PÉK CONTO IMAN MARANÉHNA | YONATAN
Keur Yéhuwa Teu Aya nu ”Mustahil”
Bayangkeun sapasukan prajurit Pélisti nu posna téh di daérah nu garing jeung pinuh ku babatuan. Biasana, nu ditingali ku maranéhna téh ngan éta-éta wungkul, tapi ayeuna mah aya nu béda. Maranéhna ningali dua lalaki, urang Israil, keur nangtung di peuntaseun jungkrang. Para prajurit nyaleungseurikeun da maranéhna mah lain ancaman. Urang Pélisti geus lila ngajajah urang Israil. Malah lamun rék ngasah pakakas tani gé, urang Israil kudu datang ka urang Pélisti. Ku kituna, prajurit Israil teu boga pakarang perang. Salian ti éta, nu datang téh ngan duaan! Mun maranéhna mawa senjata gé, mémangna bisa nyilakakeun kitu? Bari ngaléléwé, urang Pélisti ngagorowok, ”Ka dieu sia unggah. Ku aing dibéré palajaran!”—1 Samuel 13:19-23; 14:11, 12, Terjemahan Dunia Baru.
Tapi sabenerna, urang Pélisti nu bakal meunang palajaran. Dua lalaki Israil éta nurunan jungkrang, meuntas, tuluy unggah ka sisi jungkrang beulah dituna. Sakitu gawirna nepi ka maranéhna kudu nérékél maké suku jeung leungeunna, tapi maranéhna terus nérékél di antara batu-batu, ngadeukeutan pos prajurit. (1 Samuel 14:13) Ayeuna urang Pélisti ningali yén lalaki nu panghareupna mawa senjata jeung dituturkeun ku gandékna. Naha jalma éta bener-bener bakal nyerang sakabéh pasukan ku duaan? Naha manéhna teu éling kitu?
Manéhna lain teu éling, tapi jalma nu imanna gedé. Ngaranna téh Yonatan jeung kisahna ditulis pikeun jadi palajaran keur urang Kristen kiwari. Sanajan urang ayeuna teu miluan perang, urang bisa meunang loba palajaran ti Yonatan nu wani, satia, jeung teu mentingkeun diri. Urang butuh sipat-sipat ieu pikeun ngawangun iman nu sajati.—Yesaya 2:4; Mateus 26:51, 52.
Putra nu Satia jeung Prajurit nu Wani
Supaya ngarti ku naon Yonatan nyerang pasukan tadi, urang kudu nyaho heula sajarahna. Yonatan téh putra cikalna Saul, raja Israil nu mimiti. Waktu Saul jadi raja, Yonatan geus déwasa, bisa jadi umur 20 taun atawa leuwih. Katingalina Yonatan raket pisan jeung bapana nu osok nyarita ka manéhna. Yonatan apal bapana téh prajurit nu gedé kawani, jangkung, kasép deuih. Tapi, nu pangpentingna mah bapana téh boga iman nu gedé jeung rendah haté. Yonatan ngarti ku naon Yéhuwa milih Saul jadi raja. Malah ceuk Nabi Samuél gé euweuh nu kawas Saul di sakabéh nagri ieu!—1 Samuel 9:1, 2, 21; 10:20-24; 20:2.
Yonatan pasti ngarasa reueus nuturkeun paréntah bapana pikeun merangan musuh umat Yéhuwa. Perangna téh lain pikeun ngabéla nagara kawas ayeuna. Harita, Yéhuwa milih bangsa Israil pikeun jadi wakil Mantenna. Bangsa ieu sering diserang ku bangsa-bangsa séjén nu nyembah allah-allah palsu. Urang Pélisti nyembah déwa Dagon jeung sering nindes sarta maéhan umat pilihan Yéhuwa.
