Pindah kana eusi

Urang Bisa Diajar Naon tina Alam?

Urang Bisa Diajar Naon tina Alam?

Urang Bisa Diajar Naon tina Alam?

”Aranjeun mah ka bangsa manuk jeung margasatwa ge, perlu keneh diajar. Pek tatanya ka mahluk darat jeung laut tina hal pangartina.”​—AYUB 12:​7, 8.

SABABARAHA taun ieu, para ahli jeung insinyur geus diajar loba hal tina tutuwuhan jeung sasatoan. Maranéhna ngarisét jeung nurutan rancangan rupa-rupa mahluk hirup pikeun nyieun produk-produk anyar jeung mesin nu leuwih canggih. Mangga perhatikeun sababaraha conto di handap, jeung pikirkeun, ’Saha nu kuduna dipuji pikeun rancangan-rancangan ieu?’

Diajar tina Cécépét Paus

Para ahli nu ngarancang pesawat bisa diajar naon tina paus bungkuk? Loba pisan. Beurat paus bungkuk déwasa téh kira-kira 30 ton, sarua jiga treuk nu pinuh ku muatan. Awakna kaku jeung boga dua cécépet gedé jiga jangjang. Panjang awakna bisa nepi ka 12 méter, tapi pungkal-péngkolna paus téh mani gancang. Misalna pas keur néang dahar, paus téh bakal ngojay bari muter-muter ka luhur. Waktu ka luhur, paus bakal niupkeun gelembung-gelembung udara nu ngabentuk bunderan, anu diaméterna hiji satengah méter. Ku kituna, lauk-lauk leutik di luhureunana bakal kadorong ka luhur cai. Pas geus ngarumpul, am wé tinggal dicapluk!

Para ahli héraneun ku naon lauk nu badag ieu bisa muter-muter nyieun bunderan nu leutik. Rasiahna téh aya dina cécépétna. Bagian hareup cécépétna téh régé-régé, henteu mulus jiga jangjang pesawat. Terus, di ditu aya loba jendolan nu disebut tuberkel.

Ku ayana tuberkel, paus jadi leuwih gampang naék ka luhur jeung teu pati katahan ku cai. Naha bisa kitu? Jurnal Natural History ngajelaskeun yén tuberkel nyababkeun cai nu ngaliwatan cécépét téh jadi gancang ngalirna, sanajan paus keur ngojay ka luhur. Lamun cécépétna mulus mah, cai bakal ngumpul jeung ngulibek di tukangeun cécépet. Engké paus moal bisa nyieun bunderan leutik jeung bakal beurat ka luhurna.

Naon mangpaat hasil risét ieu? Lamun jangjang pesawat dijieun nurutan rancangan cécépét paus bungkuk, éta téh bakal leuwih saderhana, teu perlu loba teuing cécépét leutik atawa alat séjénna pikeun ngarobah aliran udara. Jangjang pesawat jiga kieu téh leuwih aman jeung leuwih gampang dirawatna. Saurang ahli nu ngaranna John Long ngomong yén moal lila deui, ”meureun dina unggal pesawat bakal aya jendolan-jendolan nu jiga dina cécépét paus bungkuk”.

Niron Jangjang Camar

Bentuk jangjang pesawat téh dijieun nurutan jangjang manuk. Tapi can lila ieu, para insinyur nyieun kamajuan séjénna. Majalah New Scientist ngalaporkeun, ”Para ahli ti University of Florida . . . nyieun pesawat conto nu leutik (drone) sarta bisa dikadalikeun ti jauh. Pesawat ieu niron manuk camar nu bisa ngapung di tempat, notog, jeung mesat ka luhur.”

Pas keur hiber, gerakan manuk camar téh mani luar biasa. Jangjangna bisa ditekuk dina bagian siku jeung taktak. Majalah tadi gé nyebutkeun yén pikeun niron jangjang camar nu bisa ditekuk, ”pesawat conto tadi, nu panjangna 60 cm, dibéré mesin leutik pikeun ngatur batangan-batangan logam nu ngagerakkeun jangjangna”. Ku kituna, pesawat éta bisa ngapung di tempat jeung asup ka selah-selah gedong nu luhur. Angkatan Udara AS hayang pisan nyieun pesawat jiga kieu ngarah bisa néangan senjata kimia atawa biologi di kota-kota gedé.

Niron Suku Cakcak

Sasatoan di darat téh ngajarkeun loba hal ka urang. Misalna, cakcak. Cakcak bisa nérékél naék kana témbok jeung napel dina langit-langit. Ti jaman baheula gé, Kitab Suci geus nyebutkeun kahébatan cakcak. (Siloka 30:28) Ku naon cakcak bisa ngalawan gravitasi?

