1 Samuél 16:1-23
16 Ahirna, Yéhuwa ngomong ka Samuél, ”Rék sabaraha lila deui manéh kanyenyerian ku Saul? Pan Kuring geus nolak manéhna jadi raja Israél. Sok eusian tanduk téh ku minyak. Jung indit ka Isai urang Bétléhém, lantaran Kuring geus milih salah saurang anakna pikeun jadi raja.”
2 Tapi ceuk Samuél, ”Maenya abdi kudu indit? Engké, lamun éta kadéngéeun ku Saul, abdi bakal dipaéhan.” Ditémbalan ku Yéhuwa, ”Bawa hiji sapi ngora, tuluy ngomong wéh kieu, ’Bapa datang rék nyanggakeun korban ka Yéhuwa.’
3 Ondang Isai ka tempat manéh nyanggakeun korban. Engké Kuring bakal ngabéjaan manéh kudu kumaha. Manéh kudu ngalantik jalma nu dituduhkeun ku Kuring.”
4 Samuél ngalampahkeun paréntah Yéhuwa. Pas nepi di Bétléhém, para kokolot kota ngadégdég kasieunan basa panggih jeung manéhna. Ceuk maranéhna, ”Bapa téh datang aya masalah naon, nya?”
5 Samuél ngajawab, ”Teu aya masalah nanaon. Bapa datang téh rék nyanggakeun korban ka Yéhuwa. Sucikeun diri maranéh, tuluy milu jeung Bapa.” Geus kitu, manéhna nyucikeun Isai jeung anak-anak lalakina, terus ngondang maranéhna ka tempat nyanggakeun korban.
6 Waktu maranéhna datang, rét Samuél ningali Éliab tuluy ngomong, ”Tangtu ieu jalma nu dilantik ku Yéhuwa.”
7 Tapi ceuk Yéhuwa ka Samuél, ”Ulah ningali rupana jeung jangkungna, lantaran lain manéhna nu dipilih ku Kuring. Cara manusa ningali béda jeung cara Allah. Manusa mah ningali luarna, ari Yéhuwa mah ningali haténa.”
8 Geus kitu, Isai ngageroan Abinadab tuluy mawa manéhna ka Samuél, tapi ceuk Samuél, ”Nu ieu gé teu dipilih ku Yéhuwa.”
9 Tuluy Isai mawa Syamah, tapi ceuk Samuél, ”Nu ieu gé teu dipilih ku Yéhuwa.”
10 Jadi, Isai mawa tujuh anak lalakina ka Samuél, tapi ceuk Samuél ka Isai, ”Euweuh nu dipilih ku Yéhuwa.”
11 Ahirna Samuél nanya ka Isai, ”Anak-anak manéh téh ngan ieu?” Dijawab ku Isai, ”Aya kénéh nu bungsu, tapi ayeuna keur ngangon domba.” Tuluy Samuél ngomong ka Isai, ”Susul manéhna sina ka dieu, sabab urang moal waka dahar saméméh manéhna datang.”
12 Jadi Isai nitah manéhna disusulan tuluy dibawa ka Samuél. Manéhna téh nya ngora nya kasép, panonna gé éndah. Tuluy ceuk Yéhuwa, ”Tah nu ieu, lantik manéhna!”
13 Ku kituna, Samuél nyokot tanduk nu dieusian minyak, tuluy minyakna dikucurkeun kana sirahna Daud di hareupeun lanceuk-lanceukna. Ti saprak poé éta, manéhna digeuing ku kawasa suci Yéhuwa. Geus kitu, Samuél balik ka Rama.
14 Kawasa suci Yéhuwa geus ninggalkeun Saul. Yéhuwa ngantep Saul kasiksa ku pikiranana sorangan.*
15 Para palayan Saul ngomong kieu, ”Juragan, Juragan téh diantep ku Allah sina kasiksa ku pikiran sorangan.
16 Mun Juragan kersa mah sok titah abdi-abdi pikeun milarian jalma nu jago maén harpa. Unggal pikiran Juragan kasiksa siga kitu, manéhna bakal maénkeun harpa. Tangtu Juragan bakal ngarasa leuwih tenang.”
17 Ceuk Saul ka maranéhna, ”Heug pangnéangankeun jalma nu jago maén harpa, tuluy bawa ka dieu.”
18 Saurang palayanna ngomong kieu, ”Abdi pernah ningali anak Isai urang Bétléhém téh jago maén harpa. Manéhna jalma nu perkasa jeung wanian. Manéhna gé pinter ngomong, kasép, jeung disarengan ku Yéhuwa.”
19 Saul ngirim utusan ka Isai mawa pesen kieu, ”Titah ka dieu Daud anak anjeun nu sok ngangon domba.”
20 Jadi Isai nyokot roti, kantong kulit nu dieusian cianggur, jeung anak embé, tuluy ditumpangkeun kana kaldé. Geus kitu, manéhna nitah Daud mawa éta kabéh ka Saul.
21 Daud datang ka Saul sarta ngalalayanan manéhna. Saul nyaah pisan ka Daud. Daud dijadikeun tukang mawa senjatana.
22 Saul ngirim pesen ka Isai, ”Keun wéh Daud sina terus ngalalayanan kuring di dieu, da kuring resep ka manéhna.”
23 Unggal Saul diantep ku Allah sina kasiksa ku pikiranana sorangan, Daud maénkeun harpa. Geus kitu mah Saul ngarasa tengtrem jeung tenang, manéhna teu kasiksa deui ku pikiranana.
Catetan Tambihan
^ As. ”ku roh jahat”.