1 Tésalonika 1:1-10
1 Ti Paulus, Silvanus,* jeung Timotius, keur sidang jamaah di Tésalonika nu ngahiji jeung Allah, Bapa urang, sarta Juragan Isa Al-Masih.
Mugia aranjeun narima welas asih nu taya bandingna* jeung katengtreman.
2 Urang-urang tangtu muji sukur ka Allah unggal nyebutkeun aranjeun kabéh dina doa-doa.
3 Di hareupeun Allah, Bapa urang, urang-urang inget waé ka aranjeun nu sakitu getolna ngajalankeun tugas lantaran boga iman jeung kanyaah. Urang-urang gé inget ka aranjeun nu tabah nyanghareupan kasusah lantaran boga harepan ka Juragan urang Isa Al-Masih.
4 Dulur-dulur nu dipikanyaah ku Allah, urang-urang apal aranjeun téh dipilih ku Anjeunna,
5 lantaran warta hadé nu diuarkeun ku urang-urang ka aranjeun téh lain ngan saukur kekecapan, tapi ogé dibarengan ku pangaruh nu kuat, kawasa suci, jeung kayakinan nu pengkuh. Aranjeun apal naon nu dilakukeun ku urang-urang demi kapentingan aranjeun.
6 Aranjeun geus nyonto urang-urang jeung nyonto Juragan. Sanajan ngalaman loba kasangsaraan, aranjeun narima firman éta bari jeung suka bungah, nyaéta suka bungah nu dihasilkeun ku kawasa suci.
7 Ku kituna, aranjeun jadi tuladan keur sakabéh murid di Makédonia jeung Akhaya.
8 Ku lantaran aranjeun, firman Yéhuwa diuarkeun di Makédonia jeung Akhaya. Tapi teu ngan saukur kitu, iman aranjeun ka Allah gé diuarkeun ka mana-mana, jadi urang-urang geus teu kudu nyaritakeun nanaon deui.
9 Maranéhna sering nyaritakeun kumaha mimitina urang-urang panggih jeung aranjeun, sarta kumaha aranjeun ninggalkeun berhala demi jadi palayan ti Allah nu bener jeung hirup,
10 sarta demi ngadagoan kadatangan Putra-Na ti sorga, nu dihirupkeun ku Anjeunna ti antara nu maraot, nyaéta Isa. Manéhna nu nyalametkeun urang tina amarah Allah nu bakal datang.