Éfésus 2:1-22

  • Dihirupkeun pikeun ngahiji jeung Al-Masih (1-10)

  • Ngaruntuhkeun témbok pamisah (11-22)

2  Salian ti éta, Allah ngalantarankeun aranjeun hirup, sanajan aranjeun geus maot ku lantaran kasalahan jeung dosa.  Baheula, aranjeun nuturkeun jalan hirup dunya* ieu. Aranjeun nuturkeun pangawasa nu ngadalikeun udara, nyaéta cara pikir nu mangaruhan jalma-jalma nu teu taat.  Nya, kalakuan urang kabéh gé baheula nuturkeun kahayang awak nu dosa. Urang tunduk kana kahayang awak jeung pikiran urang nu dosa. Ti saprak lahir, urang téh anak-anak nu pantes narima amarah Allah siga jalma-jalma séjén.  Tapi, ku sabab Allah kacida welas asihna jeung kacida nyaahna ka urang,  Anjeunna ngahirupkeun urang pikeun ngahiji jeung Al-Masih, sanajan urang geus maot lantaran kasalahan urang. Nya ku lantaran welas asih-Na nu taya bandingna* aranjeun disalametkeun téh.  Salian ti éta, Allah ngahirupkeun deui urang jeung méré tempat diuk di sorga lantaran urang geus ngahiji jeung Isa Al-Masih.  Ku kituna, dina jaman* nu bakal datang, Anjeunna bakal ngalimpahkeun welas asih-Na nu taya bandingna* ku cara ngalampahkeun kahadéan ka urang nu ngahiji jeung Isa Al-Masih.  Nya ku lantaran welas asih Allah nu taya bandingna,* aranjeun nu baroga iman téh disalametkeun. Tah, aranjeun salamet téh lain ku usaha sorangan, tapi ku lantaran kurnia ti Allah.  Éta téh lain hasil tina laku lampah aranjeun, jadi euweuh nu bisa agul. 10  Urang téh hasil karya Allah, jeung diciptakeun pikeun ngalampahkeun hal-hal hadé lantaran geus ngahiji jeung Isa Al-Masih. Ieu nu geus ditetepkeun ti mimiti ku Allah pikeun dilampahkeun ku urang. 11  Ku kituna, sing inget yén aranjeun nu lain turunan Yahudi pernah disebut ”jalma-jalma nu teu disunat” ku jalma-jalma nu disunat ku manusa. 12  Harita, aranjeun téh teu kenal ka Al-Masih, misah ti bangsa Israél, jeung teu kaasup dina perjangjian nu dumasar kana jangji Allah. Di dunya ieu, aranjeun teu boga harepan jeung teu kenal ka Allah. 13  Tapi ayeuna, lantaran ngahiji jeung Isa Al-Masih, aranjeun nu tadina jauh ayeuna jadi raket jeung Allah ku lantaran getihna Al-Masih. 14  Nya Al-Masih nu ngarukunkeun urang, nu ngahijikeun dua kelompok éta, jeung ngaruntuhkeun témbok nu misahkeun duanana. 15  Ku cara ngorbankeun awakna, manéhna mupus Torét jeung kabéh paréntahna nu ngalantarankeun dua kelompok éta mumusuhan. Ku kituna, maranéhna bisa jadi rukun sarta jadi hiji bangsa* nu ngahiji jeung manéhna. 16  Ku lantaran manéhna maot dina tihang siksaan,* dua bangsa éta jadi bener-bener rukun jeung Allah sarta jadi hiji awak. Ku jalan maotna, maranéhna teu mumusuhan deui. 17  Manéhna datang jeung nguarkeun warta hadé ngeunaan katengtreman ka aranjeun nu jauh ti Allah sarta ka jalma-jalma nu raket jeung Anjeunna. 18  Ku jalan manéhna, urang kabéh nu kaasup dua bangsa éta jadi teu asa-asa datang ka hareupeun Bapa ku kawasa suci nu sarua. 19  Ku kituna, aranjeun geus lain urang asing ti nagri séjén, tapi sasama warga nagara jeung jalma-jalma suci, sarta jadi anggota kulawargana Allah. 20  Aranjeun diadegkeun di luhureun pondasi, nyaéta rasul-rasul jeung nabi-nabi. Ari nu jadi batu pondasi nu utama* téh Isa Al-Masih. 21  Sakabéh bangunan nu ngahiji jeung Al-Masih, nu unggal bagianana disusun rapih, ngajadi bait nu suci keur Yéhuwa. 22  Kitu ogé lantaran ngahiji jeung Al-Masih, aranjeun babarengan dibangun jadi pamatuhanana Allah, lantaran kawasa suci aya di dinya.

Catetan Tambihan

Atawa ”sistim dunya”. Tingali Daptar Istilah.
Tingali Daptar Istilah.
Atawa ”sistim-sistim dunya”. Tingali ”Sistim dunya” dina Daptar Istilah.
Tingali Daptar Istilah.
Tingali Daptar Istilah.
As. ”hiji manusa”.
Tingali Daptar Istilah.
As. ”batu nu di juru”.