3,1416.

 Fakta: 1 Raja 7:​23 jeung 2 Babad 4:2 nyebutkeun yén ”tatalagaan tambaga” téh ”garis tengahna opat meter opat puluh senti, kurilingna tilu belas meter dua puluh senti”. Bisa jadi ieu téh angka nu geus dibuleudkeun. Bisa ogé ieu téh garis tengah bagian luar jeung kuriling bagian jero tatalagaan éta.