Raja-Raja nu Kahiji 19:1-21
19 Ahab nyaritakeun ka Izebél sagala nu dilampahkeun ku Élia. Manéhna gé nyaritakeun yén Élia geus maéhan sakabéh nabi-nabi Baal ku pedang.
2 Ku kituna, Izebél ngirim utusan ka Élia jeung méré pesen kieu, ”Kuring sing dihukum ku déwa-déwa lamun isukan pas wayah kieu, manéh ku kuring teu dijieun kawas nabi-nabi nu dipaéhan ku manéh!”
3 Élia sieun dipaéhan, jadi manéhna kabur. Sanggeus nepi di Béér-syéba, daérahna Yéhuda, manéhna ninggalkeun palayanna di dinya.
4 Geus kitu, Élia indit sapoé jeput ka tanah gurun, seug nepi handapeun tangkal leutik. Bari diuk, manéhna sasambat hayang maot. Ceuk manéhna, ”Tos teu kiat, Yéhuwa! Cabut wéh nyawa abdi. Abdi mah teu langkung saé ti karuhun abdi.”
5 Geus kitu manéhna ngagolér, reup saré handapeun éta tangkal. Tapi, ujug-ujug aya malaikat nyabak jeung ngomong kieu, ”Geura hudang, geura dahar.”
6 Barang hudang, ari pék téh deukeut sirahna aya roti bunder luhureun batu-batu panas jeung aya wadah nu eusina cai. Manéhna dahar jeung nginum tuluy ngagolér deui.
7 Teu lila, malaikat Yéhuwa datang kadua kalina, seug nyabak Élia jeung ngomong kieu, ”Geura hudang, geura dahar, ngarah manéh kuat, da perjalanan nu kudu dijugjug ku manéh téh jauh.”
8 Jadi Élia hudang, tuluy dahar jeung nginum. Manéhna jadi boga tanaga pikeun leumpang salila 40 poé 40 peuting nepi ka Horéb, gunung nu dipilih ku Allah nu bener.
9 Manéhna asup ka hiji guha, tuluy mondok di dinya. Geus kitu, Yéhuwa ngomong kieu, ”Élia, keur naon di dieu?”
10 Élia némbalan, ”Salami ieu, abdi téh sumanget pisan ngabdi ka Yéhuwa, Allah pangawasa pasukan sorga. Tapi, urang Israél ngalanggar perjangjian sareng Gusti. Mézbah-mézbah Gusti diancurkeun ku maranéhna. Nabi-nabi Gusti gé diparaéhan ku pedang, kari abdi nu hirup kénéh. Ayeuna, nyawa abdi diarah ku maranéhna.”
11 Tapi Allah ngomong kieu, ”Jung kaluar, nangtung di ieu gunung payuneun Yéhuwa.” Lar Yéhuwa ngaliwat. Gelebug aya angin gedé pisan meulah gunung-gunung jeung ngancurkeun gawir-gawir cadas payuneun Yéhuwa, tapi Yéhuwa teu aya dina éta angin. Sanggeus angin, aya lini, tapi Yéhuwa teu aya dina éta lini.
12 Sanggeus lini, gur aya seuneu, tapi Yéhuwa teu aya dina éta seuneu. Sanggeus seuneu, aya sora anu laun jeung leuleuy.
13 Barang ngadéngé éta sora, Élia nutupan beungeutna ku jubah, tuluy kaluar, seug nangtung di lawang guha. Geus kitu, aya sora nu nanya kieu ka manéhna, ”Élia, keur naon di dieu?”
14 Élia némbalan, ”Salami ieu, abdi téh sumanget pisan ngabdi ka Yéhuwa, Allah pangawasa pasukan sorga. Tapi, urang Israél ngalanggar perjangjian sareng Gusti. Mézbah-mézbah Gusti diancurkeun ku maranéhna. Nabi-nabi Gusti gé diparaéhan ku pedang, kari abdi nu hirup kénéh. Ayeuna, nyawa abdi diarah ku maranéhna.”
15 Yéhuwa ngomong ka manéhna, ”Jung balik deui ka Tanah Gurun Damaskus. Engké mun geus nepi, lantik Hazaél jadi raja Siria.
16 Lantik ogé Yéhu incuna Nimsyi jadi raja Israél, jeung lantik Élisa* anak Syafat ti Abél-méhola jadi nabi gaganti manéh.
17 Saha waé nu lolos ku pedang Hazaél bakal dipaéhan ku Yéhu, saha waé nu lolos ku pedang Yéhu bakal dipaéhan ku Élisa.
18 Salian ti éta, di Israél gé aya kénéh 7.000 urang nu teu pernah sujud jeung nyium ka Baal.”
19 Ti dinya, Élia indit manggihan Élisa anak Syafat, nu harita keur ngawuluku* ku sapi jalu 12 pasang. Kabéh sapina téh aya di hareupeun manéhna, ari manéhna mah aya di tukangeun pasangan nu ka-12. Ku Élia disampeurkeun, tuluy jubahna dipakékeun ka Élisa.
20 Cul Élisa ninggalkeun sapi-sapina, tuluy lumpat ngudag Élia. Manéhna ngomong kieu, ”Punten, abdi badé nyuhunkeun idin pamitan* heula ka pun bapa sareng pun biang. Saatosna, abdi badé ngiring.” Ditémbal ku Élia, ”Nya mangga, moal dihalang-halang.”
21 Jadi Élisa balik tuluy nyokot dua sapi jalu, seug dikurbankeun. Pakakas ngawulukuna dijadikeun suluh ku manéhna pikeun ngulub daging sapi. Dagingna dibagikeun ka jalma-jalma, seug didalahar ku maranéhna. Tas kitu, Élisa milu ka Élia jadi palayanna.
Catetan Tambihan
^ Atawa ”Ilyasa”. Hartina ”Allah téh Kasalametan”.
^ Ngaguar taneuh.
^ As. ”nyium”.