PÉK CONTO IMAN MARANÉHNA | ÉLIAS
Manéhna Tabah Nepi ka Panungtungan
Élias meunang kabar: Raja Ahab geus maot. Kabayang ku urang Élias nu geus kolot bari ngusapan janggot ngabayangkeun naon waé nu geus kaalaman mangpuluh-puluh taun ku lantaran raja jahat éta. Loba pisan nu geus kaalaman ku Élias! Manéhna diancam tur diarah ku Ahab jeung Isebél, ratuna, nepi ka téréh paéh. Raja ngadon ngantep Isebél nitah sangkan para nabi Yéhuwa diparaéhan. Maranéhna duaan ogé sakongkol maéhan Nabot, jalma soléh nu teu boga salah, jeung sakabéh budakna. Éta lantaran Ahab jeung Isebél sarakah. Jadi, Élias nepikeun warta hukuman ti Yéhuwa keur Ahab jeung kabéh turunanana. Kekecapan Yéhuwa jadi kanyataan. Ahab maot luyu jeung nubuat Yéhuwa.—1 Raja 18:4; 21:1-26; 22:37, 38; 2 Raja 9:26.
Sanajan kitu, Élias apal yén manéhna kudu tetep tabah. Isebél hirup kénéh jeung terus méré pangaruh goréng ka kulawargana jeung bangsa Israil. Élias bakal nyanghareupan tangtangan séjén. Manéhna ogé masih kénéh kudu ngajarkeun loba hal ka asisténna nu bakal ngagantikeun manéhna, nyaéta Élisa. Jadi, hayu urang bahas tilu tugas Élias nu panungtungan. Urang bakal ningali kumaha imanna ngabantu manéhna tabah. Urang gé bakal nyaho carana nguatkeun iman urang dina mangsa nu susah ieu.
Méré Warta Hukuman ka Ahasia
Ayeuna, Ahasia, anakna Ahab jeung Isebél, jadi raja di Israil. Lainna diajar tina kasalahan kolotna, manéhna kalah ka nurutan kajahatan kolotna. (1 Raja 22:52) Siga kolotna, Ahasia ogé nyembah ka Baal. Ibadah ka Baal téh ngalantarankeun panganutna ngalampahkeun nu jahat saperti palacuran di kuil jeung ngaduruk budakna sorangan. Naha aya nu bisa ngayakinkeun Ahasia pikeun ngarobah jalan hirupna jeung ngabingbing rahayatna pikeun satia deui ka Yéhuwa?
Raja nu balaga ieu ngadadak meunang musibat. Manéhna ragrag ti loténg karaton jeung gering parna. Sanajan keur sakarat gé, tetep wé manéhna teu ménta tulung ka Yéhuwa. Manéhna kalah ka ngirim utusan ka kota Ékron, daérah urang Pélisti, pikeun ménta pituduh ka déwa Baal-Sébul naha manéhna bakal cageur atawa henteu. Yéhuwa kuciwa pisan. Mantenna ngutus saurang malaikat ka Élias, tuluy malaikat éta nitah Élias nyegat utusan raja. Élias nitah utusan éta balik deui ka raja bari mawa warta nu tegas. Ahasia geus nyieun dosa gedé ku cara nganggap euweuh Allah di Israil. Yéhuwa mutuskeun yén Ahasia moal cageur deui.—2 Raja 1:2-4.
Ahasia nu teu daék tobat ieu ngomong, ”Siga kumaha jelemana?” Utusan éta ngajelaskeun cara papakéanana anu saderhana. Ahasia langsung ngomong, ”Tangtu Elias.” (2 Raja 1:7, 8) Perhatikeun yén Élias téh hirup saderhana jeung ngutamakeun Allah. Saking saderhanana, langsung kanyahoan tina cara papakéanana yén éta téh Élias. Tangtu manéhna béda pisan ti Ahasia atawa kolotna nu sarakah jeung mata duitan. Conto Élias ngingetkeun urang kana naséhat Yésus pikeun hirup saderhana, ku cara ngutamakeun hal-hal nu bener-bener penting.—Mateus 6:22-24.
