Pindah kana eusi

PANANYA BUDAK NGORA

Kumaha Dangdanan Abdi?

Kumaha Dangdanan Abdi?

 Ku naon anjeun kudu merhatikeun pakéan anjeun? Sabab pakéan téh bisa ngungkabkeun saha diri anjeun. Batur bakal mikir kumaha mun ningali pakéan anjeun?

 Tilu kasalahan ngeunaan pakéan jeung cara nyingkahanana

1. Nuturkeun teuing gaya pakéan nu sering muncul dina iklan.

 Ceuk saurang budak ngora nu ngaranna Theresa, ”Kadang, abdi nuturkeun hiji gaya pakéan lantaran gaya éta sering muncul dina iklan. Mun urang sering ningali batur ngagunakeun gaya jiga kitu, urang téh bisa kabawakeun.”

 Nu jadi sasaran iklan téh teu ngan barudak awéwé hungkul. Buku The Everything Guide to Raising Adolescent Boys nyebutkeun, ”Barudak lalaki gé gampang kapangaruhan ku gaya pakéan nu keur usum . . . Ti leutik kénéh, maranéhna geus dijadikeun sasaran utama iklan.”

 Pék pikirkeun: Ceuk Alkitab, ”Jalma bodo mah percayaan, ari nu binangkit mah ngawas-ngawas heula pilengkaheun.” (Siloka 14:15) Jadi mun anjeun ningali iklan pakéan, pék pikir-pikir heula. Misalna mun aya iklan pakéan nu séksi, pék pikirkeun:

  •  ’Mun abdi maké pakéan jiga kitu, saha nu diuntungkeun?’

  •  ’Batur bakal mikir kumaha mun abdi maké pakéan jiga kitu?’

  •  ’Naha abdi mémang hayang batur mikir kitu?’

 Saran: Salila saminggu, pas anjeun keur ningali iklan pakéan, pék pikirkeun hal-hal ieu: Ieu téh gaya pakéan nu jiga kumaha? Naha iklan éta nyieun anjeun ngarasa kudu nuturkeun gaya pakéan éta? Budak ngora nu ngaranna Karen ngomong kieu, ”Urang téh asa kudu katingali sampurna, kudu maké pakéan nu alus, jeung kudu nunjukkeun awak urang téh alus. Jalma-jalma nu nyieun iklan nyaho yén barudak ngora téh sok ngarasa kitu. Jadi, ku maranéhna dimangpaatkeun.”

2. Nuturkeun gaya pakéan nu keur usum supaya ditarima ku batur.

 Ceuk budak ngora nu ngaranna Manuel, ”Lamun aya gaya pakéan nu keur usum, jalma-jalma téh bakal nuturkeun gaya éta. Mun aya nu teu nuturkeun, manéhna bakal dianggap anéh.” Budak ngora séjén nu ngaranna Anna satuju kana hal éta. Manéhna ngomong, ”Nu pangpentingna téh urang ditarima ku batur.”

 Pék pikirkeun: Ceuk Alkitab, ”Ulah kabawakeun deui ku jalma-jalma dina jaman ieu.” (Roma 12:2) Jadi, pék tingali lomari baju anjeun jeung pikirkeun:

  •  ’Ku naon abdi milih pakéan-pakéan ieu?’

  •  ’Naha enya abdi ngan hayang maké pakéan nu mérekna alus?’

  •  ’Abdi meuli pakéan-pakéan ieu pédah hayang kapuji ku batur teu?’

 Saran: Loba budak ngora mikir yén maranéhna bisa ditarima ku babaturanana lamun maké pakéan nu keur usum. Tapi lamun saurang jalma percaya diri mah, manéhna moal hariwang kana naon nu dipikirkeun ku batur.

3. Mikir ’mun leuwih séksi, nya leuwih alus’.

 Budak ngora nu ngaranna Jennifer ngomong, ”Jujur wéh, kadang abdi sok hayang maké pakéan nu rada séksi, misalna nu pondok atawa merecet.”

 Pék pikirkeun: Ceuk Alkitab, ”Katémbong geulis téh ulah ti luarna hungkul . . . Sabalikna, aranjeun kudu boga kageulisan batin.” (1 Pétrus 3:3, 4) Jadi, pék pikirkeun mana nu leuwih penting, katingali alus luarna hungkul atawa boga sipat-sipat nu alus?

 Saran: Pakéan nu pangalusna téh nyaéta pakéan nu sopan jeung saderhana. Meureun kadéngéna anéh, tapi pikirkeun hal ieu:

 Anjeun pernah teu ngobrol jeung jalma nu céréwéd pisan sarta nyaritakeun ngeunaan dirina hungkul? Niatna mah hayang dipuji ku batur, tapi nu kitu téh justru kalah ka teu dipikaresep ku batur!

Batur teu resep ka jalma nu nyaritakeun ngeunaan dirina hungkul. Kitu ogé, batur teu resep ningali jalma nu pakéanana narik perhatian teuing

 Mun pakéan anjeun kaleuleuwihi, anjeun téh jiga jalma éta. Pakéan anjeun bisa nunjukkeun yén anjeun hayang diperhatikeun ku batur. Terus, batur bisa mikir anjeun teu percaya diri atawa ngan mikirkeun diri sorangan. Malah, batur bisa boga pikiran kotor.

 Mun anjeun embung batur mikir jiga kitu, pék paké pakéan nu sopan jeung saderhana. Ceuk saurang budak ngora nu ngaranna Monica, ”Maké pakéan nu sopan téh lain hartina urang kudu maké gaya pakéan jiga nini-nini. Pakéan nu sopan téh nunjukkeun yén urang ngahargaan batur jeung hayang dihargaan ku batur.”