Keur Yonatan mah perang téh bukti kasatiaan ka Allah Yéhuwa. Yéhuwa ngaberkahan upaya Yonatan. Teu lila sanggeus jadi raja, Saul ngalantik putrana pikeun mingpin 1.000 prajurit. Tuluy Yonatan mingpin pasukanana nyerang pasukan Pélisti di Géba. Sanajan maranéhna teu boga pakarang perang, ku bantuan Yéhuwa, pasukan Yonatan meunang. Tapi, urang Pélisti ngumpulkeun prajurit nu leuwih loba deui. Loba prajurit Saul sieuneun. Aya nu kabur, aya nu nyumput, malahan aya nu jadi baladna urang Pélisti! Tapi, Yonatan teu leungit kawani.—1 Samuel 13:2-7; 14:21.
Dina poé nu dicaritakeun di awal, Yonatan indit duaan waé jeung gandékna. Waktu geus deukeut ka pos pasukan Pélisti di Mikmas, Yonatan ngabéjakeun rencanana ka gandékna. Maranéhna bakal némbongkeun diri ka prajurit Pélisti. Lamun urang Pélisti nitah unggah, éta tandana Yéhuwa bakal ngabantu maranéhna. Gandékna langsung satuju, bisa jadi lantaran kageuing ku kekecapan Yonatan nu tegas, ”Ari dikersakeun mah ku Mantenna teu mustahil urang bisa meunang, najan urang ngan sakieu ge.” (1 Samuel 14:6-10) Naon maksudna?
Yonatan wanoh pisan ka Allah. Manéhna tangtu apal yén baheula Yéhuwa pernah ngabantu umat-Na ngéléhkeun musuh-musuh nu leuwih loba jumlahna. Sakapeung, Mantenna malah ngagunakeun hiji jalma pikeun mawa kaunggulan ka umat-Na. (Hakim 3:31; 4:1-23; 16:23-30) Jadi, Yonatan apal yén nu penting mah lain jumlah pasukan atawa senjata, tapi iman maranéhna. Iman ngajurung Yonatan masrahkeun ka Yéhuwa pikeun mutuskeun naha manéhna jeung gandékna kudu nyerang pasukan éta. Manéhna ménta tanda nu nunjukkeun yén Yéhuwa satuju. Sanggeus nyaho Yéhuwa satuju, Yonatan teu asa-asa maju.
Aya dua hal nu katémbong tina iman Yonatan. Kahiji, manéhna ngajénan pisan ka Allah Yéhuwa. Manéhna apal yén Allah Nu Mahakawasa teu gumantung kana kakuatan manusa pikeun ngawujudkeun kahoyong-Na. Tapi, Mantenna resep ngaberkahan jalma nu satia ngawula Mantenna. (2 Babad 16:9) Kadua, Yonatan ménta tanda ka Yéhuwa saacan nyieun tindakan. Kiwari, urang mémang teu ménta tanda ajaib ti Allah pikeun nyaho naha Mantenna satuju kana tindakan urang atawa henteu. Urang geus boga Firman Allah nu lengkep, jadi urang bisa paham naon kahoyong Allah. (2 Timoteus 3:16, 17) Naha urang mariksa Alkitab bener-bener saacan nyieun putusan nu penting? Lamun enya, éta hartina urang saperti Yonatan nu leuwih mikirkeun kahoyong Allah ti batan kahayang sorangan.
Jadi, dua lalaki éta, prajurit jeung gandékna, langsung unggah ka pos pasukan. Urang Pélisti sadar rék diserang jadi maranéhna ngirim prajurit pikeun ngalawan dua jalma éta. Salian ti unggul jumlah prajuritna, urang Pélisti gé aya di tempat nu leuwih luhur, jadi gampang pisan mun rék maéhan dua jalma éta. Tapi, ku Yonatan hiji-hiji dirubuhkeun. Di tukangeunana, gandékna maéhan prajurit nu rarubuh éta. Teu lila, aya 20 prajurit musuh nu paéh! Sanggeus kitu, Yéhuwa ngalakukeun nu leuwih hébat. Disebutkeun kieu, ”Urang pasisian Pelisti kabeh miris. Prajurit-prajurit jeung pasukan tempurna anu di pasanggrahan nepi ka pating corodcod kasieunan, bumi eundeur, musuh guyur lain di kieuna.”—1 Samuel 14:15.
