BANTUAN KEUR KULAWARGA | CARANA NGADIDIK BUDAK
Kudu Kumaha Lamun Budak keur Bosen?
Budak Sadérék ngajentul di imah, teu bisa ka mamana. Ceuk manéhna, ”Abdi bosen!” Sadérék kudu kumaha? Saacan ngahurungkeun TV atawa ngantep budak sina maén game, aya sababaraha saran nu alus keur Sadérék.
Pangalaman ti kolot séjénna
Waktu nu dipaké jeung jinis hiburan bisa nyieun budak beuki bosen. Saurang bapa nu ngaranna Robert ngomong, ”Biasana, budak nganggap kagiatan sapopoé téh matak bosen. Komo deui mun dibandingkeun jeung lalajo TV atawa maén game.”
Pamajikanana nyaéta Barbara gé satujueun. Ceuk manéhna, ”Mun ngalakukeun kagiatan sapopoé mah kudu mikir, kudu upaya, hasilna gé teu langsung jadi. Keur barudak nu resepna lalajo TV atawa maén game, kagiatan siga kitu téh matak bosen.”
Sering teuing nempoan média sosial bisa nyieun budak ngabandingkeun diri jeung batur. Ningalikeun foto atawa vidéo kagiatan batur bisa nyieun budak ngarasa hirupna bosen pisan. Ceuk budak awéwé nu ngaranna Beth, ”Urang bisa mikir, ’Batur mah meni resep hirupna, ari urang mah cicing wé ngajentul di imah.’”
Mangjam-jam mukaan media sosial bisa nyieun budak ngarasa hampa. Rasa bosenna gé justru teu leungit. Budak ngora nu ngaranna Chris ngomong, ”Mémang sih, ku ningalian média sosial téh urang jadi aya kagiatan, tapi tungtungna mah euweuh mangpaatna.”
Rasa bosen bisa jadi kasempetan alus. Saurang indung nu ngaranna Katherine nyebutkeun, justru rasa bosen téh kasempetan supaya budak diajar kréatif. Contona, ”Budak bisa nyokot hiji kotak. Manéhna bisa ngabayangkeun keur numpak mobil, kapal, pesawat luar angkasa. Manéhna gé bisa nyieun ténda maké simbut nu digantung dina parabot imah.”
Saurang ahli psikologi, nyaéta Sherry Turkle, ngajelaskeun yén rasa bosen téh ”kasempetan alus pikeun jadi kréatif”. a Jadi, rasa bosen téh sabenerna teu kudu disingkahan. Malah, buku Disconnected nyebutkeun, ”Rasa bosen téh bisa disaruakeun jeung latihan angkat beban keur otak urang.”
Kasimpulanana: Lamun budak keur bosen, gunakeun kasempetan ieu pikeun ngabantu budak ningkatkeun kréatifitasna.
Kudu kumaha waktu budak keur bosen?
Lamun kaayaanana cocog, idinan budak ulin di luar. Barbara nu disebutkeun tadi ngajelaskeun, ”Sinar panonpoé jeung udara seger bisa ngaleungitkeun rasa bosen. Lamun budak geus ulin di luar, biasana imajinasina jadi leuwih kaluar!”
Prinsip Alkitab: ”Sagala perkara di dunya aya waktuna. . . . Aya waktuna bungah. . . . Aya waktuna igel-igelan.”—Pandita 3:1, 4.
Pék pikirkeun: Iraha abdi bisa ngidinan budak ulin di luar? Lamun kaayaanana teu cocog, kagiatan naon waé nu bisa dilakukeun jeung maranéhna di luar imah?
Ajar budak pikeun merhatikeun batur. Saurang indung nu ngaranna Lilian méré saran, ”Tawarkeun bantuan pikeun motong jukut di halaman tatangga Sadérék, atawa jieun kadaharan nu dipikaresep ku manéhna. Nulungan batur bisa nyieun urang bungah.”
Prinsip Alkitab: ”Nu balabah babari meunang rejeki. Nu resep tutulung babari meunang pitulung.”—Siloka 11:25.
Pék pikirkeun: Kumaha carana supaya budak ngarasakeun bungahna merhatikeun batur?
Pék jadi tuladan. Carana Sadérék nyaritakeun kagiatan sapopoé bisa mangaruhan budak. Saurang indung nu ngaranna Sarah ngomong, ”Lamun cara urang nyarita ka budak téh nyieun manéhna mikir kagiatan urang matak bosen, sarua wé urang ngajarkeun ka budak mun hirup téh matak bosen. Tapi lamun cara urang nyarita nunjukkeun yén urang téh resep kana kagiatan sapopoé, budak gé bakal nyonto urang.”
Prinsip Alkitab: ”Anu sararenang tara kendat sukan-sukan.”—Siloka 15:15.
Pék pikirkeun: Kumaha cara abdi nyaritakeun kagiatan sapopoé? Tina cara abdi nyanghareupan rasa bosen, kumaha éta bisa mangaruhan barudak?
Saran: Bantu budak Sadérék mikirkeun kagiatan alus naon waé nu bisa dilakukeun. Saurang indung nu ngaranna Allison nyebutkeun, ”Di imah, urang boga kotak saran. Kabéh anggota kulawarga bisa nulis terus ngasupkeun saran kagiatanana ka éta kotak.”
a Tina buku Reclaiming Conversation.