Babad nu Kahiji 9:1-44

  • Silsilah jalma-jalma nu baralik ti pangbuangan (1-34)

  • Silsilah kulawarga Saul disebutkeun deui (35-44)

9  Sakabéh urang Israél geus didaptarkeun nurutkeun silsilahna jeung dicatet dina Buku Raja-Raja Israél. Ari urang Yéhuda mah diboyong ka Babilon lantaran teu satia.  Anu mimiti balik ka kota-kota milik maranéhna téh nyaéta sawaréh ti urang Israél, para imam, urang Léwi, jeung palayan bait.*  Sawaréh ti turunan Yéhuda, turunan Bényamin, turunan Éfraim, jeung turunan Manasyé maratuh di Yérusalém. Maranéhna téh nyaéta:  Ti turunan Péréz anak Yéhuda, aya Utai anak Amihud. Amihud téh anakna Omri, Omri téh anakna Imri, Imri téh anakna Bani.  Ti turunan Syéla, aya Asaya jeung anak-anakna nu lalaki. Asaya téh anak cikal.  Ti turunan Zérah, aya Yéuél nu balik ka Yérusalém. Salian ti éta, aya ogé 690 dulur lalaki maranéhna nu milu balik.  Ti turunan Bényamin, aya Sallu anak Mésyulam incu Hodawia buyut Hasénua,  Ibnéya anak Yéroham, Élah anak Uzi incu Mikhri, jeung Mésyulam anak Syéfatia incu Réuél buyut Ibniya.  Nurutkeun silsilah, dulur-dulur maranéhna téh aya 956 urang. Kabéhanana téh para pamingpin kulawarga pihak bapa. 10  Ti para imam, aya Yédaya, Yéhoyarib, Yakhin, 11  Azaria (Azaria téh anakna Hilkia, Hilkia téh anakna Mésyulam, Mésyulam téh anakna Zadok, Zadok téh anakna Mérayot, Mérayot téh anakna Ahitub, nyaéta pamingpin di bumina* Allah nu sajati), 12  Adaya (Adaya téh anakna Yéroham incu Pasyur buyut Malkhiya), Maasai (Maasai téh anakna Adiél, Adiél téh anakna Yahzéra, Yahzéra téh anakna Mésyulam, Mésyulam téh anakna Mésyilémit, Mésyilémit téh anakna Imér), 13  jeung dulur-dulur maranéhna, nyaéta para pamingpin kulawarga pihak bapa. Kabéhanana téh aya 1.760 jalma perkasa nu bisa diandelkeun jeung siap ngalalayanan di bumina Allah nu sajati. 14  Ti urang Léwi, aya Syémaya anak Hassyub incu Azrikam buyut Hasyabia turunan Mérari, 15  Bakbakar, Hérés, Galal, Matania anak Mika incu Zikhri buyut Asaf, 16  Obaja anak Syémaya incu Galal buyut Yédutun, sarta Bérékhia anak Asa incu Élkana, nu maratuh di désa-désana urang Nétofa. 17  Nu ngajaga gerbang téh nyaéta Syalum, Akub, Talmon, jeung Ahiman. Nu jadi pamingpin téh Syalum dulur maranéhna. 18  Nepi ka harita, manéhna nu ngajaga gerbang raja di beulah wétan. Maranéhna kabéh téh nu ngajaga gerbang di tempat urang Léwi maratuh. 19  Syalum anak Koré incu Ébiasaf buyut Korah sarta dulur-dulurna ti kulawarga pihak bapa, nyaéta turunan Korah, jadi pangawas keur jalma-jalma nu ngajaga lawang kémah. Baheula, karuhun maranéhna téh nu ngajaga tabernakel Yéhuwa jeung ngajaga jalan asupna. 20  Nu jadi pamingpin maranéhna saacanna téh nyaéta Pinéhas anak Éléazar. Manéhna disarengan ku Yéhuwa. 21  Nu ngajaga lawang kémah tepangan* téh Zakharia anak Mésyélémia. 22  Nu dipilih pikeun jadi panjaga gerbang téh kabéhanana aya 212 urang. Maranéhna matuh di tempatna masing-masing, nurutkeun silsilah maranéhna. Ti jaman baheula, Daud jeung Samuél jurutingal téa geus milih karuhun maranéhna pikeun ngajalankeun éta tugas, lantaran maranéhna bisa dipercaya. 