1 Korintus 16:1-24

  • Sumbangan keur urang Kristen di Yérusalém (1-4)

  • Rencana perjalanan Paulus (5-9)

  • Rencana kadatangan Timotius jeung Apolos (10-12)

  • Naséhat jeung salam (13-24)

16  Ayeuna hal ngumpulkeun sumbangan keur jalma-jalma suci, mangga tuturkeun pituduh kuring ka sidang-sidang jamaah di Galatia. 2  Dina poé nu kahiji unggal minggu, masing-masing bisa nyisihkeun duit sakamampuhna, supaya aranjeun teu kudu ngumpulkeun deui waktu kuring datang. 3  Pas kuring nepi, kuring bakal ngutus sababaraha sadérék nu bisa dipercaya, sakumaha nu disebutkeun dina surat aranjeun. Engké, maranéhna nu nganteurkeun sumbangan sukaréla aranjeun ka Yérusalém. 4  Tapi, lamun dirasa leuwih alus kuring indit ogé ka ditu, kuring bakal milu jeung maranéhna. 5  Kuring bakal datang manggihan aranjeun sanggeus ti Makédonia, lantaran kuring rék ka Makédonia. 6  Meureun kuring bakal cicing jeung aranjeun, sugan nepi ka bérés usum tiris. Geus kitu, kuring bakal neruskeun perjalanan, jeung aranjeun bisa maturan kuring nepi ka sabagian perjalanan, 7  da kuring embung saukur nyimpang pikeun manggihan aranjeun. Hayangna mah kuring rada lila babarengan jeung aranjeun téh, éta gé lamun dikersakeun ku Yéhuwa. 8  Tapi, ayeuna mah kuring rék cicing heula di Éfésus nepi ka Parayaan Péntakosta, 9  sabab di dieu kuring meunang loba kasempetan* pikeun ngalalayanan, tapi loba ogé nu nentang. 10  Engké waktu Timotius datang, upayakeun supaya manéhna henteu sieun waktu bareng jeung aranjeun, da manéhna gé digawé keur Yéhuwa sarua siga kuring. 11  Jadi, ulah aya nu nyapirakeun manéhna. Dina waktu manéhna indit deui, bantu manéhna supaya salamet nepi ka kuring, da manéhna keur didago-dago ku kuring jeung sadérék-sadérék séjénna. 12  Ngeunaan Apolos, dulur urang saréréa, kuring geus ngadesek manéhna sina datang ka aranjeun bareng jeung dulur-dulur séjénna. Tapi, manéhna mutuskeun moal waka indit ayeuna. Engké mun geus aya kasempetan, kakara manéhna indit ka ditu. 13  Aranjeun kudu tetep sadar, pengkuh iman, wani, jeung jadi kuat. 14  Lampahkeun sagala hal ku kanyaah. 15  Aranjeun apal rumah tanggana Stéfanas téh nu pangheulana jadi murid di Akhaya. Maranéhna ngabaktikeun diri pikeun ngalalayanan jalma-jalma suci. Jadi dulur-dulur, kuring ngajurung aranjeun: 16  Terus tunduk ka jalma-jalma nu siga kitu jeung ka sakabéh nu gawé babarengan sarta getol digawé. 17  Kuring bungah pisan kadatangan Stéfanas, Fortunatus, jeung Akhaikus. Maranéhna ngabantuan kuring, ngagantikeun aranjeun nu teu aya di dieu. 18  Maranéhna nguatkeun kuring* jeung aranjeun. Jadi, hargaan jalma-jalma nu siga kitu. 19  Sidang-sidang jamaah di Asia ngirim salam ka aranjeun. Akuila jeung Priska,* sarta jamaah nu sok ngarumpul di imah maranéhna ngirim salam kanyaah, salaku sasama murid Juragan. 20  Sakabéh sadérék ngirim salam ka aranjeun. Sambut papada dulur ku cara nu soméah.* 21  Salam ti kuring, Paulus. Kuring nulis sorangan salam ieu. 22  Saha waé nu teu nyaah ka Juragan sing dikutuk. Juragan, sing geura datang! 23  Mugia welas asih nu taya bandingna* ti Juragan Isa nyarengan aranjeun. 24  Kuring nyaah ka aranjeun kabéh nu ngahiji jeung Isa Al-Masih.

Catetan Tambihan

As. ”aya panto gedé nu kabuka keur kuring”.
As. ”roh kuring”. Tingali ”Roh” dina Daptar Istilah.
Ngaran séjénna Priskila.
As. ”ku ciuman suci”.