Ahasia rék ngabales Élias, jadi manéhna ngirim 50 prajurit sarta perwirana pikeun néwak Élias. Waktu panggih, ”Elias kasampak keur calik di hiji pasir”. a Perwira éta ngomong ka Élias, ”Timbalan raja, maneh kudu turun!” Bisa jadi Élias rék dihukum pati. Bayangkeun! Sanajan manéhna apal Élias téh ”utusan Allah”, para prajurit teu asa-asa nyingsieunan jeung ngancam Élias. Bodo pisan maranéhna téh! Élias ngomong ka éta perwira, ”Lamun enya kami utusan Allah, sing turun seuneu ti langit, ngalebur ka maneh jeung balad maneh!” Ku Allah dicumponan! ”Gur bae turun seuneu ti langit, ngalebur ka eta perwira jeung prajurit-prajuritna.” (2 Raja 1:9, 10) Kajadian ieu ngingetkeun urang yén Yéhuwa teu nganggap énténg waktu umat-Na dihina atawa disapirakeun.—1 Babad 16:21, 22.
Ahasia ngirim deui 50 prajurit jeung perwirana. Perwira nu kadua leuwih gagabah ti batan nu mimiti. Misalna, manéhna teu diajar tina pangalaman 51 lalaki nu mimiti, padahal bisa jadi lebuna masih aya kénéh di sisi gunung. Tuluy, manéhna teu ngan saukur nyebutkeun deui kekecapan perwira sombong nu saacanna nu nitah Élias, ”Maneh kudu turun,” tapi ogé nambahkeun ”ayeuna”! Bodo kabina-bina! Jadi, manéhna jeung para prajuritna paraéh siga kelompok nu mimiti. Nu leuwih bodona deui mah rajana. Manéhna ngirimkeun kelompok prajurit nu katilu. Untungna, perwira nu katilu mah jalma nu bijaksana. Manéhna nyampeurkeun Élias tuluy sideku ménta supaya maranéhna teu dipaéhan. Élias, hamba Allah, pasti némbongkeun welas asih Yéhuwa ka perwira nu rendah haté ieu. Malaikat Yéhuwa ngabéjaan Élias pikeun milu jeung para prajurit éta. Élias nurut tuluy nyebutkeun deui warta hukuman Yéhuwa ka raja nu jahat éta. Kekecapan Yéhuwa jadi kanyataan, Ahasia maot. Manéhna ngan maréntah dua taun.—2 Raja 1:11-17.
Kumaha Élias bisa tetep tabah sanajan di sakurilingna téh jalma-jalma heuras beuheung jeung tukang barontak? Pananya ieu cocog jang urang ogé, pan? Naha Sadérék pernah jéngkél waktu jalma nu dipikanyaah teu daék narima naséhat nu bijaksana, tapi kalah ka keukeuh ngalampahkeun nu salah? Kumaha urang bisa tetep tabah sanajan kuciwa? Perhatikeun tempat para prajurit manggihan Élias, nyaéta ”di hiji pasir”. Urang teu bisa mastikeun ku naon Élias aya di dinya, tapi urang yakin manéhna resep ngadoa. Jadi, di tempat sepi éta, manéhna bisa ngaraket ka Allah nu dipikanyaah ku manéhna. (Yakobus 5:16-18) Urang ogé bisa rutin ngobrol duaan jeung Allah, nyambat nami-Na sarta nyaritakeun masalah jeung kahariwangan urang. Ku kituna, urang bisa leuwih tabah sanajan jalma-jalma di sakuriling urang téh hirup sangeunahna bari teu mikirkeun balukarna.
