1 Samuél 4:1-22

  • Urang Filistin ngarebut peti perjangjian (1-11)

  • Éli jeung anak-anakna maot (12-22)

4  Samuél terus nepikeun kekecapan Allah ka kabéh urang Israél. Ka dieunakeun, urang Israél indit pikeun perang jeung urang Filistin. Maranéhna masang kémah di deukeut Ébenézér, ari urang Filistin mah masang kémah di Afék. 2  Urang Filistin nyieun barisan tempur rék nyerang urang Israél. Urang Israél teu kuat ngalawan urang Filistin tuluy diéléhkeun ku maranéhna. Dina pangperangan éta, urang Filistin maéhan 4.000 jalma. 3  Waktu para prajurit Israél baralik ka pakémahan, para kokolot Israél ngomong kieu, ”Ku naon poé ieu Yéhuwa ngantep urang diéléhkeun* ku urang Filistin? Hayu urang cokot peti perjangjian Yéhuwa ti Syilo. Mun éta dibawa, urang bisa disalametkeun ti musuh urang.” 4  Jadi maranéhna ngirim utusan ka Syilo sina nyokot peti perjangjian Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga, nu diuk dina tahta di luhureun* kérub-kérub. Dua anak Éli gé, nyaéta Hofni jeung Pinéhas, milu ngiringkeun peti perjangjian Allah nu bener. 5  Waktu peti perjangjian Yéhuwa nepi di pakémahan, kabéh urang Israél sarurak meni ngageder, bumi gé nepi ka oyag. 6  Barang ngadéngé aya nu tingsarurak kitu, urang Filistin ngomong, ”Aya naon di pakémahan urang Ibrani téh, surakna meni ngageder?” Ahirna maranéhna nyaho yén peti perjangjian Yéhuwa dibawa ka pakémahan éta. 7  Urang Filistin jadi sarieuneun. Ceuk maranéhna, ”Allah geus datang ka pakémahan éta!” Ceuk maranéhna deui, ”Cilaka ieu mah, can pernah aya kajadian nu siga kieu! 8  Cilaka urang! Saha nu bisa nyalametkeun urang ti Allah nu sakitu hébatna? Éta téh pan Allah nu numpes Mesir ku rupa-rupa musibat di gurun keusik. 9  Éh urang Filistin, tong sieun, sing jaradi lalaki, ngarah urang teu dikawasaan ku urang Ibrani sakumaha maranéhna dikawasaan ku urang. Hayu urang serang, sing jaradi lalaki!” 10  Jadi urang Filistin nyerang jeung ngéléhkeun urang Israél nepi ka kalabur ka kémahna masing-masing. Urang Israél nu dipaéhan téh loba pisan. Aya 30.000 prajurit nu tiwas. 11  Salian ti éta, peti perjangjian Allah direbut. Dua anak Éli gé, nyaéta Hofni jeung Pinéhas, tiwas. 12  Saurang lalaki ti kaom Bényamin kabur ti pangperangan tuluy nepi di Syilo poé éta kénéh. Bajuna geus disoékkeun, jeung dina sirahna aya taneuh. 13  Pas manéhna nepi téh Éli keur diuk ngadagoan dina korsi di sisi jalan, da manéhna melang kana peti perjangjian Allah nu bener. Lalaki éta asup ka kota ngalaporkeun kajadianana, ku kituna sakabéh jalma di kota careurik. 14  Barang ngadéngé aya nu tingjarerit, Éli nanya, ”Aya naon éta téh meni garandéng kitu?” Lalaki tadi buru-buru nyampeurkeun jeung ngalaporkeun kajadianana ka Éli. 15  (Harita, umur Éli téh 98 taun. Panonna geus teu bisa rarat-rérét jeung ampir teu bisa ningali.) 16  Lalaki éta ngomong ka Éli, ”Abdi téh datang ti pangperangan! Nembé pisan abdi kabur ti pangperangan.” Manéhna ditanya ku Éli, ”Terus kumaha, aya kajadian naon, Jang?” 17  Jadi nu mawa kabar éta téh nyarita, ”Urang Israél geus kalabur ti urang Filistin. Maranéhna geus éléh jeung loba nu tiwas. Dua anak Bapa gé, Hofni jeung Pinéhas, tiwas, jaba peti perjangjian Allah nu bener direbut.” 18  Barang lalaki éta nyebutkeun ngeunaan peti perjangjian Allah nu bener, brug Éli tijengkang tina korsina di sisi gerbang. Beuheungna potong, les manéhna maot, lantaran manéhna geus kolot jeung awakna beurat. Manéhna jadi hakim Israél salila 40 taun. 19  Minantuna, pamajikan Pinéhas, keur ngandung jeung téréh ngalahirkeun. Barang ngadéngé laporan yén peti perjangjian Allah nu bener geus direbut sarta mitoha jeung salakina maot, manéhna murungkut, ujug-ujug mules, brol baé ngalahirkeun. 20  Pas manéhna keur sakarat, awéwé-awéwé nu nulungan manéhna ngomong kieu, ”Tenang wéh, Nyi. Nyai ngalahirkeun budak lalaki.” Éta teu didéngé jeung teu dijawab ku manéhna. 21  Tapi budakna dingaranan Ikhabod,* da ceuk manéhna, ”Kamulyaan geus nyingkah ti Israél.” Manéhna ngomong kitu téh lantaran peti perjangjian Allah nu bener geus direbut, sarta mitoha jeung salakina geus maot. 22  Ceuk manéhna, ”Kamulyaan geus nyingkah ti Israél, lantaran peti perjangjian Allah nu bener geus direbut.”

Catetan Tambihan

As. ”Yéhuwa ngéléhkeun urang”.
Atawa bisa jadi ”di antara”.
Hartina ”Di Mana Kamulyaan téh?”