Ti kajauhan, Saul jeung baladna ningali urang Pélisti pahibut bakating ku sieun nepi ka maranéhna silih kadék! (1 Samuel 14:16, 20) Urang Israil jadi wani jeung nyerang maranéhna, bisa jadi ngagunakeun senjata urang Pélisti nu geus paraéh. Yéhuwa masihan kaunggulan nu luar biasa ka umat-Na poé éta. Ti harita, Mantenna teu barobah. Lamun urang ayeuna boga iman ka Mantenna, sakumaha Yonatan jeung gandékna nu teu disebutkeun ngaranna, urang gé moal kaduhung kana pilihan urang.—Malaki 3:6; Rum 10:11.
”Sagala Damelna Dinten Ieu Estu kalayan Panuyun Allah”
Keur Saul mah kaunggulan éta téh béda pangaruhna. Saacanna, Saul geus nyieun sababaraha kasalahan gedé. Manéhna teu taat ku cara ngaduruk kurban nu sakuduna mah tugasna Nabi Samuél, turunan kaom Léwi. Waktu Samuél datang, manéhna ngabéjaan yén lantaran Saul teu taat, karajaan Saul moal langgeng. Terus waktu rék perang, Saul nyieun sumpah nu gagabah, ”Sing saha anu barang dahar samemeh kami beres ngelehkeun musuh, sing kasapa!”—1 Samuel 13:10-14; 14:24.
Kekecapan Saul ieu nunjukkeun yén sipatna geus mulai barobah. Bisa jadi jalma nu rendah haté jeung taat ka Allah ieu mulai jadi jalma nu mentingkeun diri jeung ambisius. Yéhuwa tara maréntahkeun larangan nu teu asup akal éta pikeun dilampahkeun ku para prajurit nu geus bajoang kalawan wani ieu. Sarta, kumaha jeung kekecapan Saul ”samemeh kami beres ngelehkeun musuh”? Naha ieu nunjukkeun yén Saul nganggap ieu téh perang manéhna? Naha manéhna poho yén nu penting mah kaadilan Yéhuwa lainna hasrat Saul pikeun ngabales, néangan kamulyaan, atawa nalukkeun daérah?
Yonatan teu nyaho nanaon ngeunaan sumpah gagabah bapana. Lantaran leuleus pisan sanggeus tarung, manéhna nyolok sayang madu ku iteukna tuluy didahar. Langsung karasa awakna seger deui. Aya saurang prajurit nu ngabéjaan yén maranéhna dilarang dahar ku Saul. Yonatan ngomong, ”Ama teh bet ngaripuhkeun sarerea. Geura ieu kami dahar madu saeutik ge mani ngadak-ngadak seger. Mana teuing alusna lamun dahareun anu karampas ti musuh meunang didalahar ku balad, tangtu bisa ngarubuhkeun leuwih loba.” (1 Samuel 14:25-30) Manéhna bener. Yonatan téh anak nu satia, tapi kasatiaanana teu kaleuleuwihi. Manéhna teu langsung satuju kana lalampahan atawa ucapan bapana. Lantaran boga pandangan nu saimbang, manéhna diajénan ku batur.
Sanggeus nyaho yén Yonatan ngalanggar laranganana, Saul masih kénéh teu sadar yén paréntahna téh teu asup akal. Manéhna kalah ka nitah putrana sorangan dipaéhan! Yonatan teu ngabantah atawa ménta dihampura. Perhatikeun jawabanana nu teu mentingkeun diri, ”Putra pasrah, mangga geura paehan.” Tapi, nu ngabantahna téh prajurit Israil séjénna, ”Baruk Yonatan anu parantos ngalantarankeun urang Israil unggul sakieu ageungna, bade dipaehan? Paliyas teuing! Demi PANGERAN anu jumeneng, rambutna salambar oge ulah aya anu murag. Sagala damelna dinten ieu estu kalayan panuyun Allah.” Kumaha hasilna? Saul ahirna mikir, jeung teu tulus maéhan putrana. Caritana nyebutkeun, ”Yonatan dibela ku rahayat, henteu jadi dipaehan.”—1 Samuel 14:43-45.
