1 Samuél 26:1-25

  • Daud sakali deui teu maéhan Saul (1-25)

    • Daud hormat ka jalma nu dilantik Yéhuwa (11)

26  Ka dieunakeun, sababaraha urang Zif ngadatangan Saul di Gibéah, ngabéjaan kieu, ”Daud keur nyumput di Pasir* Hakhila nu nyanghareup ka Yésyimon.”* 2  Jadi, Saul indit ka Gurun Keusik Zif dibaturan ku 3.000 prajurit pilihan ti antara urang Israél. Maranéhna rék néangan Daud di ditu. 3  Saul masang kémah di sisi jalan, di Pasir* Hakhila nu nyanghareup ka Yésyimon. Harita Daud keur cicing di gurun keusik. Manéhna dibéré nyaho yén Saul datang ka dinya rék néangan manéhna. 4  Ku kituna, Daud ngirim mata-mata sina mastikeun bener henteuna Saul geus datang ka dinya. 5  Tuluy Daud indit ka pakémahanana Saul. Manéhna ningali tempat saréna Saul jeung Abnér anak Nér, panglima tentarana. Saul saré di tengah-tengah pakémahan, dikurilingan ku kémah-kémah pasukanna. 6  Tuluy Daud nanya ka Ahimélékh urang Hét jeung Abisyai lanceukna Yoab (indung maranéhna téh Zéruya), ”Saha nu rék milu turun jeung urang ka pakémahanana Saul?” Abisyai ngajawab, ”Urang nu milu turun.” 7  Peuting éta, Daud jeung Abisyai indit ka pakémahan. Maranéhna ningali Saul keur saré di tengah-tengah pakémahan. Di gigireun sirahna, aya tumbak nu nanceb dina taneuh. Ari Abnér jeung pasukanna keur saré di sakurilingna. 8  Ceuk Abisyai ka Daud, ”Poé ieu Allah geus nyerahkeun musuh manéh ka manéh. Keun ku urang manéhna rék ditancebkeun kana taneuh ku tumbak. Sakali gé cukup, teu kudu dua kali.” 9  Tapi Daud némbalan, ”Ulah dikukumaha, sabab saha waé nu nyilakakeun jalma nu dilantik ku Yéhuwa bakal dianggap salah.” 10  Daud ngomong deui, ”Demi Yéhuwa nu hirup, manéhna bakal maot ku Yéhuwa, atawa maot siga jalma séjénna, atawa maot dina pangperangan. 11  Yéhuwa pasti teu resep lamun urang nyilakakeun jalma nu dilantik ku Yéhuwa. Geus, ayeuna mah cokot tumbak nu aya di gigireun sirahna, jeung wadah caina. Tuluy, hayu urang indit.” 12  Seug Daud nyokot tumbak jeung wadah cai nu aya di gigireun sirah Saul. Bral maranéhna indit. Teu aya saurang-urang acan nu hudang atawa ningali maranéhna, lantaran sakabéh pasukan disina saré tibra ku Yéhuwa. 13  Geus kitu, Daud meuntas ka sisi séjénna tuluy nangtung di puncak pasir* nu anggangna rada jauh. 14  Daud ngagorowok ka Abnér anak Nér jeung pasukanna, ”Abnér, kadéngé teu sora urang?” Abnér némbalan, ”Saha éta nu gogorowokan ngaganggu Raja?” 15  Daud ngomong ka Abnér, ”Cenah manéh téh lalaki nu panggagahna, nu teu aya tandingna di Israél. Lamun enya, ku naon manéh teu ngajaga Raja manéh? Bieu aya prajurit nu datang rék maéhan Raja manéh. 16  Manéh mah teu bener ngajalankeun tugas. Demi Yéhuwa nu hirup, maranéh pantes dipaéhan lantaran teu ngajaga juragan maranéh nu geus dilantik ku Yéhuwa. Coba tingali, mana tumbak jeung wadah cai Raja nu tadina aya di gigireun sirahna?” 17  Saul wawuheun kana sora Daud, tuluy nanya, ”Éta téh manéh, Daud, anaking?” Daud ngajawab, ”Sumuhun, Gusti Raja.” 18  Daud ngomong deui, ”Ku naon Raja ngudag-ngudag abdi? Naon salah abdi? 19  Punten Gusti Raja, dangukeun heula hamba Raja ieu. Upami Yéhuwa nu ngajurung Juragan ngudag abdi, nya abdi rék nyanggakeun korban dahareun* keur Anjeunna. Tapi upami manusa nu ngajurung Juragan, maranéhna sing dikutuk di hareupeun Yéhuwa, lantaran maranéhna geus ngajauhkeun abdi ti umat* Yéhuwa. Maranéhna siga ngomong kieu, ’Nyingkah manéh! Jung sembah allah-allah séjén.’ 20  Jadi, ulah nepi ka abdi maot di tempat nu jauh ti Yéhuwa. Raja Israél téh siga néangan kutu sasiki, siga moro manuk puyuh di gunung.” 21  Ngadéngé kitu Saul ngomong, ”Urang geus nyieun dosa. Hayu mulang, Daud, anaking. Urang moal nyilakakeun manéh deui, lantaran poé ieu manéh geus ngahargaan nyawa urang. Urang téh meni bodo jeung salah pisan.” 22  Daud ngajawab, ”Ieu tumbak Raja aya di dieu. Sok paréntahkeun saurang prajurit sina nyandak ka dieu. 23  Yéhuwa bakal ngaganjar unggal jalma nu bener jeung satia. Poé ieu, Yéhuwa geus nyerahkeun Juragan ka abdi, tapi abdi teu daék nyilakakeun jalma nu dilantik ku Yéhuwa. 24  Sakumaha poé ieu abdi ngahargaan nyawa Juragan, mugia Yéhuwa gé ngahargaan nyawa abdi jeung nyalametkeun abdi tina sagala kasusahan abdi.” 25  Saul némbalan Daud, ”Mugia manéh diberkahan, Daud, anaking. Manéh tangtu bakal ngalampahkeun hal-hal nu hébat. Manéh gé tangtu bakal unggul.” Geus kitu Daud indit ti dinya, ari Saul balik ka imahna.

Catetan Tambihan

Atawa ”Bukit”.
Atawa bisa jadi ”gurun keusik”.
Atawa ”Bukit”.
Atawa ”bukit”.
Atawa ”korban sisikian”.
As. ”warisan”, nu bisa jadi kaasup jalma-jalma jeung tanah warisan maranéhna.