Raja-Raja nu Kahiji 11:1-43

  • Pamajikan-pamajikan Sulaéman nyimpangkeun haténa (1-13)

  • Jalma-jalma nu barontak ka Sulaéman (14-25)

  • Yéroboam dijangjikeun rék dibéré sapuluh kaom (26-40)

  • Sulaéman maot, Réhoboam jadi raja (41-43)

11  Raja Sulaéman mikacinta loba awéwé bangsa séjén. Salian ti anak awéwéna Firaun, manéhna gé mikacinta awéwé urang Moab, Ammon, Édom, Sidon, jeung Hét. 2  Padahal Yéhuwa geus ngomat-ngomat kieu ka bangsa Israél ngeunaan bangsa-bangsa éta, ”Ulah gaul* jeung maranéhna, sabab maranéh bakal pipilueun muja* ka allah-allahna.” Tapi, Sulaéman kalah ka akrab jeung mikacinta maranéhna. 3  Manéhna boga 700 pamajikan ti kalangan bangsawan jeung boga 300 selir. Lila-lila, pamajikan-pamajikanana téh nyimpangkeun haténa.* 4  Waktu Sulaéman geus kolot, pamajikan-pamajikanana nyimpangkeun haténa pikeun nyembah allah-allah séjén. Haténa geus teu sapinuhna deui ka Yéhuwa Allahna, teu kawas Daud bapana. 5  Sulaéman mupuja Astorét, déwina urang Sidon, jeung Milkom, déwa nu pikageuleuheun nu disembah ku urang Ammon. 6  Keur Yéhuwa, lalampahan Sulaéman téh jahat. Haténa geus teu sapinuhna taat ka Yéhuwa, teu kawas Daud bapana. 7  Sulaéman kalah ka ngabangun tempat pamujaan keur Khémos, déwa nu pikageuleuheun nu disembah ku urang Moab, jeung keur Molékh, déwa nu pikageuleuheun nu disembah ku urang Ammon. Éta tempat-tempat pamujaan dibangun di gunung hareupeun Yérusalém. 8  Salian ti éta, manéhna gé nyieun tempat-tempat pamujaan keur kabéh pamajikanana nu urang asing téa, ngarah maranéhna bisa ngurban ka allah-allahna. 9  Amarah Yéhuwa ngagedur ka Sulaéman lantaran haté Sulaéman geus teu sapinuhna deui ka Yéhuwa Allah Israél. Sangkilang Allah geus dua kali némbongan 10  jeung ngélingan manéhna yén manéhna teu meunang nyembah ka allah-allah séjén, angger wéh Sulaéman teu taat kana paréntah Yéhuwa. 11  Ku kituna, Yéhuwa ngomong kieu ka Sulaéman, ”Ku sabab manéh ngalampahkeun hal-hal éta, ingkar tina jangji jeung Kuring, sarta teu taat kana aturan-aturan ti Kuring, ku Kuring karajaan manéh bakal dicokot tuluy dibikeun ka salah saurang palayan manéh. 12  Tapi demi Daud bapa manéh, éta moal waka dicokot salila manéh hirup kénéh. Engké dicokot ku Kuring ti anak manéh, 13  ngan moal dicokot kabéh. Kuring bakal méré sakaom ka anak manéh, demi Daud hamba Kuring, jeung demi Yérusalém nu dipilih ku Kuring.” 14  Tuluy aya hiji jalma nu ku Yéhuwa disina ngalawan ka Sulaéman. Ngaranna Hadad, urang Édom, ti kulawarga karajaan Édom. 15  Baheula basa Daud ngéléhkeun Édom téa, Yoab panglima tentarana indit pikeun nguburkeun jalma-jalma nu dipaéhan. Yoab néangan cara pikeun maéhan kabéh lalaki di Édom. 16  Yoab jeung sakabéh pasukan Israél matuh di dinya salila genep bulan, nepi ka sakabéh lalaki di Édom dipaéhan. 17  Hadad jeung sababaraha urang Édom, nyaéta palayan-palayan bapana, kabur ka Mesir. Harita Hadad leutik kénéh. 18  Maranéhna indit ti Midian, tuluy nepi di Paran. Geus kitu, maranéhna indit ka Mesir dibaturan ku sababaraha urang Paran. Di Mesir, Hadad dibéré imah, jatah dahareun, jeung tanah ku Firaun raja Mesir. 19  Hadad dipikaresep pisan ku Firaun, nepi ka dikawinkeun jeung adi pamajikanana Firaun, nyaéta adina Ratu Tahpénés. 20  Ka dieunakeun, adina Tahpénés téh ngalahirkeun anak lalaki, nyaéta Génubat. Tuluy éta budak dibawa ku Tahpénés jeung diurus* di istana Firaun. Jadi, Génubat matuh di istana Firaun bareng jeung anak-anakna Firaun. 21  Waktu keur di Mesir, Hadad ngadéngé yén Daud geus maot, panglima Yoab gé geus maot. Ku kituna, Hadad ngomong kieu ka Firaun, ”Abdi nyuhunkeun idin, badé wangsul ka lembur.” 22  Ku Firaun ditanya, ”Rék naon balik ka ditu? Mémangna salila di dieu aya nu kurang?” Hadad ngajawab, ”Teu kirang nanaon. Tapi punten ieu mah, idinan abdi wangsul.” 