PANANYA BUDAK NGORA
Naon nu Kudu Dipikanyaho ku Abdi ngeunaan Pelécéhan Séksual?—Bagian 1: Cara Nyegahna
Naon pelécéhan séksual téh?
Sanajan hartina bisa béda-béda di unggal daérah, ”pelécéhan séksual” sacara umum ngamaksudkeun tindakan séksual nu teu dipikahayang, sakapeung nu ngalécéhkeun téh maksa maké kakuatan fisik. Éta kaasup pelécéhan ka budak leutik atawa rumaja, insés, perkosaan, jeung pelécéhan nu dilakukeun ku jalma-jalma nu sakuduna bisa dipercaya, saperti dokter, guru, atawa pamingpin agama. Teu sual dilécéhkeun ku omongan atawa sacara fisik, korbanna sok diancam ngarah teu bébéja.
Numutkeun hiji survéi, unggal taun di Amerika Serikat wungkul, ampir saparapat juta jalma ngalapor geus dilécéhkeun. Ampir satengahna umur 12 nepi ka 18 taun.
Nu kudu dipikanyaho ku anjeun
Alkitab ngutuk pelécéhan séksual. Kira-kira 4.000 taun katukang, sagorombolan jalma nu kagégéloan ku séks rék merkosa dua lalaki nu datang ka kota Sadumu. Alkitab nyatet yén kajadian ieu ngalantarankeun Yéhuwa ngancurkeun éta kota. (Kajadian 19:4-13) Salian ti éta, Hukum Musa nu dicatet kira-kira 3.500 taun katukang ngalarang insés, kaasup pelécéhan séksual ka anggota kulawarga.—Imamat 18:6.
Pelécéhan téh kalolobaanana dilakukeun ku jalma nu geus dikenal. Numutkeun buku Talking Sex With Your Kids, ”Dina dua di antara tilu perkosaan, korbanna kenal ka nu ngalakukeunana. Manéhna lain jalma nu ujug-ujug datang.”
Korbanna bisa awéwé bisa lalaki. Di Amerika Serikat, kira-kira 10 persén korban téh lalaki. Numutkeun hiji organisasi anti-pelécéhan nyaéta Rape, Abuse & Incest National Network (RAINN), korban lalaki ”sok sieun jadi homo lantaran geus dilécéhkeun” atawa sok ngarasa ”lain lalaki sajati”.
Urang teu héran kana lobana pelécéhan séksual. Alkitab geus ngaramalkeun yén dina ”jaman ahir”, loba jalma bakal ’ilang kanyaah, ngumbar napsu, jeung telenges’. (2 Timoteus 3:1-3, Sunda Formal [SF]) Sipat-sipat ieu katingali pisan di jalma-jalma nu ngalécéhkeun batur.
Pelécéhan séksual lain kasalahan korbanna. Teu meunang aya nu dilécéhkeun. Nu bisa disalahkeun téh ngan nu ngalakukeun pelécéhan. Tapi, aya hal-hal nu bisa dilakukeun ku anjeun ngarah teu jadi korban.
Nu bisa dilakukeun ku anjeun
Siapkeun diri. Kudu apal ti saacanna naon nu bakal dilakukeun ku anjeun lamun aya dulur atawa kabogoh nu nyoba-nyoba ngalécéhkeun. Saurang awéwé ngora nu ngaranna Erin méré saran pikeun ngabayangkeun naon waé nu bisa kajadian jeung mikirkeun naon nu bakal dilakukeun lamun anjeun didesek ku babaturan. Manéhna ngomong, ”Kacirina mah kaleuleuwihi, tapi mun geus aya kajadian siga kitu, urang moal gampang jadi korban.”
Ceuk Alkitab, ”Aranjeun teh, hirup sing ati-ati: Kudu lantip wijaksana, ulah milih anu nirca. Urang teh hirup dina jaman anu goreng.”—Epesus 5:15, 16, SF.
Pék pikirkeun: ’Abdi kudu kumaha lamun aya nu teu sopan cubak-cabak ka abdi?’
Kudu boga rencana kaluar tina bahaya. RAINN méré saran yén anjeun kudu ”boga kode nu dipikaharti ku babaturan atawa kulawarga anjeun. Jadi, waktu anjeun ngarasa aya nu teu bener, anjeun bisa nelepon maranéhna jeung ménta tulung bari teu kanyahoan ku jalma éta. Babaturan atawa kulawarga anjeun bisa langsung nyampeurkeun jeung méré alesan supaya anjeun indit ti dinya”. Alusna mah anjeun ulah nepi ka aya dina kaayaan nu kawas kitu.
Ceuk Alkitab, ”Jalma anu surti mah kana pibahlaeun teh awas, seug disingkahan. Ari nu teu boga pikiran mah noyod bae, temahna kaduhung.”—Siloka 22:3.
Pék pikirkeun: ’Abdi boga rencana naon pikeun kaluar tina bahaya?’
Jieun watesan jeung ulah dilanggar. Misalna, lamun anjeun boga kabogoh, bahas jeung manéhna hal naon waé nu pantes jeung nu teu pantes. Lamun manéhna teu satuju kana watesan éta, mending putus, tuluy téangan jalma nu bisa ngahargaan prinsip anjeun.
Ceuk Alkitab, ”Sipatna kanyaah teh tara goreng tata, tara mentingkeun maneh.”—1 Korinta 13:4, 5.
Pék pikirkeun: ’Abdi boga prinsip naon? Tindakan naon waé nu ceuk abdi teu pantes?’