Yonatan boga ngaran nu alus lantaran manéhna wani, getol digawé, jeung teu mentingkeun diri. Ngaran alus éta nu nyalametkeun manéhna waktu aya bahaya. Alusna mah urang ogé merhatikeun ngaran, atawa réputasi, nu dijieun ku urang unggal poé. Numutkeun Alkitab, ngaran nu seungit téh penting pisan. (Pandita 7:1) Lamun urang, siga Yonatan, ngupayakeun boga ngaran nu alus di payuneun Yéhuwa, urang bakal meunang mangpaat nu gedé.
Saul Jadi Beuki Jahat
Sanajan Saul nyieun salah, Yonatan tetep satia bajoang pikeun bapana salila mangtaun-taun. Urang bisa ngabayangkeun kumaha sedihna Yonatan ningali bapana jadi beuki teu taat jeung sombong. Saul jadi beuki jahat, jeung Yonatan teu bisa nanaon pikeun nyegah hal éta.
Masalahna jadi beuki parah waktu Yéhuwa nitah Saul pikeun merangan bangsa Amalék nu jahat pisan. Ku kituna ti jaman Musa gé, Yéhuwa geus nganubuatkeun bakal ngamusnakeun bangsa éta. (Budalan 17:14) Saul diparéntahkeun pikeun maéhan sakabéh ingon-ingon jeung Raja Agag. Saul unggul perang, pasti ku lantaran dibantuan ku Yonatan nu wanian. Tapi, Saul terang-terangan teu taat ka Yéhuwa. Agag jeung ingon-ingonna teu diparaéhan. Nabi Samuél nepikeun hukuman Yéhuwa nu pasti ka Saul, ”Ku sabab hidep baha kana timbalana-Na, hidep ku Mantenna digulingkeun tina jadi raja.”—1 Samuel 15:2, 3, 9, 10, 23.
Teu lila sanggeusna, Yéhuwa teu masihan deui roh suci-Na ka Saul. Tanpa pangaruh nu alus éta, Saul jadi osok rarungsing, ambek-ambekan, jeung kasieunan teuing. Saolah-olah, roh nu jahat ti Allah ngagantikeun roh nu alus. (1 Samuel 16:14; 18:10-12) Yonatan pastina ngarasa sedih pisan ningali parobahan goréng ti bapana nu tadina mah jalma hébat! Tapi, Yonatan tetep pengkuh jeung satia ngawula Yéhuwa. Manéhna ngarojong bapana sabisa-bisa, malahan sababaraha kali terus terang negor bapana. Tapi, manéhna tetep ngutamakeun Yéhuwa, Allah jeung Bapana nu teu pernah barobah.—1 Samuel 19:4, 5.
Naha Sadérék pernah ningali jalma nu dipikanyaah, bisa jadi anggota kulawarga, sipatna barobah jadi leuwih goréng? Urang tangtu susah haté. Pangalaman Yonatan ngingetkeun urang kana tulisan nu nulis jabur, ”Najan upami ku indung bapa ditundung, ku PANGERAN mah tangtu dipulasara.” (Jabur 27:10) Yéhuwa téh satia. Urang ogé bakal dipulasara atawa dijaga ku Mantenna. Yéhuwa bakal jadi Bapa nu panghadéna sanajan urang dikuciwakeun ku manusa nu teu sampurna.
Katingalina, Yonatan nyaho yén Yéhuwa bakal masihkeun Karajaan Israil ka jalma séjén. Kumaha réaksi Yonatan? Naha manéhna pernah ngabayangkeun lamun jadi raja, manéhna rék jadi raja nu kawas kumaha? Naha manéhna ngabayangkeun rék ngoméan sababaraha kasalahan bapana, jeung jadi raja nu satia tur taat? Urang teu nyaho naon nu dipikirkeun ku manéhna, nu pasti mah éta teu aya nu laksana. Naha ieu hartina Yéhuwa ninggalkeun hamba-Na nu satia ieu? Henteu. Yonatan dijadikeun salah sahiji tuladan nu hadé ngeunaan sobat nu satia nu dicatet dina Alkitab! Sosobatanana bakal dibahas dina artikel saterusna ngeunaan Yonatan.