23  Maranéhna jeung turunanana téh ngajaga gerbang-gerbang bumina Yéhuwa, nyaéta tabernakel. 24  Maranéhna ngajaga di opat sisi, nyaéta wétan, kulon, kalér, jeung kidul. 25  Dulur-dulur maranéhna bakal datang ti tempatna masing-masing pikeun ngalalayanan bareng jeung maranéhna salila tujuh poé. Éta nu terus dilampahkeun ku maranéhna. 26  Aya opat kapala panjaga gerbang* nu dipercaya pikeun ngajalankeun éta tugas. Maranéhna téh urang Léwi nu tugasna ngajaga rohangan-rohangan* jeung tempat nyimpen harta di bumina Allah nu sajati. 27  Sapeupeuting, maranéhna bakal jaraga di sakuriling bumina Allah nu sajati. Maranéhna téh nu nyepeng konci jeung mukakeun éta bumi unggal isuk. 28  Sawaréh ti maranéhna boga tugas ngajaga parabot pikeun ibadah. Waktu dibawa asup jeung dibawa kaluar, éta parabot bakal diitung ku maranéhna. 29  Sawaréhna deui ditugaskeun pikeun ngajaga parabot nu séjén, sakabéh parabot suci, tipung lemes, cianggur, minyak, menyan, jeung minyak balsem. 30  Sababaraha turunan imam ngaramu minyak seungit tina minyak balsem. 31  Matitia urang Léwi, anak cikalna Syalum turunan Korah, dibéré tugas pikeun nyieun kuéh ipis, lantaran manéhna bisa dipercaya. 32  Sawaréh dulur maranéhna ti turunan Kohat dibéré tugas pikeun ngurus roti nu dibaktikeun.* Éta kudu disadiakeun ku maranéhna unggal sabat. 33  Maranéhna téh jurukawih sarta pamingpin kulawarga pihak bapa ti turunan urang Léwi nu aya di rohangan-rohangan.* Beurang peuting, maranéhna kudu ngajalankeun tugasna, jadi maranéhna dibébaskeun tina tugas-tugas séjénna. 34  Maranéhna téh para pamingpin kulawarga pihak bapa ti turunan Léwi, nurutkeun garis turunan maranéhna. Maranéhna matuh di Yérusalém. 35  Yéiél téh nu ngadegkeun Gibéon sarta matuh di dinya. Pamajikanana téh nyaéta Maaka. 36  Anak-anakna nu lalaki nyaéta Abdon nu cikal, terus aya Zur, Kis, Baal, Nér, Nadab, 37  Gédor, Ahio, Zakharia, jeung Miklot. 38  Miklot téh bapana Syiméam. Maranéhna kabéh téh matuh di Yérusalém bareng jeung dulur-dulurna.* Matuhna téh deukeut jeung dulur-dulurna nu séjén. 39  Nér téh bapana Kis. Kis téh bapana Saul. Saul téh bapana Yonatan, Malkhi-syua, Abinadab, jeung Ésbaal. 40  Yonatan téh bapana Mérib-baal. Mérib-baal téh bapana Mikha. 41  Anak-anak Mikha nu lalaki nyaéta Piton, Mélékh, Tahréa, jeung Ahaz. 42  Ahaz téh bapana Yara. Yara téh bapana Alémét, Azmawét, jeung Zimri. Zimri téh bapana Moza. 43  Moza téh bapana Binéa. Binéa téh bapana Réfaya. Réfaya téh bapana Éléasa. Éléasa téh bapana Azél. 44  Azél téh boga genep anak lalaki, nyaéta Azrikam, Bokhéru, Ismail, Syéaria, Obaja, jeung Hanan. Maranéhna kabéh téh anak-anak Azél nu lalaki.

Catetan Tambihan

Atawa ”kaom Nétinim”. As. ”jalma-jalma nu dibikeun”.
Atawa ”bait”.
Atawa ”lawang tabernakel”.
As. ”opat panjaga gerbang nu perkasa”.
Atawa ”rohangan-rohangan tempat dahar”.
Atawa ”roti susun”.
Atawa ”‏rohangan-rohangan tempat dahar”‏.
Maksudna, sasama urang Bényamin.