23  Aya deui nu ku Allah disina ngalawan ka Sulaéman, nyaéta Rézon anak Éliada, nu baréto kabur ti dununganana, Hadadézér raja Zoba. 24  Baheula basa Daud ngéléhkeun* urang Zoba téa, Rézon ngumpulkeun balad jeung jadi pamingpin gorombolan rampog. Geus kitu, bring maranéhna ngabring ka Damaskus, tuluy matuh jeung maréntah di dinya. 25  Sapanjang Sulaéman maréntah, Rézon terus ngalawan Israél. Sarua kawas Hadad, manéhna gé terus nyusahkeun Israél. Rézon ngéwa pisan ka Israél salila manéhna maréntah Siria. 26  Salian ti éta, aya deui nu barontak ka Sulaéman, nyaéta palayanna sorangan. Ngaranna téh Yéroboam anak Nébat, urang Éfraim ti Zéréda. Indungna téh randa, ngaranna Zérua. 27  Kieu caritana ku naon manéhna nepi ka barontak ka Raja: Sulaéman téh nyieun Pasir* jeung ngaréngsékeun pangwangunan témbok sakurilingeun Kota Daud bapana. 28  Tah, Yéroboam gawéna téh alus pisan. Jadi waktu Sulaéman ningali manéhna getol digawé, éta budak ngora téh dijadikeun pangawas nu ngapalaan sakabéh turunan Yusuf nu diwajibkeun gawé keur Raja. 29  Hiji waktu, Yéroboam kaluar ti Yérusalém. Waktu keur di jalan, manéhna didatangan ku Nabi Ahiya urang Syilo. Di dinya téh ngan aya maranéhna duaan. Harita, Ahiya téh maké jubah anyar. 30  Éta jubah anyar téh dicekel ku Ahiya, béréwék disoéhkeun jadi 12 sosoéhan. 31  Geus kitu, Ahiya ngomong ka Yéroboam, ”Sok candak ieu sosoéhan sapuluh lambar, sabab Yéhuwa Allah Israél tos nyarios kieu, ’Karajaan Sulaéman ku Kuring rék dicokot, nu sapuluh kaomna rék dibikeun ka manéh. 32  Tapi nu sakaom bakal tetep jadi milik manéhna. Éta gé demi Daud hamba Kuring jeung demi Yérusalém, kota nu dipilih ku Kuring di antara sakabéh daérah kaom Israél. 33  Kuring kieu téh lantaran maranéhna geus ninggalkeun Kuring sarta nyembah ka Astorét déwina urang Sidon, ka Khémos déwana urang Moab, jeung ka Milkom déwana urang Ammon. Maranéhna geus teu nurut deui ka Kuring, teu ngajalankeun nu bener, sarta teu nuturkeun aturan jeung hukum ti Kuring, teu kawas Daud bapana Sulaéman. 34  Tapi éta karajaan moal dicokot kabéh ti Sulaéman. Manéhna bakal disina ngawasa sapanjang hirupna. Ieu téh demi Daud hamba Kuring, nu dipilih ku Kuring lantaran geus taat kana paréntah jeung aturan Kuring. 35  Éta karajaan téh engké dicokot ti anakna, sapuluh kaomna rék dibikeun ka manéh. 36  Anakna Sulaéman ku Kuring tetep dibéré sakaom. Éta téh ngarah tetep aya turunan Daud hamba Kuring nu maréntah* hareupeun Kuring di Yérusalém, kota nu dipilih ku Kuring pikeun nempatkeun ngaran Kuring. 37  Manéh ku Kuring rék dipilih pikeun dijadikeun raja Israél, ngawasaan sakabéh nu dipikahayang ku manéh. 38  Lamun manéh taat kana paréntah Kuring, nurut ka Kuring, jeung ngalampahkeun nu bener dina pandangan Kuring ku cara ngajalankeun aturan jeung paréntah Kuring, sakumaha Daud hamba Kuring, Kuring bakal nyarengan manéh. Turunan manéh gé ku Kuring bakal disina lila maréntah kawas turunan Daud. Salian ti éta, manéh bakal ngawasaan Israél. 39  Ku lantaran kasalahan Sulaéman téa, turunan Daud ku Kuring bakal direndahkeun, tapi moal salawasna.’” 40  Ku sabab kitu, Sulaéman néangan cara pikeun maéhan Yéroboam, tapi Yéroboam kabur ka Mesir, ka Syisyak raja Mesir. Manéhna matuh di dinya nepi ka Sulaéman maot. 41  Riwayat Sulaéman, kaasup sagala nu dilampahkeunana sarta kabijaksanaanana, ditulis dina buku sajarah ngeunaan Sulaéman. 42  Lilana Sulaéman maréntah sakuliah Israél di Yérusalém téh nyaéta 40 taun. 43  Geus kitu, Sulaéman maot siga karuhunna sarta dikuburkeun di Kota Daud bapana. Tuluy, Réhoboam anakna ngaganti manéhna jadi raja.

Catetan Tambihan

Atawa ”kawin campur”.
As. ”sabab haté maranéh bakal nyimpang”.
Atawa ”pamajikan-pamajikanana boga pangaruh gedé ka Sulaéman”.
Atawa bisa jadi ”disapih”.
As. ”maéhan”.
Atawa ”Milo”. Istilah Ibrani nu hartina ”gundukan”.
As. ”ngarah Daud hamba Kuring tetep boga palita”.