Pindah kana eusi

Kumaha Alkitab Bisa Terus Aya Nepi Ayeuna?

Kumaha Alkitab Bisa Terus Aya Nepi Ayeuna?

Kumaha Alkitab Bisa Terus Aya Nepi Ayeuna?

Alkitab bisa terus aya jeung weuteuh nepi ka jaman urang. Éta téh mujijat. Ku naon? Sabab Alkitab bérés ditulis leuwih ti 1.900 taun katukang. Ditulisna gé dina bahan-bahan nu gampang ancur. Misalna, dina kertas nu dijieun tina tangkal papirus, jeung dina bahan tina kulit sasatoan. Geus kitu, Alkitab ditulis dina basa nu ayeuna mah geus jarang pisan dipaké. Terus, jalma-jalma nu boga kawasa, jiga kaisar atawa pamingpin agama, hayang ngamusnakeun Alkitab.

JADI, ku naon atuh Alkitab bisa aya nepi ka ayeuna jeung jadi buku nu paling dikenal ku jalma-jalma? Hayu bahas 2 alesanana.

Terus Aya Lantaran Loba Salinanana

Baheula, urang Israil bener-bener ngajaga naskah asli Alkitab. Maranéhna nyieun loba salinan pikeun naskah-naskah éta. Misalna, saurang raja Israil kudu ”nyalin hukum-hukum Allah nu disimpen ku imam-imam Lewi”.​—Pamindo 17:18, Terjemahan Dunia Baru [NW].

Loba urang Israil resep maca Kitab Suci sabab maranéhna apal, éta téh Firman Allah. Ku kituna, naskah Kitab Suci disalin ku cara nu taliti pisan ku tukang-tukang nyalin nu ahli. Salah sahiji hamba Allah nu jadi tukang nyalin téh nyaéta Ésra. Manéhna ”tukang nyalin nu ahli tina hal hukum Musa nu dibikeun ku Yéhuwa, Allah Israil”. (Esra 7:6, NW) Terus, aya ogé urang Masorét nu nyalin Kitab-Kitab Ibrani, atawa ”Perjangjian Lawas”, kira-kira antara taun 500-an nepi ka 900-an M. Maranéhna nepi ka ngitung hurup-hurupna supaya teu aya nu salah. Lantaran disalin ku cara nu taliti jeung ati-ati pisan, eusi Alkitab téh akurat jeung bisa aya nepi ka ayeuna, sanajan loba nu hayang ngamusnakeunana.

Misalna dina taun 168 SM, rasa Siria, nyaéta Antiokhus IV, hayang ngamusnakeun kabéh salinan tina Kitab-Kitab Ibrani nu aya di sakuliah Palestina. Sajarah urang Yahudi nyebutkeun, ”Kabéh gulungan hukum nu kapanggih téh disosoéh jeung diduruk.” Buku The Jewish Encyclopedia nyebutkeun, ”Para patugas nu dititah ngajalankeun paréntah ieu mani kasar pisan . . . Jalma-jalma nu boga gulungan-gulungan éta . . . bakal dipaéhan.” Tapi, angger wé salinan tina Kitab Suci masih tetep aya di antara urang Yahudi di Palestina jeung di nagri-nagri séjén.

Teu lila sanggeus Kitab-Kitab Yunani Kristen, atawa ”Perjangjian Anyar”, bérés ditulis, salinan tina surat-surat, ramalan-ramalan, jeung catetan sajarah nu diilhamkeun ieu gancang pisan nyebar jeung ngalobaanana. Misalna, Yohanes nulis Injil di Épésus atawa di deukeut ditu. Tapi, aya bagian tina salinan Injilna nu kapanggih di Mesir, ratusan kilométer ti Épésus. Ceuk para ahli, éta téh salinan nu ditulisna kurang ti 50 taun sanggeus Yohanes bérés nulis Injilna. Éta nunjukkeun, urang Kristen di tempat nu jauh gé boga salinan tina Kitab Suci, teu lila sanggeus éta ditulis.

Lantaran disebarkeun ka mana-mana, Firman Allah tetep aya nepi ka ratusan taun sanggeus Nabi Isa maot. Misalna subuh-subuh tanggal 23 Pébruari taun 303 M, Kaisar Rum, nyaéta Diokletianus, ngawaskeun para prajuritna ngadobrak panto-panto garéja jeung ngaduruk salinan-salinan Kitab Suci. Diokletianus mikir, manéhna bisa ngaleungitkeun pangajaran Kristen ku cara ngamusnakeun Kitab Suci. Isukanana manéhna maréntahkeun, kabéh salinan nu aya di wilayah Karajaan Rum kudu diduruk di hareupeun umum. Tapi sababaraha salinan salamet, malah disalin deui. Nepi ka ayeuna, masih aya dua salinan Alkitab dina basa Yunani, najan éta teu lengkep. Katingalina, éta disalin teu lila sanggeus panganiayaan ti Diokletianus. Hiji salinan aya di Rum, nu hijina deui aya di British Library di London, Inggris.