Cakcak bisa napel pageuh jeung teu labuh-labuh najan dina permukaan nu leueur, sabab dina dampal sukuna aya rébuan bulu nu lemes pisan. Sukuna teu ngaluarkeun lém, tapi cakcak ngamangpaatkeun daya tarik pikeun ngaraketkeun dua permukaan, nu disebut daya van der Waals. Éta téh daya tarik nu lemah, jadi biasana éléh ku gravitasi. Matakna, urang mah moal bisa ngan saukur napelkeun leungeun mun rék nérékél témbok. Tapi lantaran cakcak boga bulu-bulu lemes tadi, bagian suku nu napel dina témbok téh jadi leuwih loba. Ku kituna, daya tarikna jadi leuwih gedé jeung bisa nahan beurat awakna.

Naon mangpaat hasil risét ieu? Manusa jadi bisa nyieun velcro nu leuwih pageuh napelna. * Majalah The Economist ngutip kekecapan saurang ahli nu nyebutkeun yén lém nu niron rancangan suku cakcak ieu bisa dipaké ”pikeun kaperluan médis saupama lém tina bahan kimia teu bisa dipaké”.

Saha nu kuduna dipuji pikeun rancangan-rancangan ieu?

Badan Antartika AS keur nyieun robot nu sukuna loba jeung gerakna jiga kalajengking. Para insinyur di Finlandia nyieun traktor nu sukuna genep jiga serangga raksasa nu bisa tetep maju najan aya hahalang. Para ahli séjén nyieun kaén nu boga sisit-sisit jiga buah tangkal camara nu bisa muka jeung nutup. Geus kitu, aya hiji pausahaan mobil nu niron bentuk lauk buntal kotak nu rendah hambatan. Para ahli séjén niron cangkang kerang abalone nu bisa nahan benturan pikeun nyieun rompi pelindung nu leuwih hampang jeung leuwih kuat.

Urang bisa diajar loba hal tina alam. Para ahli geus nyieun bank data nu gunana pikeun ngelompokkkeun rébuan sistim biologi. Majalah The Economist nyebutkeun yén para ahli bisa ngarisét data-data ieu jang néangan ”jalan kaluar mun aya masalah dina rancangan maranéhna”. Sistim biologi nu geus didaptarkeun téh disebut ”patén biologi”. Biasana, hak patén dicepeng ku jalma atawa pausahaan nu ngadaptarkeun idé atawa mesin anyar sacara resmi. Majalah The Economist gé nyebutkeun yén ”sebutan ’patén biologi’ téh nunjukkeun, para ahli sadar nu sabenerna boga hak patén téh, nya alam-alam kénéh”.

Ku naon alam bisa sakitu hébatna? Loba ahli percaya, éta téh hasil tina évolusi salila jutaan taun. Tapi para ahli séjénna boga pamikiran nu béda. Saurang ahli mikrobiologi nulis dina The New York Times taun 2005. Ceuk manéhna, ”Rancangan-rancangan [di alam] ngabuktikeun hiji hal saderhana tapi ngayakinkeun pisan, nyaéta: Mun aya hiji hal anu rupana, cara leumpangna, jeung sorana kawas éntog, urang bakal nyimpulkeun, nya éta téh éntog. Komo lamun teu aya bukti-bukti kuat nu ngabantah hal éta.” Intina naon? ”Ulah nganggap hiji hal téh teu dirancang mun bukti-buktina geus jelas pisan.”

Tangtu, insinyur nu geus ngarancang jangjang pesawat ngarah leuwih aman jeung alus téh layak meunang panghargaan. Kitu ogé, jalma nu manggihan perban jang ngabulen raheut, jalma nu nyieun baju nu ngeunaheun dipaké, sarta jalma nu ngarancang kendaraan nu leuwih irit téh layak meunang panghargaan. Malah, mun aya jalma atawa pausahaan nu sangeunahna niron-niron rancangan batur bari teu ngakukeun jalma nu mimiti ngarancangna, éta dianggap ngalanggar hukum.

Jadi, ayeuna pikirkeun hal ieu. Pikeun ngaréngsékeun masalah nu ruwed, para ahli nu pendidikanana luhur téh ngan bisa niron rupa-rupa rancangan nu aya di alam. Najan kitu, nu dihasilkeun ku maranéhna téh henteu sahébat nu aya di alam. Tapi, sababaraha ti antara maranéhna nganggap yén hal-hal hébat nu aya di alam téh hasil tina évolusi. Éta téh teu asup akal. Jang niron rancangan alam gé butuh jalma nu hébat jeung boga pendidikan luhur, kumaha jeung rancangan nu aslina? Saha nu leuwih layak dipuji jeung dibéré panghargaan? Nu nyiptakeun rancangan aslina atawa nu saukur niron rancangan éta?

