Kisah 26:1-32
26 Agripa ngomong ka Paulus, ”Ayeuna manéh diidinan ngabéla diri.” Tuluy Paulus ngangkat leungeunna jeung ngabéla dirina, cenah,
2 ”Raja Agripa, abdi bungah pisan poé ieu bisa ngabéla diri di payuneun Raja ngeunaan sakabéh dakwaan urang Yahudi ka abdi,
3 utamana lantaran Raja téh ahli kana sagala kabiasaan jeung masalah-masalah urang Yahudi. Ku kituna, mugia Raja sabar ngadangukeun abdi.
4 ”Sabenerna, kumaha hirup abdi ti ngongora di antara bangsa abdi jeung di Yérusalém, geus dipikanyaho ku sakabéh urang Yahudi
5 nu geus lila kenal ka abdi. Mun daék, maranéhna bisa nyaritakeun yén abdi téh ti golongan Farisi, nyaéta aliran nu pangkeras-kerasna ngajalankeun ibadah urang.
6 Tapi ayeuna, abdi diadilan lantaran ngarep-ngarep naon nu dijangjikeun ku Allah ka karuhun urang sadaya.
7 Padahal, 12 kaom urang gé ngarepkeun jangji ieu laksana. Buktina maranéhna beurang peuting bener-bener ngajalankeun palayanan suci ka Allah. Tah, ku lantaran harepan ieu, abdi didakwa ku urang Yahudi, nun Raja.
8 ”Ku naon aranjeun teu percaya Allah ngahirupkeun deui nu maot?
9 Baheula, abdi gé yakin abdi kudu sakuat-kuatna nentang ngaran Isa, urang Nazarét.
10 Éta nu dilakukeun ku abdi di Yérusalém. Sanggeus abdi narima wewenang ti para imam kapala, loba jalma suci dipanjarakeun ku abdi. Abdi gé satuju waktu maranéhna rék dihukum pati.
11 Abdi sering nganiaya maranéhna di tempat-tempat ibadah ngarah maranéhna ingkar tina imanna. Lantaran kacida ngéwana, abdi nganiaya maranéhna nepi ka kota-kota séjén.
12 ”Hiji poé, pikeun ngalaksanakeun tujuan éta, abdi indit ka Damaskus lantaran ditugaskeun ku imam-imam kapala.
13 Nun Raja, pas keur di jalan tengah poé, abdi ningali aya cahaya ti langit nu leuwih caang tibatan panonpoé. Cahaya éta nyorot ka abdi jeung ka jalma-jalma nu bareng jeung abdi.
14 Abdi sadaya tigubrag kana taneuh. Geus kitu aya sora nu ngomong ka abdi maké basa Ibrani, ’Saulus, Saulus, ku naon manéh nganiaya urang? Manéh nganyenyeri diri sorangan lamun terus ngalawan urang.’*
15 Tapi ku abdi ditémbalan, ’Juragan téh saha?’ Terus Juragan ngajawab, ’Urang téh Isa, nu dikaniaya ku manéh.
16 Ayeuna cengkat, sok nangtung. Urang némbongan ka manéh rék milih manéh jadi palayan jeung saksi keur urang, pikeun nyaritakeun naon nu geus ditingali ku manéh jeung naon nu bakal ditémbongkeun ku urang ka manéh.
17 Urang bakal nyalametkeun manéh ti bangsa ieu jeung ti bangsa séjén. Manéh ku urang bakal diutus ka maranéhna
18 pikeun ngabeuntakeun panon maranéhna, sarta mawa maranéhna ti poék ka caang, jeung ti kakawasaan Sétan ka Allah, supaya maranéhna boga iman ka urang. Ku kituna, maranéhna bisa dihampura dosana sarta narima warisan bareng jeung jalma-jalma nu disucikeun.’
19 ”Ku kituna Raja Agripa, paréntah tina titingalian ti sorga éta ku abdi dituturkeun.
20 Jadi, abdi nepikeun pesen ka jalma-jalma nu aya di Damaskus heula, terus ka jalma-jalma di Yérusalém jeung di sakuliah Yudéa, geus kitu ka bangsa-bangsa séjén. Pesenna téh nyaéta maranéhna kudu tobat, balik ka Allah, jeung ngabuktikeun ku lalampahanana yén maranéhna geus tobat.
21 Éta sababna urang Yahudi di bait néwak abdi jeung hayang maéhan abdi.
22 Tapi lantaran dibantuan ku Allah, nepi ka ayeuna gé abdi bisa terus méré kasaksian ka jalma biasa jeung jalma penting. Nu dicaritakeun ku abdi téh ngan hal-hal nu disebutkeun dina Kitab Para Nabi jeung dina Tulisan Musa nu bakal kajadian,
23 nyaéta Al-Masih téh kudu sangsara, jeung salaku nu mimiti dihirupkeun deui tina maot, manéhna bakal ngawawar jeung nyaangan boh bangsa ieu boh bangsa séjén.”
24 Tengah-tengah Paulus keur ngomong jeung ngabéla diri, Féstus ngagorowok, ”Gélo manéh, Paulus! Loba teuing diajar manéh mah!”
25 Tapi Paulus ngomong, ”Abdi teu gélo, Nu Mulya Féstus. Pikiran abdi mah waras jeung nu diomongkeun ku abdi téh bener.
26 Raja gé apal pisan kana hal-hal ieu, matakna abdi teu asa-asa nyaritakeun ieu kabéh. Abdi yakin teu aya hiji-hiji acan nu Raja teu terang, sabab éta kabéh dilakukeunana henteu susulumputan.
27 Raja Agripa, Raja percaya ka Kitab Para Nabi, pan? Abdi apal Raja percaya.”
28 Agripa némbalan ka Paulus, ”Sakeudeung deui urang bisa jadi Kristen gara-gara manéh.”
29 Ngadéngé kitu Paulus ngomong, ”Abdi miharep ka Allah, rék ayeuna rék engké gé, mugia Raja, kitu ogé sakabéh nu ngadéngékeun abdi ayeuna, bisa jadi kawas abdi tapi teu diranté kawas kieu.”
30 Geus kitu raja cengkat, kitu ogé gubernur, Bérnike, jeung jalma-jalma nu diuk di dinya.
31 Tapi bari kalaluar, maranéhna pada ngomong kieu, ”Jalma ieu teu ngalakukeun hal-hal nu pantes dihukum pati atawa dipanjarakeun.”
32 Terus Agripa ngomong kieu ka Féstus, ”Sabenerna jalma ieu bisa dibébaskeun lamun teu naék banding ka Kaisar.”
Catetan Tambihan
^ As. ”nyépak tongkat”. Maksudna, tongkat nu tungtungna logam nu seukeut.