Babad nu Kahiji 29:1-30

  • Sumbangan keur ngabangun bait (1-9)

  • Doa Daud (10-19)

  • Jalma-jalma saruka bungah; pamaréntahan Sulaéman (20-25)

  • Daud maot (26-30)

29  Tuluy, Raja Daud ngomong kieu ka sakabéh jamaah, ”Sulaéman anak kuring nu dipilih ku Allah téh ngora kénéh jaba can boga pangalaman. Ari pigawéeun sakitu gedéna, sabab nu dibangun téh lain bait* keur manusa, tapi keur Allah Yéhuwa. 2  Kuring geus sakuat tanaga nyadiakeun bahan-bahan keur bumina Allah kuring. Kuring nyadiakeun emas, pérak, tambaga, beusi, kai, batu oniks, batu-batu aralus nu ditapelkeun maké semén, batu-batu laleutik nu warna-warni, rupa-rupa batu permata, jeung kacida lobana batu marmer. 3  Salian ti kabéh nu geus disadiakeun keur bumi nu suci, kuring gé nyumbangkeun emas jeung pérak tina harta kuring sorangan, saking cintana ka bumina Allah. 4  Kuring téh nyumbangkeun emas Ofir 102 ton leuwih jeung pérak nu dimurnikeun ampir 240 ton* jang ngalapis témbok-témbok di éta bumi, 5  jang nyieun barang-barang tina emas jeung pérak, sarta jang sagala rupa nu dijieun ku tukang-tukang nu arahli. Ayeuna, saha nu iklas méré sumbangan keur Yéhuwa?” 6  Jadi, para pamingpin kulawarga pihak bapa, para pamingpin kaom-kaom Israél, para pamingpin nu ngapalaan 1.000 jeung 100 urang, sarta para pamingpin nu ngurus sagala urusan raja pada sukaréla maréré sumbangan. 7  Ieu nu disumbangkeun ku maranéhna keur pangwangunan bumina Allah nu sajati: emas 171 ton, 10.000 duit logam emas, pérak 342 ton, tambaga 615 ton leuwih, jeung beusi 3.420 ton.* 8  Nu baroga batu-batu permata pada nyumbangkeun éta ka rohangan tempat nyimpen harta di bumina Yéhuwa, nu diawaskeun ku Yéhiél turunan Gérsyon. 9  Jalma-jalma saruka bungah méré sumbangan sukaréla ka Yéhuwa, lantaran maranéhna iklas nyumbangkeunana. Raja Daud gé kacida bungahna. 10  Tuluy, Daud muji Yéhuwa hareupeun sakabéh jamaah. Ceuk Daud, ”Nun Yéhuwa, Allah Israél karuhun abdi sadaya, mugia Gusti dipuji salalanggengna. 11  Nun Yéhuwa, Gusti téh hébat, kiat, mulya, agung, jeung sakitu dihormatna, sabab sagala nu aya di sorga jeung di dunya téh milik Gusti. Karajaan téh milikna Gusti, nun Yéhuwa. Gusti téh pinunjul dina sagala-galana. 12  Kakayaan sareng kamulyaan téh asalna ti Gusti. Gusti nu ngawasaan sagalana. Kawasa sareng kakiatan aya dina panangan Gusti. Ku panangan Gusti, jalma-jalma janten hébat sareng kiat. 13  Nun Gusti, ayeuna abdi sadaya ngucap sukur jeung muji nami Gusti nu mulya. 14  ”Tapi, saha atuh abdi sareng rahayat téh dugi ka tiasa ngahaturkeun sumbangan sukaréla sapertos kieu? Da sadayana téh asalna ti Gusti, jadi nu dipasihkeun ku abdi sadaya téh nya ti Gusti kénéh. 15  Di payuneun Gusti, abdi sadaya mah mung saukur urang asing nu matuh sarta urang asing nu cicingna ngan saheulaanan, sapertos sadaya karuhun. Hirup abdi sadaya téh ibarat kalangkang,* moal salamina aya di dunya. 16  Nun Yéhuwa Allah abdi sadaya, sagala nu tos disadiakeun ku abdi sadaya kanggo ngabangun bumi nu ngamulyakeun nami Gusti téh asalna ti Gusti kénéh, sadayana milik Gusti. 