Pindah kana eusi

Aya Sabaraha Loba Nami Gusti Allah téh?

Aya Sabaraha Loba Nami Gusti Allah téh?

Jawaban Alkitab

 Allah ngan boga hiji nami. Dina basa Ibrani, ditulisna téh יהוה. Dina basa Sunda, éta ditarjamahkeun jadi ”Yéhuwa”. a Allah nyarios ka nabi Yésaya, ”Abdi Yéhuwa. Éta ngaran abdi.” (Yesaya 42:8, Terjemahan Dunia Baru) Nami ieu muncul kira-kira 7.000 kali dina naskah-naskah Alkitab kuno. Ieu téh leuwih loba ti batan gelar Allah séjénna atawa ngaran pribadi séjénna. b

Naha aya nami séjén pikeun Yéhuwa?

 Sanajan Alkitab nyebutkeun yén Allah ngan boga hiji nami, Allah boga loba gelar jeung sebutan. Daptar di handap ngamuat sababaraha gelar jeung sebutan nu masing-masing ngagambarkeun sipat jeung kapribadian Yéhuwa.

Gelar

Ayat

Harti

Abdi téh Abdi

Budalan 3:14, Terjemahan Baru

Ngajadi naon waé nu dibutuhkeun supaya tujuan Mantenna laksana. Kekecapan ieu ogé bisa ditarjamahkeun jadi ”Abdi Bakal Jadi naon waé nu dipikahayang”. (Terjemahan Dunia Baru) Katerangan ieu bisa ngajelaskeun harti nami pribadi Yéhuwa.

Alfa jeung Oméga

Wahyu 1:8, Terjemahan Dunia Baru; 21:6; 22:13

”Nu mimiti jeung nu pandeuri”, atawa ”nu awal jeung nu ahir” téh hartina teu aya deui Allah Nu Maha Kawasa sateuacan atawa sanggeus Yéhuwa. (Yesaya 43:10) Alfa jeung oméga téh aksara pangmimitina jeung pangahirna dina aksara Yunani.

Allah

Kajadian 1:1

Pribadi nu disembah; Pribadi nu kuat. Kecap Ibrani Elohim téh bentuk jamak nu ngagambarkeun kaagungan, kahormatan, jeung kaunggulan Yéhuwa.

Allahna sagala allah

Pamindo 10:17

Allah nu pangagungna, béda pisan jeung ”allah-allah nu taya guna” nu disembah ku sababaraha jalma.—Yesaya 2:8, Terjemahan Dunia Baru.

Allah nu Bagja

1 Timoteus 1:11

Dikenal salaku Allah nu gumbira jeung bagja.—Jabur 104:31.

Allah nu hayang umat-Na ngabakti ngan ka Mantenna

Budalan 34:14

Teu ngantep aya ibadah tandingan. Istilah ieu ogé bisa ditarjamahkeun jadi ”moal nyabaran ka nu nandingan”.—Kitab Suci Basa Sunda Sadidinten.

Anu Nebus

Yesaya 41:14; Terjemahan Dunia Baru

Nebus umat manusa ti dosa jeung maot ku jalan korban tebusan Yésus Kristus.—Yohanes 3:16.

Anu Nyalametkeun

Yesaya 45:21

Nyalametkeun ti bahaya jeung kabinasaan.

Anu Nyipta

Yesaya 40:28; Jabur 149:2

Anu nyababkeun sagalana jadi aya.​—Wahyu 4:11

Bapa

Mateus 6:9

Nu masihan kahirupan..

Gunung Batu

Yesaya 17:10

Panyalindungan nu aman jeung sumber kasalametan.

Gusti

Kajadian 2:4

Dunungan atawa nu boga. Basa Ibranina Adhohn jeung Adhonim.

Nu Geus Sepuh Pisan

Daniel 7:9, 13, 22

Teu boga awal. Ti baheula, Mantenna geus aya sateuacan saha waé atawa naon waé.—Jabur 90:2.

Nu Maha Agung

Jabur 47:2; Daniel 7:18, 27

Boga kadudukan nu pangluhurna.

