Pindah kana eusi

Hirupna Jadi Aya Hartina

Hirupna Jadi Aya Hartina

Laporan Pawarta Karajaan

Hirupna Jadi Aya Hartina

ISA TÉH kenal ka domba-dombana. (Yahya 10:14) Lamun saurang jalma haténa bageur, resep rukun, sarta resep kana kaadilan, manéhna bakal ditarik jadi muridna Isa. Hayu urang perhatikeun kisah saurang awéwé ti Belgia nu manggihan tujuan hirupna. Kieu caritana:

”Basa Saksi-Saksi Yéhuwa datang ka imah, abdi téh keur déprési pisan jeung hayang bunuh diri. Terus maranéhna nyaritakeun ngeunaan harepan keur bumi nu ruksak ieu. Abdi téh meni resep pisan. Tapi waktu ngadéngé Allah nu bakal ngalakukeunana, abdi jadi teu resep. Geus dalapan taun abdi teu pernah ka garéja deui ku lantaran abdi ngéwa ka jalma-jalma nu munapék di ditu. Tapi nu dicaritakeun ku para Saksi mah, éta téh bebeneran! Abdi gé jadi sadar lamun urang teu ngandelkeun Allah, hirup urang bakal hésé.

”Hanjakalna, abdi teu bisa panggih deui jeung para Saksi. Hirup téh asa euweuh tujuan. Dina sapoé, abdi bisa ngaroko nepi ka dua bungkus, jeung abdi gé mulai maké narkoba. Salian ti éta, abdi mulai ngalakukeun spiritisme supaya abdi bisa ngobrol deui jeung aki abdi nu geus maot. Akibatna, mun peuting-peuting keur sorangan, abdi osok diserang ku roh-roh jahat! Ieu terus kajadian salila mangbulan-bulan. Unggal peuting abdi kasieunan.

”Hiji poé abdi leuleumpangan, tapi abdi liwat jalan nu béda ti biasana. Tuluy, abdi ningali aya proyék pangwangunan nu gedé. Di ditu téh aya loba pisan jalma, jadi ku abdi disampeurkeun. Ari pék téh Saksi-Saksi Yéhuwa keur ngabangun Balé Karajaan. Abdi inget maranéhna téh pernah datang ka imah abdi. Abdi ngabayangkeun, pasti luar biasa pisan lamun laku lampah jalma di sakuliah dunya siga maranéhna.

”Abdi téh hayang pisan para Saksi datang deui ka imah abdi, jadi abdi ngobrol jeung jalma-jalma di proyék éta. Abdi ngadoa ka Allah, terus sapuluh poé sanggeusna, lalaki nu basa éta ngadatangan abdi téh datang deui ka imah abdi. Manéhna nawarkeun pikeun neruskeun palajaran Alkitab deui. Abdi langsung satuju. Terus manéhna ngondang abdi pikeun datang ka pasamoan di Balé Karajaan. Abdi gé daék datang ka ditu. Abdi teu pernah ningali nu siga kitu! Geus lila abdi néangan jalma-jalma nu baragja jeung silih pikanyaah. Ahirna, abdi panggih jeung maranéhna!

”Sanggeus éta, abdi rutin datang ka pasamoan. Kira-kira tilu minggu sanggeusna, abdi eureun ngaroko. Abdi gé miceunan buku-buku astrologi jeung musik-musik nu muja Sétan. Abdi bisa ngarasakeun roh-roh jahat téh geus teu nyerang abdi deui. Abdi gé ngarobah kahirupan supaya luyu jeung standar Yéhuwa nu aya dina Alkitab. Tilu bulan sanggeusna, abdi mulai nguarkeun warta hadé. Tuluy genep bulan sanggeusna, abdi di baptis. Dua poé sanggeus dibaptis, abdi mulai naratas ékstra.

”Abdi nganuhunkeun pisan kana sagala kahadéan nu geus dilakukeun ku Yéhuwa keur abdi. Ahirna, kahirupan abdi jadi aya hartina. Nami Yéhuwa téh siga bénténg nu tohaga nu bisa ngalindungan jeung ngajaga abdi. (Siloka 18:10) Abdi jadi bisa ngarasakeun naon nu dirasakeun ku nu nulis Jabur 84:11, ’Kangge abdi, mending sadinten aya di Bait Gusti, tinimbang sarebu dinten di sanes tempat; di Bait Gusti mah kabagian nangtung di lawangna ge kajeun, tinimbang kudu sakumbuh jeung nu daroraka.’”

Awéwé nu hadé haté ieu bisa manggihan tujuan dina hirupna. Jadi, jalma-jalma nu bener-bener néangan Yéhuwa gé pasti bisa manggihan tujuan hirup.