17  Nun Allah, abdi terang Gusti téh mariksa haté sarta resep ka jalmi nu satia.* Ku haté nu iklas, abdi ngahaturkeun sadaya sumbangan sukaréla ieu. Abdi ogé bungah ningali umat Gusti di dieu sukaréla masihan sumbangan ka Gusti. 18  Nun Yéhuwa, Allahna Ibrahim, Ishak, jeung Israél, karuhun abdi sadaya, mugia sipat réla ieu ngakar dina haté umat Gusti, sarta mugia maranéhna terus ngalalayanan Gusti ku sapinuhna haté. 19  Mugia Gusti ogé ngabantu Sulaéman pun anak sangkan teu midua haté.* Ku kituna, pun anak tiasa ngajalankeun paréntah, pangéling, sarta aturan Gusti. Bantu pun anak ngajalankeun éta sadaya sarta ngabangun bait* nu bahan-bahanna tos disadiakeun ku abdi.” 20  Geus kitu, Daud ngomong ka sakabéh jamaah, ”Sanggakeun puji ka Yéhuwa Allah aranjeun.” Breng jamaah téh muji Yéhuwa Allah karuhun maranéhna. Kabéhanana sarujud ka Yéhuwa jeung ka Raja. 21  Nepi ka poé isukna, maranéhna terus ngabaktikeun kurban beuleuman ka Yéhuwa jeung kurban séjénna ka Yéhuwa. Nu dibaktikeun téh nyaéta sapi jalu ngora 1.000, domba jalu 1.000, anak domba jalu 1.000, jeung kurban inuman. Nu dibaktikeun demi sakabéh Israél téh kacida lobana. 22  Dina poé éta, maranéhna dahar jeung nginum hareupeun Yéhuwa bari suka bungah. Pikeun anu kadua kalina, maranéhna ngangkat Sulaéman anak Daud jadi raja jeung ngalantik manéhna jadi pamingpin hareupeun Yéhuwa. Zadok gé diangkat jadi imam. 23  Sulaéman diuk dina tahta Yéhuwa jadi raja ngaganti Daud bapana. Sagala nu dilampahkeunana téh hasil, jeung sakabéh urang Israél taat ka manéhna. 24  Sakabéh pamingpin, para prajurit nu perkasa, jeung sakabéh anak-anak Raja Daud nu lalaki tunduk ka Raja Sulaéman. 25  Sulaéman ku Yéhuwa dijadikeun raja nu kacida dihormatna di sakuliah Israél. Manéhna dijadikeun raja nu leuwih mulya tibatan sakabéh raja Israél nu enggeus-enggeus. 26  Tah kitu caritana Daud anak Isai maréntah sakuliah Israél téh. 27  Manéhna maréntah Israél salila 40 taun. Di Hébron 7 taun, di Yérusalém 33 taun. 28  Geus kitu, manéhna maot waktu geus kolot pisan jeung bagja hirupna. Manéhna ngarasa puas ku lantaran beunghar, mulya, jeung panjang umur. Saterusna, Sulaéman anakna jadi raja ngaganti manéhna. 29  Riwayat Raja Daud, ti awal nepi ka ahir, aya dina tulisan nu dicatet ku Samuél jurutingal, Nabi Natan, jeung Gad nu nepikeun titingalian ti Allah. 30  Tulisan-tulisan éta gé nyaritakeun ngeunaan pamaréntahan Daud, kahébatanana, jeung kajadian-kajadian nu kaalaman ku Daud, Israél, sarta kabéh karajaan di sakurilingna.

Catetan Tambihan

Atawa ”bénténg; istana”.
As. ”emas Ofir 3.000 talénta jeung pérak nu dimurnikeun 7.000 talénta”. Tingali Lamp. B14.
As. ”emas 5.000 talénta, 10.000 darik, pérak 10.000 talénta, tambaga 18.000 talénta, jeung beusi 100.000 talénta”. Darik téh duit logam emas Pérsia. Tingali Lamp. B14.
Atawa ”bayangan”.
Atawa ”nu bersih hirupna”.
Atawa ”sangkan ngabakti ku sapinuhna haté”.
Atawa ”bénténg; istana”.