Galatia 4:1-31

  • Geus lain palayan tapi jadi anak (1-7)

  • Kahariwangan Paulus ka sidang jamaah di Galatia (8-20)

  • Hajar jeung Sara: dua perjangjian (21-31)

    • Yérusalém nu di luhur mah merdéka, indung urang (26)

4  Waktu saurang ahli waris leutik kénéh, manéhna teu béda jeung palayan sanajan manéhna téh juragan nu miboga sagalana,  sabab aya jalma-jalma nu ngawaskeun jeung ngurus manéhna nepi ka waktu nu geus ditetepkeun ku bapana.  Nya kitu ogé, basa urang keur leutik kénéh, urang téh diperbudak ku cara pikir jeung cara hirup* dunya ieu.  Tapi pas geus waktuna, Allah ngutus Putra-Na nu dilahirkeun ku saurang awéwé jeung kabeungkeut ku hukum.  Éta téh supaya manéhna bisa nebus jalma-jalma nu kabeungkeut ku hukum, ku kituna urang bisa diangkat anak ku Allah.  Ku sabab aranjeun téh anak-anak Allah, Anjeunna méré kawasa suci kana haté urang nu dipiboga ogé ku Putra-Na. Ku kituna, urang kageuing pikeun nyebut, ”Abba,* Bapa!”  Jadi aranjeun téh geus lain palayan, tapi anak, jeung salaku anak, aranjeun gé bakal narima warisan ti Allah.  Najan kitu, basa aranjeun can kenal ka Allah, aranjeun téh diperbudak ku aallahan.  Tapi ayeuna, sanggeus aranjeun kenal ka Allah, atawa tegesna mah dikenal ku Allah, naha aranjeun téh bet baralik deui nuturkeun cara pikir jeung cara hirup anu euweuh gunana jeung euweuh hartina, naha bet hayang diperbudak deui ku nu kararitu? 10  Aranjeun nganggap aya poé-poé, bulan-bulan, usum-usum,* jeung taun-taun nu penting. Aranjeun gé meni getol ngarayakeunana. 11  Kuring mah sieunna téh upaya kuring keur aranjeun mubadir. 12  Dulur-dulur, kuring ménta supaya aranjeun jadi siga kuring, da kuring gé baheula siga aranjeun. Aranjeun teu boga salah ka kuring. 13  Aranjeun apal mimitina kuring bisa nguarkeun warta hadé ka aranjeun téh pédah harita kuring gering. 14  Sanajan panyakit kuring ngarépotkeun aranjeun, aranjeun teu ngarendahkeun atawa geuleuh ka* kuring. Sabalikna, aranjeun nyambut kuring siga ka malaikat Allah, atawa siga ka Isa Al-Masih. 15  Mana kabagjaan aranjeun nu baheula? Kuring yakin da, baheula mah lamun bisa, aranjeun daék nyokél panon sorangan tuluy dibikeun ka kuring. 16  Ayeuna kuring téh jadi musuh aranjeun kitu pédah ngomong jujur ka aranjeun? 17  Maranéhna sumanget téh da hayang meuli haté aranjeun, tapi niatna mah goréng. Maranéhna hayang misahkeun aranjeun ti kuring, supaya aranjeun terus nuturkeun maranéhna. 18  Nya teu nanaon lamun aya nu sumanget meuli haté aranjeun mah, asal niatna alus, jeung ulah pas keur aya kuring hungkul. 19  Anaking, ku lantaran aranjeun, kuring téh ngarasa nyeri deui siga awéwé nu rék ngajuru, jeung kuring bakal terus ngarasa nyeri nepi ka aranjeun miboga sipat-sipat Al-Masih. 20  Hayangna mah ayeuna téh kuring aya babarengan jeung aranjeun sarta ngomong ku cara leuwih leuleuy, da kuring téh bingung ka aranjeun. 21  Cik, kuring rék nanya: Aranjeun nu hayang kabeungkeut ku hukum, nyaho teu naon nu disebutkeun dina hukum Torét? 22  Contona, dina Kitab Suci ditulis yén Ibrahim boga dua budak lalaki, hiji ti palayan awéwé jeung hiji deui ti awéwé nu merdéka. 23  Budak ti palayan awéwé dilahirkeunana ku cara nu lumrah, ari budak ti awéwé nu merdéka dilahirkeunana ku lantaran jangji Allah. 24  Hal-hal ieu mangrupa lambang, sabab dua awéwé éta ngamaksudkeun dua perjangjian. Perjangjian nu diayakeun di Gunung Sinai dilambangkeun ku Hajar, jeung kabéh anakna diperbudak. 25  Hajar téh ngamaksudkeun Gunung Sinai nu aya di nagri Arab. Manéhna téh sarua jeung Yérusalém kiwari, sabab manéhna jeung kabéh anakna diperbudak. 26  Tapi, Yérusalém nu di luhur mah merdéka, jeung manéhna téh indung urang. 27  Sakumaha ditulis dina Kitab Suci, ”Sing bungah, awéwé mandul nu teu pernah ngalahirkeun. Sarurak sing bungah, awéwé nu teu pernah ngarasakeun nyerina ngajuru, sabab awéwé nu ditinggalkeun boga leuwih loba budak tibatan awéwé nu boga salaki.” 28  Dulur-dulur, aranjeun téh anak-anak nu dilahirkeun ku lantaran jangji Allah, sarua siga Ishak. 29  Tapi, sakumaha anak nu dilahirkeun ku cara nu lumrah éta nganiaya anak nu dilahirkeun ku jalan kawasa suci, nya kitu ogé ayeuna. 30  Sanajan kitu, kumaha ceuk Kitab Suci? ”Usir palayan awéwé éta jeung anakna, sabab anak ti palayan awéwé éta moal jadi ahli waris bareng jeung anak ti awéwé nu merdéka.” 31  Jadi dulur-dulur, urang téh lain anak-anakna palayan awéwé, tapi anak-anakna awéwé nu merdéka.

Catetan Tambihan

Atawa ”hal-hal dasar”.
Ieu téh kecap basa Ibrani atawa basa Aram nu hartina ”Bapa”, biasana dipaké ku budak leutik waktu ngageroan bapana.
Nyaéta, waktu-waktu nu dihususkeun keur parayaan.
Atawa ”nyiduhan”.