Sing Leukeun dina Maca jeung Ngajar

Publikasi ieu dirancang pikeun ngabantu Sadérék leuwih tarampil dina maca, hutbah, jeung ngajar.

Surat ti Badan Pingpinan

Urang ngajarkeun warta paling penting keur umat manusa.

PALAJARAN 1

Kecap Panganteur nu Alus

Kecap panganteur nu alus bisa ngahontal tilu tujuan.

PALAJARAN 2

Wajar Tapi Sopan

Lamun cara ngomong urang wajar tapi sopan, batur bakal daék ngadéngékeun jeung daék narima warta urang.

PALAJARAN 3

Ngagunakeun Pananya

Béré pananya nu sopan pikeun ngageuing minat batur jeung nandeskeun hal-hal nu penting.

PALAJARAN 4

Panganteur Saacan Maca Ayat

Tingali kumaha carana nyiapkeun pikiran batur saacan macakeun ayat.

PALAJARAN 5

Maca kalawan Taliti

Maca kalawan taliti téh penting pikeun nepikeun pangaweruh ti Yéhuwa.

PALAJARAN 6

Ayat Dijelaskeun

Bantu batur ngarti patalina ayat nu dibaca jeung naon nu keur dibahas.

PALAJARAN 7

Bener jeung Bisa Dipercaya

Katerangan nu bener jeung bisa dipercaya ngabantu batur pikeun nyieun kasimpulan nu bener.

PALAJARAN 8

Ngajar Maké Ibarat

Cara ngajar Sadérék bisa leuwih hadé lamun maké ibarat atawa misil nu saderhana tapi cocog sarta bisa ngajarkeun hal nu penting.

PALAJARAN 9

Alat Bantu Visual nu Cocog

Gunakeun alat bantu visual nu cocog sangkan palajaranana leuwih écés jeung gampang diinget.

PALAJARAN 10

Modulasi

Ngarobah tarikna sora, nada, jeung gancangna ucapan Sadérék pikeun ngageuing parasaan sarta ngajurung batur nyieun tindakan.

PALAJARAN 11

Sumanget

Sadérék bisa ngungkabkeun parasaan liwat cara ngomong nu sumanget. Batur jadi kajurung pikeun terus merhatikeun Sadérék.

PALAJARAN 12

Némbongkeun Kanyaah jeung Rasrasan

Lamun ngomongna teu dijieun-jieun, Sadérék némbongkeun yén Sadérék mikanyaah jeung hayang nulungan batur.

PALAJARAN 13

Mangpaatna Dijelaskeun

Bantu batur pikeun paham mangpaat tina bahan nu ditepikeun ku Sadérék, tuluy jelaskeun cara ngalarapkeunana.

PALAJARAN 14

Topik Utama Ditandeskeun

Bantu hadirin supaya bisa nuturkeun hutbah Sadérék. Kudu jelas naon patalina unggal topik utama jeung tujuan tur téma hutbah Sadérék.

PALAJARAN 15

Nepikeun Bahan kalawan Yakin

Témbongkeun kayakinan yén nu diomongkeun ku Sadérék téh bener jeung penting.

PALAJARAN 16

Ngagedékeun Haté jeung Positif

Kudu ngawangun ti batan ngiritik. Gunakeun bebeneran ti Firman Allah nu ngagedékeun haté.

PALAJARAN 17

Gampang Kaharti

Bantu batur paham kana warta nu ditepikeun ku Sadérék. Tepikeun intina sing jelas.

PALAJARAN 18

Méré Informasi nu Anyar

Geuing pikiran batur. Bantu batur ngarasa yén maranéhna geus diajar hal nu aya paédahna.

PALAJARAN 19

Ngageuing Haté

Jurung hadirin pikeun mikanyaah Allah jeung Firman-Na, Alkitab.

PALAJARAN 20

Panutup nu Alus

Panutup nu alus bisa ngajurung hadirin narima jeung ngalarapkeun naon diajarkeun.

Catet Kamajuan Sadérék

Catet kamajuan Sadérék waktu ngupayakeun pikeun leuwih tarampil dina maca jeung ngajar.

Tingali ogé

KUMPULAN VIDÉO

Sing Leukeun dina Maca jeung Ngajar—Vidéo

Pék tingkatkeun kamampuh dina maca jeung ngajar.