Kumaha Pandangan Alkitab ngeunaan Krémasi?
Jawaban Alkitab
Dina Alkitab, euweuh pituduh nu rinci ngeunaan krémasi. Alkitab henteu maréntahkeun naha nu maot téh kudu dikubur atawa diduruk.
Alkitab nyaritakeun yén hamba-hamba Allah nu satia nguburkeun nu maot. Contona, Ibrahim indit jauh demi néangan tempat pikeun nguburkeun Sarah, pamajikanana.—Kajadian 23:2-20; 49:29-32.
Alkitab ogé nyaritakeun yén hamba-hamba Allah nu satia ngaduruk nu maot. Contona, waktu Raja Saul ti Israil jeung tilu putrana tiwas pas perang, mayit maranéhna tinggolépak di daérah musuh jeung dihihina. Ngadéngé kitu, para prajurit Israil nu satia nyokot mayit maranéhna, terus diduruk, ari tulang-taléngna dikuburkeun. (1 Samuel 31:8-13) Alkitab teu nyebutkeun yén ngaduruk mayit maranéhna téh ngalanggar hukum Allah.—2 Samuel 2:4-6.
Kasalahpahaman ngeunaan krémasi
Kasalahpahaman: Krémasi téh teu ngahargaan mayit almarhum.
Fakta: Alkitab nyebutkeun yén nu maot téh mulang deui kana taneuh atawa lebu. Éta nu biasa kajadian sanggeus mayit jadi buruk. (Kajadian 3:19) Lamun dikrémasi, mayit leuwih gancang ngajadi lebu.
Kasalahpahaman: Dina jaman Alkitab, ngan jalma-jalma nu teu dipikaresep ku Allah nu diduruk sanggeus maot téh.
Fakta: Mayitna Akan jeung kulawargana nu teu satia diduruk. (Yosua 7:25) Tapi, kajadian siga kieu téh lain hal nu umum. (Pamindo 21:22, 23) Mayit jalma nu satia ogé diduruk, misalna mayit Yonatan putrana Raja Saul.
Kasalahpahaman: Mun dikrémasi, Allah bakal hésé ngahirupkeun deui jalma éta.
Fakta: Rék dikubur, diduruk, leungit di laut, atawa dihakan ku sato galak, keur Allah mah teu hésé pikeun ngahirupkeun deui nu maot. (Wahyu 20:13) Pikeun Allah Nu Mahakawasa mah, nyieun deui awak nu anyar keur jalma nu geus maot téh hal nu gampang.—1 Korinta 15:35, 38.