Kasimpulan nu Asup Akal

Sanggeus mariksa bukti-bukti yén alam téh aya nu ngarancangna, loba nu boga pamikiran sarua jeung nu nulis jabur, ”Sakitu pepekna dadamelan Gusti, nun PANGERAN! eta sadayana dipidamelna estu kalayan binangkit, bumi teh pinuh ku saniskara ciciptan Gusti.” (Jabur 104:24) Paulus, salah sahiji jalma nu nulis Kitab Suci, gé nyatet, ”Ti barang Allah ngajadikeun alam dunya oge kaayaan Allah anu gaib, nya eta kakawasaana-Na anu langgeng jeung sipat Allahna, geus atra tetela ka manusa dina saniskara hasil ciptaana-Na.”​—Rum 1:​19, 20.

Tapi, loba nu percaya ka Gusti Allah jeung pangajaran Kitab Suci, nyebutkeun yén bisa waé Gusti téh nyiptakeun rupa-rupa mahluk hirup ku évolusi. Na pamikiran éta téh sajalan jeung pangajaran Kitab Suci?

[Catetan Handap]

^ par. 15 Velcro téh prépétan nu rancanganana niron siki tutuwuhan burdock.

[Cutatan]

Ku naon alam téh bisa sakitu hébatna?

[Cutatan]

Saha nu boga hak patén keur alam?

[Kotak/​Gambar]

Pesawat nu gancang ieu niron jangjang camar

Suku cakcak téh teu bisa kotor, teu aya tapakna, bisa napel di mana waé kajaba dina Teflon, sarta gampang napel jeung leupasna. Para ahli hayang niron rancangan ieu

Rancangan lauk buntal kotak ditiron pikeun ngarancang kendaraan

Nu bisa niron rancangan alam téh jalma nu hébat, jadi saha nu nyieun rancangan alam nu mimiti?

[Credit Lines]

Airplane: Kristen Bartlett/​University of Florida; gecko foot: Breck P. Kent; box fish and car: Mercedes-Benz USA

[Kotak/​Gambar]

NALURI NU HÉBAT PIKEUN NGUMBARA

Loba ciptaan nu boga naluri nu hébat dina nangtukeun arah jeung tujuan. (Siloka 30:24, 25) Perhatikeun dua conto ieu.

Sistim Lalu Lintas Sireum Kumaha carana sireum bisa balik deui ka sayangna sanggeus néangan dahar? Para ahli di Inggris nalungtik yén sireum-sireum téh ninggalkeun bau, sarta aya nu ngagunakeun bentuk geometri supaya teu nyasab waktu balik deui ka sayangna. Majalah New Scientist nyebutkeun yén waktu kaluar ti sayang, sireum piraon bakal ”nyieun jalur nu nyagak, sudutna téh 50 nepi ka 60 darajat”. Naon istiméwana jalur ieu? Waktu rék balik ka sayang jeung nepi di cagak, sireum bakal otomatis milih jalan nu ampir lempeng, nu arahna pasti ka sayangna. Ku ayana jalur geometri ieu, lalu lintas sireum moal macét, komo mun jalurna téh dua arah. Sireum-sireum gé moal miceunan tanaga sabab moal nyasab.

Kompas Manuk Loba manuk bisa nangtukeun arah sacara akurat, sanajan jarak tujuanana téh jauh jeung cuaca barobah. Naha bisa kitu? Para ahli nalungtik, manuk téh bisa ngarasakeun médan magnét bumi. Tapi ceuk jurnal Science, ”Garis médan magnét [bumi] di unggal tempat téh béda-béda, sarta can tangtu ngarahna ka kalér.” Ku naon manuk-manuk nu keur migrasi téh bisa henteu salah jalur? Katingalina, unggal poé manuk-manuk téh nyetél kompas biologis di jero awakna dumasar kana arah surupna panonpoé. Tapi pan posisi surupna panonpoé téh bisa barobah dumasar kana garis lintang jeung usum. Jadi, para panaliti mikir yén manuk gé pasti bisa engeuh kana parobahan éta. Ku naon? Ceuk jurnal Science, manuk téh boga ”jam biologis di jero awakna nu bisa méré nyaho keur usum naon ayeuna téh.”

Saha nu ngarancang sireum sangkan ngarti ngeunaan geometri? Manuk boga kompas, jam biologis, sarta uteuk nu bisa ngolah data-data éta. Saha nu méréna? Na éta téh hasil tina évolusi? Atawa aya Pribadi nu nyiptakeunana?

[Credit Line]

© E.J.H. Robinson 2004