Naskah-naskah asli Alkitab mémang can kapanggih. Tapi rébuan salinan Alkitab, boh sabagian boh lengkep, nu ditulis ku leungeun, aya kénéh nepi ka ayeuna. Sababaraha di antarana téh geus heubeul pisan. Na eusi Alkitab téh geus barobah lantaran geus sering pisan disalin? Saurang ahli Alkitab, nyaéta W.H. Green méré koméntar ngeunaan Kitab-Kitab Ibrani, ”Euweuh karya tulis séjénna ti jaman baheula nu bisa jiga kieu, nepi ka ayeuna masih akurat.” Terus, ahli séjénna nu ngaranna Sir Frederick Kenyon, méré koméntar ngeunaan Kitab-Kitab Yunani Kristen. Manéhna nulis, ”Salinan pangheubeulna nu ayeuna aya kénéh téh ditulisna teu lila ti saprak naskah aslina disusun. Saking singget jarak waktuna, éta euweuh hartina. Jadi, urang teu kudu cangcaya Alkitab nu aya ayeuna téh eusina sarua jiga pas mimiti ditulis atawa henteu. Kitab-kitab dina Perjangjian Anyar téh akurat jeung bisa dipercaya.” Manéhna gé nyebutkeun, ”Urang bisa yakin eusi Alkitab téh teu dirobah. Di dunya ieu, euweuh buku séjén nu jiga kitu.”

Tarjamahan Alkitab

Alesan kadua ku naon Alkitab téh jadi buku nu paling dikenal ku jalma-jalma, nyaéta lantaran Alkitab ditarjamahkeun ka loba basa. Éta sajalan jeung kahayang Allah, nyaéta supaya jalma-jalma ti sagala bangsa jeung basa kenal jeung nyembah ka Anjeunna ku bingbingan roh suci Allah jeung nuturkeun kayaktian.​—Yohanes 4:​23, 24, Sunda Formal; Mika 4:2.

Tarjamahan Kitab-Kitab Ibrani nu mimiti dikenal téh nyaéta Séptuaginta. Éta téh tarjamahan ti basa Ibrani ka basa Yunani. Séptuaginta dijieun pikeun urang Yahudi nu ngomong maké basa Yunani, nu cicingna di luareun Palestina. Séptuaginta bérés ditulis kira-kira dua ratus taun saacan Nabi Isa ngamimitian palayananna di bumi. Sakabéh eusi Alkitab, kaasup Kitab-Kitab Yunani Kristen, ditarjamahkeun ka loba basa ngan dina sababaraha abad sanggeus Alkitab bérés ditulis. Jadi, kuduna mah jalma-jalma bisa maca Alkitab. Tapi hanjakalna, ka dieunakeun raja-raja jeung para pamingpin agama kalah ka ngahalang-halang. Maranéhna hayang rahayat teu ngarti kana eusi Alkitab, jadi maranéhna ngalarang Firman Allah ditarjamahkeun ka basa-basa nu digunakeun ku rahayat.

Tapi najan dilarang ku Garéja jeung Nagara, aya sababaraha jalma nu wani narohkeun nyawana pikeun narjamahkeun Alkitab ka basa-basa nu dipikaharti ku jalma-jalma. Contona dina taun 1530, William Tyndale, urang Inggris lulusan Oxford, narjamahkeun Pentateukh, nyaéta lima buku mimiti tina Kitab-Kitab Ibrani. Sanajan aya loba tangtangan, manéhna téh jadi jalma nu pangmimitina narjamahkeun Alkitab ti basa Ibrani ka basa Inggris. Tyndale gé panarjamah Inggris mimiti nu ngagunakeun nami Yéhuwa. Aya ogé panarjamah séjénna, nyaéta Casiodoro de Reina. Manéhna téh saurang ahli Alkitab ti Spanyol. Manéhna teterusan diancam rék dipaéhan ku urang Katolik waktu narjamahkeun Alkitab ka basa Spanyol. Tarjamahan manéhna téh jadi salah sahiji tarjamahan Alkitab nu pangmimitina dina basa Spanyol. Manéhna indit ka Inggris, Jerman, Prancis, Belanda, jeung Swis pikeun nganggeuskeun tarjamahanana. *

Kiwari, Alkitab terus ditarjamahkeun ka leuwih loba basa. Sarta, jutaan salinan Alkitab dipedalkeun. Alkitab bisa terus aya nepi ka ayeuna jeung jadi buku nu paling dikenal ku jalma-jalma. Éta bukti yén kekecapan Pétrus nu diilhamkeun téh bener, ”Jukut tangtu alum, kembangna ge maruragan, tapi sabda Pangeran mah tetep salalanggengna.”​—1 Petrus 1:24, 25.

[Catetan Handap]

^ par. 14 Tarjamahan Reina téh dipedalkeun dina taun 1569, sarta dirévisi ku Cipriano de Valera dina taun 1602.

[Kotak/​Gambar]

URANG KUDU MACA TARJAMAHAN NU MANA?