Nu Maha Kawasa

Kajadian 17:1

Euweuh nu bisa nandingan kakawasaana-Na. Kecap Ibrani El Syaddai nu hartina ”Allah Nu Maha Kawasa” muncul tujuh kali dina Alkitab..

Nu Maha Suci

Siloka 9:10

Suci dina sagala hal. Teu aya nu leuwih Suci ti batan Yéhuwa.

Nu méré pituduh

Yesaya 30:20, 21

Méré pangajaran jeung bingbingan nu mawa mangpaat.—Yesaya 48:17, 18.

Nu ngadangukeun doa

Jabur 66:19

Ngadangukeun unggal doa jalma-jalma nu boga iman.

Pangangon

Jabur 23:1

Ngajaga hamba-hamba-Na.

PANGERAN Nu Maha Agung

Kajadian 15:2

Nu pangkawasana. Basa Ibranina Adhonai.

Panjunan

Yesaya 64:8

Boga kawasa ka unggal jalma jeung bangsa, siga panjunan nu boga kawasa ka taneuh liket.—Rum 9:20, 21.

Raja abadi

1 Timoteus 1:17

Kakawasaanana teu aya awalna jeung teu aya ahirna.

Sababaraha ngaran tempat dina Kitab-Kitab Ibrani

 Dina Alkitab, sababaraha ngaran tempat ngamuat nami Allah. Tapi ieu téh lain ngaran séjénna Allah.

Ngaran tempat

Ayat

Harti

Yéhuwa-nisi

Budalan 17:15

”PANGERAN bandera kuring.” (Kitab Suci Basa Sunda Sadidinten) Yéhuwa téh Allah nu bisa diandelkeun ku umat-Na jeung bisa nyadiakeun panyalindungan tur bantuan.—Budalan 17:13-16.

Yéhuwa-syalom

Hakim 6:23, 24, Terjemahan Dunia Baru

”PANGERAN Sumber Rahayu.”

Yéhuwa-yiréh

Kajadian 22:13, 14, Terjemahan Dunia Baru

”PANGERAN Nu Nyayagikeun”

Ku naon urang kudu apal jeung ngagunakeun nami Allah

  •   Allah hoyong jalma-jalma apal kana nami-Na, Yéhuwa. Matakna éta ditulis dina Alkitab rébuan kali.—Malaki 1:11.

  •   Yésus, Putra Allah, mangkali-kali nandeskeun pentingna nami Allah. Misalna, anjeunna ngadoa ka Yéhuwa, ”Mugi jenengan Ama nu suci dimulyakeun.”—Mateus 6:9; Yohanes 17:6, Terjemahan Dunia Baru.

  •   Pikeun jadi sobat Yéhuwa, jalma-jalma kudu kenal jeung ngagunakeun nami-Na. (Jabur 9:10, Terjemahan Dunia Baru; Malaki 3:16, Terjemahan Dunia Baru) Lantaran nyobat jeung Allah, maranéhna bisa ngarasakeun ngawujudna jangji Allah, ”Ku sabab manéhna nyaah ka Abdi, Abdi bakal nyalametkeun manéhna. Abdi bakal ngalindungan lantaran manéhna kenal ngaran Abdi.”Jabur 91:14, Terjemahan Dunia Baru.

  •   Alkitab nyebutkeun, ”Memang aya anu disebut ’allah-allah’, aya nu di langit, aya nu di bumi. Malah nu disebut ’allah’ jeung ’gusti’ teh loba.” (1 Korinta 8:5, 6) Jadi, jelas yén hiji-hijina Allah nu bener téh nyaéta nu nami-Na Yéhuwa.—Jabur 83:18, Terjemahan Dunia Baru.

a Sababaraha ahli basa Ibrani osok narjamahkeun nami Allah jadi ”Yahwéh”.

b Nami Allah ogé osok disebut ”Yah”. Sebutan ieu muncul kira-kira 50 kali dina Alkitab, ieu kaasup dina kecap ”Haleluya” atawa ”Alleluya” nu hartina ”Puji Yah”.—Wahyu 19:1, Terjemahan Baru; Kitab Suci Komunitas Kristiani.