Nyérénkeun Jubahna
Ayeuna geus waktuna Élias nyérénkeun tugasna. Naon nu dilampahkeun ku manéhna? Waktu manéhna jeung Élisa rék ninggalkeun kota Gilgal, Élias nitah Élisa pikeun cicing di dinya da manéhna rék indit sorangan ka Bétel, nu jauhna kira-kira 11 kilométer. Élisa tegas ngajawab, ”Abdi sumpah demi kasatiaan abdi ka PANGERAN anu jumeneng sareng ka Ama, abdi moal ngantunkeun Ama.” Sanggeus maranéhna nepi di Bétel, Élias ngabéjaan Élisa yén manéhna rék indit sorangan ka Yériho, kira-kira 22 kilométer ti dinya. Élisa keukeuh ngajawab siga tadi. Nya kitu ogé katilu kalina basa di Yériho, waktu maranéhna rék indit ka Walungan Yordan, kira-kira 8 kilométer jauhna. Lalaki ngora ieu tetep pengkuh, embung ninggalkeun Élias!—2 Raja 2:1-6.
Élisa némbongkeun sipat nu penting, nyaéta satia asih. Asih nu siga kieu nu ditémbongkeun ku Rut ka Naomi. Jalma nu boga asih ieu bakal ngaraket pageuh ka nu dipikanyaahna jeung embung ninggalkeunana. (Rut 1:15, 16) Kabéh hamba Allah butuh sipat ieu, komo deui ayeuna. Naha urang, siga Élisa, nganggap penting sipat ieu?
Élias tangtu kageuing haténa ku satia asih asisténna nu ngora ieu. Éta sababna, Élisa meunangkeun hak istiméwa pikeun ningali mujijat Élias nu panungtungan. Di sisi Walungan Yordan, nu arusna tarik jeung caina jero di sababaraha bagian, Élias neunggeul cai ku jubahna. Seug caina nyingray! Mujijat ieu ogé disaksian ku ”murid-murid nabi lima puluh urang”. Maranéhna téh bagian tina kelompok priya nu dilatih pikeun mingpin ibadah sajati di nagri éta. (2 Raja 2:7, 8) Katingalina Élias nu ngawaskeun palatihan maranéhna. Sababaraha taun saacanna, Élias pernah ngarasa ngan manéhna wungkul nu satia ka Allah. Ti harita, Yéhuwa ngaberkahan katabahan Élias. Manéhna bisa nyaksian umat Allah ngalobaan.—1 Raja 19:10.
Sanggeus meuntas Walungan Yordan, Élias ngomong ka Élisa, ”Geura pok, hidep rek menta naon ka Ama, memeh Ama dicandak.” Élias nyaho sakeudeung deui maranéhna bakal papisah. Manéhna teu sirik kana tugas jeung kadudukan nu bakal ditarima ku Élisa. Sabalikna, Élias sabisa-bisa mantuan Élisa. Élisa ngan ménta ieu, ”Naha abdi bisa dibéré dua bagian ti kawasa Bapa?” (2 Raja 2:9, Terjemahan Dunia Baru) Ieu lain hartina Élisa ménta roh suci dua kali leuwih gedé ti batan nu ditarima ku Élias. Nu dipénta ku manéhna téh sarupa jeung warisan nu ditarima ku putra cikal. Numutkeun hukum, putra cikal narima warisan nu leuwih gedé, atawa dua kalieun, lantaran tugasna sabagé kapala kulawarga. (Pamindo 21:17) Salaku ahli waris rohanina Élias, Élisa ngarasa butuh kawani siga Élias pikeun ngajalankeun tugasna.
Élias rendah haté jeung masrahkeun jawabanana ka Yéhuwa. Lamun Élisa ningali Élias dicandak ku Allah, éta hartina paménta Élisa dikabul. Tuluy, waktu dua sobat ieu keur ”sasauran bari angkat”, dak dumadak aya kajadian nu pikahélokeun!—2 Raja 2:10, 11.