Aya loba basa nu boga sababaraha tarjamahan Alkitab. Aya nu tarjamahanana hésé dipikaharti jeung maké basa nu geus heubeul. Aya ogé nu maké cara tarjamahan bébas, tujuanana téh supaya gampang dipikaharti. Sanajan kitu, tarjamahan saperti kieu téh biasana mah teu akurat. Nu séjénna maké cara tarjamahan literal, nyaéta ditarjamahkeun sakecap-sakecap.

Saksi-Saksi Yéhuwa medalkeun Kitab Suci Terjemahan Dunia Baru dina basa Inggris. Alkitab ieu ditarjamahkeun langsung ti basa aslina ku sababaraha jalma nu ngaranna teu disebutkeun. Alkitab ieu ditarjamahkeun deui ka kira-kira 60 basa séjén. Waktu narjamahkeun, para panarjamahna ngabandingkeun jeung naskah dina basa aslina. Kitab Suci Terjemahan Dunia Baru ditarjamahkeun maké cara literal, salila hartina teu salah. Para panarjamah ieu ngupayakeun supaya Alkitab dipikaharti ku jalma-jalma di jaman kiwari, sarua jiga naskah aslina nu gampang dipikaharti ku jalma-jalma dina jaman baheula.

Aya sababaraha ahli basa nu geus mariksa tarjamahan Alkitab modéren, kaasup Kitab Suci Terjemahan Dunia Baru. Maranéhna mariksa, na tarjamahanana téh akurat atawa aya nu dirobah-robah? Salah sahiji ahli basa nu milu mariksa téh nyaéta Jason David BeDhun, saurang asistén propésor jurusan agama di Northern Arizona University, di Amerika Serikat. Dina taun 2003, manéhna medalkeun hasil risét nu kandelna 200 kaca. Eusina téh ngeunaan salapan Alkitab nu pangseringna digunakeun ku jalma-jalma nu ngomongna maké basa Inggris. * Manéhna mariksa sababaraha ayat dina Alkitab anu ceuk para ahli mah, eusina téh teu sarua jiga ayat dina basa aslina. Ceuk manéhna, tarjamahan ayat-ayat éta biasana sok kapangaruhan ku pandangan para panarjamahna. Manéhna ngabandingkeun unggal ayat nu aya dina tarjamahan basa Inggris jeung basa Yunani-na. Manéhna mariksa, aya teu ayat nu hartina geus barobah. Kumaha hasilna?

Ceuk BeDuhn, jalma-jalma jeung loba ahli Alkitab nganggap yén Kitab Suci Terjemahan Dunia Baru (NW) téh béda lantaran eusina geus kapangaruhan ku kapercayaan para panarjamahna. Tapi BeDhun ngomong, ”NW téh karasa béda lantaran ditarjamahkeun sacara literal sarta méh sarua jeung naskah dina basa aslina. . . . Ku kituna, tarjamahan ieu téh leuwih akurat.” BeDhun mémang teu satuju jeung sababaraha ayat nu ditarjamahkeun dina Kitab Suci Terjemahan Dunia Baru. Najan kitu, manéhna ngomong, ”Alkitab ieu téh nu paling akurat mun dibandingkeun jeung tarjamahan séjénna. Ieu téh tarjamahan nu alus pisan.”

Saurang ahli basa Ibrani di Israil, nu ngaranna Dr. Benjamin Kedar, méré koméntar nu méh sarua ngeunaan Terjemahan Dunia Baru. Dina taun 1989, manéhna ngomong, ”Dina tarjamahan ieu katingali yén para panarjamahna upaya sabisa-bisa supaya tarjamahanana akurat, sarua jeung naskah dina basa aslina. . . . Dina Terjemahan Dunia Baru mah, teu aya hal nu ditambah-tambahkeun pikeun ngarobah harti tina ayat-ayatna.”

Pék pikirkeun: ’Naon tujuan abdi maca Alkitab? Na abdi hayang maca Alkitab nu gampang dipikaharti, tapi teu pati akurat? Atawa abdi hayang maca Alkitab nu eusi ayat-ayatna ditarjamahkeun sacara akurat jiga aslina?’ (2 Petrus 1:20, 21) Jawaban anjeun bisa nangtukeun tarjamahan mana nu bakal dibaca ku anjeun.

[Catetan Handap]

^ par. 22 Salian ti Kitab Suci Terjemahan Dunia Baru, tarjamahan Alkitab séjénna nu dipariksa téh nyaéta The Amplified New Testament, The Living Bible, The New American Bible With Revised New Testament, New American Standard Bible, The Holy Bible​New International Version, The New Revised Standard Version, The Bible in Today’s English Version, jeung King James ­Version.

[Gambar]

Kitab Suci Terjemahan Dunia Baru aya dina loba basa

[Gambar]

Salinan urang Masorét

[Gambar]

Fragmén nu ngamuat ayat Lukas 12:7, ”. . .ulah salempang; maraneh leuwih hargaan ti batan manuk piit”

[Gambar Credit Lines]

Foreground page: National Library of Russia, St. Petersburg; second and third: Bibelmuseum, Münster; background: © The Trustees of the Chester Beatty Library, Dublin