Naon Yérusalém Anyar téh?
Jawaban Alkitab
Istilah ”Yérusalém anyar” muncul dua kali dina Alkitab. Ieu téh kota simbulis nu ngagambarkeun kelompok murid-murid Yésus nu indit ka sawarga pikeun maréntah bareng jeung anjeunna dina Karajaan Allah. (Wahyu 3:12; 21:2) Dina Alkitab, kelompok ieu ogé disebut pangantén awéwé Kristus.
Yérusalém Anyar téh:
Aya di sawarga. Dina Alkitab, kota Yérusalém Anyar téh disebutkeun turun ti sawarga jeung gerbang-gerbang kotana dijaga ku para malaikat. (Wahyu 3:12; 21:2, 10, 12) Tina ukuranana, éta kota mustahil aya di bumi. Panjang, rubak, jeung jangkungna téh sarua, masing-masing ampir 560 kilométer, jadi kurilingna téh kira-kira 2.200 kilométer.—Wahyu 21:16, Terjemahan Dunia Baru (NW).
Mangrupa kelompok murid-murid Yésus, nu disebut pangantén awéwé Kristus. Yérusalém Anyar disebut ”Panganten Istri, geureuha-Na anu ngagem jujuluk Anak Domba”. (Wahyu 21:9, 10) Anak Domba dina ayat éta ngamaksudkeun Yésus Kristus. (Yohanes 1:29; Wahyu 5:12) ’Geureuha-Na Anak Domba’, atawa pangantén Kristus, ngamaksudkeun urang Kristen nu bakal babarengan jeung Yésus di sawarga. Dina Alkitab, hubungan antara Yésus jeung jalma-jalma ieu digambarkeun siga salaki jeung pamajikan. (2 Korinta 11:2; Epesus 5:23-25) Dina batu-batu tatapakan Yérusalém Anyar, ditulis ngaran ”dua welas rasulna Anak Domba”. (Wahyu 21:14) Rincian ieu neguhkeun saha nu dimaksud ku Yérusalém Anyar, sabab urang Kristen nu bakal hirup di sawarga ”nangtung dina pademen anu dipasang ku rasul-rasul jeung nabi-nabi”.—Epesus 2:20.
Bagian tina hiji pamaréntahan. Yérusalém kuno téh mangrupa ibukotana Israil. Di ditu Raja Daud, Suléman, jeung turunanana maréntah dina ’tahta PANGERAN’. (1 Babad 29:23) Jadi, Yérusalem nu disebut ”kota suci” ngawakilan Karajaan Allah tina garis turunan kulawarga Daud. (Nehemia 11:1) Yérusalém Anyar nu disebut ”kota suci” ogé mangrupa jalma-jalma nu bakal ngagabung jeung Yésus di sawarga pikeun maréntah sabagé raja keur sakuliah bumi.—Wahyu 5:9, 10; 21:2.
Ngadatangkeun berkah keur jalma-jalma di bumi. Yérusalém Anyar digambarkeun ”turun ti sawarga, ti Allah”. (Wahyu 21:2) Ieu nunjukkeun yén Allah ngagunakeun maranéhna pikeun ngurus hal-hal di bumi. Kekecapan éta ogé nunjukkeun patali antara Yérusalém Anyar jeung Karajaan Allah. Éta Karajaan digunakeun ku Allah pikeun ngawujudkeun tujuana-Na ”di dunya, sapertos di sawarga”. (Mateus 6:10) Tujuan Allah pikeun manusa di bumi téh kaasup berkah-berkah ieu:
Nyingkirkeun dosa. ”Hiji walungan anu caina matak hirup” ngocor ti Yérusalém Anyar jeung méré cai keur ”tangkal kahirupan” nu bisa ”nyageurkeun bangsa-bangsa”. (Wahyu 22:1, 2) Dicageurkeunana bangsa-bangsa sacara jasmani jeung rohani bakal nyingkirkeun dosa jeung nyieun maranéhna boga kahirupan nu sampurna, sakumaha tujuan Allah nu mimiti.—Rum 8:21.
Hubungan nu rukun antara Allah jeung manusa. Ku lantaran dosa, manusa jadi mumusuhan jeung Allah. (Yesaya 59:2) Disingkirkeunana dosa manusa bakal ngawujudkeun ramalan ieu, ”Tempat Allah ayeuna geus ngahiji jeung manusa! Mantenna rek sasarengan jeung maranehna, maranehna bakal jadi umat-Na, sarta Mantenna bakal jadi Allah maranehna.”—Wahyu 21:3.
Kasangsaraan jeung maot bakal dileungitkeun. Ku jalan Karajaana-Na, Allah bakal ”nyusutan cipanon maranehna. Paeh, kasedih, piceurikeun, kanyeri, moal aya-aya deui”.—Wahyu 21:4.