Sosobatan Élias jeung Élisa pasti ngabantu duanana tabah dina mangsa kasusah
Urang bisa ngabayangkeun harita téh aya sumirat cahaya di langit. Tuluy, aya sora angin ngagelebug nu siga angin puyuh. Cahaya éta ngabelesat beuki lila beuki deukeut tuluy misahkeun Élias jeung Élisa nu ngarasa tajub. Sihoréng, éta téh karéta seuneu. Élias sadar ieu téh geus waktuna. Naha manéhna numpak éta karéta? Teu disebutkeun dina ayatna. Tapi nu pasti mah manéhna ngarasa diangkat ka luhur, ka awang-awang, dibawa ku angin puyuh!
Élisa olohok bakating ku tajub lantaran ningali kajadian nu luar biasa éta. Élisa nyaho Yéhuwa bakal masihkeun ”dua bagian” ti kawani Élias. Sanajan kitu, Élisa tetep sedih. Manéhna teu nyaho sobatna éta bakal dibawa ka mana. Teu kabayang ku manéhna bisa papanggih deui jeung Élias. Manéhna ngagorowok, ”Ama! Ama! Nabi Israil anu digjaya! Ama parantos lajeng!” Manéhna terus ningali nepi ka guru nu dipikanyaahna teu katempo deui. Geus kitu, Élisa nyoéhkeun bajuna bakating ku sedih.—2 Raja 2:12.
Bari diangkat ka awang-awang, naha Élias ngadéngé sobatna ceurik atawa bisa jadi manéhna nu ngeclakkeun cipanon? Rék kumaha ogé, manéhna ngarasa yén boga sobat téh ngabantu manéhna tabah dina kaayaan nu susah. Urang diajar ti tuladan Élias yén urang kudu nyobat jeung jalma nu nyaah tur ngawula ka Allah!
TUGAS NU PANUNGTUNGAN
Dibawa ka mana Élias téh? Sababaraha agama ngajarkeun yén manéhna dibawa ka sawarga pikeun bareng jeung Allah. Tapi, éta téh pamohalan. Ratusan taun sanggeusna, Yésus Kristus nyebutkeun yén saacan anjeunna naék ka sawarga, teu aya manusa nu bisa ka sawarga.—Yohanes 3:13.
Yéhuwa ngan mindahkeun nabi ieu ka karajaan Yuda pikeun ngajalankeun tugas nu anyar. Numutkeun catetan Alkitab, sanggeus tujuh taun leuwih gé Élias masih digawé di dinya. Nu maréntah Yuda harita téh Raja Yoram nu jahat. Manéhna téh minantuna Ahab jeung Isebél, jadi pangaruh goréng maranéhna masih karasa. Yéhuwa nugaskeun Élias pikeun nulis surat hukuman keur Yoram. Sakumaha nu geus dinubuatkeun, Yoram maotna téh matak watir. Leuwih parahna deui, ”Waktu pupusna jalma-jalma taya anu ngarasa prihatin.”—2 Babad 21:12-20.
Béda pisan jelema jahat ieu jeung Élias! Urang teu nyaho kumaha jeung iraha Élias maot. Tapi, urang yakin yén maotna moal cara Yoram nu teu diceungceurikan ku sasaha. Élisa pasti ngarasa kaleungitan. Kitu ogé jeung nabi-nabi nu satia séjénna. Yéhuwa gé masih ngahargaan Élias kira-kira 1.000 taun sanggeusna. Mantenna némbongkeun Élias dina titingalian nu disebut salin rupi atawa transfigurasi. (Mateus 17:1-9) Naha Sadérék hayang nyonto Élias jeung ngamekarkeun iman nu ngabantu urang tabah dina nyanghareupan kasusah? Lamun kitu, Sadérék kudu terus nyobat jeung jalma-jalma nu mikanyaah Allah, terus ngutamakeun hal-hal rohani, jeung sering ngadoa tina jero haté. Mugia Sadérék ogé dipikanyaah ku Yéhuwa salawasna!
a Numutkeun sababaraha ahli, gunung nu disebutkeun di dieu téh Gunung Karmel, tempat Allah masihan kawasa ka Élias pikeun ngéléhkeun nabi-nabi Baal sababaraha taun saacanna. Tapi, Alkitab teu ngajéntrékeun gunung mana nu dimaksud.